Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 7

KHUTBAH IDUL ADHA 1433

GUNAKEUN WAKTU PIKEUN IBADAH

Oleh KH. Asep Muhammad Tohir

‫السالم عليكم ورحمة هللا وبركاته‬


٩ ْ‫ َأهللُ َأ ْكبَر‬x
‫ َوَأ ْغنَانَا‬،‫ض ْال َح َّج َعلَى ِعبَا ِد ِه ِك َرا ًما َّوِإحْ َسانًا‬ َ ‫ َوفَ َر‬،‫اس َوَأ ْمنًا‬ِ َّ‫َأ ْل َح ْم ُد هللِ الَّ ِذى َج َع َل ْالبَيْتَ ْال َح َرا َم َمثَابَةً لِلن‬
،‫ َشهَا َدةً تُ ْن ِج ْينَا ِم ْن َع َذابِ ِه َوتُ ْنقِ ُذنَا‬،ُ‫ك لَه‬َ ‫ َأ ْشهَ ُد َأ ْن الَ ِإلَهَ ِإالَّ هَّللا ُ َوحْ َدهُ الَ َش ِري‬،‫طفًا َو َمنًّا‬
ْ ُ‫بِفَضْ لِ ِه َرحْ َمةً ِم ْنهُ َول‬
َ ‫ار ْك َعلَى َسيِّ ِدنَا ُم َح َّم ٍد َو َعلَى آلِه َو‬
‫صحْ بِ ِه‬ َ ‫ اللَّهُ َّم‬،‫ َرسُوْ اًل َأ ِم ْينًا‬،ُ‫َوَأ ْشهَ ُد َأ َّن ُم َح َّمدًا َع ْب ُدهُ َو َرسُولُه‬
ِ َ‫م َوب‬Lْ ِّ‫ص ِّل َو َسل‬
‫َات فِى تَ ْس ِخي ِْرنَا‬ُ ‫ت ْال َحيَ َوان‬ ِ ‫ َوالتَّابِ ِع ْينَ َما دَا َم‬.
‫ َأعُو ُذ بِاهللِ ِمنَ ال َّش ْيطَا ِن‬. َ‫ق تُقَاتِ ِه َواَل تَ ُموْ تُ َّن ِإاَّل َوَأ ْنتُ ْم ُّم ْسلِ ُموْ ن‬
َّ ‫ ِإتَّقُوا هللاَ َح‬،‫ُون‬ ْ ‫اضر‬ ِ ‫ فيَا َأيُّهَا ْال َح‬،ُ‫َأ َّما بَ ْعد‬
‫ ا ْس َم هَّللا ِ َعلَى َما َرزَ قَهُ ْم ِم ْن بَ ِهي َم ِة األ ْن َع ِام‬L‫{ولِ ُكلِّ ُأ َّم ٍة َج َع ْلنَا َم ْن َس ًكا لِيَ ْذ ُكرُوا‬
َ ,‫سم هللاِ الرحْ م ِن ال َّر ِحيم‬ ِ ِ‫ ب‬,‫ال َّر ِج ِيم‬
‫صابَهُ ْم‬ َ ‫م َوالصَّابِ ِرينَ َعلَى َما َأ‬Lُْ‫ت قُلُوبُه‬ ْ َ‫فَِإلَهُ ُك ْم ِإلَهٌ َوا ِح ٌد فَلَهُ َأ ْسلِ ُموا َوبَ ِّش ِر ْال ُم ْخبِتِينَ () الَّ ِذينَ ِإ َذا ُذ ِك َر هَّللا ُ َو ِجل‬
َ‫م يُ ْنفِقُون‬Lُْ‫َو ْال ُمقِي ِمي الصَّال ِة َو ِم َّما َر َز ْقنَاه‬

Hadirin sidang Idul Adha anu dirohmat ku Alloh swt.


