Professional Documents
Culture Documents
GUGURITAN
GUGURITAN
Guguritan nyaeta teh puisi atawa wangun sastra nu diwangun / dianggit make patokan pupuh.
Istilah Guguritan
1. Pada ( bait )
2. Padalisan (jajaran/baris)
3. Guru Wilangan ( jumlah enggang dina unggal padalisan )
4. Guru Lagu ( dangdingdungna sora vokal dina enggal panung tung )
1. Asmarandana
Sapada diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (8-i, 8-a, 8-é/o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a). Watekna silihasih, silih
pikanyaah, naséhat, atawa mépélingan
2. Balakbak
Sapada diwangun ku 3 (tilu) padalisan (15-é, 15-é, 19-é). Watekna pikaseurieun, banyol, atawa
lulucon.
3. Durma
Sapada diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 7-i, 5-a, 7-i). Watekna ngambek, paséa,
gelut, atawa perang.
4. Maskumambang
Sapada diwangun ku 4 (opat) padalisan (12-i, 6-a, 8-i, 8-a). Watekna prihatin, sasambat, atawa
nalangsa.
5. Mijil
Sapada diwangun ku 6 (genep) padalisan (10-i, 6-o, 10-e, 10-i, 6-i, 6-u). Watekna susah, sedih, cilaka,
tiiseun, atawa jempling.
6. Pangkur
Sapada diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (8-a, 11-i, 8-u, 7-a, 12-u, 8-a, 8-a). Watekna lumampah,
napsu, sadia rék perang.