Bahasa Sunda Fazry Diajar Debat

You might also like

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 1

    Handphone atawa sering di sebut ponsel nyaeta salah sahiji pakakas komunikasi anu fungsina

hampir sarua jeung telepon kabel, tapi bisa dibawa – bawa sabab teu make kabel. Di jaman kiwari,
handphone geus jadi lumrah. Sagala umur rata – rata miboga pakakas komunikasi ieu, ti mimiti ibu –
ibu, bapa – bapa nepi ka budak SD.
    Handphone emang miboga rupa – rupa manfaat, henteu ngan saukur pikeun jalma – jalma nu
gawe di kantor atawa jalma – jalma anu geus boga kapentingan, tapi oge pikeun para pelajar. Ngan
hanjakal sajalan jeung perkembangan jaman, handphone oge loba nimbulkeun mudarat para pelajar.

    Manfaat Handphone pikeun pelajar, di antarana nyaeta :

1. Salaku pakakas komunikasi jarak jauh, handphone bisa di gunakeun pikeun


ngagampangkeun pelajar pikeun ngumpulkeun babaturanna lamun rek kerja kelompok
atawa ngerjakeun pancen babarengan.

2. Handphone dijieun pikeun ngagampangkeun kahirupan manusa, ieu kabukti yen para pelajar
kabantu ku ayana handphone. Contona di luar jam sakola, siswa bia silih nanya jeung
babaturanna ngeunaan pancen, boh dina sms atawa nelepon. Jadi siswa teu kudu kaluar ti
imah.

3. Handphone bisa digunakeun pikeun neundeun data jeung bisa dibawa kaman – mana.
Manfaat ieu contona, siswa bisa nyatet materi jeung bisa ngapalkeun di mana – mana.

4. Henteu ngan saukur dina widang pelajaran, dina widang hiburan oge handphone miboga
manfaat pikeun pelajar. Contona ayana fitur MP3 jeung game. Fitur ieu bisa dimanfaatkeun
ku pelajar pikeun ngahibur otak anu keur jenuh. Jadi, otak pelajar bisa seger deui pikeun
narima pangajaran.

5. Jaman kiwari, loba handphone anu miboga fitur internet. Ieu bisa dimanfaatkeun ku pelajar
pikeun neangan informasi ngeunaan materi pelajaran dina internet.

     Salian manfaat, Handphone oge miboga mudarat pikeun pelajar, diantarana nyaeta :

1. Fitur internet anu aya dina handphone, bisa nimbulkeun mudarat pikeun pelajar. Sanajan
bisa ngagampangkeun pelajar pikeun neangan informasi ngeunaan pelajaran, tapi dina
kanyataannya loba siswa ngagunakeun fitur ieu pikeun hiburan hungkul. Loba pelajar anu
prestasina turun lantaran kacanduan dunia maya, contona kacanduan facebook, twitter
jeung nu sejenna.

2. Salian internet, fitur game dinu handphone oge cukup ngaruhan prestasi pelajar. Sarua jeung
internet, game oge bisa nimbulkeun mudarat lamun digunakeun na kaleuleuwihan. Tapi
kanyataanna pelajar leuwih resep maen game tibatan diajar.

3. Mudarat lainna nyaeta ngagunakeun handphone dina ujian. Di jaman ayeuna loba pelajar nu
ngagunakeun handphone pikeun niron dina ujian. Hal ieu emang bisa ningkatkeun nilai siswa
tapi bisa ngarusak mental pelajar.

         Kukituna urang salaku pelajar kudu bisa ngagunakeun handphone atawa pakakas komunikasi
lainna kalawan bener – bener. Bisa nimbulkeun manfaat anu leuwih loba tibatan mudaratna. Sabab
sagala teknologi, bisa manfaat atawa ngarugikeun gumantung kana sikep nu makena.

You might also like