Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 15

11.

Langkung hebat deui cobaan ka kaom muslimin, kumargi kitu dina tahun
ka lima kanabian aranjeuna hijrah ka Najasi.
12. Ku kanyaah pamana, Abu Tholib, Kanjeng Nabi dibela sareng
ditangtayungan Tina sagala gangguan.
13. Sareng diwajibkeun Ka mantonna ngadegakeun sholat dina sabagian
wengi.
14. Teras di batalkeun deui ku FirmanNa” baca bae nu naon naon nu
gampang Tina Alquran jeung adegkeun sholat.
15. Teras diwajibkan salat ka Kanjeng Nabi sholat dua rokaat sieng sareng
dua rokaat sonten.
16. Teras dibatalkan ku kawajiban ngalaksanakeun sholat lima waktu ti
kawit wengian Isro Mi'raj.
17. Lajeng Abu Tholib pupus Dina pertengahan sasih Syawal taun ka
sapuluh kanabian sareng sakantunna gangguan tambih henat.
18. Nyusul Siti Khodijah pupus tilu dinteun saparantosna, tambih berat bae
cobaan nu ditampi kaom muslimin waktos harita.
19. Siksaan kaum kafir Quraisy ka Kanjeng nabi SAW tambih rohaka.
20. Kanjeng nabi angkat ke thoif kanggo nyiarkan Islam ka Bani Thaif /
Tsaqif , tapi syiar Islam nu didugikeun ku Kanjeng Nabi teu di tampi.
21. Malihan mah maranehana teh ngusir Kanjeng Nabi SAW, kalayan
ngerahkeun jalma-jalma bodo sareung hamba sahaya kanggo nya
campah mantenna ku ucapan-ucapan kasar.
22. Maraneh na Maledogan Kanjeng Nabi ku batu dugi ka tarumpahna
bobolokot ku getih.
23.Teras Kanjeng nabi mulih ka makkah bari warugana pinuh ku talu sareng
hate nu sedih, Malaikat nu ngajaga nyuhunkeun izin ka mantenna
kanggo nghancurkeun kaom Nu fanatik.
24.Teras mantena nyarios “ saestuna simkuring neda ka Gusti Alloh supados
katurunannana engkena iman ka Alloh sareng nunggalkeun Alloh Ta'ala.
BAB XIV
Sengitkeun Ya Alloh! makom Nabi SAW, nu mulya ku wawangian
sholawat sareng salam.
Ya Alloh! limpahkeun sholawat, kasalametan sareng keberkahan ka
mantenna SAW.
1. Teras mantenna di isrokeun ruh sareng jasadna dina kaayaan sadar ti
masjidil harom ka masjidl aqsho ti halamannana anu suci.
2. Sareng di mi’rojkeun ka langit, di langit kahiji mantenna pendak sareng
nabi Adam As.
3. Nu pinuh kamulyaan sareng kaluhungan martabatna.
4. Di langit kadua mantenna patepang sareng nabi Isa As, putra Siti Maryam
hiji gadis nu tetep suci sareng taqwa.
5. Oge pendak sareng nabi Yahya kapi rakana nabi Isa nu tos janten nabi ti
aalit.
6. Sareng teras di langit katilu Sareng nabi Yusuf As nabi nu pangkasepna.
7. Di langit ka opat pependak sareng nabi Idris Nu diangkat ku gusti Allah
martabat sareng darajatna.
8. Di langit ka lima tepang sareng nabi Harun, nabi nu dipikacinta ku Bani
Israil.
9. Di langit ka genep, mantenna pendak sareng nabi Musa Nu diajak
langsung nyarios ku gusti Allah ta'ala oge, ahli munajat.
10. Sareng di langit katujuh mantenna tepang sareng nabi Ibrahim nu
ngadeheus ka Robb-Na kalayan hate nu wening bersih.
11.Sareng Alloh Ta’ala ngajagi anjena tina panasna sene raja Namrud.
12.Teras Kanjeung nabi diangkat ka sidratul muntaha dugi ka Tiasa
ngadangu goresan kalam mulya lauhul Mahfudz.
13.Dugi ka hiji tempat nu namina mukafahah, didinya Kanjeng nabi
langkung dicaketkeun deui.
14. Lalangse nutupan sareng ngahalangan cahaya kagunganaNa teh
nyingray.
15. Mantenna tiasa neuteup ku soca nyalira Dina hal hadirna dzat-na.
16. Sareng kanggo mantenNa ku limpahan kaasih sareungan kanyaah dina
kanyat keagungan dzat-Na.
