Bahan Ajar Idiom

You might also like

Download as pdf or txt
Download as pdf or txt
You are on page 1of 8

BAHAN AJAR IDIOM/PAKEMAN BASA

A. Mikawanoh Idiom/Pakeman Basa

1. Mikawanoh Pakeman Basa


Bahasan téh nya éta tulisan anu medar (ngabahas) hiji perkara. Anu dibahasna bisa perkara
naon baé. Bisa masalah politik, ekonomi, atikan, kabudayaan, palasipah, kahirupan sapopoé,
jeng sajabana.
Eusi bahasan bisa mangrupa kamandang pribadi bisa ogé pedaran ilmiah, upamana baé
medar hasil panalungtikan, survéy, atawa panalingaan (observasi). Anu jelas, dina bahasan
mah anu nulis bisa ngasupkeun opini atawa kamandang pribadi.
Nulis bahasan mah teu loba saratna, anu penting mah maham kana perkara anu dibahas.
Ukuran mahamna ogé relative deuih, dina harti taya ukuran anu pasti, ngan baris katémbong
dina eusi bahasanana. Sanajan kitu, angger wé pikeun nulis bahasan anu hade mikabutuh
pangaweruh anu jembar ngeunaan hal-hal anu dibahas.
2. Mikawanoh Pakeman Basa
Pakeman basa (idiom) nya éta ungkara basa anu kekecapanana geus matok, puguh éntép
seureuhna, sarti miboga harti anu béda jeung kecap asalna. Salian ti paribasa, anu kaasup kana
pakeman basa Sunda téh nya éta babasan, cacandran, uga, rakitan dalit jeung caturangga.
(1) Paribasa nya éta babandingan anu jadi perlambang lakuning hirup, ngawangun kalimah
(omongan, ungkara) anu geus puguh éntép seureuhna, geus puguh surupanana, geus
puguh pok-pokanana. Contona:
- Monyét ngagugulung kalapa
- Lauk buruk milu mijah
- Cul dog-dog tinggal igel
- Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok.
(2) Babasan nya éta ungkara basa anu dipaké harti injeumanana sarta eusina mangrupa
babandingan anu ngagambarkeun kaayaan, kalakuan, jeung pasipatan jalma. Contona:
- Amis budi
- Gedé hulu
- Hulu peutieun
- Asa ditonjok congcot
(3) Cacandran nya éta pakeman basa anu eusina mangrupa tujuman anu nataan atawa
nerangkeun kaayaan hiji daérah. Contona:
- Bandung heurin ku tangtung
- Sukapura ngadaun ngora
- Galunggung ngadeg tumenggung
- Cianjur katalanjuran
(4) Uga nya éta pakeman basa mangrupa siloka anu eusina tujuman kana praobahan
penting kaayaan hiji nagara dina mangsa anu bakal kasorang. Contona:
- Sunda nanjung lamun anu pundung ti Bandung ka Cikapundung geus balik deui
- Nagara kartaraharja lamun lebak cawéné geus kapanggih.
(5) Caturangga nya éta pakeman basa anu patali jeung tanda-tanda pikeun nganyahokeun
hade goréngna watek kuda. Contona:
- Satria kinayungan
- Sekar panggung
- Sumur bandung
- Buaya ngangsar
(6) Rakitan lantip nya éta pakeman basa anu dihartikeun ku kabiasaan make dadasar
kalantipan. Contona:
- Ngasurkeun seuneu
- Seungit nu ngagoréng bawang
- Miceun tampolong
- Ngeusian bak

3. Nulis Bahasan
Adegan nulis bahasan diwangun ku:
(1) Bagian bubuka, anu eusina ngabahas kasang tukang jeung jejer tulisan anu rék dibahas.
(2) Bagian eusi, midangkeun sakur informasi anu aya patalina jeung jejer bahasan, tapi
dipilihan anu sakirana ngarojong kana jejer anu haying ditepikeun.
(3) Bagian panutup, bagian anu midangkeun kacindekan, ide poko, sarta katerangan liana
(mun aya) anu patali jeung jejer bahasan.
Léngkah-léngkah nulis bahasan, bisa kieu:
(1) Nangtukeun jejer.
(2) Nyieun outline atawa gurat badag ide-ide anu rék dibahas.
(3) Nuliskeun pamadegan atawa kamandang nu nulis ngagunakeun kalimah anu singget
tur tétéla.
(4) Nuliskeun eusi bahasan; dimimitian ku milih jeung ngagundukkeun poin-poin penting
anu rék dibahas, tuluy ngamekarkeun luyu jeung ide atawa gagasan anu haying
ditepikeun.
(5) Nyieun paragrap munggaran anu sipatna bubuka, anu mangrupa kasang tukang urang
nulis bahasan.
(6) Nuliskeun kacindekan, malah taya salahna upama diwuwuh ku kamandang pribadi
kana eusi bahasan. Éta bédana nulis warta jeung nulis bahasan téh, nulis bahasan mah
teu kudu nétral saperti nulis warta. Sanajan kitu, angger wé kudu diwuwuhan ku alesan-
alesan anu kaharti ku akal.
(7) Pariksa deui tulisan bahasan urang téh, boh basana boh éntép seureuhna. Basana anu
sakira gampang katarima ku nu maca jeung ngaguluyur heula-pandeurina.

