Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 5

KHUTBAH IDUL ADHA 1442 H.

*LEBARAN HAJI NGUATKEUN IMAN JEUNG IMUN*


(H. Asep M. Tohir Soleh)

‫السالم عليكم ورحمة هللا وبركاته‬


(9x) ْ‫َأهللُ َأ ْك َبر‬
‫ َوَأ ْغ َنا َنا ِب َفضْ لِ ِه َرحْ َم ًة ِم ْن ُه‬،‫ض ْال َح َّج َعلَى عِ َبا ِد ِه ك َِرامًا َّوِإحْ َسا ًنا‬ َ ‫ َو َف َر‬،‫اس َوَأ ْم ًنا‬ ِ ‫ْت ْال َح َرا َم َم َثا َب ًة لِل َّن‬ َ ‫هلل الَّذِى َج َع َل ْال َبي‬ ِ ‫َأ ْل َح ْم ُد‬
‫ص ِّل علي َس ِّي ِد َنا م َُح َّم ٍد َّو َعلَى‬ َ ‫ اللَّ ُه َّم‬،ُ‫ َوَأ ْش َه ُد َأنَّ م َُح َّم ًدا َع ْب ُدهُ َو َرسُولُه‬،ُ‫ك لَه‬ َ ‫ َأ ْش َه ُد َأنْ الَ ِإلَ َه ِإالَّ هَّللا ُ َوحْ َدهُ الَ َش ِري‬،‫َولُ ْط ًفا َو َم ًّنا‬
‫ت‬ َ ‫ار ْك‬ َ ‫آل َس ِّي ِد َنا م َُح َّم ٍد َك َما َب‬ ِ ‫اركْ َعلى َس ِّي ِد َنا م َُح َّم ٍد َو‬ ِ ‫آل َس ِّي ِد َنا إب َْراهِي َم َو َب‬ ِ ‫ْت َعلى َس ِّي ِد َنا إب َْراهِي َم َو‬ َ ‫صلَّي‬
َ ‫آل َس ِّي ِد َنا م َُح َّم ٍد َك َما‬
ِ
‫هللا َح َّق ُت َقا ِت ِه‬
َ ‫وا‬ ُ ‫ق‬ َّ
‫ت‬ ‫ِإ‬ , ْ‫ُون‬‫ر‬ ‫ح‬
ِ‫َ َ َ اض‬ ْ
‫ال‬ ‫ا‬ ‫ه‬ ‫ي‬
ُّ ‫َأ‬ ‫ا‬ ‫ي‬‫ف‬ ,‫د‬ُ ْ‫ع‬‫ب‬َ ‫َّا‬
‫م‬ ‫َأ‬ .‫د‬ٌ ‫ي‬ ‫ج‬ ‫م‬
ِ َ ٌ
‫د‬ ‫ِي‬
‫م‬ ‫ح‬ َ ‫ك‬ َّ
‫ن‬ ‫إ‬ ‫ْن‬ ‫ي‬‫م‬ َ ‫ل‬
َ ِ َ ِ َ َ‫ا‬ ‫ع‬ ْ
‫ال‬ ‫فى‬ ‫م‬ ‫ِي‬ ‫ه‬ ‫ا‬ ‫ْر‬
‫ب‬ ‫إ‬ ‫ا‬ َ
‫ن‬ ‫د‬‫ي‬ِّ ‫س‬ ‫آل‬
ِ َ ِ َ َ َ ‫و‬ ‫م‬ ‫ِي‬
‫ه‬ ‫ا‬ ‫ْر‬
‫ب‬ ‫إ‬ ‫ا‬ َ
‫ن‬ ‫د‬
ِ َ ‫َع‬
‫ي‬
ِّ ‫س‬ ‫لى‬
‫ { َولِ ُك ِّل ُأ َّم ٍة َج َع ْل َنا َم ْن َس ًكا لِ َي ْذ ُكرُوا اسْ َم‬,‫من الرَّ حِيم‬ ِ ْ‫هللا الرح‬ ِ ‫سم‬ ِ ‫ ِب‬,‫ان الرَّ ِج ِيم‬ ِ ‫ْط‬ َ ‫هلل م َِن ال َّشي‬ ِ ‫ُوذ ِبا‬ ُ ‫ َأع‬.‫َواَل َتم ُْو ُتنَّ ِإاَّل َوَأ ْن ُت ْم مُّسْ لِم ُْو َن‬
‫ت قُلُو ُب ُه ْم‬ ْ َ‫ِين ِإ َذا { ُذك َِر هَّللا ُ َو ِجل‬ َ ‫ِين () الَّذ‬ َ ‫ة األ ْن َع ِام َفِإلَ ُه ُك ْم ِإلَ ٌه َوا ِح ٌد َفلَ ُه َأسْ لِمُوا َو َب ِّش ِر ْالم ُْخ ِبت‬iِ ‫هَّللا ِ َعلَى َما َر َز َق ُه ْم مِنْ َب ِهي َم‬
َ ُ‫صا َب ُه ْم َو ْال ُمقِيمِي الصَّال ِة َو ِممَّا َر َز ْق َنا ُه ْم ُي ْنفِق‬
‫ون‬ َ ‫ين َعلَى َما َأ‬ َ ‫َّاب ِر‬ ِ ‫َوالص‬
Hadirin sidang Idul Adha anu dirohmat ku Alloh swt.
