Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 2

Mariko Nu Ngaco

Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 18-05-2011 |

Catetan DHIPA GALUH PURBA

MEDALNA buku Laras Pada Karawitan Sunda anu ditulis ku Mariko Sasaki
kalintang matak ngajenghok. Lain pédah eusi bukuna anu nembrakeun
pamanggih anyar pikareueuseun, tapi ieu mah sabalikna pisan. Pikiran jeung
sawangan Mariko nu kacida nyapirakeun laras “Da Mi Na TI La”, mangrupa
hiji pasualan anu puguh baé henteu bisa diantep. Komo deui dina bukuna,
Mariko nyieun kacindekan yén téori Radén Machyar Kusumadinata téh bisa
disebut kaliru tur aya hadena henteu diajarkeun di lingkungan sakola. Anu
leuwih ngaranjug, buku karangan Mariko téh dipedalkeun ku Pusat Penelitian
dan Pengembangan Seni Tradisional Universitas Pendidikan Indonesia (P4ST
UPI), anu kanyataanana di UPI Bandung sorangan ogé apan neuleuman kawih jeung waditra Sunda
téh ngagunakeun “DA Mi Na Ti La” nepi ka kiwari.

Radén Machyar anu marajian gumelarna serat kanayagan karawitan Sunda atawa notasi Sunda  “Da
Mi Na Ti La” téa. Saméméh Indonésia merdéka, notasi lagu Sunda mah geus gumelar, nyatana dina
taun 1923. Ku ayana serat kanayagan, mangrébu lagu bisa diabadikeun tug nepi ka kiwari.  Kalebet
kawih-kawih Mang Koko ogé ngagunakeun serat kanayagan. Jadi, lamun serat kanayagan teu pantes
diajarkeun di sakola, tangtu kacida nyapirakeun. Jeung deui, Mariko henteu ngasongkeun téori anyar
nu dianggapna leuwih pantes. Ku kituna, Mariko ukur nyawad bari henteu bisa nuduhkeun solusi nu
anyar. Geus kabuktian yén lagu-lagu Sunda mibanda ciri nu mandiri, henteu bisa disaruakeun jeung
lagu-lagu barat. Radén Machyar pisan anu antukna ngabuktikeun yén henteu sakabéh lagu di dunya
bisa dipirig ku musik barat. Tangtu baé béda jeung Mariko anu ngan saukur bisa nyawad. Lantaran
Radén Machyar mah bari jeung prakna nyiptakeun laras Sunda tur diaku ku para ahli seni dunya.

Pikeun ngamekarkeun pamanggihna, Radén Machyar kungsi nulis buku Élmuning Kawih Sunda
(1923), Diajar Mamaos Surupan Saléndro (1928), Kawih Murangkalih (1940), Sekar Arum (1940),
jeung sajabana. Dina kaayaan bangsa urang masih kénéh dina sengkeran penjajah, Radén Machyar
jeung para seniman séjénna geus bisa ngalahirkeun karya nu linuhung, sarta bisa kawariskeun ka
anak-incuna, kalayan digunakeun nepi ka kiwari, boh di sakolaan pon kitu deui di kampus nu
medalkeun buku Mariko. Nu matak, lumrah pisan Nano. S nyebutkeun “Dipoyok Dilebok” dina hiji
tulisanna anu dimuat di Cupumanik (Juni 2010). Ceuk Nano dina tulisanna, Mariko mah datangna ka
Bandung téh henteu nalungtik pendidikan kasenian di sakolaan, malah nyuprih élmuna ogé di
paguron luhur seni Yogyakarta. Mariko henteu kacaturkeun diajar di SMKI atawa di STSI Bandung.
Jadi, Mariko nalungtik seni Sunda bari jeung henteu nanyakeun ka ahlina.

Kilang kitu, dina runtuyan biodatana mah disebutkeun yén Mariko téh kungsi jadi fellow ti The Japan
Foundation jeung The Agency for Cultural Affairs (Bunka-co) pikeun nalungtik karawitan Sunda di
Bandung. Jadi, buku Mariko téh bisa baé diarandel. Lamun geus kitu, tangtu kaayaan karawitan
Sunda téh parna, luyu jeung anu ditétélakeun ku Priadi Dwi Hardjito (Cupumanik, April 2010), yén ku
ayana buku Mariko, kondisi karawitan Sunda téh dina kaayaan anu bahaya. Ku kituna, para seniman,
budayawan, katut masarakat Sunda ulah cicingeun. Perelu aya ketak pikeun nandeskeun yén pikiran
Mariko téh kalintang ngaco. Nu munggaran nyieun ketak téh kuduna mah UPI, ku cara narik buku
karangan Mariko, kajaba lamun UPI moal ngagunakeun deui “DA Mi Na Ti La”.*

You might also like