Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 17

Conto karangan essay

Bisa basa sunda loba manfaatna

            Kiwari loba masyarakat utamana anu aya di kota gedé anu geus ninggalkeun
basa sunda.
Maranéhna geus tara nyarita maké basa sunda, sok sanajan asli ti lingkungan
kulawarga sunda. Malah asli natéh ti kampung, sabab di kotamah ukur ngumbara.

            Maké basa sundamah di anggapna tinggaleun jaman jeung kampungan atawa


bisa waé pangna teu ngagunakeun basa sunda téh sabab ngarasa sieun salah tur
padahal basa indonesia anu di pake ku manehna lain basa indonesia anu alus jeung
bener. Ukur basa indonesia anu gedé kapangaruhan ku basa malayu betawi.

            Umpamana waé ngagunakeun


kecap ngabenerin, ngemaluin, ngebayangin,membikin, jeung sajabana anu ceuk aturan
bahasa indonesia mah salah.
Sok rajeun aya kolot anu boga anggapan mun ankna di ajar basa sunda, engkénatéh
bakal ngagokakan dina geus mimiti di ajar bahasa indonesia di sakola, jadi geus waé
sina langsung di ajar bahasa indonesia, ngarah éngké basa indonesiana pinter.

            Tétéla éta anggapan téh salah. Ceuk hasil panalumpikan, lamun budak di
wanohkeun heula kana basa sunda, dina engké di ajar basa indonesia natéh leuwih
babarieun. Malah engké natéh budak bakal leuwih pinter basa indonesiana tibatan
budak anu teu di ajar basa sunda.
Cindekna: budak anu alus basa sunda na geus bisa di pastikeun bakal alus basa
indonesiana.

Sumber : http://basasundaasli.blogspot.com/2012/10/karangan-esey-nyaeta.html
Dongeng Sunda dina Radio
        Jaman keur budak sok ngadengekeun dongeng teh. Ari mimindengna mah, dongeng ti
nini kuring. Dongeng Si Kabayan Ngala Tutut,  dongeng Peucang Balap Lumpat, atawa
dongeng Raja Beuki Gedang. Tapi, nini kuring oge resepeun ngadengekeun dongeng teh.
Dongeng tina radio. Nya kapaksa bae, ari can tunduh mah, kuring oge milu ngabandungan.
Bet terus resep deuih.

            Teuing kumaha mimitina, pangna carita nyambung dina radio sok disebut dongeng
Sunda. Apan ceuk kamus LBSS oge, anu disebut dongeng mah (lolobana) carita anu
pamohalan kajadian. Upamana bae, dongeng Sakadang Monyet jeung Sakadang Kuya,
dongeng Si Kabayan, Sasakala Tangkuban Parahu, jeung rea-rea deui. Bisa jadi, pangna
disebut dongeng teh, carita nyambung dina radio kaasup sastra lisan. Henteu unggal jelema
bisa maca naskahna. Langka anu dicitak jadi buku, lolobana mah hasil ketikan bae, ukur
sababaraha eksemplar deuih.

            Masarakat pilemburan mah geus biasa nyebut dongeng  kana carita nyambung dina
radio teh. Atuh dina ieu tulisan oge, urang sebut bae dongeng Sunda. Upama nu geus
dibukukeun, urang sebut bae roman panjang.

            Beda jeung karya sastra Sunda sejenna, dongeng dina radio mah henteu pati diadu-
renyomkeun. Henteu sakabeh kritikus sastra apaleun, sumawonna nepi nalungtik
kamekaranana mah. Henteu karya sastra sejenna anu remen dimuat dina koran, majalah
atawa buku. Malah dina diskusi sastra Sunda oge, anu dipadungdengkeun teh sabudeureun
karya sastra nu geus ilahar; novel, roman, carpon, sajak jeung dangding. Tara kasabit-sabit
perkara dongeng Sunda mah.

            Bisa jadi, lantaran dongeng Sunda mah beda deui komunitasna. Ukur masarakat
pilemburan bae anu ngabandunganana teh, bisa jadi orang kota oge, ngan tangtu leuwih
saeutik. Hartina, nu apaleunana teh lolobana mah urang pasisian bae, anu henteu boga
pangaweruh naha dongeng teh kaasup karya sastra atawa lain. Tara ieuh masualkeun
pangarangna, atawa ajen-inajen satukangeun carita. Nu penting mah ngaguluyur, rame
jeung matak panasaran.

            Carita dina dongeng, sakapeung mah ngaharib-harib kana novel. Strukturna oge
sarua jeung novel; aya tokoh-tokohna, puguh setting-na, alur atawa plot, kaasup klimaks
jeung anti-klimaks.  Lantaran alur caritana panjang, tokohna oge lain hiji-dua. Malah nepi
ka puluhan urang.

            Meh sakabeh naskah dina dongeng Sunda, make gaya realismeu, konvensional, malah
aya nu ngadeukeutan kana sastra klasik. Sakapeung mah, bet asa mindahkeun kahirupan
nu sanyatana kana carita. Lain saukur dipotretan sajorelatan, tapi ditetek nepi ka bubuk
leutikna. Malah keur pangarang dongeng mah, panalungtikan kana hiji kajadian teh kudu
enya-enya. Hartina, lain saukur ngumbar imajinasi, tapi dieuyeuban ku data jeung fakta.
Kitu ceuk Ki  Leuksa, nu sok pangarang dongeng jurig, dina hiji wawancara di radio Yusan
Sumedang.

            Jejer carita dina dongeng Sunda, lolobana  mah kahirupan di pilemburan. Malah loba
anu nyokot kasangtukang kahirupan masarakat Sunda jaman beh ditu. Basa jaman keneh
para "jawara", boh anu hubunganana jeung mangsa penjajahan, boh carita anu ngaharib-
harib pilem "laga". Dina lalakon para jawara, anu dicaritakeun teh dunya kadugalan. Di
dinya aya tokoh anu dianggap pahlawan, bebela ka rahayat, tapi boga kasaktian luar biasa.
Mun aya tokoh utama, tangtu aya tokoh antagonis. Biasana, tokoh utama jeung antagonis
boga pangabisa nu ampir sarua. Tapi dina pamustunganana mah, tokoh utama sok
pinanggih bagja, bisa ngahontal cita-citana. Najan sakapeung mah, carita silat dina dongeng
Sunda, kawas nu kapangaruhan ku carita-carita silat anu datangna ti Cina.