Poe ieu, poe lebaran badag, Idul Akbar, sabab ummat Islam keur karumpul di Arfah,
jutaan ummat Islam, kabeh, make baju seragam bodas, manjatkeun du’a ka Alloh,
du’a keur pribadina atawa du’a keur ka maslahatan sakabeh ummat tur
kamaslahatan bangsa.
Sataun sakali, dikumpulkeun ku Alloh, panggilan langsung ti Alloh, teu bisa
dihayang-hayang, teu bisa di cita-cita, estuning panggilan suci, ti zaman nabi
Ibrohim alahisslam, dugi ka ayeuna, Mudah-mudahan taun enjing atanapi dina
jaman nu bakal kasorang urang kabagean sareng ka panggil pikeun
ngalaksanakeun ibadah haji, rukun Islam anu kalima.
Lebaran ieu disebat Idul Adha, atawa Idul Qurban, tepat dina tanal 10 Dzul Hijjah
sabab, dina lebaran ieu disunatkeun meuncit qurban, malah ditambahan waktuna 3
poe, nu disebat poe tasyriq "kullu ayyamit tasyriqi dzabhun", Ieu hiji kasempetan
pikeun ummat Islam, keur ngalobakeun amal, jeng ngadeukeutkeun diri ka Alloh.
supaya bisa komunikasi atawa berbagi jeung tatangga, aya persaudaraan,
ukhuwwah di antara ummat islam, aya peduli ti nu beunghar ka nu fakir, aya tatali ka
akraban antara papada manusa. Nu bengar ulah takabur, nu miskin ulah leutik hate
sabab kabeh genan ukeur titipan ti Alloh.
Ma’asyirol muslimin rohimakumulloh
.‫ هللا اكبر وهلل الحمد‬،‫ هو هللا اكبر‬،‫ ال اله اال هللا‬،‫هللا اكبر هللا اكبر هللا اكبر‬
Dintenan ieu, khususna, urang sadaya, mieling lalakon nu kantos kasorang ku
Kangjeng Nabi Ibrahim ‘alahissalam sareng putrana. Ngaguratkeun kayakinan dina
hate, ku meuncit hewan kurban. Ngamparkeun karaharjaan, ngajembarkeun
parizqian nu dipaparinkeun ku Alloh. Anu manpa'atna, lewih nguatkeun tali mimitran
diantara para dulur, antara nu kaya jeung nu teu boga, ngabagikeun daging kurban,
kanu teu pati remen ngadahar, ngagedatkeun tali tulung-tinulungan, buktos ngahijina
cangreud Shilaturrahmi Umat Islam. Sakumaha dawuhan Alloh dina Al-Qur'an.
)٣( ْ‫ك ه َُو اَأْل ْب َتر‬
َ ‫) ِإنَّ َشا ِنَئ‬٢( ْ‫ك َوا ْن َحر‬ َ ‫ِإ َّنا َأعْ َط ْي َنا‬
َ ‫) َف‬١( ‫ك ْال َك ْو َث َر‬
َ ‫ص ِّل ل َِر ِّب‬
Hartosna: "Saestuna Kami geus maparin ni’mat anu kacida lobana ka anjeun. Ku
sabab eta, maka anjeun kudu ngadegkeun Sholat jeung kudu Qurban karana Alloh,
Pangeran anjeun. Saestuna nu ngewa ka anjeun, eta teh jalma nu pegat
kahadeannana".