Sapeupeuting ngaguruh sora takbir, ngageuing mawa eling ka diri nu
perlu ku pepeling. Ti unggal masjid ti tiap musholla, teu eureun gumuruhna
minuhan jagat raya, dugi ka langit ka tujuh, nu disambut ku para malaikat,
maraca istigfar pikeun nu talakbir ngagungkeun Alloh nu maha wisesa,
ngagungkeun Dzat nu Maha Agung, teu aya pangeran anu sa agung Alloh
Subhanahu wata’ala. Teu aya nu nandingan kana Digjayana Alloh, kana
kakawasaanana, raja ning raja. Nu hak disembah sareng hak di ta’ati parentah
sareng laranganana.
Allohu Akbar, Allohu Akbar, Wa lillahil Hamd.
Dinten ieu para jama’ah Haji di Mekah, ayeuna nuju marulih ti Arofah,
teras ka Muzdalifah, lajeng ka Mina kanggo ngalempar Jumroh Aqobah, bari
teu liren ngalafadkeun Talbiyyah;
َ ‫ ِإ َّن ْال َح ْم َد َوالنِّ ْع َمةَ لَكَ َو ْال ُم ْل‬،‫ك‬
َ‫ الَ َش ِريكَ لَك‬،‫ك‬ َ ‫ك لَبَّ ْي‬
َ َ‫ك ل‬ َ ‫لَبَّ ْيكَ اللَّهُ َّم لَبَّ ْي‬.
َ ‫ لَبَّ ْيكَ الَ َش ِري‬،‫ك‬
Rangkaian manasik sareng ibadah haji teu leupas tina sunnah Kanjeng Nabi
Muhammad saw. anu neraskeun sunnah nabi Ibrohim sareng Nabi Ismail, katut
ibuna anu sholehah tegesna Ibunda Siti Hajar alaihimissalam.
Arofah, hartosna Kangjeng Nabi Ibrohim yakin yen ngimpenna sebagai wahyu ti
Alloh SWT. di Muzdalifah mulung batu kanggo maledogan syetan anu mere
karaguan, ngagoda sangkan teu ngagugu kana parentah Alloh. Lajeng
ngalempar Jumroh Ula, jumroh wusto sareng jumroh Aqobah,
ngalambangkeun ngusir syetan sangkan jauh tinu keur ibadah.
Sadayana nu dilakukeun ku Kangjeng Nabi Ibrohim, Nabi Ismail sareng
Siti Hajar, diturutan ku jama’ah haji, didamel conto, sakumaha nu janten
syari’at Kangjeng Rosululloh saw. ieu mangrupi ‘ibroh, picontoeun kanggo
urang sadaya, mangrupi tuntunan anu kedah di emutan, di tafakuran kumaha
perjalanan jalmi-jalmi anu saroleh mayunan parentah Alloh SWT.
Allohu Akbar, Allohu Akbar, Wa lillahil Hamd.
Manusa anu teu eureun di goda ku syetan, teu liren di kendalikeun ku
nafsu, kudu bisa istiqomah, bisa maksakeun diri, ulah unggut kalinduan, ulah
gedag ka anginan, dina situasi jeung kondisi kumaha bae, kedah tetep di jalan
anu di gariskeun ku Alloh azza wajalla, kedah tetep renggenek, ulah incah
balilalahan, aya dina kakhusyuan, kaikhlasan, ibadah beurang peuting,
nyembah Alloh, dzikir sareng ngalakukeun amal hade.
Cobaan nu di hadapi Nabi Ibrohim, ti kawit ti Palestina, angkat ka
Mekah, disarengan ku istrina bari ngangais Nabi Ismail nu masih bayi. Lajeng
istri sareng putrana ditinggalkeun di Mekah nu teu aya jajadian, teu aya cai,
teu aya tatangkalan, teu aya jalmi hiji-hiji acan. Siti hajar ngandika; “Abah, ieu
leres bade ninggalkeun abdi duaan jeung orok di tempat ieu?” Nabi Ibrohim
teu ngawaler, da saha pijalmieunana anu wani miceun anak pamajikan di
tempat hara-haraeun, ditempat gersang nu teu aya jajadian tatangkalan. Siti
Hajar naros deui; “Abah, naha ieu teh piwarangan Alloh?”, nembe Nabi
Ibrohim ngawaler; “Enya, di piwarang ku Alloh, anjeun duaan kudu cicing
didieu, Abah rek balik deui ka Palestina”. Siti Hajar nembe tiasa saat cisocana,
margi upami disebatkeun piwarang Alloh, naon bae kedah ikhlas, rido, teu tiasa
nawis deui.
