Download as pdf or txt
Download as pdf or txt
You are on page 1of 3

Wasta : Bagus Wiranto

NIM : 1900548
Kelas :4B
Mata Kuliah : Keprotokolan

KEPROTOKOLAN

Sacara étimologis keprotokolan asal kecap tina protokol, dina bahasa Inggris protocol,
bahasa Perancis protocole, bahasa Latén protocol(um), jeung bahasa Yunani protocollan.
Anu satadina istilah protokol téh hartina kaca mimiti anu perenahna dina hiji manuskrip
atawa naskah. Ku ayana kamekaran jaman, wangenan protokol mekar beuki ngalegaan,
nyaéta sakumna naskah anu eusina ngawengku catetan, dokumen persetujuan, perjangjian,
jrrd. dina lingkup nasional boh internasional. Kamekaran anu satuluyna, protokol miboga
harti kabiasaan-kabiasaan atawa aturan-aturan anu patalina jeung formalitas, tata urutan jeung
étikét diplomatik. Atura-aturan protokolér ieu jadi acuan institusi pamaréntahan jeung
universal.
Numutkeun UU Nomor 09 Tahun 2010 ngeunaan Kaprotokolan, keprotokolan nyaéta
runtuyan kagiatan anu patalina jeung aturan dina acara kanagaraan atawa acara resmi anu
ngawengku tata tempat, tata upacara, jeung tata penghormatan minangka ngajénan salah
saurang saluyu jeung jabatan/kalungguhan di nagara, pamaréntahan, atawa masarakat.
Numutkeun Ahmad Mutohar, keprotokolan mangrupa hiji aturan, norma, atawa
kabiasaan-kabiasaan anu dicekel pageuh ku masarakat dina kahirupan kanagaraan jeung
kabangsaan sarta kapamaréntahan.
Numutkeun Milky Way protokol nyaéta hiji norma atawa aturan pikeun ngatur atawa
ngijinan hiji hubungan, hiji komunikasi, jeun pindahna data atawa informasi ti saurang atawa
dua urang kanu séjénna.
Sedengkeun numutkeun Buku Panduan Lengkap dalam Bidang Diplomatik dan Sosial,
keprotokolan nyaéta hiji alat atawa runtuyan aturan anu eusina ngeunaan paripolah dina tata
kahirupan resmi dina hiji acara kaupacaraan anu aya patalina jeung pamaréntahan jeung
Nagara katut para wawakilna.
Tangtuna keprotokolan miboga fungsi-fungsi, diantarana:
1. Salaku nu Ngararancang
Dina kaprotokolan tangtuna baé saacan ngalakonan hiji acara kudu aya rarancangna
heula sangkan éta acara téh bisa kalaksana kalayan lungsur langsar tur teu acak-acakan.
Dina ngararancang hiji acara, kaprotokolan bisa waé ngararancang sababraha
rancangan, upama hiji rarancang kaluar tina sawangan, sawangan nu séjén bisa
dijalankeun.

2. Fungsi Pengorganisasian
Anu dimaksud di dieu nyaéta salaku nu ngatur anggota-anggota anu ilubiung dina hiji
acara. Dina hiji acara tangtuna baé aya sababaraha hal anu dilakonan, sangkan éta acara
bisa kalaksanakeun kalayan lancar. Ku kituna ngatur anggota-anggota anu ilubiung dina
éta acara diperlukeun pisan.

3. Fungsi Penggerak
Di dieu protokol miboga fungsi salaku nu ngagerkaeun anggota-anggotana. Jadi dina
kaprotokolan anggotana kudu silih sumangetan dina ngalakonan pancénna séwang-
séwangan.

4. Fungsi Pengawasan
Di dieu kaprotokolan ogé silih titénan tur élingan antara anggotana upama aya anggota
anu nyéngcang tina aturan anu geus ditangtukeun.

5. Fungsi Pengkoordinasian
Dina hiji acara, protokol kudu ngawangun sikep rempeg antara anggotana sangkan
komunikasi kalaksanakeun kalayan lancar antukna ogé kana acara anu keur dilakonan.
Upamana dina hiji acara kaprotokolan komunikasina teu kajalankeun kalayan lancar
antukna ogé kana acara bisa jadi bakal gagal atawa kurang maksimal.

6. Fungsi Pengambilan Keputusan


Di dieu kaprotokolan miboga wewenang pikeun nyindekkeun hiji hal upama aya
kasalahan dina ngajalankeun pancén.
SUSUNAN UPACARA
HARI PRAMUKA KE-60 TAHUN 2021
TINGKAT KWARTIR DAERAH JAWA BARAT

1. Pingpinan upacara asup ka lapangan upacara tur langsung nyiapkeun pasukan.


2. Pembina upacara asup ka lapangan upacara.
3. Penghormatan pamilon upacara ka pembina upacara dipingpin ku pingpinan upacara.
4. Laporan pingpinan upacara ka pembina upacara
5. Ngibarkeun bendera kebangsaan Indonesia tur dipirig ku lagu Indonésia Raya.
6. Mengheningkan cipta dipingpin ku pembina upacara
7. Macakeun Pancasila, Pembukaan UUD 1945, jeung Dasa Dharma Pramuka
8. Amanat Pembina upacara (sambutan ti Ka. Kwarda Jawa Barat)
9. Macakeun surat kaputusan dituturkeun pamasrahan tawis katineung miéing poé
pramuka ka-60
10. Ngagalindengkeun Hymne Satya Dharma Pramuka
11. Macakeun do’a
12. Laporan pingpinan upacara ka pembina upacara yén upacara parantos lekasan
13. Penghormatan pamilon upacara ka pembina ucara dipingpin ku pingpinan upacara
14. Pembina upacara kaluar ti lapangan
15. Upacara lekasan pasukan dibubarkeun.

You might also like