Pangaweruh Basa

Paribasa jeung Babasan

1. Paribasa
Paribasa nya éta babandingan anu jadi perlambang lakuning hirup, ngawangun kalimah
(omongan, ungkara) anu geus puguh éntép seureuhna, geus puguh surupanana, geus puguh pok-
pokanana.

Dina wangunna, paribasa mangrupa kalimah. Béda jeung babasan nu mangrupa gabungan
kecap, frasa atawa kecap kantétan.

Papasingan Paribasa

Dumasar kana maksud anu dikandungna, paribasa bisa dipasing-pasing kana tilu golongan
nya éta:

a. Paribasa Wawaran Luang


Paribasa wawaran luang eusina ngébréhkeun pangalaman anu geus lumrah di masarakat,
sarta bahan babandingan pikeun laku lampah urang. Contona:
(1) Ayakan mah tara meunang kancra.
Maksudna: usaha ku modal leutik, hasilna ogé moal gedé.
(2) Bébék ngoyor di sagara, rék nginum néangan cai.
Maksudna: lubak-libuk loba harta, tapi teu bisa make lantaran lain hakna.
(3) Buburuh nyatu diupah béas.
Maksudna: meunang dua rupa kauntungan atawa anu diajar bari meunang biaya.
(4) Mapatahan ngojay ka meri.
Maksudna: mapatahan ka jalma anu leuwih loba kanyahona jeung pangalamanana.
b. Paribasa Pangjurung Laku hadé
Paribasa pangjurung laku hade eusina mangrupa pangjurung pikeun milampah kahadéan.
Bisa dipiheulaan ku kecap kudu, bisa ogé henteu. Contona:
(1) Ari diarah supana, kudu dijaga catangna.
Maksudna: ari haying hasilna, kudu daék miarana.
(2) Kajeun panas tonggong, asal tiis beuteung.
Maksudna: kudu getol digawé, sanajan cape kudu ngawayahnakeun, antukna bakal
meunang pangupa jiwa.
(3) Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok.
Maksudna: sagala rupa ogé, sanajan kumaha héséna, lamun dileukeunan mah bari
junun, tangtu bakal bisa.
(4) Kudu tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan.
Maksudna: kudu junun ari digawé, ulah kabéngbat ku nu lain-lain.
c. Paribasa Panyaram Lampah Salah
Paribasa panyaram lampah salah eusina panyaram sangkan ulah migawé pagawéan anu
matak rugi, boh keur dirina sorangan boh keur batur. Biasana dipiheulaan ku kecap ulah.
Contona:
(1) Cul dog-dog tinggal igel
Maksudna: ninggalkeun pagawéan anu baku, milampah pagawéan anu taya hartina.
(2) Moro julang ngaleupaskeun heulang
Maksudna: ngaleupaskeun barang nu geus dipimilik, lantaran kabita ku nu leuwih alus,
padahal can tangtu.
(3) Ngeupeul ngahuapan manéh.
Maksudna: nyieun aturan anu nguntungkeun pikeun dirina sorangan (pamingpin).
(4) Pagiri-giri calik, pagirang-girang tampian.
Maksudna: teu daék sapapait samamanis, teu daék sabilulungan, padahayang leuwih ti
babaturan atawa dulur.

2, Babasan

Babasan nya éta ungkara basa anu dipaké harti injeumanana sarta eusina mangrupa
babandingan anu ngagambarkeun kaayaan, kalakuan, jeung pasipatan jalma. Ari anu jadi
babandinganana mah bisa jelema deui, sasatoan, tutuwuhan, jsb.

Babasan ogé mangrupa pakeman basa, anu geus matok kekecapanana jeung éntép
seureuhna. Teu bisa dirobah. Lamun dirobah bakal ngarobah hartina. Sawatara conto babasan:

(1) Amis budi


Maksudna: alus budi parangina, upama nyarita mindeng dibarung ku seuri.
(2) Awak sampayan
Maksudna: jangkung leutik tur pantes baé mun make baju.
(3) Béngkok tikoro
Maksudna: teu kabagéan daharan anu ngeunah, lantaran teu dating atawa datangna elat.
(4) Basa mah teu kudu meuli
Maksudna: taya goréngna upama urang ngageunahkeun hate batur ku basa.
(5) Kandel kulit beungeut
Maksudna: teu boga kaéra.
(6) Kawas gang katincak
Maksudna: répéh sapada harita lantaran reuwas atawa embung kadéngé ku nu anyar datang.
(7) Asa kabur pangacian
Maksudna: kacida reuwasna nepi ka teu puguh cabak.

