“Naon lepat abdi?” pokna dumareuda. Nyangkaruk rasa karunya. Teu némbal. Lain teu haat ka manéhna, bakat ku keuheul. Galak timburu. Éta meureun pédah kamari kuring kaparego keur ngawangkong jeung Néng Imas, béntang lembur. Padahal ieu rasa moal kaiwat kitu baé, sanajan Néng Imas geulis tur beunghar gé. Maksud mah rék méré panggebés sangkan manéhna sadar, yén galak timburu téh lain kalakuan nu alus. “Andini, hampura Aa. Rumaos heuras teuing ka salira.” Kuring ngolo bari neuteup. “Saupami Andini kersa, urang uihan deui.” Bari ngaranggeum geugeut kana ramona. Kasono nyoksrok jero. Na atuh celengkeung the, “Asa bau hapeuk ieu téh nya?” cenah bari ngépéskeun leungeun, ungas-ingus ka kuring. Kuring samar rasa, bisi enya bau awak, rumasa can mandi ti mangkukna. “Kaditu, teu kuat ngambeuna!” pokna bari meundeutkeun panto satakerna. Haté ancur burakrakan. “Teungteungeun Andini!,” bari ngusapan panto nu teu weléh ngagelenyu.***