Professional Documents
Culture Documents
Biantara Ngamumule Basa Sunda
Biantara Ngamumule Basa Sunda
Bismillahirrahmanirrahim
Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka nu mana kalayan hidayah
sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat ieu dina sehat walafiat.
Aamiin
Shalawat miwah salam mugia tetep ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW.
Teu hilap ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna nu Insya Allah
taat kana ajarannana, Aamiin ya robbal alamin.
Dina ieu waktos, abdi baris medarkeun biantara anu jejerna "NGAMUMULE BASA SUNDA".
Para wargi anu ku simkuring dipikahormat Sakumaha anu ka ungina ku urang sadayana
sapertos ayeuna dimana loba rupa rupa budaya asing nu datangna ti luar, nu asup ka tatar
Sunda.
Ulah nepi ngajadikeun budaya Sunda jadi semah di lemburna sorangan nyaeta di Jawa
Barat.
Salah sahiji unsur dina budaya nyaeta basa. Basa Sunda jeung budaya sunda
mangrupakeun hiji hal anu raket patalina tur teu bisa dipisahkeun.
cara pikeun nanjeurkeun kabudayaan daerah diantarana nyaeta ku jalan ngamumule basa
sunda ku para rumaja arurang.
Lamun ditilik tilik dina kahirupan sapopoe, rumaja zaman ayeuna mah loba nu teu wanoh ka
basa boh ka budaya Sunda. Eta permasalahan kudu jadi urang sarerea.
Ulah katurunan urang bisa ngomong ngagunakeun basa daerah na sorangan nyaeta basa
Sunda Dina wangsa anu bakal kasorang lamun ayeuna eta basa teu di mumule.
Urang salaku generasi rumaja kedah muka panon sarta muka hate supados nganggo basa
Sunda dina sadidinten. Basa Sunda teh ulah eleh ku basa luar nu asup ka tatar Sunda.
Peran pamarintah aturan Kemendikbud sarta media oge dianggap penting pikeun ilubiung
ngamumule basa sunda dina wanci kiwari
Hayu urang ngajagi sarta ngamumule basa sareng budaya sunda. Tos janten kawajiban
urang di tatar Sunda micinta tur mikanyaah basa tur budaya Sunda.
Lamun teu ku urang sadaya salaku urang sunda nya deui atuh?
Rupina sakitu wae anu tiasa kapihatur hapunten bilih aya basa anu kirang entep atanapi
kecap anu kirang larapna.