Seren Tampi

You might also like

Download as pdf or txt
Download as pdf or txt
You are on page 1of 3

SEREN TAMPI PANGANTEN

Bismillaahir rohmaanir rohiim


Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Alhamdulillahi robbil aalamin, Wabihi nasta'iinu alla umuurid dunia waddin. Was sholaatu
wassalaamu alla sayyidina Muhammadin khootaminnabiyyin, Wa aalihi wa shohbihii
ajma-'iin
Bapa …………….. miwah Ibu ………………… sinarengan para wargi anu sami kempel
ayeuna di dieu, kawakilan ku …………………………….. jaler istri, nyanggakeun haturan
sumping disarengan ku laksa keti kabingahan ka sadaya nu sarumping.
Kawuwuh-wuwuh disarengan bari nyandak pipangantenen pameget wasta
……………………………………, anu diajeng-ajeng pisan siang kalayan wengi. Lajeng
dipasrahkeun pisan, atuh kantenan ditampi ku asta kalih kasuhun kalingga murda,
binarungan bingah amarwatasuta, bingah anu taya hinggana.

Kitu deui cacandakanana, sanaos henteu diantos-antos, ditampi pisan, henteu diteundeun di
handap-handap estu disuhun dina embun-embunan, sarta mugi-mugi janten
kamangpaatanana ka barudak miwah urang sadaya anu janten sepuhna.
Sawangsulna, mugi ageung sih hapunten dina sagala kakirangan miwah kajanggalan dina
ieu panampian ka nu sarumping, boh sipatna, boh carana, tata sinareng basana matak
ngajaheutkeun mamanahan. Kitu deui dina jamuanana anu sanget mung sakadarna pisan
tebih tina kautamian, mugi ulah kirang-kirang nya ngahapunten kawantos sanes pisan kirang
upami, nanging kumaha mung sakieu nya kaayaaan.

Pungkasing pihatur, sami-sami neneda, mugi-mugi barudak anu bade jatukrami miwah
pamaksadan sepuhna sadaya diijabah ku Gusti Allah anu sipat rahman rahim, sarta kenging
sapaat ti kangjeng Nabi Muhammad s.a.w., lulus mulus lunglur-langsar beres-roes laksana
tanpa kuciwa.
Wabillahi taufik wal hidayah.
Wassalamualaikum Wr. Wb.

Bismillaahir rohmaanir rohiim


Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Alhamdulillahi robbil aalamin, Wabihi nasta'iinu alla umuurid dunia waddin. Was sholaatu
wassalaamu alla sayydina Muhammadin khootaminnabiyyin, Wa aalihi wa shohbihii
ajma-'iin.
Palawargi jaler istri anu mulya utamina ka pangersa saebul bet di dieu, sim kuring atas nami
kulawargi bapa ………………………………………….. rawuh rombongan, disarengan ku muji
syukur ka Gusti nu Maha Agung, ngahaturkeun rebu-rebu nuhun laksa keti kabinghan
kapalawargi didieu wirehna sim kuring parantos gasik ditampi enggal-enggal ditarima,
dipapag di hiap-hiap ku basa anu endah someah, diawur ku kembang tanjung paselang
kembang kananga, malati nu jadi saksi, tawis kaweningan galih pribumi nampi rombongan
nu sumping. Estu matak tingtrim kana ati, matak betah kana manah anu nyemah. Mugia
pangbagea anu dadasarna ku ikhlas kabingah nembe, tiasa jadi tatali asih panyimpay rasa
anu bakal nyangreud mageuhkeun silaturahim antawis kulawargi ti …………………. Sareng
kulawargi ti ………………………….., bari ginuluran sareng rido Allah Swt. Amiin.

Salajengna sim kuring seja tamada wireh rumaos ngabantun rombongan teh lumayan
seueurna, bari sanes mung wungkul sepuh atanapi rumaja wae nanging katambih ku
murangkalih anu nuju meujeuhna baladeur, anu tangtos bakal seueur kalepatanana,
utamina tata titi duduga peryogana.
Kumargi kitu tawakup anu kasuhun saupami katingali aya tingkah anu kirang munasabah,
kadangu aya saur anu kirang umum ti rombongan sim kuring sadayana.

Palawargi anu mulya.


