Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 4

PENILAIAN AKHIR SEMESTER

TAHUN PELAJARAN 2020/2021

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda


Kelas : VII (tujuh)
Semester : Ganjil

I. Pilih salah sahiji jawaban nu pangbenerna ku cara nyakra (X) aksara a, b, c atawa d!
Paguneman Yayan jeung Adang
Yayan : “Punten!”
Adang : “Mangga! Éh, geuning Yayan. Mangga ka lebet, Yan! ”
Yayan : “Hatur nuhun, da moal lami ieu téh!”
Adang : “Aya naon, Yan?”
Yayan : “Numawi, abdi téh dijurungan ku pun bapa, engké wengi Pa Sukmana dilulungsur
linggih di rorompok, bada Isa.”
Adang : “Aya acara naon kitu, Yan?”
Yayan : “Badé sukuran sakantenan wawanohan abdi sakulawargi abdi sareng urang dieu.”
Adang : “Oh, muhun... ké didugikeun ka pun bapa. Kaleresan pun bapana teu acan sumping ti
kantor, biasana sonten.”
Yayan : “Muhun, hatur nuhun sateuacanna ogé. Abdi badé permios, seueur kénéh bujengeun.”
Adang : “Ké, Yan, ulah rurusuhan. Cai-cai heula atuh.”
Yayan : “Nuhun Dang, cekap ieu gé. Sakantenan wé atuh sareng Adang, engké wengi diantosan
di rorompok, méh abdi aya batur.”
Adang : “Insya Alloh, Yan. Boa engké sonten gé abdi ka bumi Yayan, nya ngabantos-bantos
naon wé atuh.”
Yayan : “Diantos pisan. Nuhun, Dang. Mangga atuh.”
Adang : “Mangga.”

1. Jejer anu dicaritakeun dina éta paguneman, nyaéta . . .


a. Yayan ngulem Pa Sukmana supaya datang ka imahna sabab badé sukuran.
b. Yayan nyampeur ulin ka Adang.
c. Adang ngabéjaan Yayan yén bapana can datang ti kantor
d. Adang ngabéjaan Yayan yén manéhna rék datang ka imah Yayan jeung bapana.
2. Palaku dina paguneman di luhur nyaéta . . .
a. Pa Sukmana jeung Adang c. Pa Sukmana jeung Yayan
b. Yayan jeung Adang d. Yayan, Adang jeung Pa Sukmana
3. Saha anu kacaritakeun warga anyar dina paguneman di luhur?
a. Pa Sukmana c. Kulawarga Yayan
b. Adang d. Kulawarga Adang
4. Rék aya acara naon Yayan ngulem Pa Sukmana ka imahna?
a. Rék wawanohan c. Rék hajat
b. Rék sukuran d. Rék sukuran sakalian wawanohan
5. Iraha acarana dilaksanakeun?
a. Pasosoré c. Beurang
b. Bada magrib d. Bada isa
6. Paguneman téh dilakukeun ku . . .
a. Sorangan bari sorana bedas c. Duaan atawa leuwih bari silitémpas
b. Duaan tapi nu ngomongna saurang d. Sorangan bari sorana teu kadéngé ku batur
7. Anu kaasup paguneman téh, nyaéta . . .
a. Épilog b. Monolog c. Dialog d. Prolog
8. Paguneman biasa dilaksanakeun di . . .
a. Di jero kelas b. Dimana baé c. Dina acara resmi d. Dina riungan
9. Jejer dina paguneman téh . . .
a. Diatur ku nu nyarita c. Bisa naon baé
b. Diatur ku nu diajak nyarita d. Teu bisa sambarangan
10. Kaasup henteu pantes dilakukeun upama urang keur paguneman téh aya nu . . .
a. Nyarita dibarung ku pasemon anu marahmay
b. Nyarita dibarung ku rengkuh anu merenah
c. Nyarita dibarung ku lentong anu merenah
d. Nyarita dibarung ku lajag-léjég jeung poporongos
11. Hapunten pa, . . . téh teu aya réncangna mung sareng asin wungkul.
a. Neda b. Dahar c. Tuang d. Baranghakan
12. Ibu geura . . . tos wengi.
a. Bobo b. Saré c. Mondok d. Kulem
13. Kalimah nu luyu jeung tata krama Sunda, nyaéta . . .
a. Pun bapa badé mios ka kantor sareng pun biang.
b. Pun bapa badé angkat ka kantor sareng pun biang.
c. Pun bapa rék indit ka kantor sareng pun indung.
d. Pun bapa rék mios ka kantor sareng indung kuring
14. Kamari kuring papanggih jeung lanceuk manéh.
Upama dirobah kana ragam basa hormat, jadi . . .
a. Kamari abdi patepang sareng pun lanceuk
b. Kamari abdi patepang sareng pun raka
c. Kamari abdi patepang sareng tuang lanceuk
d. Kamari abdi patepang sareng tuang raka
15. Indung kuring mah ngajarna di Sukahaji.
Ragam basa hormatna . . .
a. Pun ibu mah ngawulangna di Sukahaji.
b. Pun biang mah ngawulangna di Sukahaji.
c. Tuang biang mah ngawulangna di Sukahaji.
d. Tuang ibu mah ngawulangna di Sukahaji.
16. Kuring kakara balik ti sakola.
Upama dirobah kana ragam basa hormat, jadi . . .
a. Abdi nembé mulih ti sakola. c. Abdi nembé wangsul ti sakola.
b. Abdi kakara mulih ti sakola. d. Abdi nembé mulang ti sakola.