            Dongeng Sunda dina carita silat anu  kungsi sohor teh Si Rawing  karangan Yat R.
Dibacakeunana ku Wa Kepoh deuih, puguh bae matak jadi kacapangan balarea. Si Rawing
beunang disebutkeun dongeng super panjang. Eta we, dibacakeunana oge nepi ka sataun
leuwih. Dina eta carita, Si Rawing teh tokoh silat anu resep heureuy, kalakuanana
sakapeung mah siga nu owah. Si Rawing asa ngaharib-harib kana tokoh Wiro Sableng
beunang Bastian Tito. Malah ku suksesna Si Rawing, nepi ka dipilemkeun sagala rupa.
Dongeng silat sejenna anu kungsi rame dina radio teh di antarana Si Buntung Jago Tutugan,
Nyi Ganting (Ahmad Afandi Asgar), Si Bongkok,  jeung rea-rea deui.

            Aya deui carita anu nyokot kasangtukang sajarah jeung tina carita pantun. Pantun
Ogin Amarsakti, lalakon budak anu dipiceun tea, kungsi disadur kana dongeng Sunda. Kitu
deui dongeng Sangkuriang jeung Lutung Kasarung. Malah anyar keneh, Aan Merdeka
Permana, pangarang anu ayeuna redaktur koran Galura, nyieun dongeng Silalatu Gunung
Salak, dibacakeun ku Wa Kepoh.

            Euyeub pisan kasangtukang carita dina dongeng Sunda teh. Geus karuhan carita
kahirupan sapopoe mah, henteu kaitung jumlahna. Dalah anu enya-enya ngayakeun
panalungtikan oge, teu kurang-kurang. Upamana bae, nyokot kasangtukang jaman kolonial
Walanda. Nyaritakeun kumaha kejemna kaom penjajah mangsa harita.

            Di antara para pangarang dongeng mah, kakara Ahmad Afandi Asgar (AA) anu
karanganana sari-sari jurnalis teh. Lebah dieu, memeh prak ngarang teh katembong AA
ngayakeun heula panalungtikan. Lain saukur ngimpleng ngumbar imajinasi. Tina kituna,
karasa pisan naskah-naskahna teh aya "nyawaan". Beunang disebutkeun punjul ti
pangarang dongeng sejenna. AA pinter pisan palebah ngolah campuhna rasa Si Tokoh, kitu
deui palebah nyaritakeun kajadian nu matak ketir.
            Lolobana, naskah beunang AA didongengkeun ku Wa Kepoh, Si Raja Dongeng tea.
Dibekelan ku pangaweruh kana basa Sunda nu kawilang beunghar, AA bisa ngahudangkeun
rasa nu ngadengekeun dongeng. Boh dina waktuna sedih, boh dina waktuna bungah.

            Dina Romusha upamana, dongeng panjang anu nyokot kasangtukang mangsa


penjajahan Jepang, AA mani persis pisan nyaritakeun kahirupan mangsa harita. Dina
henteu ngalamanana oge, paling copel AA macaan heula buku ngeunaan para romusha.
Istilah-istilah dina basa Jepang, milu diasupkeun kana ieu carita. Katembongna, AA hayang
mere kayakinan, yen anu dicaritakeunana teh enya-enya kajadian, paling copel nya kitu
pisan kahirupan para romusha teh. Malah settingna oge lampar pisan, henteu idek-liher di
tatar Sunda. Aya sawatara bagean anu  nyaritakeun kaayaan di nagara Birma, tempat
dibuangna para romusha.

            AA tapis pisan palebah nyaritakeun tokoh Sukma, lalaki goreng patut anu jadi
pahlawan dina ieu carita. Kumaha diganggayongna Si Tokoh, disiksa, dipitenah, nepi ka
ngalaman kajadian nu matak ngangres. Hal-hal anu "manusiawi", ditembrakkeun bari
henteu karasa dijieun-jieun. Sukma, lalaki goreng patut, kabiruyungan kawin ka Anis,
mojang geulis rancunit bentangna lembur Panagan. Kumaha peurihna hate Mang Sura,
babaturan Sukma anu saumur-umur jadi bujang kolot, henteu pernah kawin. Anis deuih,
anu bisa ngajaga kapengkuhanana, sajeroning ditinggalkeun ku Sukma ka nagara Birama.
Anis anu mangbulan-bulan babarengan jeung Mang Sura, ampir-ampiran ngudaran
kahormatanana.

            Romusha mah carita anu pinuh ku rupa-rupa rasa, rupa-rupa kajadian. Dipitenah,
terus katalangsara, pamustunganana "balas dendam". Asa nyeueung carita Monte Christo,
beunang Alexander Dumas tea.

Lain ukur Romusha, dongeng beunang AA anu beunang disebutkeun punjul teh. Aya deui
carita anu nyokot kasangtukang pulo napi Nusakambangan. Ahmad, dina ieu carita,
dipitenah nepi ka dibuang ka Nusakambangan. AA imeut pisan nyieun deskripsi tempatna
hotel perdeo teh. Kaasup kalakuan manusa anu henteu ilahar. Juragan Durga, patugas di ieu
pulo, bet resepeun ka lalaki (homoseks?). Bisa jadi lantaran di eta pulo mah langka awewe.
Ahmad anu terus kakaburan jeung baturna (Si Joglo), nepi ka kudu ngojay meuntas sagara.
Sukuna buntung disamber lauk hiu. Palebah kakaburanana mah, breh bae asa nyeueung
pilem Joni Indo.

            Aya deui dongeng beunang AA teh, anu nyaritakeun panalungtikan para mahasiswa
kedokteran ka hiji tempat anu masarakatna katarajang kasakit kusta. Dongeng nu ieu mah
(poho deui judulna) asa ngaharib-harib kana carita detektif. Imah geueuman, sora nu aneh,
nepi ka munculna tokoh anu muhit ka dedemit. Konflik antara tokoh nu pabentar (murid
ajengan jeung nu muhit dedemit),  dicaritakeunana henteu nerag, bangun ngahaja sina
matak panasaran.
*

            Carita dina dongeng Sunda oge aya nu ngamangpaatkeun mitos. Tradisi jeung adat
tali-paranti masarakat Sunda jaman beh ditu, diungkab deui dina racikan lalakon. Ka
dituna, aya nu memper kana kapercayaan sabagean masarakat kana hal-hal supranatural.
Anu ceuk sawareh mah sok disebut tahayul tea; upamana bae carita ngeunaan jurig, nagara
siluman, nagara jin, atawa tempat-tempat anu dianggap sanget.

