Resensi Novel Sunda

You might also like

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 2

RÉSÉNSI NOVEL SUNDA

Identitas Buku
Judul : Wastu Kancana

Penerbit : Rahmat Cijulang

Pengarang : Yoséph Iskandar

Jumlah ka : 145 kaca

Citakanka : 1, 1989

Resensi Novel
Dina éta buku dicarioskeun yén anu ngagentos samentara di Karajaan Sunda (Kawali)
téh Bunisora. Putra Raja Sunda aya jumeneng masih budak kénéh. Janten kedah disiapkeun
heula. Béwara ngeunaan tiwas suci kulawargana di Majapait henteu dibéjakeun sabab sieun
langsung henteu biasa nahan amarah.
Bunisora, pamanna Wastu Kancana, nyandak éta murangkalih keur diajar sagala rupa
kaélmuan di padépokan anu khusus keur ngagembléng pasukan husus karajaan: balamati.
Carana henteu langsung, tapi diculik heula. Saba’da diwarah, Wastu Kancana dibéré nyaho
perkawis anu dirusiahkeun. Bunisora langsung anu masihan terang.
Saba’da dipeupeujeuh, Bunisora ngajak balik ka Kawali. Ngan Wastu Kancana
embung balik. Anjeuna kalah ngumbara milari élmu. Nya atuh henteu bias dicaram. Antugna
diwidian teras nyandak batur keueung: Rakean Hujung. Duana ngumbara dugi ka Pakuan.
Méréskeun nau baruntak ka nagara. Teras ti dinya ngulampreng ka Lampung. Tepang sareng
resi sareng diguguru. Di bagéan ahir buku dicaritakeun Wastu Kancana nyalametkeun
padépokan resi ti serangan musuh gerot guruna. Jeung niwaskeun gegedugna makeé pakarang
anu dibere ku Bunisora.
Dina eta buku, dicaritakeun yen Wastu Kancana oge katarik manah ku putri resi.
Henteu aya pedaran prosés asmara, ngan hungkul tepung di walungan teras baé silih kenalan.
Didinya duana singket saling katarik manah keuna ku panah asmara. Basa rék mulang ti
Lampung ti padepokan resi, duana silih mere barang anu janten pangikat ati.

Kaunggulan novel nyaéta :


 Gambaran kahirupan sosial sareng lingkungan baheula Sunda mah karasa pisan
Kakurangan novel nyaéta :
 dina ngambarkeun amarah Wastu Kancana atawa pajabat nagari Sunda, Yosép
kirang kiat sareng henteu nyentuh emosi
 Potongan carita sareng alurna biasa henteu aya anu istimewa atawa ahéng dina
éta buku. Biasana mun novél osok kiat dina kalimah sareng alur sarta gambaran
(konteks sosio kultural) jeung eusina ogé kadang matak ngajenghok anu maca.

You might also like