Siti Hajar yakin, upami cicing didieu piwarangan Alloh pasti bakal
pinanggih jeung kabagjaan, sanajan melalui rintangan sareng kondisi nu parah
pisan, ti kawit milarian cai, milarian jalmi, dugi lulumpatan kaditu kadieu menta
tulung ka manusa, teu aya nu nyampeurkeun, da memang teu aya jalmi kajabi
anjeuna duaan, tapi Siti Hajar yakin, moal sapati-pati Alloh miwarang upami
teu disarengan ku rohmat sareng kanyaahna.
Saba’da sababaraha taun Nabi Ibrohim sumping deui ka Mekah, anjeuna
sasauran; “Istriku Hajar, Abah, ngimpen yen Abah kudu meuncit anak nu
dipicinta, Ismail nu ngan hiji-hijina bari meunang hayang”. Saur Siti Hajar;
“Upami paretah Alloh, moal aya nu dikoretkeun, bujeng-bujeng anak, dalah
nyawa sorangan ge, mangga teh teuing, ikhlas rido, nyanggakeun sadaya-daya
karena Alloh”.
Kitu deui Nabi Ismail; “Abah, manga geura laksanakeun piwarang Alloh,
tutupan beungeut abdi bilih Abah teu tega ningal abdi sedih, sing seukeut
pesona ngarah abdi teu ngaraos nyeri”. Yakin moal aya nu tega meuncit
putrana nu soleh, nu bageur, nu kasep, kameumeut nu ngan hiji-hijina, bari di
bandungan ku ibuna nu micinta, mikadeudeuh, mika heman. Tapi sadayana
rido jeung ikhlas, tumarima sarta rela berkorban demi parentah Alloh Azza
wajalla.
Allohu Akbar, Wa lillahil Hamd.
Ayeuna, upami bandingkeun sareng kahirupan urang, nu sapopoe
ngagugulung dunya, sapopoe mikirkeun hirup jeung kahirupan, mikirkeun eusi
beuteung jeung kamewahan, mikirkeun imah jeung mobil, mikiran meuli kuota
jeung mayar pajeg motor.
Teu gaduh waktu khusus pikeun nyembah Alloh, teu aya waktu nu
longgar pikeun khusyu’ ibadah ka Alloh. Urang mah sok ngaheulakeun karesep,
dari pada ngalakukeun parentah Alloh, osok keneh ngaheulakeun ngurus
budak batan sholat berjamaah ka masjid, ngaheulakeun ngumbah mobil batan
wiridan jeung maca Quran, Allohu Akbar.
Naha teu sieun kitu ku ancaman Alloh?, dawuh Alloh;
۟ ‫م ْٱل َع َذابُ فَيَقُو ُل ٱلَّ ِذينَ ظَلَ ُم‬Lُ ‫اس يَوْ م يَْأتِي ِه‬
ٍ ‫وا َربَّنَٓا َأ ِّخرْ نَٓا ِإلَ ٰ ٓى َأ َج ٍل قَ ِري‬
ۗ ‫ك َونَتَّبِ ِع ٱلرُّ س َُل‬
َ َ‫ب نُّ ِجبْ َد ْع َوت‬ َ َ َّ‫َوَأن ِذ ِر ٱلن‬
‫ال‬ َ ‫ ِّمن قَ ْب ُل َما لَ ُكم ِّمن‬L‫َأ َولَ ْم تَ ُكونُ ٓو ۟ا َأ ْق َس ْمتُم‬
ٍ ‫زَو‬
“Muhammad anjeun kudu mere peringatan ka kabeh manusa, dimana
datang azab Alloh maranehna nu dolim ngaromong; “ke heula atuh Gusti,
pasihan waktos sakedap mah abdi bade nyumponan parentah Gusti, sareng
bade nuturkeun Kangjeng Rosul”. Saur Alloh; panan maraneh bareto geus
sumpah; pajarkeun urang mah moal keuna siksa ku dosa kieu” (QS. Ibrohim 44)
‫ت َكال ِإنَّهَا َكلِ َمةٌ ه َُو قَاِئلُهَا‬ َ ‫) لَ َعلِّي َأ ْع َم ُل‬٩٩( ‫ال َربِّ ارْ ِجعُو ِن‬
ُ ‫صالِحًا فِي َما ت ََر ْك‬ َ َ‫ت ق‬ ُ ْ‫َحتَّى ِإ َذا َجا َء َأ َح َدهُ ُم ْال َمو‬
۱۰۰( َ‫م بَرْ زَ ٌخ ِإلَى يَوْ ِم يُ ْب َعثُون‬Lْ ‫َو ِم ْن َو َراِئ ِه‬
“Dimana geus datang maot, manehna ngomong; “Gusti wangsulkeun
deui abdi ka dunya, yakin abdi bade ngalakukeun amal soleh, nambalan nu
katinggaleun”. Dawuh Alloh; “Eta mah kalimah basa-basi, dagoan we di alam
barzakh nepika hudang tikubur engke”.
