Download as pdf or txt
Download as pdf or txt
You are on page 1of 11

BASA SUNDA

RUMPAKA KAWIH
TAHUN AJARAN 2020-2021

ASEP IDRIS
Email: asepidrisms@gmail.com
RUMPAKA

Sastra (puisi)

Rumpaka nya eta puisi anu sok


dilagukeun, boh dikawihkeun boh
ditembangkeun. Rumpaka kawih
diwangun ku dua unsur, nya eta
rumpaka jeung kawih.

KAWIH

Karawitan (seni musik)


Rumpaka kawih nya eta kekecapan atawa lirik kawih.
Umpama ditilik tina rumpakana, kawih oge mangrupakeun
karya sastra Sunda wangun ugeran atawa puisi anu henteu
pati kaiket ku aturan. Kawih sarua jeung kakawihan, nyaeta
puisi Sunda anu henteu pati kaiket ku aturan. Sedengkeun
tembang mangrupakeun karya sastra wangun puisi anu kaiket
ku aturan, nyaeta aturan pupuh.
Kawih teh jadi bagian tina
kabeungharan seni Sunda. Dina elmu
musik Sunda, antara kawih jeung tembang
teh dibedakeun. Dina kawih mah aya
birama (wiletan) jeung ketukan (tempo).
Kawih
Waktu dihaleuangkeun, kawih mah kauger
ku aturan birama jeung ketukan.
Sedengkeun tembang mah henteu kauger
Wangenan Kawih Kakawihan ku wiletan jeung ketukan.
Ari kakawihan mah sarua jeung kawih.
Bedana, kakawihan mah dihaleuangkeun teh
Tembang dina kaulinan barudak. Ku kituna kakawihan
sok disebut oge kawih murangkalih atawa
kawih barudak. Contona aya kakawihan
“Oray-orayan”, “Pacicipoci”,
“Hompimpah”, jeung sajabana.
Conto Rumpaka Kawih

Bubuy Bulan
(Benny Corga)

Bubuy bulan bubuy bulan sangray bentang


Panon poe panon poe di sasate
Unggal bulan unggal bulan abdi teang
Unggal poe unggal poe oge hade

Situ Ciburuy laukna hese dipancing


Nyeredet hate ningali Ngeplak caina
Duh eta saha nu ngalangkung unggal enjing
Nyeredet hate ningali sorot socana
Conto Rumpaka Kawih
Tanah Sunda
(Sanggiang Koko Koswara)

Tanah Sunda (wibawa) gemah ripah (tur éndah)


nu ngumbara suka betah
Urang Sunda (Sawawa) sing Towéksa (percéka)
nyagga darma anu nyata

Seuweu Pajajaran muga tong kasmaran


sing tulatén jeung rumaksa
miara pakaya mémang sawajibna
getén titén rumawat Tanah Pusaka

Titén kana (pakaya), harta banda (pusaka)


mo' kaduhung waktu jaga
anu lian (mo wasa) moal bisa (rumaksa)
ngatur ngolah jeung ngariksa

Gembleng sauyunan singkil babarengan


ngangkat darajat Ki Sunda
Sunda kukuh kuat diraksa dirumat
pasti jembar wibawa Indonésia
Conto Rumpaka Kawih KARATAGAN PAHLAWAN
(Mang Koko)

Teu honcewang (teu ringrang)


sumoreang (haringhang)
Tekadna pahlawan bangsa (pahlawan)
Cadu mundur (takabur)
pantrang mulang (honcewang)
Mun maksud tacan laksana

Berjuang keur lemah cai


Lali rabi tur tegang pati
Taya basa menta pamulang tarima
Iklas rido keur korban merdeka

Sinatria danalaga
Bela bangsa jeung nagara
Dibarengan tekad suci
Berjuang keur lemah cai

Teu ngingetkeun ka dirina


Asal nagri bangsa waluya
Kadar jembar raharja mukti wibawa
Gembleng tujuan Pahlawan Bangsa
AYUN AMBING
Penyanyi : Agus Coley

Deungkleung déngdék Ukur cimata nu jadi ubarna


Anaking jimat awaking Rasa kasono
Geura bobo teu weuleh ngadodoho
Sanajan urang paanggang
Panutan kalbu
Haté mah paanjang anjang
Ema hidep aya di pangumbaraan Sanajan urang papisah
Nyiar rizki buburuh jadi TKI Ka Gusti urang sumerah diri
Deungkleung déngdék Kieu buktina
Anaking di ayun ambing Kedah kieu nasibna
Ulah rungsing tepung jeung peuting
Anggur nyaring na mangsa keur sepi jempling
Ngadu'a Ema hidep énggal mulang
Struktur Kawih

1 Jejer (Tema) 2 Nada jeung Suasana

Tema teh gagasan pokok anu rek Nada teh sikap pangarang
ditepikeun ku nu ngarang ka nu maca. Tina sikep
rumpaka kawih ka nu maca. pangarang ngabalukarkeun
Tema dina kawih rupa-rupa, aya ayana suasana nu karasa ku
tema kaagamaan, kamnusaam, nu maca.
cinta ka lemah cai, jeung
sajabana. Sinatria danalaga
Bela bangsa jeung nagara
Dibarengan tekad suci
Berjuang keur lemahcai

Dumasar rumpaka kawih di luhur, katangen sikep pangarang teh


hayang ngabejaan ka nu maca yen ari pahlawan teh nu berjoang keur
ngabela bangsa, nagara, jeung lemah cai. Tina sikep eta urang salaku
nu maca bisa ngarasa reueus kana jasa-jasana pahlawan.
Struktur Kawih

3 Rasa 4 Amanat

Rasa teh ngajiwaan eusi kawih. Amanat teh rasa pangarang anu karasa
Rasa dina kawih kapanggih ku nu maca atawa ngaregeupkeun kawih.
sabada dihaleuangkeun. Tapi najan kitu, amanat dina kawih
Ngareunah henteuna kawih teh ditangtukeunana teh gumantung nu
apan karasana sabada maca. Hartina urang dibere kabebasan
dihaleuangkeun. pikeun nangtukeun amanat tina hiji
kawih.
Struktur Kawih

5 Purwakanti Nilik perenahna, purwakanti teh aya dua. Saruana atawa


padeukeutna sora kecap nu ngajajar ka gigir dina
sapadalisan disebut purwakanti rantayan. Contona
Sinatri[a] danalag[a] rumpaka kawih di luhur. Ari sarua atawa padeukeutna
Bela bangs[a] jeung nagar[a] sora kecap nu ngaruntuy ka handap tur biasana aya
Dibarengan tekad suc[i] ditungtung ungkara padalisan mah disebutna
purwakanti runtuyan. Titenan contona dina rumpaka
Berjuang keur lemahca[i]
kawih ieu dihandap!

Rumpaka di luhur teh jumlahna sapada (bait). Sapadana


diwangun ku opat padalisan (jajaran). Dina rumpaka di Berjuang keur lemahca[i]
luhur, aya sora-sora anu sarua unggal padalisan. Dina Lali rabi tur tegang pat[i]
padalisan kahiji jeung kadua, nu sarua teh sora [a]. Dina Taya basa menta pamulang tarim[a]
padalisan katilu jeung kaopat, nu sarua teh sora [i]. Sora-sora Iklas rido keur korban merdek[a]
nu sarua dina rumpaka kawih kitu teh
disebutna purwakanti. Cindekna nu disebut purwakanti teh
nyaeta padeukeutna atawa saruana sora kecap dina ungkara
kalimah.

You might also like