Lembur Singkur

You might also like

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 3

BAHASA SUNDA (9H)

TUGAS RESENSI NOVEL BASA SUNDA

Anggota Kelompok :
• Ayu Hana Agustin
• Azzahra Ifah Mahakayana
• Billal Satria Akbar. J
• Dude Rizqy Sulaiman Lubis
• Erlanggga Farid
• Fauzi Zainummuttaqin

1. RESENSI NOVEL LEMBUR SINGKUR

Identitas Novel :

 Judul : Lembur Singkur


 Pengarang : Abdullah Mustappa
 Penerbit : Giri Mukti
 Kandel buku : 60 kaca
 Hak cipta : All Right Reserved
 Rarancang judul : Deddy Dubandi
 Taun terbit : 1979

Sinopsis Novel :
Ieu novel lembur singkur teh mangrupakeun novel carita anu pikasediheun. Nyaritakeun hiji desa
anu jauh ti ka raramean kota, nyaritakeun hiji kulawarga nyaeta nu jadi indung nu ngabogaan 3
budak diantarana 2 lanceuk nu ngarana hadi jeung ahmad, jeung hiji deui budak (nu jadi kuring). 2
lanceukna mondok di lebak ngamankeun diri tina gorombolan, tapi manehna (kuring) ngan duaan
jeung indungna lantaran indungna embungeun di ajak mondok ka lebak.
Ieu budak teh teu nyahoeun saha bapana, sabab ti leutik indungna teu mere nyaho saha bapana.
Dina hiji peuting nu jadi bapana datang ka imahna bari susulumputan, tapi manehna teu nyahoeun
yén nu datang téh eta bapana. Hiji waktu manehna jeung indungna mangkat ka sawah, kulantaran
indungna gawe ngahuma.

Indungna mawa bekel loba, kusabab indungna téh ninggali aya pamariksaan ku gorombolan,
manehna reuwas jeung gorombolan curiga ka si ema. kusabab para tantara nyaho yén salaki
indungna milu jadi gorombolan, di sangka yén bapana téh jadi mata-mata.

Si ema di pariksa jeung ditanyaan tuluy di bawa ka markas para gorombolan. Gorombolan nahan
ema neupika peutingna, jeung eta budak ngan bisa nungguan di luar. Teu lila sala sahiji lanceukna
datang ka markas, bari susulumputan di leuwung, tuluy mawa balik eta budak. Eta budak téh
ngarasa karunyaeun ka emana, naha ema lila di markas gorombolan? tapi isukna emana di
pulangkeun deui ka imah.

Geus lila tina kajadian éta, gorombolan nyerang ka eta desa, loba tetembakan rame kacida. Loba
jelema nu nyumput dina lobang kusabab sieuneun ku gorombolan. Kaayaan desa paburantak teu
tenang. Hiji waktu indungna di teangan ku Organisasi Kamanan Desa, ku sabab di curiga yén
salakina sok datang susulumputan ka imahna.

Tuluy indungna eta budak teh di bawa ka kantor nepi ka mangpirang-pirang poé. Sanggeus kajadian
eta, desa jadi aman, tapi aya kabar yén nurutkeun rencana poé éta rek aya sababaraha pasukan ti
leuweung nyaeta nu jadi bapa nu milu ka gunung bakal tarurun balik ka lemburna.

Ema jeung budak téh bungah pisan, jeung si budak geus lila hanyangeun apal kana nu jadi bapana.
Tapi geus lila indungna ngadagoan jeung neangan nanya kaditu kadieu, ngan aya hiji kabar yén nu
jadi bapa téh geus parna (maot).

Tokoh :

 Budak (Kuring)
 Indungna (Ema)
 Lanceuk : Hadi, Ahmad,
 Bapa
Alur Carita :

Maju

Latar Tempat :
 Imah
 Sawah
 Leuweng
 Desa anu jauh tina karamean

Latar :
 Tengah peuting
 Isuk-isuk

Kaleuwihan Novel

Dina carita ieu boga kaleuwihan nyaeta nyaritakeun carita anu pikasediheun jeung ngagambarkeun
kaayaan jaman baheula masyarakat pilemburan di tatar sunda anu pikawatireun. Méré pelajaran
jang barudak ngora anu ayeuna hirup di tatar sunda yén kahirupan baheula téh bener-bener
pikasediheun jeung pinuh ku derita, teu siga jaman ayeuna. Jeung eta kajadian teh mangrupa
kajadian anu bisa waé nini-aki urang ngalaman kana kaayaan éta.

Kakurangan Novel

Kakurangannana nyaeta carita ieu teu nyebutkeun saha ari ngaran nu jadi budak lalaki anu jadi
pameran utamana dina ieu carita novel sunda, jeung teu dicaritakeun naon wae sababna 2
lanceukna heunteu sare di imahna.

Amanat

Eta carita pikeun urang sarerea kudu patuh taat kana aturan-aturan pamerantah, urang teu menang
ngalawan atawa ngabarontak ka nagara, mun baheula mah gerombolan, mun ayeuna mah teroris.
Urang kudu bisa milih mana anu hade di lakukeun jeung mana anu goreng dijauhkeun.

You might also like