Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 6

Resensi Novel

Identitas Buku
1.   Judul            : Sandékala
2.   Pangarang    : Godi Suwarna
3.   Tahun Medal : 2007
4.   Kaca            : 240 kaca
5.   Cetakan        : Cetakan kahiji bulan Nopember 2007
 Cetakan kadua bulan Januari 2011
6.   Harga           : Rp 50.000,00
7.   Jenis Kertas  : HVS

Kahéngkéran : Kahéngkeran tina novel ieu nyaéta dina tungtung caritana kurang jelas
maparkeunna jadi si pembaca kurang paham kumaha akhir tina demonstrasi anu dijadikeun inti
parmasalahanna. Tapi tina kabéhanna mah geus alus.

Kaonjoyan    : kaonjoyan dina novél ieu nyaéta pangarang ngaburak-barik logika, alus milih kata
jeung ngautamakeun tokoh hadé pamingpin pormal (Camat, Bupati, Kapala desa), Mahasiswa,
demonstran, onom, masarakat dina politik di daérah Kawali. Politik anu geus ngahiji jeung cita-
cita, ambisi, muslihat, jeung cinta. Amanat anu disampaikeunna cukup jelas. Korupsi anu
dilakukeun ngagambarkeun karakusan pamingpin luhur. Novel ieu ogé ngagambarkeun kumaha
kaayaan nagara basa pindahna jaman orde baru ka jaman refolusi nyaéta loba demonstrasi anu
dilakukeun ku rahayat ka pamingpinna. Salian ti éta novel ieu bisa dibaca ku rumaja, dewasa,
kolot jeung sajabana.

Ringkasan cerita

Dina nopel ieu dicaritakeun aya kuncén anu sok ngajaga Surawisésa anu tempatna aya di
Cikawali. Ki kuncén éta ngabogaan incu ngaranna Bagus. Bagus téh digawé jadi Wartawan. Tapi
saenggeus ngawartakeun kasus pejabat korupsi, anu pejabat éta téh dulurna kénéh pingpinan
pausahaan manéhna dipéhaka. Alesanna mah perampingan cenah. Dalah pingpinan redaksina
kalah haré-haré wé sanajan Bagus tepi ka dipecat pisan. Sabab ngarasa teu aman cicing di
Bandung, Agus mulang ka kampung halaman nyaéta Cikawali.
Pandu salah sahiji warga di kampung Surawisésa jeung mahasiswa universitas di daérah
Bandung dekeut jeung budakna pa Camat didinya. Pa Camat Suroto ngaranna. Dewi budak pa
Camat Suroto sarua kuliah di Bandung. Dina hiji waktu, indungna Dewi aya niat rék nitip béja ka
Pandu keur Dewi, tapi kusabab Pandu na geuring jadi henteu bisa nitip bejana. Panedu kudu
istirahat heula saminggu mah ceuk Dokterna.

Bagus maca koran. Panasaran néangan rohang budaya. Tapi angger wé teu kapanggih. Ari bréh
téh, aya poto Sari kira-kira opat ka genep. Sari téh awéwé anu dipikaresep ku Bagus. Tapi Sari
na geus kawin ayeuna mah jeung pa Widagdo anu ngabogaan hotel teuing sabaraha hiji. Keur
ngalamunkeun Sari téh aya Otong ka imahna. Babaturan manéhna baheula, ménta dibantuan
ngamodalan usaha. Bagus anu kakara tas dipehaka boro-boro aya jeung ngamodalan atuh.

Camat Suroto susulumputan nitah Éman pagawéna sangkan mérékeun amplop ka Nyi Nani
pamajikan kang Dadang anu geulis tur bageur. Pédah budakna Nyi Nani keur geuring ceuk béja
mah.

Pandu rarat-rérét, aya di kamarna kénéh. Indungna ngabéjaan Pandu tadi Akangna nelepon, naha
bet mulang téh teu béja-béja. Pandu ukur seuri maur. Rumasa. Nganjrek di kang Déa lanceukna
di Bandung téh. Ti barang aya gerakan mahasiswa gé manéhna teu mulang-mulang ka imah
lanceukna. Haroréam. Kang Déa na teu panujueun pisan Pandu milu aktif di kampus téh.

Pandu hulang-huleng deui. Rus-ras ka kang Déa. Lanceukna nu cikal. Lanceuk anu ngan hiji-
hijina. Anu ngabiayaan sakola ti barang bapana maot. Kang Déa téh pagawé pémda di Bapéda.
Beunghar. Tapi sanajan kitu, kasiksa Pandu mah. Da apal éta duitna menang teu bener.

