Sisindiran

You might also like

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 2

Sisindiran

1. 6 ciri-ciri sisindiran :
- Kaasup karya sastra wangun ugeran (puisi)
- Diwangun ku opat jajaran
- Tiap jajaran diwangun ku dalapan engang
- Jajaran kahiji jeung kadua mangrupa cangkang
- Jajaran katilu jeung kaopat mangrupa eusi
- Aya tilu rupa wangun sisindiran, nyaeta rarakitan,paparikan jeung wawangsalan
- Ditilik dina wangun atawa eusina aya sisindiran nu mangrupa piwuruk, silih asih
jeung sesebred.

2. Jenis-jenis sisindiran jeung sipatna :


Jenis :
- Rarakitan
- Paparikan
- Wawangsalan
Sipatna :
- Piwuruk
- Silih asih
- Sesebred

3. Tuliskeun masing-masing sapada/sabait sisindiran :


- Rarakitan :
Mihape sisir jeung minyak,
Bisi kaancloman leungeun.
Mihape piker jeung niat,
Bisi kaangsongan deungeun.
- Paparikan :
Aya listrik di masigit,
Caangna kamana-mana.
Aya istri jangkung alit,
Geulisna kabina-bina.
- Wawangsalan :
Jago tinju legendaris,
Dilali-lali teu lali.
Wangsalna ; Muhammad Ali
4. Tuliskeun :
a. Sapada/sabait rarakitan silih asih :
Batur mah make calana,
Kuring mah kabaya wae.
Batur mah jalma kaya,
Kuring mah sangsara.
b. Sapada/sabait rarakitan piwuruk :
Ka mana jalan ka Yogya,
Kaditu ka Pangrumasan.
Ka mana jalan ka Surga,
Kaditu ka pangaosan.
c. Sapada/sabait rarakitan sesebred :
Katojo ku panon poe,
Ditiungan daun pandan.
Lalaju ninggang di sue,
Diciuman ku nu edan.
d. Sapada/sabait paparikan silih asih :
Katumbiri di Cigeulis,
Ti Citeureup ka Ciamis.
Kaciri seuri nu geulis,
Mun diteuteup beuki manis.
e. Sapada/sabait paparikan piwuruk :
Aya manuk dina pager,
Na sukuna aya bola.
Lamun urang hayang pinter,
Kudu getol ka sakola.
f. Sapada/sabait paparikan sesebred :
Itu gunung ieu gunung,
Diadukeun ngabeledug.
Itu pundung ieu pundung,
Marebutkeun Mojang budug.
g. Sapada/sabait wawangsalan :
Komputer osok dijingjing,
Top the teuing kumaha anjeun.
Wangsalna : leptop.

You might also like