Rupina cunduk waktuna sim kuring nedunan pamundut panata cakagara tadi, nincak
mangsana balaka nguningakeun pamaksadan. Ku kituna mah kantenan, raos rek mobok
magih gorowong, rek naek mendak taraje nguping pamundut panata calagara the, margi asa
piraku ti …………………….. dijugjug upami teu aya anu dipimaksud, pamohalan
anggang-anggang diteang ka ……………………………….. upami teu aya pamaksadan,
tebih ge pasti disungsi margi aya nu dipilari.

Ka kulawargi bapa……………………………………. Sakalih, Insya Allah sim kuring seja


balaka.
Saperkawis sim kuring sarombongan seja nyanggakeun bari nyangreud pageuhkeun
silaturahim ka parawargi sadaya di dieu, margi nya ieu pisan nu jadi bibit buit, cikal bakal
sim kuring sarawuh rombongan dongkap ka ieu tempat, teu aya sanes seja jajap pun
………………………………………………. Anu wastana …………………………………
kadeudeuh bapa ……………………………………. Sakalih, anu numutkeun selenting
bawaning angin parantos lami pakait ati pacantel hate sareng
neng…………………………………. Putri ka asih bapa …………………………. Miwah ibu.
Wartosna heubeul silih pikatineung, lawas silih pikamelang, bungbuna karujuk sepuh,
samara jiad ti sobat sadaya, cindekna mah batu turun kesik naek alias itu purun ieu daek.
Malihan parantos aya kasaluyuan ti sadayana reh dina dinten ieu ping
……………………………….. Insya Allah sejana bade diakadan.
Kumargi kitu, mugi kasaksi ku sadaya, danget ieu sim kuring atas namina kulawargi
………………………………………………… seja nyanggakeun pipanganteneun, nya ieu
…………………………………………. Ka pangersa bapa …………………………………..
sakulawargi, saur tukang pantun te mah ti luhur sausap rambut ti handap sausap dampal
rambutna salambar getihna satetes napasna sadami estu mo ngagaduih-gaduh deui mugia
ditampi lajeng ditikahkeun ka neng ………………………………………….

Panuhun sim kuring sakulawargi sabada pun anak resmi janten kulawargi di
…………………………….. mugi sing sering ngageuing, ulah bosen ngawurukan ulah suda
mapatahan nungtun sinareng nuduhkeun kana jalan pamaslahatan sareng pibagjaeun
dunya rawuh aheratna.
Nanging nyakitu geuning, teu weleh aya tambihna nyaeta mangrupi kabodoan sareng
kakiranganana, kirang elmu panemuna kirang tata titi duduga peryogana kirang pangalaman
sareng pamahaman tos kantenan anu disebat harta banda mah estu kirang keneh pisan
margi nembe bade kokoreh, sumuhun ari pangawakan mah estu tangtung teu nambut rupa
teu nyewa dedeg sampe rupa hade nanging nyakitu upami dina kai mah diangge pamikul
bengkung diangge pangeret bingkeng, lumayan keur pisuluheun.
Atuh salajengna boh bilih disebat wadul sim kuring nyanggemkeun teu jingjing teu bawa
mah, margi ku parawargi katinggali aya nu nyandak tanggeuyan. Isin upami disebat
hiji-hijina mah margi mung ukur tamba pamali tamba isin ulah ngaligincing teuing. Ari
maksadna mah eta the tilam kadeudeuh tawis asih ti ………………………………… kanggo
neng ……………………………………, mugi ulah ditainggal pangaosna anu estu teu pira,
nanging niat suci nu maparina, saurna mah : sanes butuh keur sausum, butuh pikeun batur
hirup, mun wasa saumur-umur seja nyaah salawasna, deudeuh geugeut mo ngaheuleut
wedi asih salamina. Disarengan ku paneda mugia ginulur restu ginanjar rahmat sareng rido
Allah Swt.

Parawargi jaler istri anu mulya. Piraku mun gunung tanpa tutugan, walungan tanpa muara,
atuih piraku nu jajap ge kateterasan. Rupina urang cekapkeun sakieu kecap pangjajap sim
kuring.
Panutup catur pamungkas carita sim kuring atas nami rombongan ti
……………………………………. Nyanggakeun sewu bebendu laksa duduga ka parawargi
sadaya, tos tangtos saurna kirang umum kecap kirang merenah, bobot pangayon timbang
taraju, nyanggakeun ka parawargi sadaya. Panuhun sim kuring rawuh rombongan mugi
agung tawakupna jembar hampurana kana sagala rupi kalepatan sareng kakirangan

Billahi Sabilil haq.


Wasalamualaikum Wr. Wb.

You might also like