            Dina sastra tulisan oge,  aya pangarang anu sok nyaritakeun alam gaib teh. Kawas
Moh. Ambri dina "Munjung", atawa puriding-puringkakna Ki Umbara, sastrawan senior
anu  mindeng pisan nulis carita "jurig".

            Di Sumedang, aya pangarang dongeng, Ki Leuksa sandi asmana. Spesialis carita jurig.
Meh sakabeh dongengna nyaritakeun kahirupan manusa anu dipatalikeun jeung alam
lelembutan. Geus aya puluhna, boa ngaratus, naskah dongeng anu ditulisna teh. Naskah-
naskah dongengna kungsi dibacakeun ku Mang Bahar ti radio Jussan Sumedang, Mang
Engkos ti radio Duta (ayeuna radio Citra), malah anu ku Wa Kepoh oge aya.

            Minangka carita panglipur mah, dongeng-dongeng beunang Ki Leuksa beunang


disebutkeun onjoy. Lolobana nyaritakeun kahirupan masarakat pilemburan. Ti taun 2000
nepi ka kiwari, dongeng Ki Leuksa sok kadenge dibacakeun ku Arman Wijaya ti radio Daya
Swara Sumedang.

            Kabehdieunakeun mah dongeng Sunda teh geus mimiti melempem. Ukur sababaraha
radio bae, anu masih keneh leukeun nyiarkeunana. Mimiti taun 1980 nepi ka awal 1990-an
mah, beunang disebutkeun haneuteun. Meh saban radio di tatar Jawa Barat, sok aya bae
acara dongeng Sunda. Malah apan tina dongeng Sunda, Wa Kepoh nepi ka dikontrak ku PT.
Supra Perbindo Parma, nu jadi sponsor tunggal dina acara dongeng.

            Dongeng Sunda apan ukur ngamangpaatkeun media radio, sangkan nepi ka


masarakat teh. Ku naskah anu kacida panjangna tea, nepi ka rebuan lambar, asa pamohalan
dimuat dina media massa citak mah. Pikeun para sponsor, dongeng Sunda teh beunang
disebutkeun "jurus ampuh" pikeun promosi produkna. Harita mah apan tacan aya televisi
swasta, atuh masarakat anu ngadengekeun dongeng oge loba keneh.

Bisa jadi, hirup-huripna dongeng Sunda dina radio mah henteu beda jeung sinetron dina
televisi. Upama aya sponsor, nya meureun bisa sukses. Sacara materi aya buruhna keur nu
ngadongeng jeung nyieun naskahna. Tapi apan henteu sakabeh pausahaan "ngareret" kana
acara dongeng. Komo nilik situasi ayeuna, masarakat geus mimiti pindah pangaresep kana
televisi. Hartina, dongeng Sunda tanpa sponsor, ukur ngabeberah bari euweuh buruh.
Nasib dongeng Sunda kiwari geus matak salempang0. Padahal radio teh minangka media
pikeun nepikeun karya sastra lisan. Kaasup anu kungsi dilalanyah ku RRI Bandung taun
1990-an, basa aya acara maca carita pondok dina radio.

            Pasualanana balik deui kana sponsor tea. Lantaran euweuh sponsor, jadi terus
melempem, malah ampir-ampiran pareum. Kaayaan sarupa kieu teh, bisa mangaruhan
kana kreatifitas pangarang dongeng. Keur naon cape ngetik nepi ka ratusan atawa rebuan
lambar, ari euweuh buruhna mah. Biheung kagantian jinis urut meuli keretas oge.

            Padahal dina urusan kreatifitas mah, pangarang dongeng teh beunang disebutkeun
aya unggulna. Ceuk Maman Ma'ruf (almarhum) pangarang carpon anu sok rajeun ngarang
dongeng ongkoh, nyieun naskah sajudul teh, lamun dikeureuyeuh saban peuting, sok nepi
ka sabulan lilana. Jumlahna paling saeutik 300 lambar, dina keretas polio, diketik 1 spasi.
Sanggeus ngajanggelek jadi naskah, ku pihak radio ukur dihargaan Rp. 30.000,- (taun
1992). Eta oge bisa cenah dijual "gelempeng", hargana nepi ka saratus rebu. Tapi ironisna,
hak cipta nu ngarang leungit, bisa diganti ku nu meuli naskah.

            Aya pangarang dongeng (kurang merenah upama disebutkeun ngaranna mah) anu
hirupna ukur tina nyieun naskah dongeng. Imahna ngagowok leutik. Sapopoena nerektek
ngetik, nyieunan naskah jualeun ka radio. Hasilna dipake keur hirup sapopoe, ngabayuan
anak pamajikan. Duka kumaha nasibna ayeuna mah.

            Keur pangarang roman panjang taun 60-70-an,  beunang disebutkeun hade keneh
milik. Naskahna bisa dikirimkeun ka penerbit, dicitak jadi buku anu diserikeun. Pangarang
anu remen nyieun roman panjang teh di antarana Wahyu Adam (Ganjaran Ka Nu Sabar),
Tatang KS (Sumerah Pinanggih Bagja, Ganjaran Hutang Kanyeri, Si Rawing Jago Ti
Pakidulan, jrrd), Ki Masram (Tanteu Nonih, Kuburan Beureum ku Getih, Nu Kawin
Ngarurub Mayit, jrrd). Roman panjang anu geus dibukukeun teh, loba nu dibacakeun deui
dina radio. Di antarana Tanteu Nonih anu nyaritakeun kahirupan hostes.

            Harita mah deuih, renung penerbit anu mere lolongkrang keur pangarang roman
panjang teh. Di antarana penerbit Tarate, Armico, Budi Asih, Wargina, jeung sajabana. Bisa
jadi, kiwari mah ukur kari waasna. Buku-bukuna oge ukur jadi koleksi pribadi, duka aya
keneh nu maca duka henteu.

            Dina  kamekaranana, dongeng Sunda kungsi jadi kacapangan masarakat pilemburan.