.‫ هللا اكبر وهلل الحمد‬،‫ هو هللا اكبر‬،‫ ال اله اال هللا‬،‫هللا اكبر هللا اكبر هللا اكبر‬
Hadirin Kaum Muslimin Kakasih Alloh SWT.
Tos dugi kamana, nerapkeun sagala kedal Takbir, Tahlil, Tahmid jeung Taqdis, nu
ku urang di ucapkeun?. Leresan ieu, tinangtos urang tiasa syukuran, yen ku ibadah
nu dilaksanakeun sadidinten, tos mageuhan kana Iman urang ka Alloh SWT,
ngiatkeun kayakinan hingga urang sadaya sieun ku Anjeuna, ngalaksanakeun
parentahna sareng nebihan laranganana.
Ku bacaan tak bir tahmid sareng tasbih ieu, urang tiasa nyingraykeun kakedul,
kahoream, teu purun oge janten tiasa maksakeun ngucapkeun takbir, puasa dua
dinten kamari, oge tiasa Qurban, supados nyata yen urang leres-leres taqwa ka
Alloh SWT.
dina surat Al-Baqoroh ayat 21, Alloh nyaurkeun:
َ ‫َيا َأ ُّي َها ال َّناسُ اعْ ُب ُدوا َر َّب ُك ُم الَّذِي َخلَ َق ُك ْم َوالَّذ‬
َ ُ‫ِين مِن َق ْبلِ ُك ْم َل َعلَّ ُك ْم َت َّتق‬
.‫ون‬
.‫ هللا اكبر وهلل الحمد‬،‫ هو هللا اكبر‬،‫ ال اله اال هللا‬،‫هللا اكبر هللا اكبر هللا اكبر‬
Ma’asyirol muslimin rohimakumulloh
Alloh SWT. ngawajibkeun ka manusia pekeun Ibadah sabab hakekat hirup nyaeta
ibadah, tegesna ngalaksanakeun sadayana nu diparentah sareng nu dianjurkeun,
nebihan anu dilarang sareng nu teu guna kanggo urang.
Dinten ieu, sareng 3 dinten kapayun, urang sadaya dipasihan lahan ibadah nu
ageung ku Alloh SWT, nyaeta meuncit Qurban. Sing kabita ku amal anu waktuna
mung sataun sakali, bilih bisi taun isuk teu kabagean deui umur.
Saur Alloh dina surat Al-Hajj ayat 34:
۟ ‫هلل َعلَ ٰى َما َر َز َقهُم م ِّۢن َب ِهي َم ِة ٱَأْل ْن ٰ َعم ۗ َفِإ ٰلَ ُه ُك ْم ِإ ٰل ٌه ٰ َو ِح ٌد َفلَ ُهۥٓ َأسْ لِم‬
َ ‫ُوا ۗ َو َب ِّش ِر ْٱلم ُْخ ِبت‬
.‫ِين‬ ۟ ‫َولِ ُك ِّل ُأ َّم ٍة َج َع ْل َنا َم ْن َس ًكا لِّ َي ْذ ُكر‬
ِ ‫ُوا ٱسْ َم ٱ‬
ِ
“Pikeun Satiap Ummat geus di syari’atkeun meuncit qurban, supaya nyarebut
jenengan Alloh pikeun sasatoan anu jadi rizki aranjeun ti Alloh, Pangeran aranjeun
teh hiji, kudu bener-bener arislam, berserah diri ka Alloh, jeung bungahkeun jalma-
jalma anu paratuh tarunduk tara’at ka Alloh”.
Kangjeng Rosul nyaurkeun;
(‫ُصاَّل َنا (رواه أحمد فى المسند‬ َ ‫َمنْ َو َج َد َس َع ًة َفلَ ْم ُي‬
َ ‫ض ِّح َفاَل َي ْق َربَنَّ م‬
“Saha jalma anu kaduga qurban tapi teu ngalaksanakeun, maka ulah ngadeukeutan
tempat sholat kami”.
