Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 6

Tugas Bahasa Sunda (9H)

Resensi Novel Basa Sunda

Anggota Kelompok :
1. Abhiyoga Bayu Wisesa
2. Achmad Baskara Fausta Rama
3. Adelia Ramadhani
4. Aning Imanda
5. Anisa Humaira
6. Aqilla Ghaida

1. Resensi Si Kabayan Jadi Dukun

1. Judul : Si Kabayan Jadi Dukun


2. Pangarang : Moh. Ambri
3. Penerbit : Kiblat Buku Utama
4. Taun Terbit : 2009
5. Kandel : 71 kaca
6. Gambar jilid: gigireun
7. Laporanana : -
 Harga : Rp. 15.000

 Sinopsis:
Kabayan téh hirupna ripuh, puguh da jelema kedul manehna mah.
Manéhna ngandelkeun késang pamajikanna keur hirup sapopoé, mun
keur daék kakarak manéhna leos ka leuweung ngala suluh. Hiji poé
Kabayan jeung pamajikanna paséa gedé nepi ka tatanggana nyarahoeun,
Kabayan nampiling Saikem, nu jadi pamajikanna.
Hiji mangsa aya sémah nu néangan dukun di lembur si Kabayan,
kabeneran sémah téh nanyakeun ka Saikem ngeunaan dukun lepus.
Saikem nu ngabogaan niat hayang males kanyeri ka salaki pédah kungsi
ditampiling, ngabéjakeun ka sémah yén Si Kabayan téh dukun nu sakti,
dicaritakeun ogé naon baé nu kungsi dipigawé ku si Kabayan keur
ngayakinkeun.
Basa Kabayan rék balik, manéhna papanggih jeung dua urang anu nu
nyebutkeun yén manéhna téh Embah. Kabayan nu teu nyaho nanaon
tungtunganana mah kapaksa daék ngilu jeung sémah éta, da geus
digebugan. Kabayan dipercaya bisa ngubaran Nyi Hasanah, anak
sodagar, nu katarajang panyawat pireu. Saenyana mah Nyi Hasanah téh
teu gering nanaon, lantaran manéhna teu resep bapana rék ngawinkeun
manéhna ka Haji Latip da geus bogoh ka si Agus.
Sanggeus balik ti imah Nyi Hasanah, Agus nepungan si Kabayan,
manéhna ménta tulung ka si Kabayan sangkan manéhna bisa papanggih
jeung Nyi Hasanah. Tungtungna mah Agus nyamar jadi pangiring Embah
dukun. Basa geus papanggih éta, Nyi Hasanah nu geus teu pireu deui
kabur jeung Agus.
Kabayan kanyahoan yén manéhna téh lain dukun beneran.
Manéhna di penjara ku pulisi. Lain sedih, Kabayan kakalah atoh
hirup di bui da manéhna teu kudu ribed jeung lieur ngurusan
urusan di imahna.Tapi angger wé Kabayan bisa bébas, ku lantaran
Agus ngajelaskeun perkara nu saenyana.
 Kaleuwihan Buku:
Jalan caritana runtuy, loba atikan nu bisa dicandak tina buku novel
sunda ieu. Salian ti éta, buku ieu ogé ngahibur ka nu macana, ku
kalakuan para palaku dina carita ieu.
 Kakurangan Buku:
Kurang rinci ngajelaskeun ngeunaan panokohan-nana, contona nu
maca bisa ka kécohku saha nu mana Nyi Hasanah téh. Basa nu
dipaké ogé teu gampang dicerna ku nu murangkalih atawa anu
awam basa sunda.
 Amanat:
Jadi jelema mah ulah kedul jeng bodo, kudu daek ikhtiar neangan
usaha kadieu ka ditu, ulah ngandelkeun jalma sejen.
 Catetan : -
2. Resensi Si Sekar Panggung

1. Judul: Si Sekar Panggung


2. Pangarang: Tatang Sumarsono
3. Penerbit: Kiblat Buku Utama
4. Taun Terbit : 2007
5. Kandel : 59 Kaca
6. Gambar jilid: gigireun
7. Laporanana : -
 Harga buku: 17.000

