Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 5

Nama zaky putra pratama

Cakra (X) dina pilihan jawaban A, B, C, D atawa E anu ku hidep dianggap bener!
1. Biantara téh nyaéta nyarita di hareupeun ….
A. kulawarga
B. kepala sekolah
C. babaturan
D. guru
E. balaréa
Jawaban no 1.E

2. Dina biantara aya nu disebut biantara resmi jeung teu resmi, ieu di handap mana nu
kaasup kana biantara teu resmi ….
A. biantara ngaresmikeun sakola anyar
B. biantara dina rapat DPR
C. biantara sukuran boga imah anyar
D. biantara kapala sakola jeung kolot siswa
E. biantara dina upacara
Jawaban no 2. C
3. Métodeu/téknik dina nepikeun biantara ku cara nuliskeun poin-poin nu dianggap
penting nyaéta….
A. ngapalkeun biantarana
B. impromtu
C. ékstémporan
D. persuasif
E. maca naskah biantara
jawaban no3. C

4. Sadaya puji kagungan Gusti Nu Maha Suci. Solawat sinareng salam mugi tetep
ngocor ngagolontor ka Jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad Saw.
Kalimah di luhur mangrupa bagian tina ….
A. salam bubuka
B. mukadimah
C. ngahaturkeun nuhun
D. eusi biantara
E. sanduk-sanduk
jawaban no 4. B
5. Bagian dina struktur biantara anu eusina ménta pangampura bisi aya kasalahan dina
nyarita nyaéta ....
A. salam bubuka
B. mukadimah
C. ngahaturkeun nuhun
D. eusi biantara
E. sanduk-sanduk
jawaban no 5 E

6. Dina nyusun téks biantara eusina kudu mundel, naon harti tina kecap mundel téh….
A. loba mangpaat jeung loba pulunganeunana
B. luyu jeung aturan nyieun téks biantara
C. kudu loba maké kecap anu éndah dina biantara
D. merhatikeun kaédah-kaédah biantara
E. dumasar kana struktur biantara
jawaban no 6 A
7. Dina nyusun téks biantara, urang kudu bisa ngagunakeun jejer anu aktual. Naon ari
nu dimaksud aktual téh? ....
A. eusina kudu bener-bener nyata
B. teu meunang ngarang ku sorangan
C. strukturna kudu bener
D. jejerna kudu luyu jeung situasi sarta kondisi kiwari
E. basa nu digunakeunna kudu kahart
jawaban no 7 A
8. Dina nepikeun biantara urang kudu merhatikeun sora anu bedas sangkan kadéngé
ku balaréa. Béntés dina nepikeun kecap jeung kalimah dina biantara, ulah loba
ngarandeg dina nyarita. Éta pedaran téh kaasup kana ....
A. lentong (intonasi)
B. sora (artikulasi)
C. pasang peta
D. wirahma
E. nada
jawaban no 8 B
9. Basa anu digunakeun dina biantara biasana diluyukeun jeung situasi jeung kondisi
sabudeureun. Anu teu kaasup kana situasi jeung kondisi anu kudu diperhatikeun
dina biantara téh nyaéta ….
A. saha anu ngahadiran éta acara
B. jenis acara anu dilaksanakeun
C. kalungguhan nu haladir
D. jumlah hadirin anu aya
E. kapentingan acara
jawaban no 9 A
10.Rupina cekap sakitu pamapag ti sim kuring, bilih aya langkung saur bahé carék,
bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu kasuhun, mugi jembar pangampura.
Paribasa bobo sapanon carang sapakan ngandung harti ….
A. aya nu dipikangéwa ku hadirin
B. sauyunan babarengan jeung baraya
C. teu puguh undak-usukna, teu puguh éntép seureuhna
D. dijéntrékeun maksud jeung tujuanna
E. hayoh mamatahan batur ari ka sorangan henteu
jawaban no 10 C

11. Pasanggiri Biantara acara resmi, ku kituna basa nu digunakeunana ogé kudu
ngutamakeun basa…
a. Loma
b. Sapopoé
c. Kasar
d. Sedeng
e. Sopan
Jawaban no 11 E

12. Dina Biantara aya sababaraha Unsur, iwal...


a. Orator
b. Kaum Dangu
c. Bahan Biantara
d. Tempat Biantara
e. Pirsawan
Jawaban no 12 D
13. Kaum dangu anu ngdangukeun biantara urang disebut…
a. Orator
b. Moderator
c. Jamaah
d. Pirsawan
e. Murid
Jawaban no 13 D
14. ”... Dina danget ieu sim kuring kapapancénan pikeun ngadugikeun pedaran perkawis
”Ngamumulé Basa Sunda...”
Harti kecap ”Ngamumulé” nya éta...
a. Ngurus/miara
b. Ningkatkeun
c. Ngaronjatkeun
d. Merhatikeun
e. Nurunkeun
Jawaban no 14 A

15. Ngahaturkeun nuhun kanu parantos hadir, kalebet ungkara basa nu aya dina biantara
bagian…
a. Salam bubuka
b. Eusi Biantara
c. Bubuka Biantara
d. Panutup Biantara
e. Kacindekan Biantara
Jawaban no 15 D
16. ”Ulah cul dog-dog tinggal igel, naha enya urang bisa rido lamun basa Sunda kudu
leungit, atuh lamun nepika leungit téa mah moal aya nu disebut suku Sunda téh.”
Harti paribasa ”Cul dog-dog tinggal igel” nya éta...
a. Mapatahan ka jalma nu geus ahlina
b. Leuwih hadé ngorbankeun harta tibatan awak
c. Laku lampah kurang hadé anu hésé dileungitkeunana
d. Pagawéan poko diantepkeun kalah migawé nu teu perlu
e. Kudu bisa ngatur waktu
Jawaban no 16 D

17. Bubuka dina biantara diwangun ku sababaraha unsur, iwal…


a. Mukadimah
b. Ucapan hormat ka para inohong
c. Ngahaturkeun pangwilujeng ka nu hadir
d. Harepan
e. Salam bubuka
Jawaban no 17 C

18. Bagéan Biantara anu eusina perkara naon waé anu rék ditepikeun ka pirsawan, biasana
dumasar kana tujuan biantara.
a. Pedaran
b. Kacindekan
c. Harepan
d. Sanduk-sanduk
e. Mukadimah
Jawaban no 18 A
19. Bagéan Biantara anu nétélakeun yén biantara téh geus réngsé…
a. Bubuka Biantara
b. Eusi Biantara
c. Panutup Biantara
d. Kacindekan
e. Salam Panutup
Jawaban no 19 C

20. Biantara anu tujuanna pikeun nyieun pirsawan gumbira sarta kahibur disebut…
a. Informatif
b. Persuasif
c. Rekreatif
d. Argumentatif
e. Variatif
Jawaban no 20 C

You might also like