Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 7

Drama Sisindiran Basa Sunda

Kelompok 3 & 6

-Adzani Rahmadaniar (MURID) 

-Zulfa Nurul Zain (MURID) 

-Alya Putri Nur Syahrani (MURID)

-Suci Pratiwi (GURU) 

-Putri Syahwa Aulia(MURID) 

-Leni Nur Lestari (MURID)

-Muhamad Rosadi Hanafi (MURID)

-Salwa Zalfa Hendrawan (MURID)

-Muhammad Rafly Sobari (MURID)


-Rahmani Nazwatama N (MURID)

- Nadia Agustin L (MURID)

XI BOGA 2 SMK NEGERI 3 CIMAHI

Lagu Pambuka (Sabilulungan Instrumen):

Meser suuk ka cipalu

Henteu hilap nyimpang ka iran

Ngawanohkeun kelompok tilu

Bade mintonkeun drama sisindiran

Sok dangukeun..

Sasarengan..

Ulah ngobrol

Ulah hereuy

Pek regepkeun ku cecepil

Supaya janteun barokah

...

...

PIDATO

Suci: Jalan-jalan ka Cipada


               Ditengah-tengah aya bolokotono

               Dinten ayeuna pangajaran basa sunda

               Diajar tes mintonkeun pidato

Murid:    “Haaahhhh?!!!!”

Leni:     Nyandak barang ka cisarua

               Dijalan dipegat jelema sarap

               Aduh Bu naha ayeuna

               Da Leni mah teu acan siap

Suci: Kacikampek meser melon

               Balikna ka kota baru

               Ibu mah teu apal nanaon

               Pokona kudu aya nu maju

Rahmani:     “Sok barudak geura maraju!”

                (barudak pindah tempat diuk kahareup)

Suci:     “Ah maneh mah nitah kabatur, ai maneh sorangan gening teu maju?”

Rahmani :    “Naa, ai maneh boloon-boloon teuing, maksud urang teh kahareup pidato lain pindah
tempat

               diuk kahareup”

Suci: “Heh, ai maraneh ngadon ngawarangkong, sok kahareup ayeuna nu geus siap!”

               (Bari nakol bor)

Rahmani :      Masak sayur make bumbu

               Diganggu ku budak sarap

               Sumangga muhun ibu

               Simkuring parantos siap

               (sakabeh murid keprok)


Alya: Hayang ngapung make sayap

               Ti Cimahi ka Citereup

               Lamun anjeun parantos siap

              Sok atuh gera kahareup

               (Rahmani , Jani maju kahareup mintonkeun pidato)

Jani :      Assalamualaikum wr.wb

Murid:    Waalaikum salam wr.wb

Jani :      Bapa – bapa tukang kalapa

              Ibu – ibu tukang lebu

               Saderek tukang bandrek

               Sadulur tukang bajigur

               Pribados tukang Bandros

               Sanaos tukang kaos

               Teu kalangkung ka tukang kangkung

               Ogé tukang togé

Suci:    “Na meni sagala teuing disebutan ai jani?”

Jani :      “Yéhh ni ngangganggu waé, padahal mah kumaha saha atuh?”

Rafly:      Si Ilham meuli huut

                Pas ditinyuh meni sareukseuk

                Enggeus – ges tong raribut

                Nu dihareup bisi ngambeuk

Zulfa :       Ka Cikandang meuli baut

                Ngaran tokona apolo

                Ges jeup tong raribut

                Aya nu bade pidato


Nadia :      Beteung ngurubuk nyeri angen

                Di imah eweuh dahareun

                Sok atuh mangga lajeungkeun

                Simkuring siap ngadangukeun

Rafly:      Meuli peteuy keur dahareun

                Ngadaharna sabari nonton

                Adeuy nadia siap ngadangukeun

               Boa-boa aya nanaon

Suci :“Nanaraonan ai maraneh atuh, dengekeun nu dihareup keur ngomong!”

Jani :       Diburuan hurung seneu

                Siga aya jejelmaan

                Simkuring cicing didieu

                Bade nerangkeun kaagamaan

               “Barudak?????”

Murid:    “Euyyyyyyy???????”

Jani:      “Aya nu apal kana babagian najis?”

Murid:    “Teuuuu!!!”

Rosadi:     Si Fanni juara ka hiji

               Puguh tea budak Bu Lilis

               Eta si Janii budak Pa Haji

               Piraku wae teu apal babagian najis

Zulfa:    “Oh si Janii teh budak Pa Haji???”

Zalfa:     “Naon lain gé, nyanyahoanan waé maneh mah Zulfa!”

Jani:      “Yeuhh denge barudak babagian najis téh aya tilu, aya najis mugholadoh nyaeta najis anjing."

               jeung babi jeung anak – anakna, najis mukhofafah nyaeta najis budak lalaki nu umurna
               taun bari can barang dahar nanaon anging ASI, jeung nu terakhir najis mutawasithah nyaeta

               najis salian ti najis dua eta”

Putri:     Si Iyas budak ceu Ooh

               Si ana budak mang Jana

               Ai najis mutawasithah

               Naon contona

Jani:      Ngadahar suuk

               Jeung cangkangna

               Tai Kotok Tai Manuk

              Eta contona

Murid:    “Ohhhhhh.... kitu?”

Rahmani:      “Sumuhunn,, sakitu wae panginten nu tiasa ku simkuring dipintonkeun,

                Di Cimanuk loba hayam jago

                Loba nu ngadu diburuan

                Sanes simkuring bade ngajago

                Urang diajar babarengan

                ...

               Saninteun buah saninteun

               Saninteun diparapatan

               Hapunteun abdi hapunteun

              Tina sadaya kalepatan

              Wassalamualaikum wr.wb

Murid:   Waalaikumsalam wr.wb

Zalfa:Diwarung aya mang aan

              Diwarungna keur meuli minya


              Geningan aya perwakilan

              Sok keprokan barudak

              (Barudak cing sarurak silih keprok Bel disada)

Murid:   “Alhamdulillah”

Jani: “Bel parantos disada hayu urang uih, sok gera siapkeun”

Suci :    “Nyungkeun perhatosannana barudak! Ngado’a dipihatur”

              (barudak beberes tuluy ngado'a)

Suci:    “Rengse, Siap paparinan salam!”

Murid:   “Wassaalamualaikum wr.wb”

Jani:“Waalaikum salam wr.wb”

Murid:   “Hatur nuhun Bu...... Alhamdulillah”

Jani:“Sawangsulna”

               (Bu guru kaluar saluyu jeung murid).

Lagu Panutup (Lagam Lagu Kaso Pondok Kaso Panjang):

Hatur nuhun.

Tos merhatoskeun.

Kasadaya rerencangan.

Mugi Allah maparinan.

Ni’mat ka urang sadaya.

You might also like