Malah bangun anu hanjelu, lamun henteu ngabandungan teh. Teu beda jeung ngahanca
sinetron atawa telenovela. Pangarangna, meujeuhna dibageakeun. Sumangetna,
kreatifitasna, meujeuhna diajenan. Sabab karah kumaha oge, naskah dongeng Sunda (najan
henteu dibukukeun) milu ngabeungharan hasanah sastra Sunda. Najan salila ieu mah,
kaayaanana arang pisan diadu-renyomkeun.

            Tapi ketang, boa ayeuna mah geus euweuh nu daekeun, pangarang anu nulis naskah
nepi ka 1000 lambar kawas naskah dongeng Sunda. Boa ukur jadi panineungan anu hamo
kasampeur deui!

Diposkan oleh Tifa Reggi N di 20.38 

essay sunda "ngamanusakan komputer"

MÉ H saban poé urang pagilinggisik jeung nu ngaranna dokumén. Ti mimiti koran, struk
balanja, tagihan listrik, surat pakgadé, formulir nyieun KTP, jsté. Béh dituna, méméh ubyag
hapé jeung internét, silih kirim surat (koréspondénsi) jadi kabiasaan sawatara jalma
pikeun komunikasi.
Ayeuna jaman geus robah. Sawatara kabiasaan konvénsional kiwari geus kalindih ku
téknologi digital. Baheula mah apan hésé naker mun urang hayang maca koran urang
deungeun téh, upamana The New York Times. Béda jeung ayeuna. Asal nyambung ka
internét, rék maca koran naon waé ogé moal burung laksana.
Saenyana nu robah téh lain koranna, tapi cara jeung kabiasaanana. Dina koran citak, urang
geus ilahar manggihan rupaning tulisan nu maké susunan judul, lead, head, jeung paragraf.
Dina sela-sela tulisan, bréh aya gambar, foto, atawa iklan. Dina koran online gé, struktur
modél kitu téh masih kénéh dipaké. Bédana téh, dina koran citak mah urang kudu mukaan
salambar-salambar, dina koran online mah cukup ku mencétmouse keur nyungsi unggal
kaca téh.
Rupaning informasi dina internét dipidangkeun dina kaca wéb. Cara gawéna siga kieu; nu
boga informasi (upamana pausahaan koran), neundeun rupaning data dina komputer nu
disebut servér. É ta sérver terus disambungkeun kana internét, sarta bisa diaksés ku saha
baé nu keur nyambung ka internét. Unggal servér boga kode nu unik (sebut IP address),
kira-kira teu béda ti nomer hapé atawa nomer induk penduduk. Ngarah éta kode babari
kaharti ku manusa, nya dikonversi kana kecap-kecap nu leuwih ilahar. Urang bakal téréh
kénéh nginget-nginget google.com ti batan kode 64.233.167.104.

Partisipasi jeung Kolaborasi

Di antara punjulna wéb téh, saha waé bisa milu nyumbangkeun idé jeung gagasan. Dina
web generasi awal, informasi nu dipidangkeun téh statis, teu béda ti urang maca koran
citak. Hartina sakur nu maca geus dialas, teu bisa nanaon deui iwal ti maca. Tapi kiwari
web geus jadi kontéks keur saha waé pikeun nepikeun pamikiranana.
Mun urang maca berita dina koran citak, terus boga kateupanuju, nya wayahna kudu
nyieun surat pembaca. Kakara éta kateupanuju téh bisa kabaca ku balaréa mun éta surat
pembaca dimuat. Tah, wéb mah méré lolongkrang harita kénéh, nu maca bisa langsung
nulis komentar atawa kamandang kana hiji pausalan.
Konsép partisipasi jeung kolaborasi geus jadi bagian tina trén dunya wéb kiwari. Fungsi
wéb lain ukur keur midangkeun informasi (berita, gambar, vidéo, jsb), tapi pikeun
nampung informasi deuih. Sakur jalma dibéré alas, dibéré kasempetan pikeun milu
“nyarita”.
Méméh taun 2000-an, ukur sawatara urang baé nu bisa muka informasi dina wéb téh.
Nyieun wéb, harita mah, lain pagawéan énténg. Perlu pangaweruh kana téknologi, waragad
nu lumayan, jeung aksés internét nu nyukupan. Ayeuna nu ngaranna internét geus aya di
mana-mana. Atuh mun hayang boga wéb sorangan, teu kudu hésé. Geus aya fasilitas wéb
gratis mangrupa blog, nu bisa dijieun ku saha waé, jeung bisa dieusian ku naon baé—
sapanjang teu papalingpang jeung hukum. Ayeuna mah apan internét geus lain barang
anéh, tapi geus ilahar tur jadi kabutuhan manusa.
Situasi modél kieu téh, ku nu pinter jeung calakan mah, dipaké lahan usaha. Matt
Mullenweg, nu naratasFacebook, boga idé jénius lantaran bisa ngigelan ceuyahna jelema nu
ngaksés internét. Matt Mullenweg weruh yén di unggal manusa aya pasipatan hayang
babagi informasi, curhat, nepikeun eusi haté, boh ka babaturan boh ka balaréa. Ti dinya
Matt nyieun Facebook, aplikasi di internét keur ngahubungkeun papada jelema. Geus kitu
réa nu ”kaeurad” ku Facebook, nepi anggotana leuwih ti 500 juta, tur diaksés ku jelema ti
suklakna ti siklukna, ti sakuliah dunya. Burudul wéh iklan, nya teu héran mun
beubeunanganana mucekil, nepi Matt jadi bagian ti jelema nu pangbeungharna sadunya.