Kang Dadang salakina Nyi Nani gawéna sok ngojég. Dina hiji poé ditatagih ku kang Boja. Pajak
jalanan cenah mah, mun teu mayar waé motor rék dirampas. Jaba kang Dadang can mayar salila
opat bulan. Balueung deui keur teu boga duit kang Dadang téh. Kang Dadang balik ka imah ti
pangkalan ojég teu kapanggih waé. Bet karérét, aya tungtung amplop handapeun tumpukan
buku. Amplop dibuka. Goréhél, duit eusina téh. Saratus tujuh puluh lima rébu. Geus lila gé teu
kungsi nyekel duit sakitu gedéna kitu.

“ari duit ti saha Nan?” pok na bari némbongkeun duit jeung amplopna.

Nyi Nani ngaranjung pias. Pias pisan.

Kang Dadang terus tatanya éta duit timana asalna. Tapi Nyi Nani na teu ngajawab sakecap-kecap
acan. Tungtungna mah duit dialungkeun kana kasur. Mawur. Manéhna tuluy ngagejlig. Kaluar.
Ugang-uging nyelah motor. Ngaber.

Nagara harénghéng. Hahargaan marahal. Hama, panyakit, cocoba teu eureun-eureun. Rahayat
patingkocéak. Komo geuning Présidén mah. Kalah hayoh anclang-anclangan ka mancanagara,
nyiar anjukeun ka mana-mendi. Jangeung ngeusian saku sorangan jeung bekel sanak-kadangna
paling ogé. Ras deui ka lanceukna. Kumaha teuing mun heug indungna apaleun. Kapan unggal
bulan dibayuan ku kang Déa téh lading tinu kitu pisan. Jadi keuheul. Keuheul ka lanceukna anu
teu weléh-weléh bro-broan. Nyenangkeun indung meren tiditu na mah. Tapi da kalah
ngadorakakeun atuh. Ras deui kapan manéhna nyaho talajak anu jadi lanceuk, tapi anggeur wé
teu bias nanaon geuning. Paméré na teu weléh ditarima. Da butuh téa. Rumasa.

Dewi balik ti Bandung, sono ka Pandu. Bongan ditelepon teu nyambung waé. Kang Boja
manggihan kang Dadang. Nanya rék iraha mayar pajak ojég. Bari ngancam lamun teu mayar rék
dilaporkeun ka Pulisi.

Isukna, Kang Dadang aya nu ngoroyok jeung nusuk. Pandu jeung Dewi nepungan Dadang di
Pawon. Ku limaan dikoroyok na téh. Tegah peuting, dihareupeun warung kérsen, basa Dadang
rék mulang pisan ka imah. Duka ari saha-sahana mah. Da hésé poék. Ngan nu puguh mah kang
Boja da apal kana sorana.

Pandu, kang Bagus, Dewi, jeung tukang ojég baturna kang dadang rék ngalapor ka pulisi.
Sadatangna dikapolsék, Pandu nyaritakeun kajadian anu nimpa ka kang Dadang. Dibantuan ku
Dewi.

Di imah, Dewi ditanya ku bapana, camat Suroto. Naha bet milu-milu ka kapolsék. Dewi kalah
berontak ka bapana. Kalah sagala diomongkeun. Sagala kagoréngan bapa na. ti mimiti kebon anu
di Panjalu, sawah, imah anu di Ciilat, dewi apal éta téh menang teu bener. Bapana ambek kabina-
bina. Indungna datang. Misahkeun budak jeung bapana anu keur paséa. Dewi asuk ka kamar
nungtungna mah.

Di kampung keur aya unjukrasa. Keukeuh nitah nutup pasar malem. Ditambah deui aya anu
nabrak kang Kodir. Kang kodirna pateuh. Motorna mha ancur pisan. Untung aya anu nyaksian.
Kang Boja jeung si junéd anu nabrakna téh. Jigana mah pa Camat kasigeung pédah Kodir
pangpokalna dina unjukrasa.

Pandu jeung balad-baladna ngarencanakeun rék pawéy, bongan asa sangarenahna waé pikirna.
Jaba kang Boja deui teu daék dipanjarakeun. Keur ngarencana kitu, torojol wé Déwi dina motor.
Dewi mawa béja yén di imah na aya Muspika keur rapat. Aya nu ti Ciamis deui ceuna mah.
Dewi ngintip terus kadéngé yén Pandu, kang Bagus, kang Tisna, kang Zam-zam, Rahman, kang
Didon rék diamankeun.

