Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 3

SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET MELAK CAU

ANU pundung téh henteu lila. Ngan sapeuting. Isukna, isuk-isuk Sakada
ng Monyét geus
datang deui nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya!”
“Kuk!”
“Keur naon?”
“Ah, biasa wé keur moyan,” témbal Sakadang Kuya anu keur cinut
rung dina batu. “Ari tadi
peuting saré di mana Sakadang Monyét téh?” Sakadang Kuya malik
nanya.
“Di ditu, di deukeut kebon Pa Tani.”
“Baruk? Naha Ujang teu sieun ku Pa Tani?”
“Ah, henteu, da Pa Tanina ogé areuweuh. Imahna gé katénjona ka
rosong. Jigana mah keur
arindit jauh.”
“Kadé ah, sing ati-ati mun papanggih Pa Tani. Pa Tani téh ma
nusa. Manusa téa hararak jeung
sagala beuki deuih!”
“Sing percaya wé atuh ka uing!”
Jempé sajongjongan. Pok Sakadang Monyét nyarita deui.
“Lain, Sakadang Kuya, uing téh kabita ku Pa Tani.”
“Kabita kumaha?”
“Kabita ku cara hirupna, meni asa garenah. Geura baé, mun haya
ng barangdahar, teu kudu
kukurilingan heula néangan dahareun cara urang. Béas kari nutu. At
uh deungeunna kari ngala
di kebon. Geus puguh sabangsa lalab mah. Asal daék ngalana. Kabé
h aya di kebonna.”
“Atuh kudu daék ngebon Jang, mun hayang kitu mah.”
“Enya, kumaha lamun ayeuna urang ngebon nurutan Pa Tani? Meureun mun h
ayang
baranghakan téh teu kudu kukurilingan heula cara ayeuna. Kari ngala
wé di kebon.”
“Alus tah, Jang, pikiran téh. Ngan melak naon nya anu pantes keur
urang?”
“Ku lantaran uing mah karesep téh cau, kumaha upama melak
tangkal cau?”
“Hih, da uing ogé resep kana cau mah!”
Duanana sapogodos rék melak cau.
“Tapi di mana melakna?” Sakadang Monyét nanya.
“Ah, di dinya wé tah, di hilir, di sisi leuwi. Di dinya ay
a tanah kosong, meujeuhna mun ku
urang dikebonan téh. Tanahna ogé alus di dinya,” témbal Sakadang Kuya.
“Naha lain di girang wé atuh, deukeut ka basisir?”
“Di dinya mah tanahna kurang hadé, geus campur jeung keusik.”
Sapuk baé rék ngebon cau di tanah kosong sisi leuwi.
Ari binihna rék ngala di kebon Pa Tani. Kabeneran Pa Tanina keur
euweuh. Malah dina
ayana ogé, moal ambek sugan ari dipénta binih cau mah. Asal ul
ah diala cauna wé, komo anu
geus asak dina tangkal mah.
Bring atuh Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét indit ka kebon Pa T
ani.
“Ari Sakadang Kuya rék melak naonana?” Jang Onyé nanya.
“Uing mah rék melak anakna wé.”
“Har, atuh lila kana buahanana ari melak anakna mah.”
“Éh, da kitu biasana, ari melak cau mah kudu anakna.”
“Ah, teu kitu! Uing mah rék melak jantungna wé,” ceuk Sakadang M
onyét.
“Naha?”
“Ari Sakadang Kuya, bodo téh dibéakkeun ku sorangan. Yeuh, ari
cau téh asalna tina jantung.
Anu matak uing mah arék melak jantungna, ambéh téréh kaala buahna
,” ceuk Sakadang
Monyét bari semu ngécé ka Sakadang Kuya.
“Ah, uing mah rék nurutkeun tali paranti wé, melak anakna, anak
cau.”
“Heug atuh, Sakadang Kuya melak anakna, uing melak jantungna. Ay
euna mah urang
paheula-heula buahan! Pasti pelak uing anu pangheulana buahan mah!”
ceuk Sakadang
Monyét, yakin pisan.
Caritana éta dua sobat téh geus marelak cau di tanah nu di si
si leuwi téa. Sakadang Kuya
melak anakna, anak cau, ari Sakadang Monyét melak jantungna.
Saminggu ti harita, pelak cau téh ditaréang.
“Sakadang Kuya, pelak cau téh geus kumaha?” Sakadang Monyét nanya
.
“Karak lilir nu uing mah. Ari nu Sakadang Monyét geus kumaha?”
“Geus beukah, sakeudeung deui ogé geura, bijil buahna,” ceuk Sakadang
Monyét, bungah
naker.
Saminggu deui ti harita, maranéhna naréang deui pelak cauna.
“Sakadang Kuya, pelak cau téh ayeuna geus kumaha?” ceuk Sakadang
Monyét.
“Anu uing mah geus bijil pucuk. Ari nu Sakadang Monyét kumaha?”
“Pelak uing mah atung-atung énéh aé,” témbal Sakadang Monyét ng
abéléhém. Maksudna
mah jantung-jantung kénéh baé.
Selang saminggu, pelak cau téh ditaréang deui.
“Ayeuna geus kumaha pelak cau téh,” Sakadang Monyét nanya.
“Tuh, geus bijil pucuk tilu. Ari nu Sakadang Monyét?”
“Atung-atung énéh aé.”
Beuki lila, pelak cau Sakadang Kuya beuki ngagedéan, malah morontod
jadina ogé, kawantu
tanahna subur. Ari pelak jantung Sakadang Monyét mah, tibatan ja
di kalah ka buruk.
Nampuyak digembrong laleur.
“Ning alah uyuk sia mah!” ceuk Sakadang Monyét bari nalapung pel
ak jantungna. Sakadang
Kuya ukur mésem nénjo kalakuan Sakadang Monyét kitu téh. Na j
ero haténa mah
nyeungseurikeun, bari ngagerentes, “Dasar kokolot begog! Henteu umum at
uh melak cau
jantungna mah!”
Ahirna di dinya téh ngan aya pelak cau anu Sakadang Kuya. G
eus kitu mah diarantep wé, teu
ditéang-téang deui. Engké cenah lamun kira-kira buahna geus aras
ak, rék ditéang deui bari
sakalian diala.

You might also like