Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 10

TO 1 KELAS 6 BAHASA SUNDA

Untuk menjawab soal no.1- 5 perhatikan cerpen di bawah ini !


SOBAT
Waktu nampa raport, sarta naek kelas. Wawan nyarita ka bapana, “Pa meser kantong, pan
ayeuna abdi tos naek kelas . Isin atuh ku recencangan.
“Tapi ayeuna teu acan aya artosna.” Wawan hanjelu pisan. Wawan ngabrangbrangkeun
kahanjelu terus indit ka sawah. Ti palebah sawah mang Karmin aya nu ngageroan. Singhoreng
Yayat sobat dalitna.
“yat keur naon di dieu ?”
“Keur tunggu pare’, Wan. Hayu kadieu urang ngobrol!’
Wawan diuk gigireun Yayat bari ngobrolkeun kahayangna, Yayat seuri.”naha make
nyeungeurikeun ?” ceuk Wawan. “Apan bapa Wawan teu gaduheun artosna” tembal Yayat. Jeng
nangtung ngagebahkeun manuk.
“Wawan kudu ngarasa bagja, saba masih kene bias sakola, Wawan mah teu kudu cape siga
Yayat” omong yayat. Wawan ngahuleng ras inget mun aya kahayang kudu wae ditedunan.
1. Dina carpon di luhur wawan jeung Yayat ngobrol di ….
a. Kebon
b. Sawah
c. Imah
d. Buruan
2. Wawan ngahuleng ras inget mun aya kahayang kudu wae ….
a. Diantepkeun
b. Ditedunan
c. Dibaturan
d. Dipiceun
3. Amanat carpon di luhur yaeta ….
a. Urang kudu maksakeun kahayang
b. Urang kudu ngelehan
c. Urang kudu ngalawan
d. Urang ulah maksakeun kahayang
4. …. Wawan jeung Yayat nangtung. Kecap panganteb pikeun ngeusian titik-titik di luhur
yaeta ….
a. Jung
b. Am
c. Jol
d. Pok
5. Nurutkeun carita di luhur, Yayat budak ….
a. Galak
b. Judes
c. Males
d. Bageur
6. Kiwari disebut-sebut jaman globalisasi, dunya the karasa beuki …. Bae. Lain dunya na
nu ngaleutikan, tapi lantaran kiwari jarak anu sarua bias dihontal ku waktu anu
sakeudeung. Titik-titik dina deskripsi di luhur deusian ku kecap ….
a. Gede
b. Heureut
c. Lega
d. Loba
7. Pagawean tukang nyieun parabot tina taneuh ….
A. Palika
B. Legig
C. Anjun
D. Sarati

8.
Gambar di handap teu kaasup kaulinan ….
a. Oray-orayan
b. Ucing-ucingan
c. Eundeuk-eundeukan
d. Kuda-kudaan

9. Oray-orayan adalah permainan tradisional yang dimainkan oleh sekelompok anak yang saling memegang
pundak dan berjalan diantara dua pemain lain yang menyatukan tangannya hingga membentuk gerbang.
Sekelompok anak yang berjalan membentuk ular akan menyanyikan satu lagu khusus yang liriknya bisa
Anda lihat di sini. Saat lagu terhenti, pemain yang membentuk gerbang akan menurunkan tangannya dan
…. anak yang ada di hadapannya.
a. Menjauh
b. Menangkap
c. Memberi
d. Melempar
10. Dahar sahur dina bulan puasa teh wanci ….
a. Harieun beungeut
b. Janari leutik
c. Carancang tihang
d. Haneut moyan

11. Wasta : Taufik hidayat


Nenehna : ….
Tempat tanggal lahir : Depok, 17 Juni 2008
Dumaha data di luhur , titik-titik nu kosong dieusian ku …
a. Ofik
b. Hidayat
c. Taufik Hidayat
d. Taufik
Untuk menjawab soal no. 12- 16 bacalah teks di bawah ini !
Aya gagak hiber ka luhureun lembur, terus eunteup dina suhunan. Sabot kitu ku
maněhna katénjo aya poé dengdêng dína nyiru. Gagak téh mani kabitaeun pisan Najan
kitu manéhna teu wanieun maok sabab éta poé déngdeng teh ditungguan ku budak.
Waktu budak anu keur tunggu ngaléos heula ka imah gancang waé gagak téh nyamber
déngdéng anu pangedéna. Geleber hiber deu ngajauhan tembur. Maksudna mah
dengdèng meunang maling teh rék didahar di tempat anu suni ngarah euweuh nu
nganyahoankeun.
Gagak téh terus eunteup dina dahan di tengah kebon. Dengdéng masih kénéh pageuh
dicapit ku papatukna.
sabot kitu lar aya anjing ngaliwat Anjing téh ungas-ingus sabab ngambeu daging Barang
ret ka luhur ku anjing katénjoeun aya gagak mawa dengdeng. Atuh puguh anjing téh
mani kabitaeun.
Anjing mikir sakeudeung kumaha carana mun hayang ngadahar dengdéng. Moal
mungkin ari kudu direbut heula mah sabab kapan anjing mah teu bisaeun naěk. Kitu
deui mun dípénta sapotong gagak geus tangtu moal mikeun. Ngan timbut waé akalna.
"Aeh-aeh Sakadang Gagak asa tos lami pisan urang teu patepang." ceuk anjing
Nyaritana ngahaja ku basa lemes, da maksudna oge rek ngolo.

