Professional Documents
Culture Documents
MalikaRizkia (14) Cerita Pantun
MalikaRizkia (14) Cerita Pantun
MalikaRizkia (14) Cerita Pantun
Pancén Mandiri
1. Naon nu disebut carita pantun téh? Naon bédana jeung pantun dina sastra
Indonésia?
Jawab: pantun dina sastra Sunda nyaéta carita rékaan nu ukuranana panjang., nu
dianggit dina wangun puisi (ugeran) kalawan didugikeun sacara lisan. Sedengkeun
pantun dina sastra Indonesia nyaéta sajak heubeul anu diwangun ku opat baris
wirahma (a-b-a-b) anu ngandung sisindiran.
2. Cing, tétélakeun naon anu disebut galur miang, ujian, jeung mulang dina carita
pantun téh?
Jawab: Galur miang nyaéta bagéan carita nu ngawanohkeun tokoh jeung naon anu
dilakukeun, jeung kaayaan dina awal carita. Galur ujian nyaéta bagéan carita anu
nyaritakeun masalah anu karandapan ku tokoh. Galur mulang nyaéta bagéan carita
anu nyaritakeun pemecahan masalah atawa ahir carita.
3. Naon anu disebut bagéan rajah, narasi, dialog, jeung monolog dinacarita pantun
téh?
Jawab: Rajah nyaéta bagéan sanduk-sanduk (nyuhunkeun widi) ka nu dianggap
ngawasa alam saeusina, kumargi pantun badé dikawitan. Narasi nyaéta bagéan anu
nyambungkeun antawis hiji kajantenan kana kajantenan anu salajengna.Dialog
nyaéta bagéan obrolan/guneman diantawis parapalaku dina carita pantun. Monolog
nyaéta bagéan tokoh nyarios nyalira atanapi nyariosna dina jero haté.
4. Cing, tataan deui judul carita pantun nu hidep apal?
Jawab: Ciung Wanara, Lutung Kasarung.
5. Kunaon pangna carita pantun dianggap sakral? Pék tétélakeun!
Jawab: Sabab masarakat Sunda percaya yén maca jeung ngadéngékeun pantun anu
eusina carita raja atawa karuhun téh mangrupa wujud rasa hormat ka karuhun
Nataan Judul Carita Pantun
Sanggeus hidep mikaweruh perkara carita pantun, pzk ayeuna paluruh judul-judul
carita pantun!
1. Siliwangi
2. Ratu Ayu
3. Rangga Gading
4. Panggung Karaton
5. Malang Sari
6. Langon Sari
7. Kuda Lalean
8. Jalu Mantang
9. Dalima Wayang
10. Bima Wayang
Panalaran Basa
1. Ibarat mihapékeun hayam ka heulang
Maksudna : Nitipkeun barang sangkan aman tapi nitipkeunana ka bangsat atawa ka
jalam nu teu bisa dipercaya.
2. Kawas bueuk meunang mabuk
Maksudna : Jempé/ngaheruk teu ngomong.
3. Kawas anjing tutung buntutna.
Maksudna : Teu daék cicing.
4. Kawas gula jeung peueut.
Maksudna : kacida layeutna, silih asih, tara aya pacogregan.
5. Lir nu dipupul bayu.
Maksudna : taya tangan pangawasa, leuleus pisan.
6. Kawas ucing jeung anjing.
Maksudna : Dua jelema anu henteu daek akur, sok pasea.
7. Lir widadari turun ti kahyangan.
Maksudna : Wanoja nu kacida geulisna.
8. Lir kacang ninggang kajang.
Maksudna : Norotos, capétang.
9. Siga careuh bulan.
Maksudna : nu diwedak kandel teuing
10. Cai asa tuak bari, kéjo asa catang bobo.
Maksudna : Sagala teu ngeunah lantaran keur susah atawa keur gering.