Saurna deui, dina riwayat Abi Syaibah;
‫ َما‬:‫ "قال رسول هللا صلى هللا عليه وسلم‬:‫فمن الصحيح ما روى الترمذي وابن ماجه عن عائشة رضي هللا عنها قالت‬
‫ وإ َّن ُه ل َيْأتِي َي ْو َم القِيا َم ِة ِبقُرُونِها‬،‫ مِنْ هراق ِة َد ٍم‬- ‫عز وج َّل‬َّ - ‫هللا‬
ِ ‫أحبَّ إلى‬ َ ‫َع ِم َل ابْنُ آ َد َم َي ْو َم ال َّنحْ ِر ع َماًل‬
‫ َفطِ يبُوا ِبها َن ْف ًسا‬،‫ض‬ ْ
ِ ْ‫كان َق ْب َل أنْ َي َق َع على األر‬ َّ - ‫هللا‬
ٍ ‫ ِب َم‬- ‫عز وج َّل‬ ِ ‫"وأ ْش‬. ‫وأظالفِها‬
ِ ‫ وإنَّ ال َّد َم لَ َي َق ُع مِن‬،‫عارها‬
“Teu aya amal anu pang dipicintana ku Alloh anging ngocorkeun getih Qurban,
Sabab eta sato bakal dina poe Qiyamah mawa ganjaran tandukna, kulitna, buluna,
bahkan getihna memeh ragrag kana taneuh parantos di tempatkeun ganjaranana di
caket Alloh, maka aranjeun kudu bungah ku ngalaksanakeun Qurban”.
Maka Kacida pisan bagjana anu tiasa ngalaksanakeun ibadah qurban, mudah-
mudahan ditampi janten amal sae mungguh Alloh SWT. Tur didunyana digentosan
ku Alloh kunu langkung seueur sareng langkung sae, Amin.
Ma’asyirol muslimin rohimakumulloh
Dimasa situasi sapertos ayeuna, urang sadaya peryogi waspada, utamina kana
berita sareng beja tina TV atanapi Media Sosial. Peryogi ngajagi informasi anu
katampi ku urang pribadi atanapi ku kulawargi sareng tatanggi sabudeureun.
Tangtos sering pradoksal, ceuk itu kitu, ceuk ieu kieu. Kanggo urang kedah emut
bahwa Alloh SWT. Maha kawasa, maha bijaksana, midamel sakersana, tiasa wae
Alloh nurunkeun panyakit rata sa alam dunya, tiasa gempa sanagara, gunung
Meletus, banjir bandang nu teu di sangka-sangka, halodo sapanjang taun, sadayana
pamasti Alloh, ulah geumpeur ulah tagiwur, sing yakin yen ieu cobaan ti Alloh
kanggo ummat islam sadayana. Mungkin siksaan kanggo jalma-jalma kafir.
Teu aya hiji kajadian anu teu dihaja ku Alloh, komo di nagara Afganistan anu perang
Saumur-umur, nyarumput di gunung, di beberik tantara amreka jeung tantara sekutu,
inggris, perancis, malah ti samamemehna keneh ku Uni Sofyet, tapi istiqomah dina
ibadah, maranehna teu daek eleh, teu maraot kalaparan, padahal caricing di
Gunung anu tanahna tandus, nu jauh ka pasar, jauh ka supermarket.
Urang palestina, nyawana di tungtung senjata orang Israel, tapi tetep karuat,
energik, sarehat, tetep garetol ibadah. Teu matak ngurangan tawekal ka Alloh.
Urang mah kakara ku pandemi nu sakieu meni riweuh, galau, silih hujat silih
gorengkeun, nyebar hoaks, ngadu-ngadu jeung sabangsana.
Sing emut dawuhan Alloh:
(2 - ‫ت َو ْٱل َح َي ٰو َة لِ َي ْبلُ َو ُك ْم َأ ُّي ُك ْم َأحْ َسنُ َع َماًل ۚ َوه َُو ْٱل َع ِزي ُز ْٱل َغفُو ُر (الملك‬
َ ‫ٱلَّذِى َخلَ َق ْٱل َم ْو‬
“Alloh nyiptakeun hirup sareng maot minangka cobaan pikeun aranjeun, saha nu
pang alusna amal, Alloh nu Maha gagah jeung maha pangampura”
Situasi kumaha wae, in sya Alloh aya jalan pikeun nengtremkeun hate, pikeun
jongjon ibadah, aya jalan pikeun aktifitas kahirupan anu normal, asal urang sadaya
tiasa tumarima kana papasten, disarengan ku sabar sareng tawekal. Sareng yakin
hujan aya raatna, halodo aya tungtungna, panyakit aya cageurna, nu rugi sok aya
untungna.
