Si Bedog Panjang

You might also like

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 4

Sinopsis Novel Sunda-Si Bedog Panjang

Idѐntitas Buku          

Judul Buku      : Si Bedog Panjang


Karangan        : Ki Umbara
Penerbit           : Kiblat, taun 2012
Lobana Kaca   : 88 kaca

Eusi Novel

Tѐma      :Misteri
Palaku    :Yunus, Cѐcѐ, Sunarya, Winarya, Ki Sadiman, Juragan Sunda,    Juragan M,  Nini
Sunarya,  Mang Murnasim,  Hari, Barudak, Mang Mandor, Mang Jongos, Mang Jadil, Mang
Jalil.
Alur         :Maju
Latar       :Tempat : Setatsion Sѐrang,Kantor, balѐ rѐkrѐasi, bioskop Banten-Park, tukangeun asrama,
imah nini sunarnya di Lѐmbang, leuweung, imah mang jalil, setatsion Bandung, asrama
(kamar Sunarya, kamar Yunus, hereupeun kamar Yunus).
             
              Waktu : Saptu jam 6 sorѐ, malem minggu, peuting, isuk, sareupna.
Amanat  :Ulah sok gorѐng sangka ka batur, sanajan jalmana siga jalma jahat, can tangtu ѐta   tѐh
jalma jahat.