Allohu Akbar, Wa lillahil Hamd.
Naha aya keneh nu wani ngalawan ka Alloh?, wani ngalawan kana
parentah Alloh?, naha teu cukup jadi conto kaayaan ummat nu baraheula?.
Masih keneh ludeung ngong adzan, jongjon nyonyoo HP, kadenge nu takbir
berjamaah, masih ngabaheuhay di warung caffec bari ngopi, masih khusyu’
nyangharepan sinetron dina TV.
Kagok gawe nepika teu malire kanu ngajak eling, komo nu kagok ulin,
kagok rekreasi, kagok ngegym, meni asa sehat keneh olah raga dari pada sholat
mayun ka Alloh. Asa rek panjang umur lamun nganggeuskeun badminton jeung
tenis, dari pada buru-buru ngajugjug Masjid. Rarasaan teh ari sholat mah teu
matak sehat, rasana ari sholat mah matak ruwet kana pikir, padahal saur Alloh;
ْ ‫َأاَل بِ ِذ ْك ِر هَّللا ِ ت‬
ُ‫َط َمِئ ُّن ْالقُلُوب‬
“Sing inget, nu nengtremkeun hate ngan ukur Dzikir”
Moal manggih katenangan jiwa, kajembaran hate kajaba ku dzikir,
mesing indit kaditu-kadieu, katempat nu rame, atawa ka tempat anu sepi
hayang niiskeun pikir, moal.. moal manggih.., anggur geuwat dzikir ka Alloh,
sholat, wiridan, maca qur’an, ngaji ka majlis taklim, ngariung jeung jalmi-jalmi
anu saroleh, dijamin ku Alloh; Tatmainnul Qulub, jembar, tenang, aman jeung
kondusif.
Ibnul Qoyim al-Jauziyyah nyaurkeun;
ِ ‫ضا َعةَ ْال َو ْق‬
ِ ‫ت تَ ْقطَعُكَ َع ِن هللاِ َوال َّد‬
‫ار اآْل ِخ َر ِة‬ َ ‫ت َأِل َّن ِإ‬ ِ ْ‫ت َأ َش ُّد ِمنَ ْال َمو‬ِ ‫ضا َعةُ ْال َو ْق‬َ ‫ِإ‬،
‫ك ع َِن ال ُّد ْنيَا َوَأ ْهلِهَا‬
َ ‫ت يَ ْقطَ ُع‬ ُ ْ‫ َو ْال َمو‬.
“Miceunan waktu jeung kasempetan eta leuwih bahaya dari pada
kematian, sabab miceunan waktu eta megatkeun eling ka Alloh jeung
ngajauhkeun tina perkara pi-akherateun. Sedengkeun kematian ngan ukur
ngajauhkeun tina dunya jeung eusina”.
Dunya jeung eusina ukur tinggalkeuneun, isuk duka pageto bakal di
tinggalkeun, meunang kukumpul mang taun-taun, meunang ngudag-ngudag
nepika beak waktu beak umur, kabeh bakal di tinggalkeun malah ngan ukur
jadi rebutan ahli waris. Tapi dzikir ka Alloh, eling kana yen diri diciptakeun ku
Alloh pikeun ibadah bakal mawa kabagjaan dunya akherat.