17. Sareng diwajibkan ka Kanjeng nabi SAW, sareng umatna sholat lima
puluh kali, ahirna turun kaheman-Na nu wajib diamalkeun di kirangan
kantun lima kali bae.
18. sedengkeun ganjaran teu kirang ti ganjaran sholat lima puluh kali ,
sepertos nu kantos janten ketetapan-Na.
19. Teras mulih deui ka Mekah wengi eta oge, Sareng Abu Bakar Shiddiq
percanten pisan kana kajantenan isra mi'roj.
20. Kitu oge satiap jalmi nu gaduh pikiran bersih.
21. Sabalikna kaom kafir Quraisy nganggap bohong malah maranehna
murtad, sasar serta ditipu ku syetan.
BAB XV
Sengitkeun Ya Alloh! makom Nabi SAW, nu mulya ku wawangian
sholawat sareng salam.
Ya Alloh! limpahkeun sholawat, kasalametan sareng keberkahan ka
mantenna SAW.
1. Teras mantenna ngajelaskeun karosulanana waktos musim haji
2. Genep urang kaum Anshor ariman, gusti Alloh tos netepkeun aranjeuna
ku ka Ridoan-Na.
3. Dina musim haji tahun payunan,a sumping dua belas pameget anshor
netetelakeun Ka ta’atanan (sumpah) nu tulus ihlas.
4. Saatos aranjeuna mulih ka kampungna si’ar Islam enggal nyebar di
Madinah, kota nu saterasna janten tempat nganjrek Kanjeng Nabi SAW.
5. Dina taun ka tilu hijrah, sumping ka mantenna rombongan tujuh puluh
tilu, atanapi tujuh puluh lima jalmi, nu diantarana aya dua urang istri ti
suku Aus sareng suku Khazraj.
6. Aranjeuna ngedalkeun sumpah satia Ka kanjeng nabi SAW, teras
mantenna ngangkat dua belas urang janten pamimpina.
7. urang mekkah anu tos lebet Islam siap-siap bade hijrah ka Madinah.
8. Aranjeuna rela ninggalkeun lemah caina, lantaran miharep naon-naon
nu tos dijanjikeun-Na piken jalmi nu kersa nebihan sareng ninggalkeun
tabe’at nu kufur.
9. Kaom kafir Quraisy ngaraos hariwang Sien ka Kanjeng Nabi SAW
,hijrah nyusul para sohabatna.
10. Maranehna badami kanggo maeahan Kanjeng nabi, tapi Allah ta'ala
nangtayungan Sareng nyalametkeunana.
11. Sarengan Alloh ta’ala Ngawidian Kanjeng nabi SAW pikeun
nyalametkeun diri hijrah ka Madinah, kaom musyrik terangeun rencana
ieu, maranehna ngincer sareung nepung bumina kanggo mateni.
12. Tapi mantenna lolos ti maranehna ku cara ngawurkeun keusik
kaluhureun sirahna marnehna.
13. Teras nabi angkat ka guha tsur kanggo nyumput di sarengan ku Abu
Bakar Siddiq.
14. Kanjeng nabi Sareng abu bakar aya di gua tsur, salami tilu dinten
aranjeuna ka lindungi ku manuk-manuk sareng lancah nu nyayang di
biwir guha.
15. Teras Dina dinten Senen Kanjeng nabi duaan kaluar ti lebat gua
neraskeun lalampahanana bari nunggang onta nu lempang tarik pisan.
16. Di tengah jalan Kanjeng nabi SAW di pegat ku suroqoh, mantenna
ngadoa ka Allah SAW, miharep panangtayunganana
17. Teu disangki kuda suroqoh ngalelepka jero nu angar sareng teuas.
18. Suroqoh nyuhunkeun ampun sareng kasalmetan ka Kanjeng nabi
mantenna Ngabulkeun teras suroqoh lebet islam.
BAB XVI
Sengitkeun Ya Alloh! makom Nabi SAW, nu mulya ku wawangian
sholawat sareng salam.
Ya Alloh! limpahkeun sholawat, kasalametan sareng keberkahan ka
mantenna SAW.
1. Dina waktos angkat ke Madinah Kanjeng nabi SAW liren heula di
kampung Hudaid, bumina umi Ma’bad.
2. Maksadna bade ngagaleuh daging atanapi susu, tapi Ummu ma'bad teu
kagungan nanaon.
3. Teras Kanjeng nabi ninggal hiji domba nu henteu di angon kagungan
abu Ma’bad .