Gagak teh cicing waé.


"Mani tos sono teh sim abdi mah. Sakadang Gagak apan sato anu panghébatna. Geura
eta bulu mani hideung meles semu hérang". omong anjing deui.

Gagak angser teu némbalan.


"sareng eta deuih, sim abdi mah kataji ku soanten nyalira. Naha da eta mah aya ku
halimpu, mani matak dédéngéeun.

Gagak keukeuh teu ngawalonn, najan ari haténa mah geus ngarasa senang, sabab
terus-terusan dipuji ku Sakadang Anjing.
Mani hoyong ngupingkeun soanten sakadang gagak, sakali we ..." omonh anjing bari
ngalengis.
Kalawan teu sadar gagak teh ujug ujug di sada. "Gaak..."

Atuh pluk we dengdeng anu dicapit ku pamatukna teh ragrag ka handap, ka lebah
anjing. Barang pluk, gancang we ku anjing di samber, deregdeg dibawa lumpat ka nu
bala, rek terus didahar.

Tungtungna gagak teh ukur bisa ngahuleng bari ngarasa hanjakal, sabab geud
kabobpdo ku omongan sakadang anjing anu sakitu alusna.

12. Tokoh utama dina dongeng di luhur nyaeta ….


a. Ucing
b. Hayam
c. Gagak
d. Anjing

13. Karakter gagak nyaeta ….


a. Sombong
b. Galak
c. Resep dipuji
d. darehdeh

14. babasan pikeun dongeng di luhur nyaeta ….


a. Agul kupayung butut
b. Gede hulu
c. Ngawur kasintu nyieuhkeunhayam
d. Ieu aing uyah kidul

15. Kasimpulan dongeng di luhur nyaeta ….


a. Tong dipuji
b. Kudu dipuji
c. Ulah pupujieun
d. Haying dipuji

16. Sinonim kecap ngupingkeun nyaeta ….


a. Kadangu
b. Ngadangu
c. Ngadadak
d. Ngadangukeun
Bacalah sajak di bawah ini untuk no.17-20
Karya : Taufik Ampera
Nyiruan dina pancuran
titeuleum méh baé paéh
Titiran nenjo Nyiruan
kanyaah mapaés haté.

Geuwat metik dangdaunan


diragragkeun kana cai
ngarayap éta Nyiruan
teu tulus nemahan pati.

Titiran ku paninggaran
diintip-intip dipanah
Nyiruan mulang tarima
nyeureud bitis paninggaran.

Paninggaran ngagurubug
teu tulus manah Titiran
geus lésot kabéh bangbaluh
lantaran silih tulungan.

17. Judul sajak di luhur nyaeta ….


a. Silih hormat
b. Silih tulungan
c. Silih pikanyaah
d. Silih tempoan
18. Eusi sajak dina bait kahiji nyaeta ….
a. Sato nu silih pikaanyah
b. Sato nu keur ulin
c. Sato nu keur pasea
d. Sato nu pipilih
19. Kecap paninggaran dina sajak di luhur nyaeta ….
a. Tukang jagal
b. Tukang ngala lauk
c. Tukang tani
d. Tukang moro

20. Amanat dina teks sajak di luhur nyaeta ….


a. Urang kudu silih tulungan
b. Urang kudu silih salahkeun
c. Urang kudu silih simbeuh
d. Urang kudusilih du’akeun
21. Wahyu Wibisana dilahirkeun di cisayong, Tasikmalaya, 19 januari 1935
Kalimat pananya anu merenahna ….
a. Iraha Wahyu Wibisana ka Tasikmalaya?
b. Dimana Wahyu Wibisan dilahir keumana?
c. Kumaha Wahyu Wibisana dilahirkeumana?
d. Saha Wahyu Wibisana teh ?

