Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 3

3.

RESENSI NOVEL NU NGGEUGEUH LEGOK KIARA

Identitas Novel :
 Judul buku : Nu Ngageugeuh Legok Kiara
 Pangarang : Dadan Sutisna
 Pamedal : PT. Kiblat Buku Utama
 Taun terbit : 2001
 Kandel buku : 51 kaca
 Harga Buku : Rp 13.500

Sinopsis Novel :

eu jauh ti lembur aya tangkal kiara nu umurna geus ratusan taun, nu disebutna Legok Kiara. Réa
dongéngna yen nu lewat ka dinya Legok Kiara téh cenah mah balikna sok terus gering Tapi si Emod
jeung Si Sadun panasaran hayang ngabuktikeun mitos yen mun ngadeukeutan legok Kiara teh
anjeuna bakal gering.

Sabab ceunah di legok Kiara teh aya tangkal kai nu hirupna geus ratusan taun. Barudak teh jadi
inget ka legok Kiara gara-gara maranehana meunang pancen ti sakola titah melak tangkal kai di
deukeut sakola meh sakola jadi leuwih iuh jeung alus sarta jang ngajaga alam, sabab zaman
ayeuna alam teh geus beuki ruksak gara-gara ku ulah manusa.

Ceuk Bapana Si Emod, di Legok Kiara teh loba jurig jeung dedemit, tempatna sanget jeung
geueuman. Da puguh aya tangkal Kiara anu jangkungna kabina-bina. Areuyna ngagangseur kana
taneuh. Tapi Emod henteu percaya teuing kana eta beja teh. Manehna angger panasaran. Malah
hayang ngabuktikeun naha enya di dinya teh aya jurigan.

Hiji waktu, Mang Apin anu sok babantu di sawah bapana ngabejaan yen manehna rek ngabasmi
beurit nu aya di kebon bapana. Sawah bapana Si Emod teh aya di deuket legok Kiara. Tangtu wae
Si Emod teu nyia-nyiakeun eta kasempetan. Manehna tuluy menta ka bapana sangkan bisa ngilu
ngabantuan jeung Mang Apin. Sanggeus di ijinan manehna tuluy ngajak Si Sadun meh manehna
bisa ngabuktikeun yen mitos nu aya teh teu bener.

Pas poe Minggu, manehna indit ka legok Kiara, di dinya si Emod jeung Si Sadun ngahuleng ningali
tangkal Kiara nu jangkung tur gede kabina-bina. Tapi maranehna tuluy balik da rada sieun oge
cicing di dinya lila-lila mah. Di legok Kiara maranehna manggih ucing, tuluy ku Si Emod dibawa balik
ka imahna. Eta ucing dingaranan Si Buris.

Si Emod deukeut pisan ka Si Buris, nepi ka sare ge dibaturan ku Si Buris. Tapi sanggeus kolotna
nyaho yen Si Buris teh dibawa ti legok Kiara, Si Emod di titah miceun Si Buris. Tapi si Emod teu
bisa, manehna tetep miara si Buris di imahna.

Panon poe keur meujeuhna moreret. Desa Si Emod jeung Si Sadung mani paceklik. Tutuwuhan
hareupeun mah Emod loba nu kalempohan. Jujukutan nepi ka pirang kahalodoan. Emod inget kana
carita guruna yen keur halodo mah kudu melak tutuwuhan. Upama hareupeun imahna pinuh ku
tatangkalan meureun moal panas-panas amat ayeuna teh.

Unggal tengah poe Si Buris sok ngereles, teuing kamana ulinna. Hiji mangsa poe Minggu kusabab
panasaran, manehna nuturkeun si Buris. Si Buris tonggoy leumpang mapay pasawahan nu garing
kahalodoan. Ngalengkah siga nu lungse, kawasna mah awahing panas. Beuki jauh Emod nuturkeun
Si Buris, tungtungna mah anjog ka Legok Kiara. Si Buris tuluy kukurusukan ka nu bala.

Ditempo teh tangkal di dinya mani harejo, apan mun tangkal hayang alus teh kudu aya cai. Pas Si
Buris kaluar, sirah Si Buris kulimis siga tos di teuleumkeun kana cai. Emod ngahuleng sajongjonan.
Naha bet aya cai di dinya. Barang disidik-sidik ku Emod, cai anu barijil tina taneuh teh siga kasedot
deui ka jero.

Kawasna mah aya deui liangna. Emod jadi inget carita guruna yen tangkal kai nu gede gunana keur
nahan erosi jeung neundeun cai. Geus apal di dinya aya cai, Emod gura-giru balik tuluy ngabejaan
Pa Kuwu. Isukna urang lembur ngabring ka Legok Kiara.

Urang lembur teu percaya keneh yen di dinya teh loba cai. Ayeuna mah urang lembur teu aya nu sieun
deui ka Legok Kiara, malah urang lembur loba nu datang ka dinya jang mawa cai. Tina carita eta urang
apal yen mitos teh teu salamana bener.

Kaleuwihan buku : Novel ieu teh sae pisan kanggo dibaca ku kabeh kalangan hususna barudak sabab ieu
teh novel barudak nu ngabogaan amanat nu loba tur sae pisan, novel ieu nyaritakeun kahirupan urang
sapopoe.
Bahasa :

Sanajan basa nu digunakeun basa loma, tapi basana tetep sopan, teu kasar teuing. Basa dipake bisa
nepikeun maksud ti pangarang ka nu maca novel ieu.

Amanat :

Ngingetkeun urang yen alam teh penting pisan jang kahirupan urang, jadi urang teh ulah ngaruksak
alam. Urang oge ulah pasea jeung babaturan kusabab masalah nu leutik, urang kudu silih ngarti.

You might also like