Pancén matéri Idiom/Pakeman Basa


Pancén 1 Idiom (20 Januari 2020)
Pikeun maham eusi bacaan di luhur, pék jawab pasualan di handap ku cara milih a, b, c, atawa d
pikeun ngajawab anu pangbenerna!
1. Bahasan téh tulisan anu ngabahas masalah...
a. Politik c. Kabudayaan
b. Ékonomi d. Naon baé
2. Anu disebut opini téh nya éta...
a. Kamandang pribadi c. Hasil panalungtikan
b. Hasil survéy d. Hasil panalingaan
3. Idiom dina basa Sunda mah disebutna...
a. Paribasa c. caturangga
b. Babasan d. Pakeman basa
4. Anu matak disebut pakeman basa téh lantaran...
a. Susunan kecapna diluyukeun jeung maksudna
b. Susunan kecapna geus puguh éntép seureuhna
c. Susunan kecapna bisa dirobah-robah
d. Susunan kecapna teu bisa ditangtukeun
5. Anu kaasup kana pakeman basa nya éta...
a. Rakitan basa c. Rarakitan
b. Rakitan lantip d. Rakitan matok
6. ”Sukapura ngadaun ngora”
Ungkara di luhur téh kaasup...
a. Cacandran c. Rakitan lantip
b. Caturangga d. Uga
7. Babandingan anu ngagambarkeun kaayaan, kalakuan, pasipatan jelema disebut...
a. Paribasa c. Rakitan lantip
b. Babasan d. Cacandran
8. Uga mangrupa pakeman basa anu eusina tujuman kana...
a. Kaayaan hiji daérah dina hiji mangsa
b. Kaayaan hiji jalma dina kahirupan
c. Kaayaan nagara dina mangsa nu bakal datang
d. Kaayaan nagara dina mangsa nu bakal kasorang
9. Anu kaasup caturangga, iwal...
a. Satria pinilih c. Sumur Bandung
b. Satria Kinayungan d. Sekar Panggung
10. Caturangga téh pakeman basa anu eusina ngeunaan hadé goréngna watek...
a. Ucing c. Manuk
b. Jelema d. Kuda

Pancén 2 Idiom (27 Januari 2021)


Pikeun maham eusi bacaan di luhur, pék jawab pasualan di handap ku cara milih a, b, c, atawa d
pikeun ngajawab anu pangbenerna!
1. Dina wangunna, paribasa téh mangrupa...
a. Kalimah c. Harti injeuman
b. Kecap kantétan d. Babandingan
2. Anu kaasup kana paribasa pangjurung laku hadé nya éta...
a. Bisa ka bala bisa ka balé
b. Nyeungeut damar dina suhunan
c. Ngaliarkeun taleus ateul
d. Lauk buruk milu mijah
3. ”Kadé, ulah nepi ka jati kasilih ku...”
a. Jéngkol c. Junti
b. Jeungjing d. Peti
4. Jelema anu soméah tur hadé parangina sok disebut...
a. Alus budi c. Ngabudi ucing
b. Budi parangi d. Amis budi
5. Jalma anu kandel kulit beungeut téh nya éta jalma anu...
a. Kuat beungeutna c. Teu boga kaéra
b. Éraan d. Gedé kawani
6. Aya paribasa ”ayakan mah moal meunang...”
a. Kancra c. Guramé
b. Lélé d. Lauk emas
7. Di handap aya paribasa anu ngandung harti méh sarua nya éta mikahayang perkara anu
mustahil, iwal...
a. Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir
b. Ngudag-ngudag kalangkang heulang
c. Ngajul béntang ku asiwung
d. Bonténg ngalawan kadu
8. Babasan kokolot begog dilarapkeun ka...
a. Kolot anu taya kanyaho kawas budak
b. Budak ngomongna nyanyahoanan kawas kolot
c. Kolot anu kalakuanana kawas budak
d. Budak anu katémbongna kawas kolot
9. Ceuk kolot mah mun budak sok paséa jeung dulur téh matak...
a. Pajauh imah c. Pajauh huma
b. Pajauh sawah d. Pajauh jeung dulur
10. Anu kaasup kana paribasa panyaram lampah salah nya éta...
a. Cul dog-dog tinggal igel
b. Bisa ka bala bisa ka balé
c. Batok bulu eusi madu
d. Hulu gundul dihihidan

Pancén 2 Idiom (3 Februari 2021)


Lengkepan paribasa di handap ku ngaran sasatoan, tuluy téangan hartina sarta larapkeun kana
kalimah anu merenah!
1. Kawas..........................leupas ti gedogan.
2. Sagalak-galakna ......................., tara ngahakan anak sorangan.
3. Téng manuk téng anak...................kukuncungan.
4. Kabeureuyan mah tara ku tulang.......................
5. Moro......................ngaleupaskeun........................

Pancén 4 Idiom (10 Februari 2021)


Lengkepan paribasa di handap ku ngaran tatangkalan, tuluy téangan hartina sarta larapkeun
kana kalimah anu merenah!
1. ....................bijil ti cungap.
2. Buruk-buruk papan....................
3. Jati kasilih ku......................
4. Bonténg ngalawan........................
5. .............................sadapuran tara lempeng kabéh.

You might also like