Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 4

A.

MATERI BASA SUNDA SAJAK


1. WANGENAN SAJAK
Hidep kungsi nempo penyair  anu ngagalantangkeun sajak? Hidep kungsi ngilu pasanggiri
ngagalantangkeun sajak? Lamun enggeus, tangtu hidep boga pangalaman anu mandiri. Lamun acan, tangtu
hidep bisa diajar. Memeh prung ngagalantangkeun sajak, ayeuna urang guar heula perkara sajak.
Naon ari puisi? Dina sastra Indonesia, nu disebut puisi teh sarua hartina jeung sajak dina sastra Sunda. Ari dina
sastra Sunda, puisi teh hartina lega pisan, ngawengku sababaraha jenis karya sastra, kaasup sajak, mangrupa
bagian tina puisi.

Leuwih jelasna, nu dimaksud dina puisi dina sastra Sunda nyaeta wanda basa karangan anu rakitanana
biasana mah pinuh ku wirahma, kauger ku wangunana jeung ku diksina: lain dina ungkara kalimah cara dina
basa sapopoe atawa cara mangun prosa. Puisi Sunda teh rea rupana, aya nu kagolong puisi heubeul (buhun,
tradisional) jeung aya nu kagolong kana puisi anyar. Puisi heubeul aya nu ngawujud carita, naratif (carita
pantun, wawacan). Aya anu henteu ngawujud carita; rupa-rupa puisi mantra (jangjawokan, singlar, jampe,
asihan), sisindiran (rarakitan, paparikan, wawangsalan) , kakawihan (barudak), sa’ir (pupujian, sawer, jst),
pupuh (dangding, guguritan). Ari anu kaasup puisi anyar nyaeta sajak.

Cindekna, sajak nyaeta salah sahiji sastra Sunda anu direka dina wangun basa ugeran (puisi). sanajan
ditulis dina wangun ugeran, tetela sajak mah teu pati kauger ku patokan-patokan jumlah engang saban
padalisan jeung jumlah padalisan dina saban pada saperti dina pupuh atawa sisindiran.

2. KAMEKARAN SAJAK SUNDA


Dumasar kana asal-usulna, sajak teh mangrupa karya sampeuran anu jplna tina sastra deungeun,
nyaeta pangaruh tina sastra Eropa. Eta karya teh asup tur jadi banda sastra Sunda di mimiti kira-kira taun 1946,
nalika para pangarang Sunda, hususna pangarang ngora, mimiti kasengsrem tur mikaresep ngareka basa dina
wangun sajak. Pangarang Sunda anu naratas gelarna sajak nyaeta Kis WA.

Sabada ditaratas ku Kis WS, sajak Sunda terus mekar nepika kiwari. Lian tina rea sajak anu dimuat
dina majalah jeung koran basa Sunda, saperti Mangle, Cupumanik, Galura, jeung Koran Sunda, oge rea karya
anu geus dibukukeun mangrupa antologi. Sababaraha judul buku kumpulan sajak Sunda jeung pangarangna,
diantarana : Lalaki di Tegal Pati karya sayudi (1963), Jante Arkidam karya Ajip Rosidi (1967), Tepung di
Bandung  karya Rahmat M.Sas. Karana, Wasiat konglomerat  karya Taufik Faturohman, Lalaki Langit  karya
Juniarso Ridwan, Jagat Langit karya Godi Suwarna, Maung Bayangan  karya Etti R.S,   Jamparing
Hariring karya Dedy Windyagiri, Aya Naon di Cinaon karya Wahyu Wibisana, Kidang Kawisaya karya Retty
Isnendes, Katiga  karangan Yayat Hendayana (1957), Gondewa karangan Etty RS (1987), Jiwalupat  karangan
Godi Suwarna (2007), jeung rea deui.