22. Kaping sabaraha dilaksanakeun Idul kurban ?


a. 10 maulid
b. 10 Rayagung
c. 10 syawal
d. 10 sapar

23. Nu ngamimitian ibadah kurban nyaeta ….


a. Nabi Ishak AS
b. Nabi Ismail AS
c. Nabi Ibrahim AS
d. Nabi musa AS

24. Anu hak narima daging kurban the nyaeta ….


a. Musyafir
b. Nu beunghat
c. Ustad
d. Fakir miskin

25. Harti kecap heureut nyaeta ….


a. Sempit
b. Heurin
c. Deukeut
d. Jauh

26.
Kalimah pikeun ngungkapkeun rasa gumbira dumasar gambar di gigir nyaeta ….
a. Siti jeung kakek sedih ngadangu warta dina radio .
b. Siti jeung kakek ambek ngadangu warta dina radio
c. Siti jeung kakek hoream ngadangu warta dina radio
d. Siti jeung kakek gumbira ngadangu warta dina radio
27. 1. Jl. Pemuda No. 8 A Depok
2. SDN Depok Jaya 2
3. Kartika Larasati
4. Depok , 27 April 2010
Data di luhur disusun kalawan bener dina daftar riwayat hirup nyaeta ….
a. 1,2,3,4
b. 2,3,1,4
c. 3,4,1,2
d. 4,1,2,3
28. 1. Balikna meuli bubur hayam heula
2. anu dagang bubur hayaman the pa Odi
3. Poe Ahad isuk-isuk , Bagus jeung Dimas jalan-jalan hareupeun Istana Bogor
4. Tatangga Bagus di lawangngitung
Kalimah di luhur disusun jadi hiji paragraph anu bener nyeta ….
A. 3,1,2,4
B. 3,2,4,1
C. 3,4,1,2
D. 2,3,1,4
Untuk menjawab soal no.29-30 perhatikan teks pupujian di bawah ini!

eling eling dulur kabeh

eling eling dulur kabeh

ibadah ulah campoleh

beurang peuting ulah weleh

bisina kaburu paeh

sabab urang bakal mati

nyawa dipundut ku gusti

najan raja nyakrawati

teu bisa nyingkahan pati

karasana keur sakarat

nyerina kaliwat-liwat
didunyana tara solat
didunyana tara tobat
29. Eusi pupujian di luhur nyaeta ….

a. Ngingetan yen urang bakal paeh


b. Ngajak ka urang neangan elmu
c. Mepelingan ulah campoleh kana ibadah
d. Ngajakan sangkan tong loba ulin

30. Dina sapada/ bait pupujian di luhur aya …. Padalisan/ larik


a. 3
b. 4
c. 5
d. 6

Perhatikan contoh surat di bawah ini !


………
Kahatur,
Bapa/Ibu Guru Wali kelas 6
SDN Cisitu Baru 2
Di
Depok
Sareng Hormat,
Abdi pun Jamilah kelas 6 , dinten ieu henteu tiasa lebet sakola , margi kedah
mios ka Jakarta, ngalayad pun aki teu damang wales. Mugi bapa/ibu janten uninga sareng
maparin widi.
Hatur nuhun
Hormat abdi pun
Jamilah
31. Bagian bubuka tina surat di luhur nyaeta ….
a. Depok, 17 januari 2019
b. Henteu tiasa lebet sakola
c. Hatur nuhun
d. Sareng hormat

Bacah pupuh di bawah ini untuk no. 32-33


Pupuh Durma

32. Guru wilangan jeung guru lagu guru lagu nu luyu jeung pupuh di luhur nyaeta ….
a. 13a, 18i, 6i, 8a, 8i, 5a, 9i
b. 12a, 7i, 6a, 7a, 8i, 5a, 7i
c. 10i, 9a,8i, 7i, 9a, 5a, 7i
d. 9i,7a, 8i, 8a, 7a, 5a, 8i

33. Watek pupuh durma di luhur nyaeta ….


a. Perang
b. Sedih
c. Lulucon
d. Prihatin

Bacalah teks di bawah ini untuk menjawab soal no. 34-35


PENGARUH GLOBALISASI
Globakisasi raket patalina jeung kamekaran teknologi .Globalisasi tinangtu mawa
pangaruh pikeun kahirupan hiji nagara kaasup Indonesia. Dua sisi pangaruh globalisasi
aya nu sipatna positif jeung negative.
Pangaruh positifna nyaeta : gampang meunang informasi sarta elmu pangaweruh,
gambang ngalakukeun komunikasi, gancang mun rek indit-inditan ku ayana transfortasi,
modern, ngaronjatkeun ajen diri, serta gampang nyumponan sagala kaperluan. Akibat
negatifnanyaeta : nerekabnapangaruh budaya deungeun nu teu saluyu jeung budaya
bangsa urang, teu kreatif, loba niron laku lampah nu kurang hade . Malah bias jadi
budaya urang anu kawilang beughar kalindih ku budaya deungeun. Kabeungharan
budaya teh mangrupa kaunggulan bangsa urang pikeun bersaing jeung bangsa sejen dina
mangsa glbalisasi.
34. Dumasar kana teks di luhur , pernyataan nu bener nyaeta ….

Akibat positif Akibat negatif


a. Gampang meunang elmu pangaweruh Hese nyumponan kaperluan
b. Gampang ngalakukeun komunikasi Hese meunang informasi
c. Gampang nyumponan sagala kaperluan Nerekabna pangaruh budaya deungeun
d. Gancang rek indit-inditan Hese rek komunikasi

35. Ibu masak lauk di dapur.


Jejer dina kalimah di luhur nyaeta ….
a. Di dapur
b. Lauk
c. Ibu
d. lauk

You might also like