Download as pdf or txt
Download as pdf or txt
You are on page 1of 3

Rabu, 31 Maret 2021

BASA SUNDA KELAS III A

Nataan Kecap Sabalikna

Baca deui sing anteb!

Kaayaan baheula beda jeung ayeuna. Baheula mah, memeh aya listrik,
mun leumpang ti peuting teh paroek. Nu matak baheula mah mun kapaksa
kudu leumpang tipeuting teh kudu mawa obor atawa oncor, anu energina tina
minyak tanah. Kadieunakeun, aya nu disebut senter, energina tina batu batre.

Ayeuna mah, mun leumpang ti peuting teh teu pati paroek teuing.
Malah mah karasa caang bae, da sajajalan aya lampu penerangan.

Baheula mah deuih, can pati rea pabrik. Ayeuna mah, komo di kota-
kota gede kayaning Jakarta jeung Bandung, pabrik teh jug-jleg mani di
mamana. Ku reana pabrik teh, hawa jadi karasa panas matak hareudang, da
hawa di luhureunana jadi kotor ku haseup.

Tina carita di luhur, sababaraha conto kecap sabalikna nyaeta:

1. Baheula X Ayeuna
a. Jaman baheula mah, mun tipeuting di imah teh ukur dicaangan ku
cempor
b. Ari jaman ayeuna mah, di jero imah teh caraang da aya lampu listrik
2. Memeh X Saenggeus, sanggeus
a. Unggal memeh indit sakola, Akmal sok sarapan heula
b. Ari sanggeus mulang ti sakola mah, Akmal sok terus ngawadang
3. Peuting X Beurang
a. Mun peuting mah, di langit teh sok katingal bulan atawa bentang
b. Tapi mun beurang, di langit teh sok katingal panonpoe.
Ayeuna, eusian ku kecap-kecap sabalikna!

1. Deni mah jam dalapan isuk-isuk teh geus seubeuh da geus sasarap.
Kakara ngarasa ……… teh engke samulangna ti sakola
2. Ulah waka sare ti ………….., engke ti peuting rek sare mah
3. Isuk-isuk mani karasa ……….. Sakeudeung deui beurang, hawa teh
pasti karasa hareudang
4. Basa indit ka sakola, Wawan sarapan heula. Engke …………… ti
sakola, Wawan rek ngawadang
5. Inditnakeun mah jalan teh karasa ………., ari balikna karasa mudun.
6. Harga endog ayeuna mah …………. Tah, mun geus deukeut ka lebaran
hargana jadi mahal
7. Jung naek kana tangkal jambu, alaan nu arasakna. Mun geus loba,
gancang ……… deui nya!
8. Langlayangan ngapung ka luhur. Geus kitu dipulut deui sina ka ……..
9. Imah Dayat mah kaasup jauh, mun leumpang teh matak cape. Tah,
imah Iwan mah kaasup ….. mun ulin ka Iwan teh moal matak cape
10. Bulan Oktober mah kaasup kana usum hujan. Tah, mun bulan
april geus asup kana usum ……………

You might also like