Professional Documents
Culture Documents
Soal Pat B.sunda
Soal Pat B.sunda
Anéhna, teu lila ti tas nginum cai dina batok anu taya lian cai kahampangan raja, Wayungyang
langsung kakandungan. Malah teu lila ti harita Wayungyang téh ngalahirkeun. Anakna awéwé.
Ku saliwatan katénjo, pigeuliseun éta budak téh. Bubuhan anak raja. Éta orok téh tuluy dirorok
ku wayungyang tur dibéré ngaran dayang Sumbi.
1. Saha nu ngarorok Dayang Sumbi téh?
a. Jin
b. Siluman
c. Wayungyang
d. Si Tumang
Hiji Poé, Sakadang Kuya keur moyan di sisi wahangan. Sabot kitu, torojol sobatna, Sakadang
Monyét nyampeurkeun bari ngomong.“Éh, Sakadang Kuya, urang balap melak cau yu!, urang
bareng melak binihna, nu pangheulana buahan éta nu meunang.” Sakadang Kuya ngawalon, “Na
aya kitu binihna?” “Aya, nu kuringmah binihna gé jantung cau, ngarah babari jadi buahna.”
Ceuk Sakadang Monyét.
Ngadéngé Sakadang Monyét nyarita kitu, Sakadang Kuya mikir, tapi teu loba nyarita. Sanggeus
asak badami, bral duanana muru ka kebon. Sakadang Monyét tuluy melakkeun jantung cau. Ari
anu dipelak ku sakadang kuya mah tangkal cau anakna.
Sanggeus sababaraha waktu lilana, Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét arindit ka kebon rék
néang pepelakanana. Kasampak tangkal cau anu dipelak ku Sakadang Kuya geus gedé, malah
geus aya jantungna, tangtu sakeudeung deui bisa kaala buahna. Ari jantung cau nu dipelak ku
Sakadang Monyét mah boro-boro jadi tangkal. Waktu Sakadang Monyét ngoréhan taneuh lebah
pepelakan manéhna, kasampak jantung cau téh geus buruk.
6. Lalakon sakadang Kuya jeung sakadang Monyét dina dongéng di luhur kaasup kana unsur
intrinsik, nyaéta….
a. Jejer
b. Latar
c. Palaku
d. Galur
7. Runtuyan kajadian dina carita anu ngawangun hiji lalakon nepi ka ngaleunjeur disebut
unsur…..
a. Jejer
b. Latar
c. Palaku
d. Galur
9. Carita rékaan anu dikarang dina wangun basa lancaran kalawan sumebarna sacara lisan téh
disebutna…
a. Carpon
b. Novél
c. Sajak
d. Dongéng
10. Salah sahiji ciri karangan dongéng téh nyaéta ….
11. Dongéng anu eusina nyaritakeun sasatoan kalawan paripolahna saperti manusa disebut….
a. Sage
b. Fabél
c. Parabél
d. Legénda
12. Dumasar kana eusina, dongéng anu disebut legénda téh nyaéta….
a. Dongéng anu eusina nyaritakeun paripolah jalma biasa, anu sakapeung mah sok mahiwal,
pikaseurieun, tapi lenyepaneun.
b. Dongéng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa asal-muasal hiji hal, tempat, barang,
sasatoan, atawa tutuwuhan.
c. Dongéng anu raket patalina jeung kapercayaan masyarakat kana bangsa lelembut atawa
perkara-perkara anu goib.
d. Dongéng anu eusina nyaritakeun hiji kajadian atawa hiji jalma, anu aya patalina jeung
sajarah.
13. Dumasar eusina, “Nyi Roro Kidul” kaasupna kana wanda dongéng …..
a. Sage
b. Parabél
c. Legénda
d. Mite
WAWARAN
Sadaya siswa anu bade ngajengkeun béasiswa préstasi, kedah saénggalna nepangan petugas
Tata Usaha Sakola.
Sarat-sarat ngajengkeun béasiswa, di antawisna kedah nyanggakeun:
1. Poto ukuran 3x4 salambar
2. Potokopi rapor
3. Potokopi sertifikat kajuaraan
4. Serat widi (izin) ti otang tua (sepuh)
Sadaya sarat-sarat dilebetkeun kana map warna konéng. Upami kirang jéntré, tepangan Pa
Agus. Tiasa ogé nelepon ka 0233-317587.
Hatur nuhun
17. Naék turuna lagu atawa wirahma nyarita waktu nepikeun wawaran disebut….
a. Lafal
b. Lentong
c. Volume
d. Réngkak
21. Basa jam wéker disada…..manéhna hudang bari rucam-riceum. Geus kitu,……nangtung bari
ngusap beungeut.
Kecap anteuran keur ngalengkepan kalimah di luhur ….
a. Cong; am
b. Berebet; derekdek
c. Gurinjal; jurungkunung
d. Nérékél; jurungkunung
22. Sadérék rieut mastaka? Landongan ku Panadol, pasti damang!
Wacana di luhur disebut…..
a. Wawaran
b. Warta
c. Béja
d. Iklan
24. Saha nabi anu mulya tur asalna ti bangsa Arab Qurés téh?
a. Nabi Muhammad SAW
b. Nabi Adam AS
c. Nabi Isa AS
d. Nabi Sulaéman AS
25. Kecap dibabarkeunna dina pada kadua rumpaka pupujian diluhur mibandaharti….
a. Dilahirkeun
b. Ditulis
c. Dijenengkeun
d. Dilantik
31. Aksara sunda anu bener keur nuliskeun kecap “sebrot” nyaéta….
a. sebRot;
b. jebRod;
c. kebRot;
d. ribet;
32. Rarangken atawa pananda vokalisasi anu gunana pikeun nambahan sora /r/disebut….
a. Panglayar
b. Panyecek
c. Paneleng
d. Paneuleung
Jungjunan
Upami dugi kapuput umur
Kurebkeun kuring dina pangkonan
37. Biasana sajak mah ditulis dina wangun ungkara atawa basa no boga harti…..
a. Dénotatif
b. Konotatif
c. Aktif
d. Pasif
39. Pangarang sunda anu naratas gelarna sajak dina taun 1946-an téh, nyaéta….
a. Kis. W.S.
b. Ajip Rosidi
c. Dodi Suwarna
d. Wahyu Wibisana
40. Salasahiji karya sastra ieu di handap anu kaasup kana wanda puisi, nyaéta….
a. Carpon
b. Sajak
c. Éséy
d. Novél
SOAL URAIAN
KONCI JAWABAN
1. C 11. B 21. C 31. A
2. A 12. B 22. D 32. A
3. A 13. D 23. D 33. D
4. D 14. C 24. A 34. B
5. B 15. A 25. A 35. D
6. C 16. C 26. D 36. B
7. A 17. B 27. A 37. B
8. A 18. D 28. A 38. C
9. D 19. B 29. B 39. A
10. D 20. B 30. C 40. B