Bade iraha deui urang sadaya balik ka Alloh, bade iraha deui urang
ngagunakeun waktu jeung kasempetan pikeun ibadah, ayeuna, ayeuna, jeung
ti ayeuna, urang sadaya niat dina hate sewang-sewangan, yen ti detik ieu, ti
menit ieu, ti poe ieu, abdi bade ngagunakeun waktu pikeun mayun ka Alloh,
abdi bade maksakeun pikeun ibadah ka Alloh, ti poe ieu abdi bade sholat awal
waktu berjamaah, ti poe ieu abdi bade nyeueurkeun wiridan, nyeueurkeun
dzikir ka Alloh, ti dinten ieu abdi bade getol maca Quran, ti dinten abdi bade
leres-leres nyiar elmu, lebet ka majlis taklim, ngariung sareng anu saroleh,
ngadu’a kalayan khusyu’.
Ya Alloh pangeran abdi, mugi Gusti masihan kakiatan ka abdi kanggo
getol ibadah, masihan pitulung kanggo abdi tiasa angkat ka pangaosan, mugi
dipasihan kajembaran kanggo maca Quran sareng dzikir ka Gusti.
Ya Alloh pangeran abdi, mugi Gusti masihan kasobaran ka abdi, kanggo
mayunan panggoda syetan, sareng pangajak nafsu. Ya Alloh Ya Robbana,
pasihan abdi kakiatan kanggo mayunan sagala rupi cobian ti Gusti. Ya Alloh,
mugi Gusti masihan pitulung taufik sareng hidayah kanggo salamina abdi aya
dina jalan anu sae mungguh Gusti, tiasa ibadah tiap waktos, tiasa dzikir unggal
wengi, tiasa sholat lima waktu kalayan berjamaah. Ya Alloh kiatkeun abdi
kanggo sholat tahajud unggal wengi, kiatkeun abdi tiasa sholat witir tiap wengi,
kiatkeun abdi tiasa sholat duha dimana datang beurang, kiatkeun diri abdi
kanggo wiridan tiap bada sholat, mayun kalayan khusyu’. Ya alloh, pasihan abdi
‘inayah sareng pitulung.
Ya Alloh, anu maha kawasa sareng maha bijaksana, abdi rumaos sok
ngaheulakeun dunya batan akherat, Ya Allohu Robbuna wa Kholiquna, abdi
rumaos sok talangke dina ibadah, abdi rumaos sok nga-akhir-akhir sholat, mugi
Gusti ngahapunten ka abdi sadaya, abdi rumaos sok ngarumpak paharaman
Gusti, rumaos kana syubhat di labrak nu makruh sumawona.
Mugi Gusti ngahapunten ka abdi sadaya nu teu tiasa hormat ka sasama,
teu tiasa akur jeung tatangga, rumaos sok maseaan ka dulur jeung baraya. Ya
Alloh mugi Gusti ngahapunten ka abdi sadaya, rumaos abdi sok nganyenyeri
indung bapa, teu heman kana piwarangna, wantun ngahulag bahkan nyentak
ka aranjeuna. Ya Alloh lungsurkeun rohmat sareng kanyaah Gusti kanggo abdi
sadaya anu tukang dosa, lebetkeun abdi kana Surgana Gusti, tebihkeun abdi
tina naraka, sareng tina sagala kalakuan anu matak ngagebruskeun abdi ka
naraka. Ya Alloh mugi ngahapunten ka abdi sadaya, ka pun bapa, ka pun biyang
anu ngurus abdi ti leuleutik, mugi dirohmat ku Gusti sapertos aranjeun tos
mikanyaah ka abdi, hapunteh sadaya dulur-dulur abdi, baraya, tatangga
sadayana, kitu deui guru-guru sareng muslimin muslimat sadaya, amin. Ya
Alloh pangeran abdi mugi rohmat salam di dugikeun ka Kangjeng Nabi
Muhammad saw.

