Bagi Angklung Artikel

You might also like

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 1

Angklung

Angklung mangrupakeun salah sahiji alat musik tradisional nu asalna ti Jawa Barat. Angklung
asalna tina basa Sunda nyaèta ”angkleung-angkleungan” hartina gerakan nu ngabentuk sora ”klung”.
Angklung dijieuna tina bahan dasar awi, nyaèta awi wulung atawa awi temen.

Alat musik angklung mimitina mah dipake keur ngiringan upacara atawa ritual panghormatan ka
Dewi Sri (Dewi Padi). Ngan, di jaman ayeuna mah angklung ogè bisa dipungsikeun keur ngiringan rupa-
rupa acara. Contona saperti orkestra, kasenian, teater, khitanan, hajatan, arak-arakan, jeung jadi bahan
pangajaran di sakola.

Dua tokoh nu berperan keur perkembangan angklung di Jawa Barat nyaeta Daeng Soetigna
(Bapa Angklung Diatonis Kromatis) jeung Udjo Ngalagena nu ngembangkeun teknik laras pelog jeung
salèndro. Lamun ngamaènkeun Angklung tèh carana dieundeukkeun jadina ngahasilkeun sora nu
ngageter dina susunan nada 2, 3, nepi ka 4 dina unggal ukuranana.

Kusabab angklung bisa dimaènkeun dina tangga nada diatonis, ayeuna angklung dimaènkeun ku
band-band atawa orkestra bahkan dina lagu Bohemian Rhapsody. Udjo Ngalagena, juragan Saung
Angklung Udjo ngainovasi pikeun mikawanoh angklung langkung lega.

Nama : Salwa Nabila


Kelas : 8F
Absen : 30
Tugas Artikel Bahasa Sunda

You might also like