Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 3

* Bismillah...

Nu Maha Agung Nur Rohman sareng Nur Rohiim


Bismillah... Nu Maha Agung Nur Rohman sareng Nur Rohiim
Rohman Anu Maha Welas
Rohim Anu Maha Asih
Ya Muhammad Ya Rosululloh Solallohu Alaihi Wassalam ...
* Amit-amit Na Paralun kasadaya pamiarsa
Amit-amit Na Paralun kasadaya pamiarsa ...
Nu sami-sami lalinggih, ka sepuh miwah nu anom
Sim kuring minangsaraya titah nyawer bari kidung
Hey... Anaking putra Ibu putra Bapa
Sehat gumatii...
Regepkeun ieu papatah
Sina nyaah kana diri
Kana nyaah ka duanana...
Sing salamet, lahir batin...
Enggeus cunduk kana waktu kaduaan...
Hey anaking Adi Eva anu bageur..
Anjeun ngambah hirup anyar
Hartina geus laki rabi
Parantos ngetag pancen anyar
Pancen ti Gusti yang Widi ...
Boga... ngakat rasa tina kalbu... Minangka pancen ka hiji
Sing pageuh nyekel Agama
Omat pangna Agama ti Gusti tegesna Agama Islam...
Dipirido lahir batin...
* Ka dua sing teguh pancu, ulah hare, lanca lincii...
Aa Iwan anu bageur...
Sing nahan ngumbar amarah
Bisi kaduhung di ahir nu mawa sangsara batin...
Mawa susah kana diri...
Minangka pancen ka tilu hade tata, hade ucap...
Deudeuh ka sasaban urang
Silih dipihapekeun diri, ka istri tumut ka raka...
Kasep ge pon kitu deui...
Mo, panjang-panjang pitutur
Da tangtos, maksud kajudi
Seja nya nyampurnakeun rasa
Estuning bungah teh teuing
Rek dipungkas, ku pangjajap....
Bral miang kapal barlayar...
Amiin yaa robal alamin...
Mugi gusti nangtayungan...
Wur... awur... awur...
SUNGKEM
- Sumangga urang laksanakeun sungkem
Panganten nyu’uh kana pangkonan Ibuna sewang-sewangan
Kalayanan Ibuna nyepengan tuang putra
Sarengan ku manah anu ikhlas, manteng ka Gusti nu Maha Suci
“Mamah pupuja ning ati abi
9 sasih Abdi dikandung ku mamah dugika gumelar ieu,
Mamah pasrah sumerah nandangan Amanat tinu Kawasa,
Mamah Abdi seja pamit, wireh malati asih geus aya nu metik,
Dahlia katresna tos aya nungala
Abdi tos kabetrik ku jamparing asihna hiji lalaki, kapentang ku gondewa,
katresna ku hiji jajaka. Malih asih tos dipatri ku jatukrami, tawis abdi lalaki
rabi
“Mamah hapunten abdi, Agung cukup lumur anu kasuhun
Jembar pangampura anu diseja ti Mamah, kalayan tansah jiad pang du’a ti
Mamah.
“Mamah, Abdi seja pamit. Do’akeun Abdi... Hapunten Abdi...

- Mangga walon ku Ibuna cepengan mastaka tuang putra kalayanan


pantengkeun manah ka nu Maha Suci
“Deudeuh... Ujang, Nyai anaking Anak mamah
Panon poe can surup anaking, hidep geus rek lunta ngambah sagara rumah
tangga. Brall anaking, Ema teu geuneuk teu maleukmeuk caang bulan 14
Balungbang timbul cangkeling sasapuan hidep dihampura ku mamah.
Brall anaking, du’a mamah marengan hidep pikeun lunta.

- Sumangga panganten nyu’uh kana pangkonan ramana sewang-sewangan


“Apa, dama-damaeun abdi pido’ana... Abdi seja lunta ngambah sagara dina
mangsa giwangkara sumirat tibelah wetan,
“Apa... Apa anu ngayuga, sasmitaning asih perlambangna tangkal kabagjaan
Abdi duaan keur gumelar di alam dunya,
“Apa... Agung cukup lumur anu kasuhun, jembar pangampura anu di seja ti
Apa,
Apa parantos ngatik ngadidik abdi tileuleutik, Apa ngaraksa abdi ti bubudak,
Hirup abdi giras taya faedahna pami abdi ingkar tina du’a sareng
pangampunten apa,
Apa hapunten abdi, du’akeun abdi, du’a apa di dama-dama ku abdi,

- Salajengna walon ku ramana kalayan cepengan mastaka tuang putra, sarengan


ku manah anu ikhlas manteng ka nu Maha Suci
“Ujang... Nyai... Anaking anak Apa, Brall anaking du’a jeung pangampura Apa
marengan hidep lunta ngambah sagara rumah tangga.
Anaking Ridollohi Firidhol Walidaen, Wasuhtullohi Fisuhtill Walidaen...
Karidoan Alloh gumantung kana karidoan Indung Bapa, pon kitu deui
bebendu
Alloh gumantung kana bebendu Indung jeung Bapa
Alloh moal ngahampura kana dosa eta jalma saupami Indung Bapana teu
acan
Ngahampura kana dosa eta jalma

Ujang... Nyai... Anaking anak Apa kungatik pangdidik sepuh hidep nepika
dewasa. Brall Anaking geura ngambah sagara rumah tangga bari mawa iman
jeung takwa, layeut geugeut pinuh ku kadeudeuh. Silih asah, silih asih,
silih asuh, silih simbeuh ku kadeudeuh, silih siram ku katresna, silih uyup
madu
ka asih Anaking...

- Salajengna panganten nyu’uh ka mertuana sewang-sewangan


“Mamah Apa sembaheun abdi, saur sesebatan mah Abdi teh mantu tapi
Angken abdi putra pituin Bapa sareng Mamah, saur sesebatan mah Apa
Mamah teh mertua abdi tapi abi yakin Mamah sareng Apa teh ibarat sepuh
abdi pituin, Mah... Apa... hapuntena abdi tansah jiad pidu’a nu di anti-anti
ti Mamah sareng ti Apa keur bekel Abdi laki rabi, purek rejeki ngambah
rumah
tangga mawa bagja.
Mamah... Apa... hapunten abdi do’akeun abdi...

- Walon ku mertua
“Nyaah teuing anaking... Mamah... Apa... yakin tambah umat tambah nikmat
Anjeun teh anak Mamah Apa pituin lahir batin, Anaking... tapi kahade tuh
punjung heula Indung nu ngandung, lamun hirup hayang nanjung, prak geura
puja Bapa nu ngayuga, lamun hidep hoyong bagja tur waluya.
Ceuk piwuruk sepuh kudu tungkul ka jukut, ulah tanggah ka sadapan.
Lieuk ka hareup, ngala sajeujeuh, sawang ka tukang, ngala salengkah, upama
lunta ulah ingkar. Prak baca Bismillah geura lunta anaking eusian kahirupan
ku kahuripan, ngawangun rumah tangga anu sakinah, mawadah, warrohmah.

You might also like