Download as pdf or txt
Download as pdf or txt
You are on page 1of 8

SISINDIRAN

STRUKTUR JEUNG EUSI SISINDIRAN


WANGENAN SISINDIRAN

• Asal kecapna ‘sindir’ nya éta kecap atawa omongan anu henteu togmol ditujukeun ka
batur ku nu nyarita.
• Sisindiran : basa anu diréka (teu togmol), lolobana murwakanti jeung bisa dikawihkeun,
sarta aya cangkang jeung aya eusina.
• Sisindiran biasana diwangun ku opat padalisan (baris) dina unggal pada (bait).
Conto:

PADALISAN
Rambutan dina boboko
CANGKANG
Mawa botol dikaléngan
PADA
Jeung tibatan meuli roko
EUSI
Mending getol nyéngcéléngan
EUSI SISINDIRAN

Sésébréd

Silih asih

Piwuruk
PAPATAH

Papatah, nya éta sisindiran anu eusina mapatahan nitah bener atawa nyaram lampah salah.

Ulah loba dahar peuteuy


ngala awi ngan sabuku
barudak ulah hareureuy
sok geura baruka buku
SILIH ASIH

Silih asih, nya éta sisindiran nu eusina ngagambarkeun karesep atawa kanyaah ka papada
jalma.

Korsi jok bahanna hoé


Hanjakal teu pati rapih
Tuman amprok unggal poé
Isukan bakal patebih
SÉSÉBRÉD

Sésébréd, nya éta sisindiran anu eusina heureuy, banyol, atawa gogonjakan nu matak
pikaseurieun atawa kapiasem.

Pelak séréh sisi leuweung


Digemuk ku sisikian
Pajar manéh teuneung ludeung
Ku cucunguk jejeritan
KACINDEKAN

Sisindiran téh nya éta karya sastra wangun ugeran (puisi)


anu eusina dibalibirkeun, diwangun ku cangkang jeung
eusi sarta leubeut ku purwakanti.

Kacindekan: kesimpulan

You might also like