Wéb Semantik

Téknologi wéb terus mekar, beuki canggih, tambah ahéng. Dina sakitu taun ka hareup, wéb
bakal jadi pangabutuh sakur jalma. Lain éta wungkul deuih, tina kamampuhna gé geus
matak hookeun. Para ahli ti ayeuna geus ngararancang lahirna Wéb generasi katilu, atawa
sok disebut Wéb Semantik.
Dina élmu linguistik, semantik téh élmu nu patali jeung ma’na kecap atawa kalimah. Hiji
kecap, torojolna tina basa nu raket hubunganana jeung masarakat nu maké éta basa. Ku
kituna, analisis semantik kana hiji basa, can tangtu bisa dilarapkeun kana basa séjénna.
Komo apan kacaturkeun di dunya téh aya rébuan basa, tur unggal basa boga rébuan kecap
deuih.
Wéb semantik baris calakan pikeun ngahartikeun sakur kecap tina unggal basa. Upamana,
bisa ngabédakeun kecap ”bangga” dina kalimah ”mani bangga soal ujian téh” jeung kalimah
”saya bangga jadi orang Sunda.”
Prinsipna mah, web semantik téh nyaéta tarékah manusa dina ngamangpaatkeun
komputer, sangkan komputer bisa ngarti kana naon nu dipikahayang ku manusa. Sigana
teu pati géséh jeung komputer nu sok ditémbongkeun dina pilem sains-fiction, nu canggih
jeung ahéng téa.
Danget ieu, fungsi mesin panyungsi (search engine) dina internét masih kénéh
kawatesanana. Googleupamana, can bisa méré jawaban nu bener-bener akurat.
Pagawéan Google ayeuna nyaéta nyalusur leuweung data di internét, mukaan unggal kaca
wéb, terus dianalisis, hasilna dipidangkeun ka nu nanya. Akurat? Can tangtu. Lantaran
informasi dina internet ditulis maké ”basa manusa”, lain ”basa komputer”. Tapi dina jaman
wéb semantik mah, naon nu ayeuna dianggap mustahil, bisa jadi kanyataan.
Kiwari sawatara wéb di internét geus maké konsép semantik. É nsiklopédi
bébas Wikipédia keur naratas proyék wéb semantik nu disebut Dbpédia (dbpedia.org).
Keur babandingan, urang cobaan nanya ka Googlejeung Dbpédia ku pananya ”jelema nu
lahir di Jakarta” (people who were born in Jakarta).
Hasilna katémbong yén Google mah masih kénéh midangkeun hasil nu can tangtu
dipikabutuh ku nu nanya, malah diteundeun dina jajaran pangluhurna. Béda jeung konsép
semantik nu langsung midangkeun béréndélan jalma nu lahir Jakarta, lengkep jeung
tanggal lahir katut déskripsi ngeunaan éta jalma.
Iraha atuh prungna wéb semantik téh? Ah, urang lalajoan wé.***

Sumber : http://tifareggi28.blogspot.com

SENIN, 27 OKTOBER 2008


BASA SUNDA ( Essay ) "TAKSI"
"Entong boro Gusti, Nu Maha Tingali, pelayan di rumah makan Padang ge apaleun ka karuptor mah" kitu
cenah ungkapan anu katangkep harita, ari maksudna mah kieu, para pelayan di rumah makan Padang
geus pada apal mun pareng aya nu ngadon dahar ka tempatna, heg kaasupkeun atawa kaanggap ku para
pelayan teh "koruptor", mun beres daharna waktu diitung jeung ditataan naon-naon nu didaharna, mun
tea mah jumlahna teh upamana bae Rp 185.000,- sebutkeun weh Rp 285.000,- tah si koruptor teh cenah
bakal ngaluarkeun dompetna Rp 300.000,-, bari ngucapkeun : "Kembaliannya, ambil saja !", bari tara-
tara acan menta bon, atawa mun tea mah diasongkeun bon tagihanana, sok langsung diririkes, bari lung
dialungkeun kana wadah runtah. Geus umum cenah kitu.

Mun neangan duitna gampang ( komo mun tina basilat tea) ngaluarkeunana ge cenah gampang deui.

Tapi lain deui anu kaalaman ku para supir taksi di Bandung, kabiasaan para tamu, khususna nu datangna
ti Jakarta, mun pareng naek taksi di Bandung, baheula eta teh keur anyar keneh kota Bandung aya taksi,
make keneh argometer harita mah, mun dina argometer teh jumlah Rp 34.000,- upamana, sok dibayar ku
duit Rp 50.000,- bari pulanganana tara ieuh dipenta deui, cukup saperti tadi we kitu : "Kembaliannya,
ambil saja !" cenah.

Jiga teu pira, tapi mun dilenyepan geura, rambat kamalena teh kapan ka konsumen anu pas-pasan mah
matak bobor karahayuan, da mayar taksi asa dirampog basana ge. Konsumen teh jiga aya kawajiban kudu
mayar leuwih tea.

Ku kabiasaan jiga kieu teh, lila-lila mah nya katagihan para supir taksi teh, pamustunganana argometer
teh diculkeun, malah teu saeutik nu ngahaja diruksak, sangkan nu naek kana taksina teu make argometer
deui, tapi saluyu jeung harga nu geus biasa ku maranehanana katarima, malah kabehdieunakeun mah sok
aya nu sok rebut tawar heula.

Mun tea mah aya panumpang nu menta disetelkeun argometerna, dijawabna teh bari kukulutus :"Argo na
rusak ti jaman Nabi Adam keneh Pa", atawa mun pareng aya nu tatanya teh, ngajawabna matak
pinapsueun : "Meuli mobil sorangan we, hayang nu murah mah".
Kabiasaan kieu teh nepi ka emper-emper ka propinsi sejen, malah sok aya semah ti propinsi sejen, mun
rek ka imah teh, geus teu wanieun kana taksi, basana teh : "Taksi di Bandung mah make argo kuda"
cenah.
Lila sabenerna mah, taksi kota Bandung boga cap "Argo kuda" teh, tapi nya kitu tea, bisnis jalan terus,
rejeki mah kapan aya nu ngatur tea, nu pro jeung nu kontra, teu kurang-kurang, tapi angger jigana bisnis
taksi di kota Bandung katingali porsina masih keneh "bisa menjanjikan" nepi ka "Blue Bird" armada taksi
ti Jakarta, tohtohan milu guyang di jalan-jalan kota Bandung.

Nu dijadikeun kojona ku "Manajemen Blue Bird" harita, nu tumpak taksi "Blue Bird" mayarna, sakumaha
nu dicatet tina argometer. "Bayar sesuai Argo" cenah.

Jiga teu sabaraha katingalina, tapi pikeun konsumen jadi pamikat anu kacida ditunggu-tungguna, komo
keur konsumen pituin urang Bandung mah, lila-lila cuw-cew ti para konsumen, komo mun pareng aya
tamu ti luar kota Bandung, ti awal keneh geus diwanti-wanti, mun naek taksi pake "Blue Bird", cenah.

Akibatna geus pada mafhum, taksi heubeul teu pati dipirosea deui ku konsumen, mun teu rek disebut
pada ninggalkeun oge, nepi ka "Manajemen Blue Bird" na sorangan kawalahan, loba teuing pesenan,
jeung jigana 100 taksi teh meh-mehan kawalahan, loba pesenan nu kapaksa bolay.

