Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 1

MUHAMAD IMAM FAUZAN

XII-MIPA 2

Teks Biantara
Assalamualaikum Wr.Wb.
Innalhamdalillah washolatu wasalamu ala rosulillah sayyidina Muhammad ibni
abdillah wa ala alihi wasohbihi waman walah (amma ba’du).

Hadirin nu ku simkuring dipihormatPuji sinareng syukur kahadirat gusti allah


S.W.T kanggo sagala limpahan rahmat sarta hidayahnya. Tina kasempatan iéu
urang tiasa patepung pa’ampok jongok sasarengan dina iéu acara. Sabab,
lamun teu aya nikmatna mah, urang moal tiasa patepung sareng
ngadéngékeun ieu pidato nu badé ku simabdi dugikeun.

Shalat sareng salam urang haturkeun ka junjungan urang, Kanjeng Nabi


Muhammad SAW. Kulantaran Anjeuna, urang janten tiasa ngabedakeun
sagala perkara di hirup urang mana anu haq jeung mana anu bathil.

Hadirin sadaya anu dimulyakeun ku Allah SWT, unggal jalmi teh tos tangtu
gaduh harapan bahwa urang teh hoyong kabagjaan di dunia jeung di akhirat.
Kabagjaan eta teh moal tiasa dilakonan ku cara sakadaek urang pribadi. Atawa
aya hura-hura sareng sagala hal anu dilarang ku agama urang nyaeta agama
Islam.Tapi urang teh sebagei jalmi atau hamba Allah, kedah ngalakukeun sagala
kahadean di hirup kaasup ibadah anu diperintahkeun ku Allah SWT saperti anu
ditulis di Al quran jeung hadist.Tapi urang ge kudu terang, yen ngalakukeun
ibadah kudu dimimitian ku hate anu ikhlas. Artina ngalakukeun sagala ibadah
eta teh, lain karna hoyong ditempo ku batur komo deui karna hoyong dipuji
hungkul.

Sababna mun urang ibadah ngan saukur hayang ditempo ku batur hungkul
mah, kalah kan urangna nu cape beribadah. Padahal ibadah nu sabenerna teh
kedah dilakukeun sing ikhlas jeung pasrah. Kanjeng Nabi Muhammad, pernah
nyebutkeun yen ciri-ciri jalma nu riya dina ibadah ada sabaraha macem.Tapi
mudah-mudahan urang sadaya moal nepi ka kitu, moal ngalakukeun ibadah
ngan saukur riya hungkul. Tapi emang tulus sareng ikhlas ngalakukeun karena
Allah.
Mung sakitu heula biantara nu tiasa simkuring dugikeun ka sadayana.Mugi-
mugi eusina seueur mangpaatna, kanggo urang sadaya. Hapunten bilih seueur
keneh kakiranganna. Mudah-mudahan doa urang ayeuna diijabah jeung
diberkahi ku Allah SWT. Amin Ya Rabbal alamin.
Wassalamualaikum Wr. Wb.

You might also like