Ringkesan Carita
Poѐ Saptu jam 6 sorѐ, di setatsion Sѐrang aya saurang budak lalaki nu diuk nyorangan,
Manѐhna katingal sedih jeung bingung.Harita di setatsion tos tiiseun.   Manѐhna
mangrupakeun salah sahiji murid anyar di Sakola Normal.
Teu lila datang 2 urang jajaka, nyaѐta Yunus jeung C ѐcѐ. Yunus sareng C ѐc ѐ
dipiwarang ku Tuan Dirѐktur kanggo ngajemput Winarya, murid anyar t ѐa. Tapi Winarya
alimeun, pokna tѐh sieun cenah. Sieun kabitur, sieun kabitur da anjeuna t ѐh san ѐs
Winarya, tapi Sunarya. Anjeuna dipaksa ku bapana (bapa t ѐr ѐ) pikeun ngagantian
lanceukna (lanceuk tѐrѐ) Winarya,  sakola di sakola ieu.
Saentos di bibita, diolo, anjeuna keresa ka sakola. Wengina, tos dalahar,  “Winarya”
nepungan Juragan Sunda, Wakil Dirѐktur dianteur ku Yunus. Alhamdulillah anjeuna teu
kabitur yѐn anjeuna sanѐs Winarya, Terus Yunus nganteurkeun “Winarya” ka kamarna.
“Winarya” sakamar jeung Hari
Beuki lila “Winarya” beuki bisa nyesueikeun diri ka kaayaan didinya. Geus aya 3
bulanna, cenah Mang Jaril, tukang ngompa cai  peuting-peuting ningali lalaki nu nyorѐn
bedog panjang, bari nanyakeun Winarya. Cѐcѐ nyimpulkeun yѐn Winarya tѐh aya
cacampuran jeung si bedog panjang, jelema teu bener.
Di hiji peuting,Yunus jeung Cѐcѐ  baradami rѐk lalajo rapat umum, di bioskop Banten-
Park. Yunus jeung Cѐcѐ ogѐ ngajak “Winarya”. Pas rѐk indit, ngadak-ngadak   Juragan M
nitah Yunus jaga, sabab budakna teu raraos. Tapi aranjeuna anggeur angkat, sakedap ieuh
cenah. Karѐk gѐ nepi, katingali rapat tѐh bubar. Ceunah dibubarkeun ku P.I.D. Didinya
katingali seueur pulisi. Kusabab rapat teu jadi, maran ѐhna baralik deui. Sup katukangeun
asrama. Can nepi maranѐhna areureun. Gok Si Bedog Panjang. Beungeutna teu katingali,
batrѐna nyorot ka “Winarya”.
“Mana Winarya ?  Eh, geuning ieu mah Sunarya, ati-ati siah” ceuk Si Bedog Panjang.
Lѐos mangkat. Yunus, Cѐcѐ, jeung Sunarya langsung arasup.
Isukna Yunus mikeun poswѐsel titipan Juragan M nu dibikeun kamari basa dib ѐr ѐ
pancѐn jaga tѐa.Eta tѐh poswѐsel ti “Sunarya”,eusina duit jang pakansi jeung surat. Tina
suratna kanyahoan Winarya tѐh aya di Lѐmbang, da posna pos Lembang. Ceuk Winarya,
Sunarya ulah ka Kuningan, ka Lѐmbang baѐ. Yunus jeung Cѐcѐ gѐ rѐk ngilu pakansi ka ditu.
Di Lѐmbang maranѐhna cicing di imah nini Sunarya. Maran ѐhna nyangka   Winarya aya
di imah ninina, ari pѐk tѐh eweuh, ninina gѐ teu apaleun saha Winarya. Kabeneran harita
aya Mang Murnasim,amang Sunarya.
Isukna Sunarya ngajak barudak salembur keur ngajir ѐt Cang ѐhgar. Isukna deui
barudak marangkat ka leuweung. Sapanjang jalan barudak garogonjakan, aratoh pisan,
tapi aya saurang nu cicing waѐ. Dudukuyna dileuleupkeun.Ceunah ѐta t ѐh budak kukut
Mang Jadil, didieuna gѐ karѐk sakeudeung, ngarana Wawan.Geus nepi jiret langsung
dipasangkeun. Maranѐhna meunang cangѐhgar loba, tuluy di beuleum, didalahar. Terus
rareureuh, keur kitu katingali Wawan mѐrѐ kode ka Sunarya.Tuluy maran ѐhna ngajauh ti
barudak nu lain, ngobrol duaan. Cѐcѐ nuturkeun. Kadѐngѐ maran ѐhna ngomongkeun Si
Bedog Panjang jeung barang titipan bapana. Cѐcѐ ogѐ ningali Mang Murnasim. Tina
kajadian ѐta kanyahoan yѐn Wawan tѐh Winarya.
Peutingna Yunus, Cѐcѐ, jeung Sunarya langsung sarѐ. Yunus jeung Cѐcѐ sakamar, ari
Sunarya mah di kamar ninina. Rѐk reup katingali Sunarya kaluar bari keketeyeupan.
Maranѐhna naluturkeun. Sunarya mangkat ka arah imah Wawan. Ti kajauhan katingali Si
Bedog Panjang rѐk ka imah Wawan. Si Bedog Panjang cicing di hareupeun imah Wawan.
Katingali Sunarya ngalungkeun cepuk, berebet lumpat teu pupuguh. Si Bedog Panjang
mangkat. Gedebut labuh, suku Si Bedog Panjang di tengkas ku Yunus jeung C ѐc ѐ. Batr ѐ
jeung cepukna ngapung, tuluy ditangkeup ku Yunus jeung Sunarya. Tapi Si Bedog Panjang
na mah teu beunang.
Cepuk tѐh ayeuna mah dititipkeun ka Yunus, nepi bapana kaluar ti bui, bapana dibui