Supir taksi heubeul murka, beakeun panumpang cenah, nepi ka "Blue Bird" pada nalenggoran, nepi ka
aya nu diruksak sagala rupa, alesanana rupa-rupa, taksi "Blue Bird" ngaluarkeun leuwih ti 100, pedah
nomor urut mobil aya nu ngaleuwihan angka 100 cenah, malah anyar-anyar keneh mah rek demonstrasi
deui, mun teu pada ngalelemu mah jigana matak bangkar enya.

Padahal kasang tukangna lain taksi heubeul beakkeun panumpang, tapi memang panumpangna geus
embungeun deui naek taksi heubeul nu make "argo kuda" tea.

Mun tadi diawal tulisan, persenan nu dijadikeun kabiasaan, malikeun deui kana cara nu wajar teh jadi
hese menerkeunana oge, tuntungna jalan pintas nu digunakeun, demonstrasi, reformasi nu kabablasan
tea.

Malah cek Yayat Hendayana mah reformasi kiwari teh wanohna karek kana kabebasanana wungkul, mun
aya teu kapanuju, der weh demonstrasi, paheuras-heuras genggerong.
Da jigana, mun tea mah supir taksi heubeul ngagunakeun deui argometer mah, komo mun dibarengan ku
tindak-tanduk "anu someah hade ka semah" tea, piraku rek pada ninggalkeun.

SELASA, 06 JANUARI 2009

ESSAY : MUKA LAMBARAN ANYAR DINA TAUN 2009


MUKA LAMBARAN ANYAR DINA TAUN 2009

Libur keneh barudak sakola mah ayeuna teh, tanggal 12 Januari 2009 karek arasupna deui sakola dina
semester anyar, akhir Desember teh dibaragi Rapot, sarua jeung mahasiswa samemeh dibagi Rapot teh
aya heula UAS, ujian ahir semester, nu matak jadi reueus teh, awalna mah pedah kapapancenan kudu
ngajar Basa Sunda disalah sahaji sakola lanjutan, lain pedah pendidikan ti Jurusan Basa Sunda, wuuuh ...
jauh tanah ka langit, jigana mah nu ditingalina teh pedah tiheula sok aya tulisan-tulisan anu dimuat dina
Majalah ”Mangle”, jeung kasebutna sok mere kuliah, terus weh dipentaan tulung ku tatangga mun aya
keneh waktu mah, pangajarkeun Basa Sunda cenah, pondok carita ditarima weh.
Balik deui kanu jadi kareueus tea, dina ujian ahir semester teh, ngahaja nyieun soal anu jawabanana kudu
ditulis ku aksara Sunda ”Kaganga” tea, ngan supaya siswa teu heseeun ngajawabna, ngahaja dilampirkeun
koncina, ngahaja deuih runtuyan abjad na ge nu geus ku komputer tea, angkanan teh asal siswa bisa
nuliskeunana we heulaanan, da ari sina ditalar mah, kacipta ti awal keneh moal pati bisaeun, bubuhan
ngajar aksara Sunda teh ukur ku waktu dua minggu beres, inget keur dina Pelatihan Pa Yus Rusyana
ngomat-ngomatan, asal siswa resepeun we heulaanan, cenah.
Bubar ujian, para guru anu ngawas ujian, nyalampeurkeun malah aya nu togmol pisan, hayang ningali
pelajaran Aksara Sunda leuwih deukeut cenah, pedah baheula arinyana nyaho aksara Sunda teh
”Hanacaraka” we, ”Cacarakan” tea. Diterangkan eta ge ”Hanacaraka” mah Aksara Jawa lain Aksara
Sunda, bari dina jero hate mah kuring ge nyeungseurikeun maneh, da sorangan ge karek engeuh teh
anyar-anyar ieu we, pedah eta ge pernah milu Penataran Basa Daerah di Lembang.
Reueus teh, barudak katingali daria ngajawab soalna, meureun resepeun nu matak kitu ge, oge ti
lingkungan masyarakat, sanajan saeutik aya keneh nu merhatikeunana, ngan jigana ka para tokoh jeung
inohong Sunda, kudu leuwih soson-soson deui mekarkeun aksara Sunda, sangkan masyarakat Sunda
leuwih apal kana aksara Sunda-na, komo mun dibantu ku Pamarentah Daerah-na mah, da geuning di
daerah Jawa mah, ngaran-ngaran jalan ge ditulis ku aksara Jawa, najan handapeunnana. Matak naon di
urang ge kitu.
29 DESEMBER 2008