Lٌ ْ‫ َوتَقَب ََّل ِمنَّا َو ِم ْن ُك ْم تِاَل َوتَهُ ِإنَّهُ َج َوا ٌد َك ِر ْي ٌم رَُّؤ و‬،‫ت َوال ِّذ ْك ِر ْال َح ِكي ْم‬
‫ف َّر ِح ْي ٌم‬ ِ َ ‫بَا َركَ هللاُ لَنَا َولَ ُك ْم فِي اآْل يا‬.
‫‪KHUTBAH KA 2‬‬
‫‪ x‬أهلل أكبر ‪٧‬‬
‫اح ِد اَأْل َح ِد‪ ،‬الَّ ِذي لَ ْم يَلِ ْد َولَ ْم يُوْ لَ ْد َولَ ْم يَ ُك ْن لَّهُ ُكفُواً َأ َح ٌد‪ ،‬نَحْ َم ُد َربَّنا َ َونَ ْش ُك ُرهُ َعلَى نِ َع ِم ِه َوآاَل ِئ ِه‬ ‫اَ ْل َح ْم ُد هللِ ْال َو ِ‬
‫ص َمدُ‪َ ،‬وَأ ْشهَ ُد َأ َّن نَبِيَّنَا َو َسيِّ َدنَا‬‫ك لَهُ اَِإْل لهُ ال َّ‬ ‫صى‪َ L‬واَل تُ َع ْ ّد‪َ ،‬أ ْشهَ ُد َأ ْن اَّل ِإلهَ ِإاَّل هللاُ َوحْ َدهُ اَل َش ِر ْي َ‬ ‫الَّتِي اَل تُحْ َ‬
‫ار ْك َعلَى َع ْب ِدكَ َو َرسُوْ لِكَ ُم َح َّم ٍد‪َ ،‬و َعلَى‬ ‫ص ِّل َو َسلِّ ْم َوبَ ِ‬ ‫ُم َح َّمداً َع ْب ُدهُ َو َرسُوْ لُهُ ال َّدا ِع ْي ِإلَى ُسنَن ال َّر َشا ِد‪ ،‬اللّهُ َّم َ‬
‫صحْ بِ ِه َذ ِوي ْالفَضْ ِل َوال ُّس َد ِد‬ ‫‪.‬آلِ ِه َو َ‬
‫صلِّ َعلَى َسيِّ ِدنَا ُم َح َّم ٍد َوعَلى‬ ‫ون‪ .‬اَللّهُ َّم َ‬ ‫ي بِتَ ْق َوى هللاِ فَقَ ْد فَا َز ْال ُمتَّقُ ْ‬ ‫ص ْي ُك ْ‪L‬م َوِإيَّا َ‬ ‫ُون ُأوْ ِ‬ ‫ضر ْ‬ ‫اال َحا ِ‬ ‫َأ َّما بَ ْعدُ‪ ،‬فَيَا َأيُّهَ ْ‬
‫ت اَأْلحْ يَا ِء‬ ‫ين َو ْال ُمْؤ ِمنَا ِ‬ ‫ت َو ْال ُمْؤ ِمنِ َ‪L‬‬
‫ين يا َ َربَّ ْال َعالَ ِم ْينَ ‪ ،‬اَللّهُ َّم ا ْغفِرْ لِل ُم ْسلِ ِم ْينَ َو ْال ُم ْسلِ َما ِ‬ ‫ين‪ ،‬آ ِم ْ‬ ‫صحْ بِ ِه َأجْ َم ِع ْ‬ ‫آلِ ِه َو َ‬
‫ْ‬ ‫ِّ‬
‫ين‪ .‬اَللهُ َّم َسل ْمنَا َوالم ْسلِ ِم ْينَ َوعَافِنَا‬ ‫ّ‬ ‫ين‪َ ،‬و ُر َّدهُ ْم ِإلَى َوطَنِ ِه ْم َسالِ ِم ْ‬ ‫ْ‬
‫َّاج َوال ُم ْعتَ ِم ِر ْ‬ ‫ْ‬ ‫ِّ‬
‫ت‪ ،‬اَللهُ َّم َسل ِم ال ُحج َ‬ ‫ّ‬ ‫َأْل‬
‫ِم ْنهُ ْم َوا ْم َوا ِ‬
