Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 7

BAB I

BUBUKA

1.      Kasang Tukang


Dina kesenian sunda aya babaraha jenis kasenian musik, diantarana nyaeta kawih.
Kawih sunda digaduhan sareng dipikaresep ku masyarakat sunda, kawih sunda kudu jadi
pribumi ditanah kalahiranna. Dimiliki masyarakat sunda dimana wae ayana, anu jadi tameng
panguruh budaya asing anu hente bermanfaat jeung hente sasuai jeung kabudayaan
masyarakat sunda. Tah, kukituna urang salaku masyarakat sunda kudu ngiring serta
ngalestarikeun budaya sunda saperti kawih. Salain kawih, urang sunda oge pikawenoh kana
kakawihan sareng tembang anu sami sami mikaweruh kana masalah kamusikan.
Tugas urang salaku panyatur pendidikan nyaeta salain mikanyaho, kudu
ngalestarikeun budaya ku cara ngenalkeun jeung ngajarkeun perkawis kawih ka paserta didik.
Hal eta jelas anu ngajadikeun masalah, pasalna henteu saeutik urang sunda anu henteu wauh
kana budayana sorangan. Hente saeutik urang sunda anu poho kana jalan budayana, malih
sapalihan budak ayeuna mah kacida erana mun mawa budaya sunda dina kahirupan sahari-
hari teh. Hal eta negeskeun tugas urang salaku panyatur pendidik kalintang gedena, kudu
ngabenerkeun sareng ngabimbing kana kakaliruan eta. Supaya budaya sunda bisa hirup di
tanah kalahiranna, supaya lagu lagu sunda hente parem diantara lagu modern lainnya.
Ku kituna, disusunna makalah ieu ngajadikeun salasahiji upaya jang ngalestarikeun
kabudayaan sunda khususna dina masalah kawih jeung tembang. Dimana dina jangka
panjang diharepkeun urang sadaya bisa paham tur nyaah kana budaya sunda terutami kawih
jeung tembang. Saengges paham urang ge bisa ngawariskeun elmuna ka barudak anu arek
diajar, henteu lain tujuanna nyaeta ngangkat martabat jeung ngalestarikeun kawih di tengah
tengah era globalisasi ieu.

B.      Tujuan Panulisan


Anapon sabab ditulisna ieu tulisan nyaeta bertujuan kangge nyumponan tugas Bahasa
Sunda di SMAN Tomo sinareng anu hente eleh pentingna yen kangge para siswa nyaeta
nguningakeun :
a.       Naon anu disebat kawih teh?
b.      Conto conto dina kawih?

1
BAB II
PAMBAHASAN

A.    Wangenan Kawih


Nalika ngareungeu pangajaran ngeunaan kawih, tangtu ahirna kudu apal jeung bisa
ngabedakeun antara kawih jeung kasenian sejenna. Saperti kakawihan, pupuh, jeung
pupujian.
Kawih nyaeta Rakitan basa anu di tulis ku para pujangga (seniman) sabangsa
dangding anu hente make patokan pupuh sarta miboga birama anu ajeg (angger). Dina Kamus
Umum Basa Sunda (KUBS, 1995) wangenan kawih nyaeta rakitan basa sabangsa dangding
nu teu make patokan pupuh. Kawih teh lalaguan Sunda bebas, anu henteu kauger atawa
kaiket ku aturan, boh laguna, boh rumpakana. Lalaguan pop Sunda karangan Nano S, Doel
Sumbang, atawa nu sok dihaleuangkeun ku seniman calung Hendarso, eta teh lagu kawih.
. Kawih teh asal kecapna tina kavy ( kawi ). Ngawih nyaeta ngalagukeun kawih atawa
sisindiran jeng saterusna iwal ti pupuh. Lirik lagu dina kawih disebut rumpaka. Kawih nu
medalna kabaheulaan, rumpaka kawih na teh sok nyokot tina wangun sajak atawa puisi.
Biasana kawih sok dipirig ku gamelan. Nada anu digunakeun dina kawih nyaetadana
pentatonic, anu patokanana dumasar kana da-mi-ti-la-da.
RMA. Koesoemadinata (dina Soepandi, 1985 : 14) mere katerangan ngeunaan kawih
nyaeta sekar (tembang = kawih), ieu aya dua rupa :
1. Sekar irama merdeka, nyaeta tembang nu panjang pondokna sora jeung wirahmana
sakarep-karep numutkeun raosna priyangga, numutkeun kangeunahan nu tembang
kayaning : tembang buhun rancag, tembang buhun raehan, beluk, kakawen, suluk,
tembang Cianjuran, tembang Ciawian, kakawihan dongeng.
2. Sekar tandak, nyaeta tembang anu ajeg wiletanana, tegesna lolongkrang-lolongkrang
antara wirahma-wirahma sarua sakabehna.
Dina kandaga kabeungharan seni sora sunda aya kawih anu pirig ku waditra aya oge nu
ditambul bae. Prirganana bisa ku klining, degung, kecapi, calung, angklung, malah tiasa ku
alat musik modern oge. Kawih bagian tina kasenian sunda nu diwangun ku dua unsur, nyaeta
unsur seni musik jeung unsur seni sastra. Unsur seni musik nu nglahirkeun lagu, nada jeung
wirahma nu fungsina pikeun pamirig. Unsur seni sastra mangrupa rumpaka atawa lirik
laguna. Tangtu bae dina pangejaan basa mah leuwih muser kana unsur sastrana, nyaeta
rumpaka kawih kaasup kana puisi. Tujuan kawih nyaeta diantarana ningkatkeun daya