‫‪Nu Dholim pasti aya, tukang bohong pasti loba, nu jujur in sya Alloh langkung‬‬
‫‪seueur. Margi Nabi Musa dilawanan ku Firaon, Kangjeng Rosul diganggu ku Abu‬‬
‫‪Jahal, para Kiai para Ustad, para juru da’wah di tiap pelosok daerah, pasti aya‬‬
‫‪kendala, pasti aya cobaan jeung rintangan. Eta dihaja ku Alloh supaya nambihan‬‬
‫‪lahan amal, nambihan proyek ibadah. Tos janten syare’at sareng sunnah ti Alloh‬‬
‫‪kanggo urang sadaya.‬‬
‫‪Mugia urang sadaya tiasa neraskeun kalih ngalaksanakaeun kana syariat para‬‬
‫‪Rosul sareng para Anbiya, salasawios wujud taat urang sadaya ka Alloh SWT. Mugi‬‬
‫‪urabf sadaya tiasa ngalaksanakeun Ibadah Haji, tiasa berqurban, tiasa zakat sareng‬‬
‫‪shodaqoh, tiasa nyampurnakeun kawajiban Sholat lima waktu, oge nyampurnakeun‬‬
‫‪sagala pasunatanana, mugi janten jalmi ahli ibadah, disolehkeun sadayana, istri-istri,‬‬
‫‪putra-putri, mantu, sareng incu buyut sadayana janten jalmi anu saroleh, janten‬‬
‫‪Mujahid fi Sabilillah, janten jalmi anu berguna kanggo agama sareng bangsa,‬‬
‫‪manfaat kanggo nagara, manfaat kanggo papada manusa, tiasa ngajalankeun‬‬
‫‪katakwaan ka Alloh siang wengi, kalayan pinuh ku rohmat sareng barokah ti Alloh‬‬
‫‪SWT.‬‬
‫‪Mugi-mugi panyawat nu merajalela, pandemi covid sareng pancaroba nu nuju‬‬
‫‪musim ayeuna, ku Alloh enggal di angkat, di hilangkeun ti dunya ieu, sehinga‬‬
‫‪munggah haji tiasa kalaksanakeun, umroh tiasa jalan, masjid rame deui, pangaosan‬‬
‫‪mingguan, sareng sakola-sakola di buka sadayana, pasantren sing teras marajeng,‬‬
‫‪dipasihan kamanfaatan kamaslahatan ku Alloh SWT, amin, Ya Robbal Amlamin.‬‬
‫ِالو َت ُه‬ ‫ت َو ِّ‬
‫الذ ْك ِر ْال َح ِكي ِْم‪َ .‬و َت َق َّب َل هللاُ ِم ِّني َو ِم ْن ُك ْم ت َ‬ ‫آن ْال َعظِ ي ِْم‪َ .‬و َن َف َعنِي َو ِايِّا ُك ْم ِب َمافِ ْي ِه م َِن اآل َيا ِ‬
‫ك هللاُ لِي َولَ ُك ْم فِي ْالقُرْ ِ‬ ‫ار َ‬
‫َب َ‬