ESSAY : MUNGKAS TAUN 2008


MUNGKAS TAUN 2008

Mun pausahaan mah dina waktu-waktu ieu teh keur meujeuhna sibuk nutupkeun buku pausahaanana,
istilahna Tutup Buku, bari sibuk ngitung untung rugi dina usaha taun ieu, malah mun pausahaan nu
masih keneh manual dina sistem akuntansina mah sok aya istilah ”Stock Opname” dina waktu-waktu ieu
teh, malah sok jadi bahan gogonjakan kapan, mun karyawan sejen mah akhir taun teh libur panjang, tapi
bagian akuntansi jeung pembukuan mah istilahna ge ”lembur panjang” cenah, pedah eta sok
kapapancenan ”Stock Opname” tea.
Tapi ari urusan dina Blog ieu mah lain hal nu saperti kitu nu rek ditulis teh, ieu mah ningali jeung
merhatikeun deui tulisan-tulisan dina Blog ieu, ti mimiti diajar muka jeung nyieun Blog, bari dituyun
keneh ku anak lalaki nu panengah, bari dihatean sangkan bisa nulis di dunya-maya pajar teh, bari adug-
adugan ge, jaba masih keneh loba kakuranganana teh, teu burung tepi ari nepi ka mungkas taun 2008 na
mah. 
Ngan nya kitu, mun ditengetan deui tulisan-tulisanana, masih keneh loba omeaneunana, teu ngabibisani
lebah dinyana mah, keur mah kakara, katurug-turug ti awal ge disebutkeun, rada ”gaptek” keneh bae kana
nu ngaranna Elmu Tehnik Informasi teh, da eta we mun ningali Blog nu sejen mah, ku aralus naker dina
”tampil”anana oge, sok rada kurang PD lebah dinyana mah, tapi da nya kitu, pedah dihatean tea :”Bade
iraha deui atuh Pa, batur mah tos kamana boa.” Ceuk si Cikal mah.
Ku lantaran nu keur mitembeyan tea, ditengetan teh loba keneh nu salah ketikna, salah tulisna, malah
salah ejaannana oge masih keneh balatak, ngan ukur boga kahayang lebah dinyana mah, nu matak dina
mungkas taun 2008 ieu teh, rek tamada pangpangna mah, bisi tulisan-tulisanana loba keneh
omeaneunana, neda tawakupna bae.
Ngan keur iber tutup taun jigana, yen tulisan-tulisan dina Blog ieu teh, boh anu mangrupa ”Carita
Pondok”, boh ”Essay”, atawa ”Artikel-Kolom” umumna anu pernah dimuat dina Majalah ”Mangle”, jadi
ulah waka digebrag, bisi sawan kuya, mun tea mah, aya nu maca eusi Blog ieu, sarua anu dina majalah
”Mangle”, memang eta tulisan-tulisan kuring baheula.
Oge tulisan-tulisan da’wah Islam, boh anu mangrupa ceramah, atawa mangrupa khutbah Jum’at, sarua
eta ge ”Ceramah” atawa ”Khutbah Jum’at” anu pernah ditepikeun ku kuring, di masjid gigireun imah,
ngan eusi ceramah, atawa eusi khutbah, aya sababaraha hiji anu meunang nyutat tiditu-tidieu, boh tina
buku-buku, atawa tina artikel jeung tulisan-tulisan, anu sakira cocog ditepikeun ka jamaah di lingkungan
kuring, kukituna ka anu ngarasa tulisanana kacutat, neda tawakupna. 

SENIN, 27 OKTOBER 2008

BASA SUNDA ( Essay ) "PACAMPUR PAGALIWOTA"

Ku mindeng-mindengna pulang anting Bandung – Semarang, malah tampolana terus ka wetan nepi ka
Surabaya ari aya tugas ngajar, nepi ka jarak Bandung – Semarang mah geus asa teu kasebut jauh deui,
sapaparat jalan geus lidig jigana, mun teu rek disebut apal jeung pengkolan-pengkolanana oge, lantaran
miang ka Semarang mah geus tara diiker-iker deui waktuna, rek mangsa kumaha bae, rek wayah kumaha
bae oge, bisa kari jung, cek paribasana rek janari leutik atawa tengah poe ereng-erengan ge, teu jadi
halangan, ngan mun miangna peuting mah sok menta dibaturan ku sobat medok ti leuleutik, si Iing,
lantaran si eta mah rada istimewa, mun mawa kendaraan ti peuting teh, nyupiranana bisa leuwih
gancang, Bandung – Semarang bisa ku waktu genep atawa tujuh jam ge geus tepi.

Ku mindeng-mindengna tea, nepi geus apal deui dimana kudu mengkol ka masjid lamun waktuna shalat,
sakalian ngadon reureuh. Ti mimiti Masjid Agung di Tanjungsari - Sumedang, terus maju ka wetan-keun,
nepi ka Masjid Agung di Kaliwungu – Semarang, geus pernah kasaba pikeun ngadon reureuh, ngadon
shalat, malah mun kabeneran inditna ti Bandung poe Jumaah ge, di masjid-masjid sapaparat jalan geus
pernah ngadon Jumaahan.

Nu jadi matak reueus, malah bisa disebut rada-rada sirik jigana, sanajan masjid ayana di sisi jalan nagara,
tapi dina waktu Khutbah Jum’at teh, masih keneh rea nu ngagunakaeun bahasa Jawa, bari tangtu
jamaahna aya nu teu bisa basa Jawa, tapi Khatib mah tetap make basa Jawa. Ieu nu matak jadi reueus
teh, urang Jawa mah, masih keneh cinta kana basana sorangan.

Kumaha ari di urang ? Maaf-maaf, pernah ngadon Juma’ahan, di salah sahaiji masjid, didieu di urang, di
Bandung, khatibna make Basa Indonesia, tapi ari lentong, lentong Sunda pituin, malah nepi ka dialekna
oge apal, yen dialek kitu mah, tangtuna oge ti lembur Anu, bisa kabade. Ngan nu matak jadi prihatin teh,
naha henteu make Basa Sunda bae sakalian, ngarah puguh ngomentaranana, da ieu mah jadi pabaliut,
basa Indonesia diselang-selang ku Basa Sunda, nepi ka eusi materi jadi paburantak, taya pupurieunana.

Sakali mangsa pernah aya nu minangsaraya, urang Sunda pituin, hayang dipangaturkeun acarana, dina
acara Walimatul Urusy anakna nu awewe. Sok rada talete ti dituna mah, rek ku Basa Sunda naha rek
make Basa Indonesia cekeng teh. Kumaha jawabna ? Ku basa Indonesia we cenah, Basa Sunda mah asa
rada ngampung cenah, nepi ka kitu tah. Bari padahal anjeunna teh urang Sunda, urang lembur malah,
anu sapopoena oge make keneh basa Sunda, tapi ari ngajawabna jiga kitu. Na ana der teh dina waktuna,
bubuka dina acara ngahaja make basa Indonesia, sakumaha pesenan nu mere “order”. lagu pihak lalaki
nyerenkeun panganten lalaki mah, make basa Sunda, bari tamada, rumaos urang Sunda cenah, rek make
basa Sunda we. Nu kaeraanana ? Saha deui mun lain Panata Acarana, nu sok beregegeh mamalayon tea,
harita keneh ngahaja, acara ka dituna make deui Basa Sunda, nu boga hajat ukur tungkul, nahan kaera.

Malah teu jauh-jauh, aya baraya, dulur deukeut keneh pisan malah, sakalieun menta dipangaeusiankeun
acara Syukuran bari ngomat-ngomatan kudu make Basa Indonesia, cenah. Basa Sunda mah isin ku
tatangga.
Waktuna ngariung, disidik-sidik teh, lolobana mah urang Sunda, geus puguh kitu mah, der….. weh,
ngagunakeun basa Sunda deui bae, nu dina rencana make basa Indonesia teh, kumaha pamustungannana
? nu jadi dulur kukulutus beak karep, era pajarkeun teh, hayoh wae mamake basa Sunda. Lain dongeng
eta teh, kanyataan.