3. ADEGAN (STRUKTUR; UNSUR) SAJAK


Sajak teh mangrupa ungkara pikiran, rasa jeung gagasan pangarang, nu ditepikeun pikeun
ngagambarkeun hiji pasualan. Eta pasualan teh asalna bisa dina kanyataan kahirupan sapopoe, bisa oge ukur
reka cipta pengarang sabada ngaliwatan proses imajinasi jeung kontemplasi, anu satuluyna dijanggelekkeun
dina wangun rakitan basa anu endah.

Biasana sajak mah ditulis dina wangun ungkara konotatif (kiasan). Ku kituna sajak mah aya kalana
hese dipikahartina, lantara ari ungkara konotatif mah loba salib jeung siloka. Beda jeung harti denotatif anu
ngungkabkeun harti sajalantrahna. Tapi najan kitu, tetep we unggal sajak mibanda ma’na jeung amanat keur nu
macana. Ku kituna, tangtu bae sajak teh mibanda unsur-unsur pangwangun anu ngadeudeul kana jenglengan
rumpakana eta. Eta unsur-unsur teh diantarana:

a. Jejer (Tema)
Tema teh gagasan poko anu rek ditepikeun ku pangayak ka nu maca. Tema dina sajak rupa-rupa, aya
tema kaagamaan, kamanusiaan, cinta ka lemah cai, jste. Upamana wae sajak “Tanah Sunda” di luhur teh
nyaritakeun kaayaan tanah Sunda anu keur harengheng. Jadi bisa dicindekkeun temana teh ngeunaan cinta ka
lemah cai (sarakan).

b. Nada jeung Suasana


N ada teh sikep pangayak ka n maca. Tina sikep pangayak ngabalukarkeun ayana suasana nu karasa ku
nu macca. Geura titenan pada sempalan sajak “Tanah Sunda” ieu di handap.

Hejo pagunungan paul lautan

Taya kamarasan ngan katugenahan

Hejo pagunungan paul lautan

Taya katengtreman ngan ancaman

  Dumasar pada sajak di luhur, katangen sikep pangajak teh hayang ngabejaan ka nu maca yen najan
tanah Sunda teh endah, tapi tetep hendteu tengtrem tur loba ancaman. Tina sikep eta urang salaku nu maca bisa
ngarasa keueung jeung ngahanjakalkeun ku kaayaan kitu.

c. Rasa
Rasa teh ngajiwaan eusi sajak. Rasa dina sajak bisa kapanggih sabada dibaca. Naha dibacana teh
digorowokeun, digalantangkeun, dihariringkeun atawa dilenyepan dina jero hate. Sajak “Tanah Sunda”
upamana, moal kapanggih rasa eusina mun dibacana ukur dina jero hate. Sabalikna baris kapanggih tur karasa
kumaha keueungna, mun macana digorowokeun atawa digalantangkeun.

B. NGAGALANTAKEUN SAJAK
Ieu dihandap aya teks sajak. Pek ku hidep ngagalantakeun di hareupeun babaturan sakelas. Bagilir
wae saurang-saurang, anu sejenna ngaregepkeun sing daria.

 TANAH SUNDA
Karya : Ajip Rosidi
Héjo pagunungan
Paul lautan
Héjo
Paul
Langit na haté kuring

Masing dimana kuring nangtung


Masing kamana kuring leumpang
Tanah lémbok tempak bumetah
Angin nyeot nyiuman tarang

Masing dimana anjeun nunjuk


Masing iraha anjeun cumeluk
Kuring mo mumpang , kuring rék datang
Neueulkeun tarang , neueulkeun jantung

Kuring tungtung teteupan


Kuring tungtung
Teteupan
Tuntung bedil
Ngincer dada

Kuring geus nyaksian getih ngabayah


Getih maranehna nu mikacinta anjeun
Kuring geus nyaksian panon carelong tanggah
Jasadnu ruksak ngalungsar na dada anjeun

Héjo pagunungan , paul lautan


Taya kamarasan ngan katugenahan
Héjo pagunungan , paul lautan
Taya katengtreman , ngan ancaman !

You might also like