Mochamad Fhadly Ning

You might also like

Download as pdf or txt
Download as pdf or txt
You are on page 1of 2

Mochamad Fhadly

180210220087

Resensi Buku

Identitas Buku

Judul Buku : Ning Kunpulan Sajak 1994-2004


Panyusun : Teddy A. N Muhtadin
Pamedal : Kiblat Buku Utama
Pedalan : 2007
Kandel Buku : 54 Kaca

Eusi Buku

Buku ieu mangrupakeun kumpulan sajak karya Bapa Teddy A. N. Muhtadin. Anjeunna
mangrupi dosen Sastra Sunda di Universitas Padjajaran. Karya anjeunna tos seeur nyaeta
mangrupa sajak, carpon, naskah drama, katut esey, jsb.

Tema

Sabagean tina sajak ieu, loba ngangkat tema ngeunaan"Kaleungitan". Kaleungitan ieu
mangrupa kaleungitan sawatara hal ti jaman kiwari. Rasa kaleungitan dina bagean kahiji Ning
nyaeta "Kota" ngeunaan kaleungitan pamandanhan kota jaman baheula anu asri jeung endah,
tapi beda jeung kaayaan jaman kiwari. Kaleungitan kasadaran kana ajal, jalma nuka sebat
miskin teu menang pitulung ti masarakat. Dina bagean sajak 'Tutasmandi Muka Lomari"
ngemutan ngeunaan kaayaan aya jalma nu maot. Kaleungitan kasadaran ngeunaan rasa miboga
kana alam tur ka asrianna, sagala hal nu kaleungitan tujuan aslina ngeunaan jalma jalma nu
dzolim jeung licik.

Pemilihan Kecap

Kecap nu dianggo dina sajak ieu sanes nganggo basa Sunda nu sapopoe, janten urang kedah
mikir deui naon harti kecapna. Kecapna lumayan hese dipikaharti tapi ngandung makna nu luar
biasa. Sangkan leuwih dipikaharti sajakna kedah dibaca ku intonasi nu leres jeung luyu.
Perasaan dina sajak ieu, katinggal yen nu ngarang sajak luyu jeung pangalaman pribadi
anjeunna. Anjeunna nepikeun pesen jeung tarekah ngaliwatan sajak sajakna kapamaca.
Suasana sababaraha sajak, penulis ngaraos sono kana suasana jaman baheula.

Nada & Suasana

Kusabab buku ieu mangrupa kumpulan sajak, anu macana ku rupi rupi nada. Nada nu
dianggo oge kudu bener, kudu luyu dina unggal kecap. Sababaraha sajak dibaca ku nada nu
pikasediheun, aya oge sababaraha ini dibaca jelas jeung ditekenkeun sangkan nyieun leuwih
jelas makna/maksud dina kecap puisi eta. Suasana sababaraha puisi aya nu seredih, teu
tangtu, gelisah jeung tenang.
Majas

Dina kecap "'ngajerit ragaji" ngagunakeun majas/gaya basa mijalma. Anu ngagunakeun
kabiasaan jalma nu digunakeun ku lain jalma conto dina kecap ragaji. Ngagunakeun
majas/gaya basa hiperbola (dileuwih-leuwihkeun) Dina kecap "tepas saratus wat jeung
kanyataan" hartina jauh jeung kanyataan.

Amanat

Kedah inget kana ajal sabab maot nimpa ka nu ngora oge ka nu kolot, kedah yakin kana
kodrat nu pasti bakal dijalanan, kedah miboga kasadaran kana lingkungan sabudeureun urang,
ngajagi kaasrian, tong jadi jalma licik nu leungit rasa peduli kasasama.

Kaleuwihan

ㆍBuku narik minat pamaca sabab ngandung kirang langkung 34 sajak karya Bapa Teddy
ㆍSampul buku menarik jeung unik
ㆍUnggal sajak miboga harti/makna nu sae
ㆍ Kecap dina sajak ngagambarkeun kaahlian pangarang dina nulis sajak

ㆍUnggal sajak miboga harti nu beda-beda tapi luyu

Kakurangan

ㆍHenteu ngagunakeun basa Sunda sapopoe, sababaraha kecap teu dipikaharti pamaca

Hubungan Eusi Buku Jeung Jaman Kiwari

Tarekah dina ieu buku ditujukeun kangge jalma jaman kiwari nu mana tos mohokeun kana
kawajiban, sarta leugit kasadaran kana ajal nu bisa datang iraha wae. Jalma ayeuna sok
nyepelekeun kana lingkungan, nyepelekeun ka jalma sabudereunna. Ngaliwatan sajak ieu, ku
cara teu langsung dipasihan tarekah sangkan inget kasasama jeung ka lingkungan urang.

You might also like