2
apresiasi seni masyarakat ka kawih sunda kangge ngangkat jati diri sajajar jeung karya seni
lainna.
Rumpaka atawa lirik lagu teu lepas tina unsur:
1)      Pilihan kecap (diksi)
2)      Purwakanti
3)      Gaya basa
4)      Tema
5)      Amanat
6)      Eusi carita
Analisis kawih dina tambahana sastra sunda, ngawengku unsur-unsur :
1)      Tema
2)      Amanat
3)      Parafrase rumpaka kawih

B.     Sejarah Kawih


Kawih dina wangun bahasa sunda (KUB 1995) wangenan kawih nyaeta rakitan basa
sabangsa dangding anu teu make patokan pupuh. Kawih teh lalaguan sunda anu teu ka uger
atawa kaikeut ku aturan boh laguna, boh rumpakana. Lalaguan pop sunda karangan Nano S,
Doel Sumbang, atawa anu sok dihaleuangkeun ku seniman Hendarso etateh lagu kawih.
Kawih jeung kakwihan ngabogaan sasaruan nyaeta sarua rakitan sabangsa dangding anu
heteu ngagunakeun pupuh sedeungkeun bedana nyaeta tina fungsina, mun kawih mah saukur
didangdingkeun hungkul atawa dilagukeun sedeungkeun kakawihan mah ngabogaan fungsi
tambahan nyaeta dipake dina kaulinan barudak.

C.    Conto Kawih


MAWAR BODAS
Mapay jalan satapak 
Ngajugjug ka hiji lembur
Henteu karasa capena
Sabab aya nu diteang
Hujan angin dor dar gelap
Taya tempat keur ngiuhan 
Sanajan awak rancucut
Teu paduli kajeun teuing
3
Reff
Nu penting mah asal neupi
Ka tempat anu dituju
Rek ngalongok mawar bodas
Nu moal lila ka ala
Sugan tea moal gagal 
Kembang geus aya nu boga
Balik teh asa hoream 
Leumpang ge asa ngalayang
Teu kasawang tianggalna
Teu kapikir titadina
Lamun bakal nyeri hate
Hoream teu sudi teuing
Neangan pipanyakiteun
Neangan pipanyakiteun

BUBUY BULAN
(Cipt. Beni Corda)
Bubuy bulan, bubuy bulan sangray bentang
Panon poe, panon poe disasate
Unggal bulan, unggal bulan abdi teang
Unggal poe, unggal poe oge hade
Reff. Situ Ciburuy laukna hese dipancing
Nyeredet hate ningali ngeplak caina
Tuh itu saha nu ngalangkung unggal enjing
Nyeredet hate ningali sorot socana

TALAK TILU
Penyanyi : Bungsu Bandung
Mana nyeri nyeri nyeri teuing
Ceurik ati di tambelakan
Henteu benang ku disabaran
Aduh alah ieungTega teh teuing
Indit sore tulunyungna subuj
4
Abdi tunduh mukakeun tulak
Batin nyeuri ceurik sorangan
Aduh alah ieung
Tega teh teuing
Nyeri-nyeri moal benang di ubaran
Kajen tutumpuran paeh ge teu panasaran
Mempeng ngora keneh
Mempeng urang can batian
Pek geura serahkeun
Talak tilu sakalian
Henteu butuh lalaki curaling
Boga rasa asa ieu aing
Henteu robah teu eling-eling
Aduh alah ieung tega teh teuing

BUDAK JALANAN
Panyanyi : Kustian
Ceuk batur mah
Kuring teh budak jalanan
Gawe ukur ngamen
Dina kandaraan
Sabenerna hate ngarasa nalangsa
Puguh hirup ragap taya
Kolot teu apal dirupa
Jeung deui duka di mana
Mun panas….
Kapanasan…
Mun hujan…
Kahujanan…
Mun reup peuting ngadon sare di emperan
Da puguh hirup di jalan
Hanteu boga petempatan
Pikeun pangbalikan
Timana…timana.. atuh timana
5
Diri kuring timana atuh asalna
Kumaha…kumaha.. atuh kumaha
Diri kuring na kumaha mimitina
Ya Allah paparin abdi pituduh
Na dimana kolot abdi teh ayeuna

6
BAB III
PANUTUP

A.      Kasimpulan
Saperti nu geus kacarita tiheula kawih nyaeta Rakitan basa anu di tulis ku para
pujangga (seniman) sabangsa dangding anu hente make patokan pupuh sarta miboga birama
anu ajeg (angger). Pamirigna biasana rebab, kendang, gamelan, goong jeung sajabana, saperti
dina kiliningan. Sawaréhna aya ogé anu dipirig ku kacapi jeung suling. Lagu-lagu klasik
saperti Buah Kawung, Sorban Palid, Daun Pulus, Banondari jeung séjén-séjénna, éta kaasup
kawih. Tukang ngawihna disebut Juru Kawih atawa Sindén

B.      Saran
Anapon dina tulisan ieu pastina ngagaduhan kakirangan boh tina panulisan atanapi
kacacadan materina, kusabab eta panulis neda dihapunteun kana sagala kalepatana. Panulis
oge ngarepkeun krirtik sareng saran anu bersifat ngabanguna.

You might also like