 Sinopsis:
Novel  ieu nyaritakeun tentang hiji budak anu namina Ahmad
Hutomi atawa Entom. Bapana Entom the didamelna ngurus kuda
pacuan anu dititipkeun ku dunungannana. Salah sahiji dunungan
bapana Entom the namina Haji Tantowi atawa biasana disebat Pa
Haji SPBU, kumargi usahana kana pom bensin. Pa Haji the gaduh
putra tilu nu dua pameget, anu bungsu hijina deui istri namina teh
neng Dinar anu umurna sami sareng Entom. Neng Dinar the resep
kana kuda kukituna upami Pa Haji nuju mantau kudana ka istal
neng Dinar teh osok ngiring janten weh wawuh deukeut malah
mah, Neng Dinar teh osok naek kuda tapi bari di cekelan ku Entom
kumargi palaur geubis. Sebenerna mun nuju naek kuda teh neng
Dinar sok miwarang tong dicekelan tapi tara digugu ku Entom da
bisi labuh eta budak dunungan teh, da lamun nepika labuh mah
sieun bapana Entom anu katempuhan .
Entom teh ayeuna kelas 9 SMP, disakola Entom teh kaasup murid
anu pinter. Saban uih ti sakola Entom sok mantuan bapana ngurus
kuda di istal. Kuda anu osok diurus ku Entom teh nyaeta si Sekar
Panggung, dipasihan nami kitu kumargi sukuna barodas. Tapi Si
Sekar Panggung teh anu ngabogaan adat anu panggorengna ti 
genep kuda  bogana Pa Haji anu dititipkeun di istal, jeung teu bisa
diatur kusasaha iwal ku Entom. Si Sekar Panggung teh leuwih iceus
ka Entom batan ka kang Wawan, Mamg Ohan, Mang Acep, jeung
bapana Entom anu osok ngurus kuda di istal. Malah mah jeng ka
Pa Haji ge, ka dunungannana, iceus keneh ka Entom. Sabab eta
kuda teh dijurukeun pas dina malem lebaran, tur Entom anu
nungkulanana. Komo saatos indungna paeh opat bulan saatos
ngajuru eta kuda, Entom anu osok nyekelan botol dot mun si
Panggung keur nyusu.
Si Panggung teh umurna geus tilu taun, tapi tacan kungsi
dilombakeun kana pacuan. Kumargi Si Panggung teh ngan daek
diatur ku si Entom, Pa Haji teh miwarang Entom Ngalatih eta kuda
bari dibantuan ku ku Um Yance nyaeta palatih kuda di eta istal.
Entom teh ngalatih eta kuda dina waktos subuh sateuacan
angakat ka sakola. Dina lomba pacuan Si Panggung meunang juara
ka hiji, meunangna Si Panggung teh di arep-arep pisan ku Entom
sarta nu sejenna nu ngurus eta kuda. Sugan weh lamun Si
Panggung meunang manehna bakal meunang komisi , anu bakalan
dipake kangge neruskeun sakolana ka SMA kumargi kaayaan
ekonomi na anu kirang, aripek teh Neng Dinar putri na Pa Haji
nyuhunkeun ka bapana mun eta kuda meunang bakalan
nyakolakeun Entom ka SMA sareng Neng Dinar. Kumargi Entom
teh budakna pinter tapi teu gaduh biaya kangge neruskeun.
Janten weh Entom teh sakolana dibiayaan ku Haji.
 Kaleuwihan Buku:
Dina novel ieu seueur gambar janten macana teu bosen, aya
pesan moral nu sae kanggo barudak yen jadi budak teh kudu
pantang menyerah.
 Kakurangan Buku:
Dina anu buku, teu di cantunkeun hartos kalimah-kalimah anu
hese dipikahartos sabab masih aya kalimah nu di pikahartos.
 Amanat:
Urang kudu giat pikeun nerapkeun saagala sesuatuna meh
menangkeun hasilna nu maksimal
 Catetan: -
3. Resensi Baruang Ka Nu Narora

1. Judul : Baruang Ka Nu Ngarora


2. Pangarang : D.K Ardiwinata
3. Penerbit : Kiblat Buku Utama
4. Taun Terbit : 2013
5. Kandel : 107 kaca
6. Gambar jilid: gigireun
7. Laporanana: -
 Harga : Rp. 30.000

 Sinopsis
Malem senen 14 bulan hapit 1291 dibumina haji abdul raup meuni
rame pisan, kulantaran anakna nyaeta nyi rapiah rek dilamar ku
ujang kusen. teu lami nyi rapiah sareung ujang kusen akhirna
nikah. kulantaran maranehna rek mandiri sareng teu
ngarepotkeun kolotna, maranehna pindah kahijidesa nu jauh tina
desa kolotna tinggal. Akhirna maranehna pindah diiringan ku
ceurik kulantaran nyi piah teh teu bisa jauh sareng kolotna, ema
na nyu piah nyengceurikan nyi piah supados nyengceurikan anu
maot. Akhirna nyi piah sareung ujang kusen nepi ka desa di deket
gunung nu jauh timana-mana. Nyi piah tinggal diditu teu
pibeutaheun pisan, kulantaran manehna teu biasa tinggal di
tempat nu jauh timana-mana ditambahan diditu nyi piah jauh ti
kahidupan mewah nu biasana manehna jalankeun.
Tiba-tiba dina hiji waktos nyi piah ngarasa tos teu beutah pisan
tinggal di imah eta, akhirna nyi piah kabur ka imah abdullah bade
ka imah kolotna. Singket carita nyi piah sareung ujang kusen teh
papisah anu akhirna nyi piah nikah ka aom usman lalaki nu
dipicinta nyi piah, tapi teu lila nyi piah dicandung ku aom usman,
ceurik weh nyi piah kulantaran nyesel ninggalkeun ujang usen
demi aom usman. Tapi nyi piah teu bisa naon-naon kulantaran tos
jadi takdirna maneh na dicandung. Sami nyi piah, ujang kusen ge
jadi jalma anu teu bener sanggeus papisah jeung nyi piah, sok
maen awewe jeung ngadu, akhirna kulantaran sikapna anu kos
kitu ujang kusen di bui.
 Kaleuwihan Buku:
Bahasa dina ieu novel teh ngagunakeun gaya basa gaya basa,
conto na gaya basa kadalon, rarahulan, nu matak urang tertarik
macana. Oge ngagunakeun basa sapopoe, basa loma jeung basa
lemeus. Galur caritana oge lumayan narik perhatosan numaca.
 Kakurangan Buku:
Buku ieu caritana hampir sarua jeng kahirupan te saeutik jalma
didunya, loba nu ngalaman kawas carita di ieu novel. Sipat sipat
goring urang Sunda nu dicaritakeun di ieu novel bias mangaruhan
kaanu macana, komo deui lamun dibaca ku murang kalih nu teu
acan cukup umur. Bisa fatal akibatna engke. Cakupan dina carita
ieu ge kurang luwes, jadi kurang seeur inforasi nu tiasa ditangkep.
 Amanat:
Sing jadi jalma teh tong gampang dihasut ku urang lain, sok boga
pendirian nu kukuh sareng nyerahkeun diri ka ngabogaan hirup.
 Catetan: -

You might also like