PTS Ii Bahasa Sunda Kelas 3 SD

You might also like

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 3

PENILAIAN TENGAH SEMESTER II

SDN DANGDEUR 2
Mata Pelajaran : Bahasa Sunda Nama : ...............................................

Kelas : III (Tiga)

Waktu : 90 menit

Wacana

Kiripik Tempe

Hidep geus pasti nyaho kana tempe, meureun ampir unggal poe hidep dahar deungeunna
make tempe. Tempe teh dijieunna tina kacang kadele. Tempe loba ngandung gizi anu mangpaat
keur badan urang. Tempe bisa diolah jadi rupa-rupa kadaharan, di antarana dijieun kiripik tempe.

Lamun urang hayang nyieun kiripik tempe moal hese, da nyieun kiripik tempe mah
gampang pisan. Kiripik tempe bahan pokona ngan ukur tempe jeung tipung tarigu. Samara
pikeun kiripik tempe di antarana bawang bodas, uyah, katuncar, pedes, jeung saledri. Cara
nyieunna, tempe dikeureutan ipis-ipis atawa kumaha kahayang nu rek nyieun.

I. Jawab pananya ieu di handap!


1. Ngeunaan naon wacana di luhur teh?
2. Tina naon tempe dijieunna?
3. Naon bahan poko nyieun kiripik tempe teh?
4. Naon wae samara anu dipake nyieun kiripik tempe teh?
5. Kumaha cara ngeureutan tempe teh?

II. Cing cakraan (X) aksara a, b, c atawa d di hareupeun jawaban nu pangbenerna!


1. Kadaharan anu dijieunna tina sampeu ...
a. Comro
b. Koci
c. Apem
d. Wajit
2. Sasatoan nu aya di taman safari sok ...
a. Diabur
b. Dikurung
c. Dikandang
d. Dicangcang
3. Sato anu sok ngadahar daging ...
a. Kuda
b. Gajah
c. Jerapah
d. Macan
4. Sajak
Indung teh wajib dipunjung
Mun bapa wajib dipuja
Gubragna urang ka dunya
Ngaliwatan aranjeunna
Ka indung urang kedah di ...
a. Puja
b. Puji
c. Pajang
d. Punjung
5. Urang gubragna ka dunya ngaliwatan aranjeunna. Gubragna hartina ...
a. Lahirna
b. Maot
c. Nincak
d. Lumpatna
6. Anu kaasup inuman tradisional nyaeta ...
a. Bajigur
b. Bubur sumsum
c. Bugis
d. Misro
7. Kiripik tempe supaya ngeunah tipungna dibere ...
a. Aci
b. Bungbu
c. Uyah
d. Bawang daun
8. Ma Unah ngabungbuan angeun lodeh. Ngabungbuan hartina ...
a. Ngarendos
b. Ngasaan
c. Nyamaraan
d. Ngagoreng
9. Sato anu sok ngala madu tina kembang nyaeta ...
a. Simeut
b. Hileud
c. Papatong
d. Kukupu
10. Sato anu sok diarah tanagana nyaeta ...
a. Domba
b. Kancil
c. Kuda
d. Buaya
11. Indung anu ... bapa anu ngayuga.
a. Ngandung
b. Ngajaga
c. Nyaring
d. Ngariksa
12. Urang ka indung kedah ...
a. Ngantep
b. Ngajak
c. Nganteur
d. Ngahormat
13. Udin mandi wanci subuh. Wanci sarua jeung ...
a. Waktu
b. Poe
c. Dina
d. Dinten
14. Bu Nani bade meser obat ka ...
a. Toko
b. Warung
c. Apotek
d. Supermarket
15. Kaberesihan sakola nyaeta tanggung jawab ...
a. Guru
b. Penjaga
c. Tukang dagang
d. Warga sakola

III. Prak eusian titik-titik di handap ieu sing bener!


1. Budak anu teu boga indung disebut ...
2. Sato naon anu sok diarah endogna?
3. Kadaharan has daerah Garut nyaeta ...
4. Samara ambeh lembut kudu di ...
5. Sato naon hirupna dina cai?

You might also like