lantaran ngadѐk babaturanna. Asalna cepuk t ѐh dititipkeun di Winarya, ulah dibuka cenah.
Cepuk tѐh aya nu mikahayang. Ku bapana disebutkeun ѐta cepuk aya di Winarya nu sakola
di Sakola Normal Sѐrang. Eta sababna Sunarya dititah ngagantian Winarya sakola di ditu,
amѐh ѐta jelema teu papanggih jeung Winarya. Nu mikahayang na tѐh Si Bedog Panjang
tѐa.
Isukna Mang Murnasim geus aya di imah nini Sunarya. Man ѐhna mawa tingkem nu
eusina oleh-oleh, jang gahѐl- gahѐleun di asrama. Mang Murnasim og ѐ r ѐk bareng da aya
tagiheun di Karawang cenah. Jadi isukan maran ѐhna janjian jeung Mang Murnasim di
setatsion. Mang Murnasim ogѐ mapatahan lamun barang berharga kudu disimpen di tempat
nu teu disangka. Terus cepuk tѐh diasupkeun kana tingkem, nurut ka papatah emang.
Isukna, isuk-isuk pisan maranѐhna geus marangkat. Di setatsion Mang Murnasim geus
nungguan. Mang Murnasim ngabantuan mawakeun barang-barang Yunus, C ѐc ѐ, jeung
Sunarya.Pas karѐta geus maju, Sunarya ningali tingkem nu sarua di luar, tapi nu man ѐhna
mah aya.Can nepi ka Karawang Mang Murnasim turun, kantongna kantinggaleun di
Setatsion.
Nepi di Sѐrang Yunus, Cѐcѐ, jeung “WInarya” langsung ka asrama. Di asrama barudak
marukaan oleh-oleh pakansi. Kaasup Sunarya, Cѐcѐ, Yunus, jeung Hari. Rupana loba pisan.
Pas tingkem di buka, kacida reuwasna Sunarya ningali cepuk eweuh. Ari Yunus mah tenang
wѐh. Geus Hari kaluar, Yunus mere nyaho, eusi tingkemna geus dipindahkeun kana kardus
nu aya di manѐhna, tuluy ditingalikeun.
Tina kajadian nu enggeus-enggeus, Yunus jeung Cѐcѐ narik kasimpulan y ѐn Si Bedog
Panjang tѐh Mang Murnasim. Aranjeuna narik ѐta kasimpulan sabab sababaraha alesan.
Kahiji, basa ngajiret cangѐhgar Cѐcѐ ningali Mang Murnasim. Kadua, basa di setatsion
Sunarya ningali tingkem nu sarua, terus Mang Murnasim turun, Mang Murnasim ogѐ
nyahoeun Yunus nyimpen cepuk didinya, bisa waѐ Mang Murnasim nukeurkeun tingkem ѐta
kana tingkem nu sarua basa mangmawakeun barang tadi. Pan Si Bedog Panjang t ѐh moro-
moro cepuk ѐta.
Geus rada lila ti pakansi, “Sunarya” ngirim surat, eusina man ѐhna r ѐk ka S ѐrang
mawa tingkem tѐa. Terus ngirim surat deui, eusina y ѐn bapana geus teu aya.Atuh Sunarya
sedih da geus teu boga sasaha, tapi Alhamdulillah aya keneh baraya di Kuningan.
Teu lila ti harita “Sunarya” datang ka Sѐrang.Terus aya kabar aya jalma mundar
mandir waѐ di sakola.Cѐcѐ jeung Yunus langsung mastikeun ѐta tѐh Si Bedog Panjang. Tuluy
Yunus, Cѐcѐ jeung barudak ka tukang, rѐk mergokan Si Bedog Panjang. Geus katingali
gidigna Yunus jeung Cѐcѐ langsung nyerang.
“Eh geuning emang ? Hapunten Mang menawi tѐh sanes Emang.. Atuda sumpingna ti dieu.”
“Muhun den, teu sawios. Muhun lepat Emang jolna ti dieu nya ?”
Tuluy Mang Murnasim ka jero, di jamu. Sanggeus ѐta ngobrol jeung Yunus.
“Mang ari Si Bedog Panjang tѐh Emang ?”
“Bedog Panjang ?”
“Eta tѐh sebutan abdi sareng Cѐcѐ ka jalm nu sok nyoren bedog panjang.”
“Muhun, Emang tѐh keur merjuangkeun hak Sunarya tina harta paninggalan indungna nu
dibawa ti keur indungna jeung bapa kandungna. Harta ѐta tѐh di bawa ku Ki Sadiman,
manѐhna mah jalma teu bener.”

Tuluy Cѐcѐ ngageroan Sunarya jeung Winarya. Geus kumpul,eusi cepuk nu aya di
Yunus dibuka, eusina tѐh perhiasan emas nu kacida lobana. Aya buktina y ѐn ѐta emas
kagungan indung Sunarya, buktina nyaѐta sadaya surat emasna aya di Sunarya. Ceuk
Sunarya indungna nitipkeun surat-surat emas ka manѐhna basa aya k ѐn ѐh. Tuluy sadaya
satuju ѐta harta tѐh dibagi nurutkeun hukum islam   tapi saking bageurna. Sunarya, emas
ѐta dibagi dua jeung Winarya, padahal nurutkeun hukum, bagean Winarya mah teu
sakitueun. Yunus jeung Cѐcѐ gѐ ditawaran, tapi keukeuh embungeun.
Kusabab Winarya teu boga sasaha deui,  Winarya cicing di imah Mang Murnasim. Atuh
kacida atoheunna, da Mang Murnsim tѐh teu gaduh budak. Mang Murnasim nganggap
Winarya jeung Sunarya siga budakna sorangan

You might also like