Hutbah Jum

You might also like

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 1

Hutbah Jum’at

Oleh : Awit

Baca Hamdalah, Baca Sholawat, Sahadat, Wasiat Taqwa , Ayat Al-Qur’an

Hadirin kaum Muslimin Rahimakumullah


Allah Swt. ngadawuh dina QS Al-Haj: 45-46 anu nembe diaos, pihartoseunana:
Loba pisan nagara anu Kaula binasakeun dina kaayaan pendudukna zhalim, maka nagara eta
runtuh nutupan bangunan-bangunana. Jeung loba pisan sumur anu ditinggalkeun jeung
astana-astana anu luhur. Maka naha maranehna teu leleumpangan di bumi sahingga
ngabogaan hate anu dipake mikir, atawa cepil anu dipake ngadangu. Maka satemena lain soca
anu lolong tapi anu lolong teh hate anu aya dina dada.

Hadirin sidang jumah rahimakumullah


Allah ngahancurkeun kaum Nabi Nuh ku Banjir, Kaum Nabi Hud nyaeta kaum ‘Ad
dihancurkeun ku angin anu banget tarikna. Kaum Nabi Solih Nyaeta Tsamud dibinasakeun
ku gorowokna Malaikat Jibril. Kaum Nabi Luth anu nyimpang, resep ka papada jenis
(LGBT) diadzab ku gempa angin jeung hujan batu. Kaum Nabi Syuaib nyaeta Madya anu
osok nipu jeung ngurangan timbangan dina jual beli disiksa  ku hawa panas anu banget.
Firaun jeung bala tentarana ditelemkeun ku Allah di laut merah sabab gumedah ngaku
pangeran. Allah Swt nyesakeun peninggalan-peninggalan kaum-kaum anu diadzab, bisa
ditingali jeung diteliti ku urang sangkan jadi pelajaran, muka pemahaman jeung lelembutan
hate sangkan teu digolongkeun jalma anu lolong paningal hatena.

Hadirin sidang jumah rahimakumullah


Allah ngabinasakeun umat Nabi-Nabi anu kapengker sabab teu daek taat ka Anjeuna jeung
teu nurut ka Rasul. Ngamumulekeun teuing dunya sahingga poho kana akhirat. Tuh balesana
teu aya deui karusakan jeung kabinasaan. Maka hayu urang mawas diri ngitung-ngitung kana
amal urang, muhasabah jeung ngarumasakeun sangkan ditebihkeun tina balahi jeung cocobi.
Malahmah urang sadaya ayeuna aya dina penghujung tahun 2021 bade mayunan tahun anu
engal 2022 kantun sababaraha jam deui...hayu urang sami sami isi pergantian taun anu engal
ieu ku ngalaksanakeun taqorub ka Allah SWT, ngalangkungan dzikir, istigosah jeng
sajabanna ,..supados urang sadaya aya di jalan ridho allah SWT., ditebihkeun tina balai dunya
rawuh akhirat.
Hayu urang salametkeun kulawarga, anak-anak urang baraya urang tina hal-hal anu negatif,
anu matak ngajurumuskeun kana naraka.  

ِ ‫ا‬BBَ‫ ِه ِم َن اآْل ي‬B ‫ا فِي‬BB‫ َونَفَ َعنِي َوِإيَّا ُك ْم بِ َم‬,ِ‫رآن ْال َع ِظيم‬B
‫ ِّذ ْك ِر‬B ‫ت َوال‬ ِ Bُ‫ك هللاُ لِي َولَ ُك ْم فِي ْالق‬ َ ‫ار‬Bَ Bَ‫ب‬
ٌ ِ‫ ِإنَّهُ تَ َعالَى َمل‬,‫ْال َح ِك ِيم‬
ٌ ‫ك بَرٌّ َرُؤ‬
.‫وف َر ِحي ٌم‬

You might also like