Download as pdf or txt
Download as pdf or txt
You are on page 1of 2

Rabu, 03 Maret 2021

Rangkuman Materi Basa Sunda

1. Sisindiran
a. Perkara Sisindiran
Sisindiran nyaéta karya sastra wangun puisi (ugeran) anu ditulis kalawan kréatif,
diwangun ku cangkang jeung eusi, sarta diwengku ku pada (bait) jeung padalisan
(baris). Unggal padalisan biasana ilaharna diwangun ku dalapan engang (suku
kata). Tujuana pikeun nepikeun eusi haté, pikiran, atawa pamaksudan ka jalma
séjén bari henteu togmol téa. Nu dipiharep sangkan eusi omongan téh katarimana
henteu matak kasigeung atawa nyeuri haté.
b. Rupa-rupa Sisindiran
Sisindiran teh dipasing-pasing jadi tilu rupa nyaeta paparikan, rarakitan,
wawangsalan.
- Paparikan
Paparikan teh nyaeta sisindiran anu diwangun ku dua cangkang jeung dua
eusi. Paparikan asal kecapna dina “parik”. Ngandung harti parek atawa
deukeut. Maksudna, sora kecap-kecap nu aya dina padalisan cangkang
deukeut jeung sora atawa kecap-kecap dina padalisan eusi.
Contona:
Sawah ngemplang ditanduran (padalisan 1)
Ka huma ngala jarami (padalisan 2)
Ulah renggang duduluran (padalisan 3)
Dasarna silaturahmi (padalisan 4)
 Padalisan kahiji jeung kadua disebut cangkang, padalisan katilu jeung
kaopat disebut disebut eusi.
- Rarakitan
Rarakitan asal kecapna tina rakit, sabangsa alat transportasi di cai. Ari wangun
rakit teh papak dilebah puhuna, katungtungna mah sakapeung sok rada regol
bae. Sisindiran rarakitan mah aya kesan “papak” lebah “puhuna”
Contona:
Sing getol nginum jajamu
Nu guna nguatkeun urat
Sing getol neangan elmu
Nu guna duna aherat
- Wawangsalan
Beda jeung paparikan atawa rarakitan, wangun wawangsalan mah dina
padalisan cangkang teh ngandung tatarucingan atawa mangrupa tatarucingan.
Ari dina pasalisan eusi nganding wangsal. Eta wangsal teh mangrupa kecap
atawa fraseu anu sorana murwakanti (deukeut) jeung eusi tina tatarucingan
tea.
Contona:
Kleup maen bal maung bandung (kalimah cangkang, tatarucingan)
Tos nasib kedah paturay (kalimah eusina)
 Wangsalna: Persib

2. Kecap Panyambung
Kecap panyambung nyaéta kecap anu gunana pikeun nyambungkeun kecap atawa
bagian-bagian kalimah.
Rupa-rupa kecap panyambung : jeung, basa, sanggeus, lantaran, atawa, tapi , upama,
lamun, yen.
 Kecap Panyambung Satata ( Kata penghubung setara )
- Gunana pikeun: Nuduhkeun hubungan tambahan, contona: jeung, sarta
“Abdi jeung anjeunna badé diajar ngojay”
- Nuduhkeun hubungan pilihan, contona: atawa
“Anjeun resep acuk anu héjo atawa anu beureum?”
- Nuduhkeun hubungan lalawanan, contona: tapi
“Lanceukna mah geulis, tapi adina mah biasa wae”

 Kecap Panyambung teu Satata ( Kata penghubung tidak setara)

- Gunana pikeun: Nuduhkeun waktos, contona: sanggeus, saméméh


”Sanggeus mandi abdi maca buku”
- Nuduhkeun sarat, contona: upama, lamun, asal
“Abdi bakal dipésérkeun hapé anyar lamun penteun di sakola alus”
- Nuduhkeun sabab-musabab, contona: sabab, lantaran
“Manéhna ambek lantaran diwadulan”
- Nuduhkeun pangjéntre, contona: yén, nyaéta
“Abdi tos bébéja ka manéhna yén abdi rék balik peuting”
- Nuduhkeun hubungan tambahan
“Basa panonpoé morérét, Galih ngiuhan di handapeun tangkal mahoni”

3. Sasaruaan Kecap (Sinonim)


Kecap dina bahasa indonesia sok disebut Kata, ari sinonim sok diartikeun Persamaan.
Jadi Kecap sinonim dina basa sunda teh sok disebut sasaruaan kecap. Contoh sinonim
dina basa sunda
1. Sedih = Nalangsa
2. Kasohor = Kakoncara.
3. Ngalakonan = Migawe atawa ngagawean
4. Kapungkur = Baheula
5. Hanaang = Haus

You might also like