Hiji deui, didieu, di lembur, Di Ciborelang, dina bulan Ramadhan nu anyar kaliwat, sakumaha biasa di
masjid-masjid sejenna, samemeh shalat Taraweh teh, sok aya Tausyi’ah singget, bekenna mah KULTUM,
kuliah tujuh menit, malah aya nu sok nyebut KUTIL oge, kuliah tilu menit, ngadon dicaratet ku barudak,
laporkeuneun ka guru-guruna di sakola. Sakalieun ……., aya weh, nu biantarana make basa Sunda, na da
barudak teh ngadadak jadi saheng, ngadon ngobrol bari heureuy silih-surungkeun jeung pada baturna.
Waktu ditanya, kunaon teu dicatet nu ceramah teh. Kumaha jawabannana ? “Nggak ngerti”, cenah, “Pake
basa Sunda !”, nepi ka kitu tah, waktu ditanya teh anak saha-sahana, ih……, na da kolot-kolotna mah
urang Sunda tateh, aki-ninina urang Sunda keneh deuih, tapi na ari incu-incuna ?, “Nggak ngerti”, cenah,
“Basa Sunda mah susah”.
“Susah mana sama matematika ?”
“Susah basa Sunda atuh !” Cek budak bari molotot. Nepi ka dinya.

Hiji deui keur ngumplitanana, sakali mangsa dina Poe Jumaah, di hiji sakola, khatibna aya halangan teu
bisa datang, pangurus masjid kokotengan neangan khatib cadangan can meunang keneh bae, kakarek
bubar mere kuliah, pangurus masjid nyampeurkeun : ”Ulah waka mulih”, cenah. “Didieu teu aya
khatibna, pangeusiankeun”. Dina saku aya oge konsep khutbah make basa Sunda. “Keun bae make Basa
Sunda ? cekeng teh, lantaran apal ti mimiti pupuhu nepi ka handap nu jadi pangurus masjid di ieu sakola
teh, urang Padang wungkul.
“keun bae…lah” Cenah, “Ti batan Juma’ahan bubar, alatan euweuh khatibna mah, wirang sarerea”.

Der …… weh, khutbah make basa Sunda, di hareupeun mahasiswa, di hareupeun dosen-dosen nu
kabeneran loba urang Padang-na tea. Beres Juma’ahan, rajol nu ngarajak sasalaman, malah babaturan
dosen mah aya nu togmol :“Baru pertama kali saya dengar khutbah Basa Sunda, enak
mendengarkannya”. Bari ngeukeuweuk leungeun, nyekelna pageuh pisan. Pangurus masjid
nyampeurkeun :“Mulai bulan depan dan seterusnya, Bapa akan kami tetapkan untuk mengisi Khutbah
disini, biar memakai Basa Sunda juga”.

Tina sababaraha kajadian nu disebutan tea, jigana bakal kakoreh, kumaha susahna, kumaha hesena para
pamikir ngokolakeun cara jeung upaya sangkan basa Sunda, jadi basa nu dipikareueus deui ku seke-
selerna, ku urang Sunda. Moal rek ngajukeun usul, da yakin balatak para ahlina, kumaha cara jeung
alpukah nu bakal diguar ku para ahli, Sastrawan Sunda, urang Sunda.

Ngan aya hiji pangalaman, praktek di lapangan, kerenna mah, di lembur, di masjid gigireun imah, tiap
ba’da Shalat Subuh, jamaah masjid tara terus bubar, tapi ngariung deui, antara satengah jam-an mah,
nepi ka jam satengah genep paling beurang ge, kira-kira 20 atawa 30 jamaah paling loba, ngaguar deui Al
Qur-an, dipesek jeung tafsirna, tina sabaraha tafsir nu jadi rujukanana, Tafsir Ibnu Katsir, Jalalain,
Maraghi, nepi ka jucungna Tafsir Ayat Suci Lenyepaneun, beunangna Bapa Moh. E. Hasim.

Anehna tina sababaraha rujukan anu disebutan bieu teh, umumna jamaah masjid teh, rea keneh nu kataji
ku basa Sunda anu digunakeun ku Bapa Moh A. Hasim dina Ayat Suci Lenyepaneun tea, basa sastrana asa
nyampak, atuh guaranana dina nafsirkeun Surah-surahna estu merenah pisan. Sok komo mun nu
macakeunana tapis dina basa Sunda, ti mimiti ngagunakeun dialek, jeung madakeun kosa-kata, bari
puguh ngagunakeun titik koma jeung tanda baca sejenna, nepi ka kadang-kadang, mun kabeneran kudu
eureun dina kakagokna nafsirkeun teh, rea keneh jamaah, nu ngarasa gantung denge, gantung teureuyeun
mun dahareun mah, cenah.

Kasimpulanana, rea keneh sabenerna mah, nu resepeun make keneh basa Sunda teh, ngan nu jadi
halanganana nya tadi tea, nu boga rasa ngampung, mun make basa Sunda, rajeun make basa Sunda,
pasolengkrahna beak karep, nepi ka tungtungna, aya sabaraha urang Sunda nu ngarasa inggis jeung sieun
salah ngalarapkeun basa Sunda, nepi ka kajeun teuing teu make basa Sunda cenah, sieun ngerakeun,
alesanana mah.

Lebah dinyana mah pantes, tong boro nu awam atuh, eta we nengetan acara di TV, dina “Bruk-brak”,
ngobrolkeun karangan-karangan basa Sunda, tapi panata acarana, dina ngagunakeun basa Sunda,
pacampur-pagaliwota jeung basa malayu, lir jalan di kota Bandung, sedan, beca, mobil, sapedah jeung
roda dorong aya kabeh, pasolengkrah.

Malah pamustunganana harita, cik cenah, ka pangarang-pangarang Sunda, hirupkeun deui carita-carita
jurig nu baheula pernah jadi primadona di tatar Sunda teh. Sangkan etnis Sunda raresepeun deui maca
karangan-karangan dina Basa Sunda.

Teu kudu kitu asana, teu kudu muhit deui jurig-jurig nu marakayangan jiga baheula, malah sakudunu
mah diajak kana tauhid ka Allah SWT, urang Sunda teh. Salah sahijina, pangarang-pangarang Sunda
ngagiring masarakatna sangkan jadi urang Sunda anu Islami.

Sumber: http://atikanbasa.blogspot.com/

You might also like