4. Mantenan nyuhunkeun Widi kanu kagunganna kanggo meres susu-na.
Ummu Ma’bad masihan widi bari nyarios “ upami aya cai susunamah
tangtos ku simkuring oge tos di peres “
5. Mantenna mere susu domba ku panandanna bari ngad’oa ka gusti
Alloh.
6. Susu nu kaluar ti eta domba teh kacida seueurna, dugikeun ka tiasa
dileueut ku Kanjeng nabi sareng sadayana anu aya didinya.
7. Teras mantenna meres deui, saprantos pinuh sawadah, di
dikantunkeun kanggo tanda.
8. Teu Sabaraha lami, sumping abu Ma’bad, nalika ningali eta ci susu
anjena ngaraos heran.
9. Anjeuna naros ka istrina “ Timana anjeun gaduh susu ieu, padahal
urang teu gaduh domba peresen nu cai susuan.
10.Waler istrina " tadi Aya hiji pameget nu nyandak berkah sumping
kadieu, dedeg pangadeg sareng sifat na teh kieu....kieu
11. Carogena nyarios “ mantenna pasti orang Quraisy bari sumpahan
(ngarasa hanjakal teu pang tepang )
12. Saufamina tepang sareng Kanjeng nabi pasti anjena iman sareng
ngiring nyarengan tapak langkahna.
13. Mantenna nabi SAW dugi ka Madinah dinten Senen tanggal 12
robiul awal, ku kasumpinganana kota Madinah jadi hurung mancur
ku cahaya kanabianana.
14. sohabat sohabat anshor mapagkeun Sareng liren Hela di Quba
kanggo nggabangun masjid nu dumasar katakwaan.
BAB XVII
Sengitkeun Ya Alloh! makom Nabi SAW, nu mulya ku wawangian
sholawat sareng salam.
Ya Alloh! limpahkeun sholawat, kasalametan sareng keberkahan ka
mantenna SAW.
1. Sareng Kanjeng nabi SAW Teh jalmi paling sampurna raga sareng
akhlakna nu nggagaduhan dzat sareng sifat Sampurna.
2. Tegep salirana, bodas rupina, kumis kandel kabeureum –
beureuman, socana lebar sapertos nu di cela, gomplok bulu socana
taarna melengkung Sareng halisna lemes.
3. Bodas bersih sareng rapih waosna, lebar bahamna matak kataji lebar
taarna kawas bulan sapasi.
4. Damisna lemes, pangambung na mancung, pangkal pangambung
sae.
5. Dadana bidang ,dampal panangana lebar, tulang sandina Ageng, ipis
tapak sampeana, jenggotna gomplok, mastakana Ageng Sareng
rambutna panjang dugika batas cepilna.
6. Di antara tulang walikatna aya tanda kenabian nu mancarkeun
cahaya gugurilapan.
7. Karingatna ngagurilap kawas mutiara, ngahiliwir seungitna
langkung ti minyak kasturi ( misik).
8. Langkahna tenang sareng sopan, papahna tungkul sepertos anu nuju
turun ti tempat nu langkung luhur.
9. Pananganana nu mulya nyalaman jalmi nu nyalamanana.
10. Tilas salaman Serang mantenna, sababaraha dinten masih kangseu
sengit.
11. Upami mantena ngusap-ngusap mastaka murangkalih.
12. Tilas usapan penanganana tiasa Enggal ka pendak kumargi
seseungitna nu spesial.
13. Pamenteuna Cahayaan sapertos cahaya bulan purnama.
14. Jalmi jalmi nyarios “ abdi sadaya teu Acan kantos tinggal bos sate
acana atanapi saatosna jalmi sapertos mantena.
BAB XVIII
Sengitkeun Ya Alloh! makom Nabi SAW, nu mulya ku wawangian
sholawat sareng salam.
Ya Alloh! limpahkeun sholawat, kasalametan sareng keberkahan ka
mantenna SAW.
1. Kanjeng nabi SAW isinan handap asor, ngalereskeun tarumpah na
ku nyalira, nambal raksukana ku nyalira, meres susu domba ku
nyalira, Serang ikhlas ngabantuan keluargana.
2. Mantena micinta fakir miskin, resep ngariung, ngalayad nu teu
damang, sareng ngantun jenazah di antawis na, maranehna teu
pernah ngahina fakir miskin sanaos malarat pisan.
3. Mantena resep ngapunten sareng teu pernah ngebales ku sikap nge-
wa resep pangkat angkat - angkatan Sareng jalmi nu lemah atanapi
hamba sahaya.