‫ِّين‪ ،‬اللَّهُ َّم َأصْ لِحْ لَنَا ِد ْينَنَا الَّ ِذي ه َُو ِعصْ َمةُ َأ ْم ِرنَا‪َ ،‬وَأصْ لِحْ‬ ‫ب ال ُّد ْنيَا َوالد ْ‬ ‫صاِئ ِ‬ ‫َو ْال ُم ْسلِ ِم ْينَ ‪َ ،‬وا ْكفِنَا َوِإيَّاهُ ْم َش َّر َم َ‬
‫آخ َرتَنَا‪ L‬الّتِي ِإلَ ْيهَا َم َعا ُدنَا‪َ ،‬واجْ َع ِل ْال َحيَاةَ ِزيَادةً لَّنَا فِي ُكلِّ خَ ي ٍْر‪،‬‬ ‫لَنَا ُد ْنيَانَا الّتِي فِ ْيهَا َم َعا ُشنَا‪َ ،‬وَأصْ لِحْ لَنَا ِ‬
‫ارنَا آ ِخ َرهَا‪َ ،‬وخَ ي َ‪ْL‬ر َأ ْع َمالِنَا َخ َواتِ َمهَا‪َ ،‬وخَ ي َْر َأيَّا ِمنَا‬ ‫احةً لَنَا ِم ْن ُكلِّ َشرٍّ ‪ ،‬اللَّهُ َّم اجْ َعلْ خَ ي َْر َأ ْع َم ِ‬ ‫َواجْ َع ِل ْال َم ْوتَ َر َ‬
‫ص َّحةً الَ تُ ْل ِه ْينَا‪،‬‬ ‫ُط ِغينَا‪َ ،‬و ِ‬ ‫ك ِإلَ ْيكَ ‪َ ،‬وهَبْ لَنَا ِغن ًى الَ ي ْ‬ ‫ك‪ .‬اللَّهُ َّم اجْ َع ْلنَا َأ ْغنَى خَ ْلقِكَ بِكَ ‪َ ،‬وَأ ْفقَ َ‪L‬ر ِعبَا ِد َ‬ ‫يَوْ َم لِقَاِئ َ‬
‫َواَ ْغنِنَا اللَّهُ َّم َع َّم ْن َأ ْغنَ ْيتَهُ َعنَّا‪َ ،‬واجْ َعلْ آ ِخ َر َكالَ ِمنَا ِمنَ ال ُّد ْنيَا َشهَا َدةَ َأ ْن الَ ِإلَهَ ِإالَّ هللاَ َوَأ َّن ُم َح َّمدًا َّرسُو ُل هللاِ‪.‬‬
‫ين‪َ .‬و ْال َح ْم ُد هللِ‬ ‫ين‪َ ،‬ويَا َأرْ َح َم الرَّا ِح ِم ْ‬ ‫أكر َم اَأْل ْك َر ِم ْ‬
‫الحيَا ِة ال ُّد ْنيَا َوفِي اآل ِخ َر ِة يَا َ‬ ‫ت فِي َ‬ ‫اللَّهُ َّم ثَبِّ ْتنَا بِالقَوْ ِل الثَّابِ ِ‬
‫‪َ .‬ربِّ ْال َعالَ ِم ْينَ‬
‫ان َوِإيتَا ِء ِذي ْالقُرْ بَ ٰى َويَ ْنهَ ٰى ع َِن ْالفَحْ َشا ِء َو ْال ُم ْن َك ِر َو ْالبَ ْغ ِي ۚ يَ ِعظُ ُك ْم‬ ‫ِعبَا َد هللاْ‪ِ ،‬إ َّن هَّللا َ يَْأ ُم ُر بِ ْال َع ْد ِل َواِإْل حْ َس ِ‬
‫‪.‬لَ َعلَّ ُك ْم تَ َذ َّكرُونَ ‪َ L.‬ولَ ِذ ْك ُر هللاِ َأ ْكبَرْ ‪َ ،‬وهللاُ يَ ْعلَ ُم َما تَصْ نَعُوْ نَ‬

You might also like