Sasakala Situ Bagendit

You might also like

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 2

SASAKALA SITU BAGENDIT

Di wewengkon Banyuresmi Kabupatén Garut, aya situ anu néplak lega


ngaranna. Situ
Bagendit.Pamandangan di Situ Bagendit pohara éndahna. Nepi ka aye
una ogé sok loba nu
ulin ka Situ bagendit, ngadon lalayaran jeung balakécrakan.
Ceuk ujaring carita, baheulana mah di éta wewengkon éteu aya
situ teu sing. Nu aya téh
ngaran pilemburan jeung pasawahan waé. Ari dongéngna nepi ka aya si
tu téh kieu.
Di tengah lembur aya imah anu nenggang ti nu séjén. Nenggang
sotéh lain hartina anggang
tapi nenggang bédana ti nu imah nu aya di sabudeureunana. Di lembur
eta teu aya deui nu
imahna nu mapakan gedéna jeung sigrongna salian imah Nyi Endi
t.
Nyi Endit téh randa pangbeungharna di éta lembur. Imahna ogé pan saki
tu agréngna, atuh
pakayana lain ukur lega sawahna jeung kebonna, emas jeung berlian g
é dipetian.
Nyi Endit mah lain waé kasohor ku beungharna tapi ogé kasohor ku peditna
. Sakitu rajakaya
ngaleuya, asup kana paribasa “bru di juru bro do panto ngalayah di te
ngah imah” tapi tara
daék barang béré atawa tutulung ka nu butuh. Hasil tatanén kaje
un buruk jadi runtuh batan
dibikeun ka tatangga mah.
Padahal di éta lembur téh teu saeutik jalama anu sangsara,
loba jalma anu dahar isuk heunteu
soré. Malah teu saeutik anu maot alatan ku kalaparan.
Ě
ta oge sok aya anu lahlahan nepungan
Nyi Endit niat ménta tuluy, tapi lain dibahanan ku pangbutuh kalah di
usir bari dicarékan.
Teu saeutik jalma anu nyeri haté nepi ka ceurik balilihan ka
nyenyerian ku Nyi Endit. Loba
rahayat anu carinakdak lantaran teu geunah ku paripolah Nyi Endi
t nu taya pisan boga niat
nalang ka nu keur susah.
Cunduk dina hiji waktu, aya aki-aki rudin leumpangna jajarigjeugan kunda
ng iteuk. Ku
saliwat nu carinakdak lantaran teu geunah ku paripolah Nyi
Endit anu taya pisan boga niat
teh kawas nu keur kalaparan. Nu dijugjug ku aki-aki téh imah N
yi Endit.
Barang nepi ka buruan gedong the aki-aki usuk salam, Nyi Endit anu ka
beneran keur
ngadaweung di tepas imah bari balakécrakan lain ditémbalan ku
kecap nu soméah. Nempo
aki-aki rudin teh Nyi Endit nyirintil bari ngahoak.
“ Rék nanaon datang ka dieu. Rek barang pénta? Indit! Kami moal
rek mikeunan édahareun.”
Sakitu aki-aki lumengis bari nyebutkeun lapar, Nyi Endit boro-boro aya r
asa karunya kalah
popolotot nitah indit.
Méméh ngaléos éta laki-laki téh nyarita kénéh ka Nyi Endit.
“Mangkahadé anjeun poho, harta banda téh ukur pihapéan. Dunya barana
mah ngan ukur
titipan. Nu ku anjeun dipikaboga mah iwal ti amal hadé, jeung
kanyaah ka sasama. Lamun
nyaah teuing kana dunya urang bisi cilaka!”
Aki-aki ngaléos indit tapi saméméhna nancebkeun heula iteukna di te
ngah pakarangan imah
Nyi Endit. Nempo iteuk nanceb ku Nyi Endit gancang dicabut bari d
ibalangkeun. Bet ku
anéh, tina urut iteuk nanceb the kaluar cai. Mimitina mah cai
téh ukur ngaburial lila-lila mah
mancer tarik pisan.
Cai tina urut iteuk nanceb teu ereun-ereun. Mimiti ngan ukur ngumpla
ng di pakarangan, lila-
lila leleban caah. Cai beuki ngagulidang, Nyi Endit geumpeur.
Nempo lembur ka keueum ku cai téh Nyi Endit mah lain nyingkah
cara batur tapi kalah
ngeukeupan peti nu eusina emas berlian.
Teu kungsi lila ti harita lembur salin rupa jadi situ. Lembur
jeungharta Nyi Endit kakeueum
di asar situ. Ceunah mah ceuk nu nyaho Nyi Endit jadi léntah nu
gedé nu reunceum ku
perhiasan .
Paingan ceuk aki-aki téa dunya jeung harta banda ukur titipan. Geuning
Nyi Endit gé kalah
cilaka ari loba harta bari teu daék amal hadé mah

You might also like