‫ْ‬
‫ِا َّن ُه ‪.‬ه َُواال َّس ِم ْي ُع ال َعلِ ْي ُم‬
‫‪KHUTBAH KA DUA‬‬
‫‪ .‬هللَا ُ اَ ْك َب ُر (×‪ )7‬اَل ِالَ َه ِااَّل هللاُ َوهللاُ اَ ْك َب ُر ‪ .‬هللَا ُ اَ ْك َب ُر َو هلل ْال َح ْم ُد‬
‫آن ْال َك ِر ْي َم فِ ْي ِه ْال ِع َبرُ‪،‬‬‫ان ُث َّم َأ َما َت ُه ُث َّم َأ ْق َب َر‪َ ،‬وَأرْ َس َل الرُّ ُس َل َوَأ ْخ َب َر‪َ ،‬وَأ ْن َز َل ْالقُرْ َ‬ ‫اَ ْل َح ْم ُد هَّلِل ِ ْاَأل ْك َب ِر‪َ ،‬خلَ َق ْال َك ْو َن َو َدب ََّر‪َ ،‬خلَ َق ْاِإل ْن َس َ‬
‫َف َه َدى َوَأ َح َّل َوَأ َم َر‪َ ،‬و َن َهى َو َحرَّ َم َو َز َج َر‪َ ،‬أ ْش َه ُد َأنْ الَ ِإ َل َه ِإالَّ هللاُ االكبر‪َ ،‬وَأ ْش َه ُد َأنْ م َُحم ًَّدا َع ْب ُدهُ َو َرس ُْولُ ُه َوه َُو َخ ْي ُر ْال َب َش ِر‪،‬‬
‫ان فِيْ ُك ِّل َأ َث ٍر‪ِ ،‬إلَى َي ْو ِم‬ ‫صحْ ِبهِ‪َ ،‬و َعلَى ال َّت ِاب ِعي َْن لَ ُه ْم بِِإحْ َس ٍ‬ ‫صلَّى هللاُ َع َلى َس ِّيدِنا م َُح َّم ٍد َو َع َلى ٰآ لِ ِه َو َ‬ ‫ض ْال َك ْو َث ِر‪َ ،‬‬ ‫صاحِبُ ْال َح ْو ِ‬ ‫َو َ‬
‫هللا َح َّق ُت َقا ِت ِه َوالَ َتم ُْو ُتنَّ ِإالَّ َوَأن ُت ْم مُّسْ لِم ُْو َن‬ ‫َّاي ِب َت ْق َوى ِ‬ ‫ُأ‬ ‫ْال َمحْ َش ِر‪َ .‬أمَّا َبعْ ُد؛‪ i‬فياعِ َبا َد ِ‬
‫هللا‪َ ،‬فا َّت ُقوا َ‬ ‫هللا‪ْ ،‬وصِ ْي ُك ْم َوِإي َ‬
‫ت َو ْالمُْؤ ِم ِني َْن‬ ‫اغفِرْ ل ِْلمُسْ لِ ِمي َْن َو ْالمُسْ لِ َما ِ‬ ‫صحْ ِب ِه اَجْ َمعِينْ ‪ i.‬آمِينْ ‪ .‬اللَّ ُه َّم ْ‬ ‫اركْ َعلَى َس ِّي ِد َنا م َُح َّم ٍد َو َعلَى ٰآ لِ ِه َو َ‬ ‫ص ِّل َو َسلِّ ْم َو َب ِ‬
‫اللَّ ُه َّم َ‬
‫َّع َو ْ‬
‫ات‬ ‫ك َس ِم ْي ٌع َق ِريْبٌ ُم ِجيْبُ الد َ‬ ‫ت ْاالَحْ َيا ِء ِم ْن ُه ْم َوااْل َ ْم َوا ِ‬
‫ت ِا َّن َ‬ ‫َو ْالمُْؤ ِم َنا ِ‬
‫ك ْال َعافِ َي َة فِي ال ُّد ْن َيا َواٰآْل خ َِرةِ‪ ،‬اللَّ ُه َّم‬ ‫ون ‪ ،‬وال ُج َذ ِام ‪َ ،‬و َسيِّي ِء األسْ َق ِام‪ .‬اللَّ ُه َّم ِإ ِّني َأسْ َألُ َ‬ ‫ص ‪ ،‬وال ُج ُن ِ‬ ‫ك م َِن ال َب َر ِ‬ ‫ُوذ ِب َ‬ ‫اللَّ ُه َّم إ ِّني َأع ُ‬
