Professional Documents
Culture Documents
Artikel Bahasa Sunda Tentang Masyarakat Adat
Artikel Bahasa Sunda Tentang Masyarakat Adat
Sedengkeun dina ayat 2, unina téh, “Jatidiri budaya masarakat hukum adat,
kaasup hak lahan ulayat, ditangtayungan luyu jeung kamekaran jaman”.
Pon kitu deui, masarakat adat nu kaasup kana kelompok minoritas gé kudu
ditangtayungan ku nagara. Dina pasal 27 Kovenan Internasional ngeunaan
Hak Sipil jeung Pulitik, nyebutkeun, “Di nagara-nagara nu aya kelompok
minoritas dumasar kana étnis, agama, atawa basa, hak-hak éta kelompok
minoritas téh tong diganggu, dina komunitas papada anggota séjén ti
kelompok maranéhanana, enggoning ngararasakeun budaya
maranéhanana sorangan, pikeun ngalaksanakeun jeung ngamalkeun
ageman maranéhanana, atawa pikeun ngagunakeun basa maranéhanana”.
Ku kituna, tong aya deui ijin muka pakebonan, pangusahaan leuweung,
atawa kagiatan pertambangan, nu enya-enya ngarempak wates-wates
wilayah lahan adat, nu saenyana mah geus dipimilik ku masarakat adat ti
béh ditu mula. Ogé, ka masarakat adat kudu dibéré kabébasan pikeun
ngalaksanakeun tradisi adatna, kaasup dina ngalaksanakeun nu jadi
agemanana.
Hak masarakat adat pikeun ngagem ageman katut kapercayaan luyu jeung
pilihanana téh aya dina pasal 22 UU No. 39/1999 ngeunaan HAM, unina,
“Sakur jalma bebas ngagem agemanana séwang-séwangan tur pikeun
ngalaksanakeun ibadahna luyu jeung ageman katut kapercayaanana”. Dina
ayat séjénna ditegeskeun, “Nagara ngajamin kamerdekaan sakur jalma
pikeun ngagem agemanana séwang-séwangan katut ngalaksanakeun
ibadahna luyu jeung ageman tur kapercayaanana”. Kalawan teges
konstitusi geus ngajamin jeung nangtayungan hak-hak masarakat adat. Ku
kituna, nagara wajib ngawujudkeunana. Ulah ieuh aya alesan nagara teu
mampuh ngawujudkeunana. Da saenyana mah pikeun ngawujudkeun
kamampuh téh kacida gampilna, nyaéta ku cara némbongkeun kalawan
enya-enya dina kawijakanana sangkan teu weléh mihak kana kapentingan
masarakat adat. Lain mihak kana kapentingan pihak-pihak nu ngan ukur
néang kauntungan wungkul.
Lamun téa mah hak masarakat adat téh dibaékeun, éta hartina nagara geus
ngalakukeun pelanggaran HAM.