B. Sunda 9

You might also like

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 2

BAHASA SUNDA KELAS IX

BAB I : GIRANG ACARA


Dina hiji acara, urang sok ningal aya jalma anu kapapancénan ngatur acara, anu
ilahar sok disebut panata acara atawa MC (Master of Ceremony). Pancénna purah
nyusun runtuyan acara, nangtukeun sarta ngahaturanan saha-sahana anu midang
atawa cacarita dina éta acara. Sagédéngeun panata acara, aya deui anu disebut
panumbu catur atawa sok katelah modérator. Ieu ogé pancénna méh sarua, purah
ngatur lumangsungna hiji acara. Bédana, panumbu catur mah ilaharna sok dipaké
dina acara sawala atawa diskusi. Éta anu dua téh urang sebut baé girang acara,
nyaéta jalma anu miboga pancén ngatur lumangsungna hiji acara.
conto téks omongan anu sok dihaturkeun ku panata acara atawa panumbu catur
1. Ngahaturanan: Salajengna sim kuring ngahaturanan Sadérék Syifa Rahmawati
kanggo maoskeun ayat suci Al Qur’an. Sumangga dihaturanan!
2. Nganuhunkeun: Hatur séwu nuhun ka Pupuhu Panitia, kersana Bapa Drs. Galih
Sundana anu parantos ngadugikeun biantara laporanana.
3. Nepikeun koméntar: Sabilulungan, sipat silihrojong. Sipat urang Sunda nu
kalintang éndahna. Pamugi kawih anu nembé dihaharingkeun sing nyerep kana
angen, sing nitih kana ati sanubari. Dina enggoning diajar urang salamina tiasa
silihrojong, silihasih ku pangarti, silihasah ku kabisa, silihasuh ku kaweruh.
4. Mungkas acara: Bapa miwah Ibu, kalih hadirin sadaya anu sami rawuh! Acara
Paturay Tineung parantos lekasan. Ti sim kuring, rupina sakitu nu kapihatur.
Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan, luhur
saur bahé carék, mugia kersa ngahapunten. Billahitauik wal hidayah
wassalamu’alaikum wr. wb.
A. GIRANG ACARA
Nu kaasup Girang acara teh aya 2 nyaeta :
1. Panata Acara
Panata acara nyaeta jalma anu ngatur susunan hiji acara jeung
mingpin atawa ngiringkeun jalanna hiji acara, ti mimiti bubuka
nepi ka panutup acara. Dina istilah anu geus umum, panata
acara teh hartina sarua jeung MC (Master of Ceremony).
Aya sawatara hal anu perlu diperhatikeun ku panata acara
sangkan hiji acara bisa sukses. Hal anu perlu diperhatikeun
diantarana nyaeta pasemon panata acara kudu gumbira jeung
someah, pilihan kecap anu merenah, lentong atawa intonasi anu
pas, sarta lafal oge kudu merenah.
2. Panumbu Catur ( Moderator )
Panumbu catur nyaeta jalma anu miboga tugas mingpin jeung
ngarahkan lumangsungna hiji acara saperti sawala atawa
diskusi, ti mimiti bubuka acara nepi ka panutup acara.
Tugas utama panumbu catur dina acara saperti sawala nyaeta
ngatur jeung ngarahkeun guneman atawa debat supaya arahna
jelas, henteu ka mana-mana.

You might also like