Didinya, kabéhan bingung rék numput kamana. Kang Bagus ngusulkeun nyumput di Tabet.
Baturna satuju. Kang tisna, kang Didon, Bagus indit langsung ka Tabet. Pandu mulang heula ka
imah barangbawa heula bebekelan. Kabeneran di Tabet na aya Otong pas béh lawang, asup deui
aya ki Kuncén deui didinya téh. Nungtungna saréréa ngumpul di batu tapak.
Isukna, di Alu-alun kacamatan. Tenda-tenda pasar malem dibareleum. Telepon sibuk di kantor
kacamatan, di Koramil, jeung di Kapolsék. Nu ménta bantuan ka Kabupatén halarésé. Da
sakabéh pasukan disiagakeun di Ciamis, di Banjar, jeung di wates Tasik nu sarua keur
harénghéng.

Jalma terus-terusan nambahan. Ngagelek budeureun kantor pulisi. Beuki nyedek ka jalan, nutup
jalan, terus nyedek kana pager bari aréak-éakkan. Aya malédog ku batu, motor dines digarotong
digubragkeun di jalan aspal.sora bedil ngabérébét, sora nu jumerit, sora nu tingkocéak.

Di Terminal geus teu puguh katénjona. Jalma pasuliwer, nu ti rumah sakit, nu ka rumah sakit.
Pandu geus di hareupeun kantor dikbud. Teu lila aya wé Dewi. Dewi ngajak ka Tabet.
Nungtungna kabéhanna ngumpul di Tabet. Ngan kang Bagus anu can katémbong téh.

Pandu, Dewi, kang Didon néangan kang Bagus ka Cikawali. Tapi teu manggihan. Anu
kapanggih téh ngan ukur notes kang Bagus anus sok biasana dibabawa, baju jeung calana kang
Bagus. Boa kang Bagus di culik kitu pikirna. Maranéhna terus wé lempang.

Bréh, bet aya kang Dadang anu ngajepat dina léléngkahan pisan. Jeung ceu Nani ma geuning.
Getihna rarémbét kamamana. Pandu gogodeg. Leumpangna beuki laun beuki bruh-bréh kang
Bagus bet aya didinya. Kang Bagusna ngabebengkang. Nu beungeut na barengep,nu getihna
ngaberey tina biwir, tina irung, tina ceulina.

Sora gumuruh, sora nu séah, sora nutinggorowok, sora pélor teu eureun-eureun. Neregteg.
Akhirna, Pandu, Dewi, kang Dadang, Nyi Nani, jeung batur-baturna téwas dina kajadian éta.

Unsur Instrinsik

1.   Téma : Nagara Harééng

2.   Tokoh         :

a.   Tokoh utama
§  Pandu
§  Dewi
§  Kang Bagus
§  Camat Suroto
§  Kang Dadang

b.  Tokoh panbantu
§  Ki kuncén
§  Kang Dea
§  Bu Camat
§  Mang Eman
§  Bi Lasih
§  Kang Didon
§  Kang Tisna
§  Nyi Nani
§  Sari
§  Indungna Pandu
§  Kang Boja
§  Warga Surawisésa

3.  Watek

a.    Pandu      : Wanian, Ngabéla nu bener.

b.    Dewi       : Aléwoh, loba nanya.

c.    Kang Bagus       : gigih, mandiri.

d.    Camat Suroto    : Galak, gurat batu, gedé hulu.

e.    Kang Dadang     : wanian

f.     Sari                   : gigih

g.    Bu Camat  : Hariwangan, perhatian ka budakna.

h.    Nyi Nani   : Sabar

i.     Ki Kuncén          : Taat kana aturan

j.     Kang Dea  : Babantu ka kulawarga, tukang garong duit rahayat, keras kepala.

k.    Kang Boja          : Galak, meres

l.     Indungna Pandu : perhatosan ka budak

m.  Kang Didon       : Keueungan

4. Amanat

ü  Salaku pamingpin urang kudu bisa adil ka rahayat, mentingkeun kapentingan umum.

ü  Kabeneran kudu ditegakkeun, ulah pandang bulu.

ü  Pamingpin kudu sadar yén jabatan pamingpin téh mangrupakeun amanat, kapercayaan ti
rahayat.
Tugas resensi Basa Sunda (maca novel)

Novel “SANDEKALA”

XI MIPA 2
Kelompok 4

1. Ade Oktaviani
2. Denally Athhar F.
3. Erstyna Kathlya P.
4. Fajar Suryo S.
5. Fichri Taufiqqul H.
6. Nabila Lathifi A.
7. Rafli Putra

You might also like