4. Upami angkat mantenna salawasna dipengkereun para sahabatna,
sareng sabdana “kosongkeun tempat pengkereun simkuring kanggo
malaikat ruhaniyah”
5. mantena tunggang onta, kuda bighol (kuda silangan) kalde nu
dihadiahkeun ku raja-raja.
6. Mantenna ngaganjel patuanganna ku batu kanggo nahan lapar
padahal konci-konci gudang gandum aya di mantenna.
7. Gunung-gunung nyadiakeun dirina di jantenkeun gunung emas
tapi manten teu keresa.
8. Sareng Manten teu resep carios kosong, di ngawitan ngucap salam
upami teu pang Sareng jalmi-jalmi nu di tepangan.
9. Mantenna resep manjangkeun sholat sareng mondokeun khutbah
Jum'at.
10. Mantenna gaul sareng jalmi-jalmi anu mulya, hormat ka jalmi-
jalmi nu dipikahormat, banyol sareng sobatna,sareng teu nyarios
iwal ti hak ngajantenkeun gusti Allah micinta sareng ridho.
11. Cag dugi ka dieu nyarioskeun tapak lacak riwayat kahirupan
Kanjeng nabi Muhammad SAW.
12. Mudah-mudahan riwayat Kanjeng nabi Muhammad SAW,tiasa
masihan gambaran nu jelas sareng aya manfaatna oge
nyugemakeun nu ngaosna.
XIX DOA KHOTAM MAULID NABI SAW
Sengitkeun Ya Alloh! makom Nabi SAW, nu mulya ku wawangian
sholawat sareng salam.
Ya Alloh! limpahkeun sholawat, kasalametan sareng keberkahan ka
mantenna SAW.
1. Ya Allah Gusti numukakeun kadua panangan kanggo barang pasihan.
2. nun Gusti dzat nu maparin saneskanten kaperyogian kasing saha bae nu
namprakeun pananganana ka Gusti
3. Nun Gusti dzat nu benten tina dzat sareng sifat-sifat kabiasaan jalmi.
4. Tina sagala anu disamikeun atanapi disarupikeun sareng ANJEUNA
5. Nun gusti dzat nu tunggal kalangengannana Sareng tipayun Ti azali na.
6. nun Gusti dzat nu teu aya deui dzat nu dipiharep salianti gusti sareng teu aya
nu mayunanana.
7. Nun gusti dzat tempat nyalindung sadaya makhluk nu kawasaan Na sareng
nu ngadeg ku diri nyalira.
8. Sareng masihan Pituduh ku kautamianna-Na kanu nyuhunkeun pituduh
sareng hidayah.
9. Ya Alloh!! abdi sadaya nyuhunkeun cahaya gusti nu suci.
10.Nu tiasa ngaluarkeun tina poekna rasa cangcaya.
11. sareng abdi sadaya tawasul ka Gusti ku kamulyaan dzat Kanjeng nabi
Muhammad SAW.
12. Saran Kanjeng nabi teh penutup para nabi Dina wujud sareng awal dina
maknana.
13. Sareng ku Kamulyan kulawargana janten benteng pengaman ketentraman
dunya.
14. Perahu nu nyandak kasalametan sareng kamajuan.
15. Sareng para sohabat-sohabat nu dipasihan hidayah serang ka Utamian.
16. Nyaeta nu nyerahkeun dirina ka alloh kanggo milarian ka Utamian ti gusti
Allah
17.nyiarkeun syariat sareng nu kagungan, riwayat nu khusus.
18. Nu di pasihan wartosgumbira ku kanikmatan sareng kanikmatan sareng ku
Utamian ti gusti Allah.
19.Sareng jantenkeun abdi sadaya jalmi nu hiji ucap hiji tindakan kanggo niat
nu ikhlas.
20. Kanggo nulungan sadaya nu hadir, nu teu hadir oge jalmi nu milari sareng
nu dipilarian.
21.Sareng mantenna nyalamatkeun abdi sadaya Tina ni turut syahwat Sareng
panyawat kalbu.
22.Sareng mastikeun ka abdi sadaya, harepan janten kenyataan.
23. Sareng mastikan ka abdi sadaya musibah poekeun hate.
24.Sareng ulah ngajnteun keun abdi sadaya miturut hawa nafsu.
25.Sareng caketkeun abdi sadaya kana keyakinan nu mantep nu tiasa
diamalkeun ku abdi sadaya.