Medar langlayangan téh salah sahiji kaulinan barudak lalaki anu kacida populérna. Dina
kanyataanana nu raresep medar téh lain barudak waé, dalah kolot gé loba nu resep. Méh di unggal
tempat aya waé nu medar, pangpangna dina usum halodo bari kabeneran alus angin, langit téh
mani sok katémbong rapang ku langlayangan. Atuh urang mancanagara gé geus loba nu mikaresep
kana kaulinan ieu.
Salian ti paalus-alus gelasan, langalayang ogé sok pangalus-alus wangkong atawa gambar.
Mangsana diadu, sok katémbong gagah lamun langlayangan nu alus wangkongna mah.
Rarancang langlayangan dijieunna tina awi nu dirautan sarta diaturna maké bola, ari keretasna
aya tilu rupa, nyaéta keretas endog, keretas minyak, jeung keretas sampeu. Tah ari langlayangan
gedé nu jangkungna leuwih ti sameter mah cocogna maké keretas sampeu lantaran mangsana
kagentak angin sok karasa hipu henteu matak langsung kapakan.
17. Medar langlayangan téh kaasup kaulinan nu pada mikaresep. Iraha biasana medar langlayangan
téh?
a. Dina usum halodo tur gedé angin
b. Dina usum mamareng
c. Dina usum rendeng keur meujeuhna angin barat
d. Dina usum keur peré sakola
18. Salah sahiji cara ngadu langlayangan téh nyaéta maén kubet/betot. Naon maksud tina kecap
kubet?
a. Diulur, dibéréan sina luhur
b. Dibetot kalawan ngagentak dina diadu
c. Ngadu diulur bari langlayangan sina hirup
d. Ngaduan langlayangan batur lain tina gelasanana
19. Kunaon sababna medar langayangan dina usum halodo?
a. Sabab dina usum rendeng mah angina tara gedé
b. Sabab tempatna waktu halodo mah genaheun
c. Sabab dina usum halodo mah sok gedé angin
d. Sabab dina usum halodo mah loba barudak anu arulin
20. Kaulinan barudak anu sok dilakukeun ku barudak awéwé, nyaéta . . .
a. Langlayangan b. Ngadu kaléci c. Congklak d. Kolécér
21. Kaulinan barudak nu sok dilakukeun ku barudak awéwé jeung lalaki, nyaéta . . .
a. Béklen b Ucing sumput c. Ngadu kaléci d. Éncrak
22. Kaulinan barudak anu sok dilakukeun ku barudak lalaki, nyaéta . . .
a. Langlayangan b. Simar c. Béklen d. Éngklé
23. Kaulinan barudak anu sok dibarung ku kakawihan, nyaéta . . .
a. Oray-orayan b. Gatrik c. Simar d. Boyboyan
24. Jumlah pamaén galah sadayana aya . . . urang.
a. Lima b. Genep c. Tujuh d. Dalapan
25. Nangtukeun nu éléh jeung nu meunang ku cara ngadukeun jempol, curuk, jeung cinggir, sok
disebut . . .
a. Cang kacang panjang b. Suten c. Hompimpah d. Cingciripit
26. Nurutkeun pamanggih hidep, eusi gambar iklan diluhur nyaéta...
a. Loba jalma nu maot alatan ngaroko
b. Teu meunang ngaroko kusabab ngarugikeun
c. Teu meunang ngaroko di tempat umum
d. Ngaroko téh nyéhatkeun awak
27. Mun ditilik tina kalimah paréntah, gambar iklan diluhur téh kaasup kana kalimah..
a. Panitah c. Pangjurung
b. Panyaram d. Pangajak
28. Tulisan nu eusina mangrupa paréntah, ajakan atawa panyarék, disebut . . .
a. Wawaran b. Iklan sosial c. Iklan dagang d. Béwara
29. Nu henteu kaasup wawaran di handap ieu, nyaéta . . .