‫ْن َيدَ يْنا َ‬ ‫ك ْال َع ْف َو َو ْال َعافِ َي َة فِي دِي ِن ْي َنا َو ُد ْن َيا َيا َنا َوَأهْ لِ َنا َوَأ ْم َوالَ َنأ‪ ،‬اللَّ ُه َّم اسْ ُترْ َع ْو َراتِنا َ َوآمِنْ َر ْو َعا ِت َنا‪ ،‬اللَّ ُه َّم احْ َف ْظن َنا مِنْ َبي ِ‬ ‫ِإ ِّني َأسْ َألُ َ‬
‫اب الصِّحَّ ِة‬ ‫اب القُ َّوةِ‪َ ،‬وَأب َْو َ‬
‫اب الرِّ ْز ِق َوَأب َْو َ‬ ‫اب ال ِّنعْ َمةِ‪َ ،‬وَأب َْو َ‬ ‫اب ال َب َر َك ِة َوَأب َْو َ‬ ‫الخي ِْر‪َ ،‬وَأب َْو َ‬‫اب َ‬ ‫َومِنْ َخ ْلفِ َنا‪ ،‬اللَّ ُه َّم ا ْف َتحْ لَ َنا َأب َْو َ‬
‫ف َع َّنا ِب َح ِّق ْال ِع ْي ِد‬ ‫ب اآلخ َِر ِة َواصْ ِر ْ‬ ‫الج َّنةِ‪ ،‬اللَّ ُه َّم َعافِ َنا مِنْ ُك ِّل َباَل ِء ال ُّد ْن َيا َو َع َذا ِ‬ ‫اب َ‬ ‫اب ال َعافِ َي ِة َوَأب َْو َ‬‫اب ال َّساَل َمةِ‪َ ،‬وَأب َْو َ‬ ‫َوَأب َْو َ‬
‫ف ْال َغ ِّم‪َ ،‬يا َمنْ لِ ِع َبا ِد ِه َي ْغفِ ُر َو َيرْ َح ُم‪َ ،‬يادَاف َِع ْال َباَل ِء َيا هّٰللَا ُ‪،‬‬ ‫ار َج ْال َه ِّم َو َيا َكاشِ َ‬‫اب اآلخ َِرةِ‪َ .‬يا َف ِ‬ ‫ك ال َك ِري ِْم َشرَّ ال ُّد ْن َيا َو َع َذ َ‬ ‫العظِ ي ِْم َو َن ِب ِّي َ‬
‫َ‬
‫ْ‬ ‫َ‬ ‫َأ‬ ‫َأ‬ ‫ْ‬
‫ار ِح ْي ُم‪َ .‬ر َّب َنا اَل ُتَؤ اخِذ َنا اِنْ َّنسِ ْي َنا ْو ْخطأ َنا‪َ .‬ر َّب َن َاواَل َتحْ ِم ْل َعلَ ْي َنا اِصْ رً ا َك َما َح َمل َت ُه َعلَى‬ ‫ْ‬
‫ارحْ ٰمنُ َو َيادَاف َِع ال َباَل ِء َي َ‬ ‫ْ‬
‫َو َيادَاف َِع ال َباَل ِء َي َ‬
‫ْ‬ ‫ْ‬ ‫ْ‬
‫ت َم ْواَل َنا َفانصُرْ َنا َعلَى ال َق ْو ِم ال َكاف ِِري َْن‪َ .‬ر َّب َنا‬ ‫ْ‬ ‫َأ‬
‫اغفِرْ لَنا َ َوارْ َح ْم َنا ن َ‬ ‫َ‬ ‫ْ‬
‫الَّ ِذي َْن مِنْ َق ْبلِ َنا‪َ .‬ر َّب َن َاواَل ت َحمِّل َنا َمااَل طا َق َة لَنا َ ِبهِ‪َ .‬واعْ فُ َع َّنا َو ْ‬
‫ُ‬
‫ك ‪َ .‬يا َأرْ َح َم الرَّ ا ِح ِمي َْن‬ ‫صاَل َت َنا َوصِ َيا َم َنا َو ُن ُس َك َنا‪َ ،‬و َج ِمي َْع عِ َبادَا ِت َنا ِب َرحْ َم ِت َ‬ ‫َت َق َّب ْل ِم َّنا َ‬
‫ك َربِّ ْالع َِّز ِة َعمَّا يَصِ فُ ْو َن َو َساَل ٌم َعلَى ْالمُرْ َسلِي َْن َو ْال َح ْم ُد ِ‬
‫هلل َربِّ ْال َعالَ ِمي َْن‬ ‫ان َر ِّب َ‬
‫ُسب َْح َ‬
‫َوالسَّاِل ُم َعلَ ْي ُك ْم َو َرحْ َم ُة ِ‬
‫هللا َو َب َر َكا ُت ُه‬

You might also like