26. Nu tiasa mupus sadaya dosa nu tos dipidamel ku abdi sadaya.
27.Sareng anjeun nutup setiap aib abdi sadaya, sareng nulungan abdi sadaya
tina kalemahan sareng digiring Ka tempatna.
28.Sareng gampangkeun a abdi sadaya milampah amal sholeh tingkat anu
langkung sae
29.Dugikeun ka rata di antara jamaah nu hadir dinten ieu Tina gudang Kurnia-
Na nu luhung.
30. Ku rohmat sareng pangampura-Na ,Supados abdi sadaya di langgen Sareng
di kecapkeun.
31. Ya Allah saestuna anjeun tos ngajantenkeun pikeun satiap nu naros tempat
nu dipikarep, sareng ngabulkeun setiap jalmi nyuhunkeun naon nu di
piharep.
32.Abdi sadaya neda lilimpahan karunia-Na
33. Tetepkeun kanggo abdi sadaya, naon nu dipiharep ti anjen.
34.Ya Allah tebih ken abdi sadaya Tina rasa cangcaya, lempengkeun pamimpin
abdi sadaya sareng rakyatnya, sareng jantenkeun sadayana salawasna Dina
kasaean.
35.Lipet gandakan pahala jalmi nu milampah kasaean dinten ieu.
36. Ya Allah jantenkeun negeri ieu sareng sadaya negeri Islam aman tentram
gemah ripah.
37. Sarang turunkan hujan nurata Dina sakuliah daratan.
38.Sareng neda pangapunten kanggo tukang nenun kein nu diangge nyerat
maulid nabi SAW.
39. Sayyid Ja’far anu kawentar ku terah suku bangsa al-barzanji.
40. Sareng tetapkn kanggo anjena hasil maksad harepananna sarang cita-citana
di sisi-Na.
41.Sareng tempatkeun di sawarga sareng jalmi jalmi nu dicaketkeun ka
anjeunna.
42. Sareng tutup sadaya aib, kelemahan, kakirangan, sareng kakaliruanna.
43.Sareng kanggo nunyerratna, numaca na, nu ngupingna, Oge nu mer
hatoskeun riwayat Maulud ieu.
44.Ya Allah shalawat sarang kasalametan limpahkeun ka kaom nu pangyuna
nampi sadaya ilmu hakekat.
45. Sareng ka sadaya kulawargana sohabat-sohabat na, jalmi-jalmi nu nulungna
sareng umatna.
46.Salami masih aya cepil nu kersa ngadangukeun hariring sifat-sifat Kanjeng
nabi nu Sae pisan sepertos suweng inten berlian.
47. Sareng kahias dada-dada nu hadir di majelis ta’lim ieu ku riwayat maulud
nu Endah sapertos kangkalung permata.
48. Neda dilimpahkeun kautamian sholawat sareng kasalametan ka Kanjeng
nabi sayyidina muhammad pamimpin sarang penutup sadaya nabi.
49.Sareng ka kulawargina Oge sadaya sohabat na.
50. Maha suci Alloh nu maha gagah sarang tebih Tina sifat-sifat nu
dituduhkeun ku maranehna.
51.Sareng kasalametan kanggo para rasul.
52.Sareng sagala puji kanggo Alloh, Robb sakuliah alam.
1. Ya Alloh! muga Gusti ngahampura umat sayyidina Muhammad
2. Ya Alloh! muga Gusti ngarohmat ka umat sayyidina Muhammad
3. Ya Alloh! muga Gusti nutupan ka umat sayyidina Muhammad
4. Ya Alloh! muga Nambal gusti ( ngabengharkeun ) umat sayyidina
Muhammad
5. Ya Alloh! muga memeres Gusti ka umat sayyidina Muhammad
6. Ya Alloh! muga nyalametkeun Gusti ka umat sayyidina Muhammad
7. Ya Alloh! muga ngaraksa Gusti ka umat sayyidina Muhammad
8. Ya Alloh! muga maparinan rohmat Gusti ka umat sayyidina Muhammad
9. Kalawan rohmat nu nyumarambah ya Robb sadaya alam.
10.Ya Alloh! muga ngahampunten Gusti ka umat sayyidina Muhammad
11.Kalawan pangampura anu nyumarambah ka robb sadaya alam.
12.Ya Alloh! muga ngabungahkeun Gusti ti umat sayyidina Muhammad.
Ya Alloh! muga gusti ngajantenkeun
.................., sareng kasadaya negara islam
.............tentramgemah ripah
Muga gusti nyubadanan kana doa abdi sadaya.

You might also like