a. Perpustakaan lain tempat ngobrol! c. Parkir di tempat nu geus disadiakeun!
b. Piceun runtah kana tempatna! d. Sadérék kaserang flu?? Leueut waé Fluesin!!
30. Iklan nu dikaluarkeun ku pamaréntah atawa lembaga sok disebut . . .
a. Iklan dagang c. Iklan layanan masarakat
b. Iklan komérsil d. Béwara
31. Media nu sok dipaké dina iklan wangun audio, nyaéta . . .
a. Radio b. Televisi c. Internet d. Koran
32. Di handap ieu mangrupa média nu biasa dipaké dina iklan wangun tinulis/visual, iwal . . .
a. Koran b. Majalah c. Spanduk d. Radio
33. Dina iklan wangun audio visual, anu jadi puseur perhatian pikeun urang salaku nu ningali,éta
iklan nyaéta . . .
a. Model/palaku b. Sorana c. Tulisanna d. Musikna
34. Kuring boga hiji pangalaman anu moal bisa dipopohokeun. Harita téh poé Rebo, kuring indit
ka sakola kabeurangan. Kusabab rusuh, kuring henteu taliti maké sapatu sisirangan.
Téks carita pangalaman di luhur mangrupa conto pangalaman anu . . .
a. Pikabungaheun b. Pikaseurieun c. Pikareueuseun d. Pikasediheun
35. Carita pangalaman anu eusina ngébréhkeun rasa reueus di handap ieu nyaéta . . .
a. Waktos kelas lima SD abdi kantos janten pinunjul pasanggiri maca sajak Sunda tingkat
Kabupatén. Abdi ngaraos reueus tiasa ngawangikeun nami sakola.
b. Harita téh dinten Minggu. Abdi sareng kulawarga piknik ka Pangandaran. Abdi tiasa
ningal éndahna laut Pangandaran, paparahuan, sareng kokojayan sisi basisir.
c. Waktos pun nini ngantunkeun, abdi téh kacida sedihna sarta ngarasa kaleungitan, kumargi
pun nini téh kacida nyaaheunana ka abdi.
d. Kapungkur abdi kantos ngiringan kemping Pramuka. Wengi-wengi sadaya anggota
Pramuka ngalaksanakeun jurit malam. Nalika ngalangkung ka kuburan, abdi sareng
réréncangan ngaraos sieun pisan.
36. Carita pangalaman kaasup kana wangun téks...
a. Narasi b. déskripsi c. eksposisi d. Argumentasi
37. Kecap anu dipaké pikeun ngaganti hal anu ditanyakeun atawa pikeun ngukuhan anu geus
dipikanyaho éta disebut kalimah...
a. Paréntah c. Pangharepan
b. Pananya d. Panitah
38. . . nu rék milu ka Pangandaran?
Kecap pananya anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah diluhur nyaéta...
a. Iraha b. Saha c. Dimana d. Sabaraha
39. Kalimah pananya nu bener larapna, nyaéta . . .
a. Kuring dahar saté? c. Saha anu teu sakola?
b. Awas, tong nyorétan témbok? d. Aduh, sapatu kuring kotor?
40. Kecap pananya nu dipaké pikeun nanyakeun jumlah jeung bilangan, nyaéta . . .
a. Sabaraha b. Iraha c. Ku naon d. Naha
II. Kerjakeun soal-soal ieu di handap kalawan bener tur jéntré!
1. Sebutkeun 4 conto kaulinan barudak nu dimaénkeunna sok dibarengan ku kakawihan!
2. Kumaha prak-prakkan kaulinan boy-boyan!
3. Tuliskeun pangalaman nu pernah kaalaman ku hidep dina wangun wacana anu
pikabungaheun!
4. Robah kecap-kecap di handap kana basa lemes!
No. Basa loma Lemes ka batur Lemes ka sorangan
1. Dahar
2. Indit
3. Datang
4. Saré
5. Balik

5. Jieun dua conto kalimah nu ngagunakeun kecap dihandap ieu:


a. Kunaon
b. Kumaha

You might also like