Professional Documents
Culture Documents
Kumpulan Dongeng Bahasa Sunda
Kumpulan Dongeng Bahasa Sunda
A. Dongeng Mite
Ratu Inten Déwata
Seueur nu nganggap yén carios Ratu Inten Déwata téh mung saukur dongéngan
legénda wungkul, margi taya buktos nu pasti atanapi data émpiris nu leres-leres
tiasa dipercanten. Sanaos kitu, carios Ratu Inten Déwata masih tetep
ngarupikeun dongéng karuhun nu masih dipercanten ayana, utamina ku masarakat
Tarogong, Garut, salaku carita sasakala karuhun karajaan Timbanganten.
Cenah di éta lokasi téh aya dugaan patilasan karajaan Timbanganten. Nanging
upami urang kadinya waktos ayeuna tahun 2008 mah, eta situs teh tos moal
katingal deui. Nu aya mah seueur bangunan enggal diantawisna bangunan sakola
sareng bumi-bumi mani pasedek-sedek. Teu kapendak deui gundukan-gundukan
batu nu kapungkur kungsi diduga patilasan karajaan Timbanganten.
Di puncak gunung Putri, mun urang nyawang ka palih wetan sareng kidul, plung
plong pikawaaseun. Palih wetan, dihandap teu tebih, katingal atra pamandian
Cipanas, rada tebihan wetaneunana muncunguk kacamatan Tarogong. Palih kidul
rada tebih, nanging eces katingal bumi-bumi, bangunan, sareng masjid Agung
Garut. Pantes, sareng kasawang ieu tempat teh taya sanes dalah situs patilasan
kanjeng Ratu Inten Dewata nu kantos ngababakan di ieu tempat.
Saleresna nu kedah nyekel kadali pamarentahan teh sanes Rangga Lawe, nanging
rakana nu kasebat Ratna Inten Dewata. Hiji istri geulis camperenik, salirana
jangkung alit, kulitna koneng. Rambutna hideung meles galing muntang bawana
ngajadi. Tapi anjeunna teu hoyongeun nyepeng karajaan, kalah dipasrahkeun ka
raina Rangga Lawe, hiji jajaka nu dedeg sampe rupa hade rancingeus, pertentang
tur parigel.
Sawaktos raja sepuh bade ngantunkeun alias tilar dunya, kantos mantenna
masihan bewara dina hiji riungan rehna mantenna bade masrahkeun karajaan
Timbanganten ka putrana nu cikal nyeta Ratna Inten Dewata, margi kitu aturan
buhun karuhunna. Nanging kalayan lantip, Ratna Inten Dewata ngawaler:
“Abdi parantos kedal ucap, seja ngalaksanakeun kereteg hate, upami
diparengkeun abdi panjang umur, Ama sareng Ibu parantos teu aya, abdi hoyong
nyirnakeun pikir, ngahenang-ngahening nyorangan ngababakan. Cindekna teu
hoyong kadali pamarentahan. Kukituna, sanes nampik pangasih Ama, bawiraos sae
pasihkeun bae ieu karajaan teh ka pun adi Rangga Lawe. Kalintang pantesna upami
pun adi jadi raja, hiji jajaka pertentang, gede wawanen, perceka dina sagala rupa
hal. Tah, ku kituna ka rayi Lawe, prak geura tampa amanat jeung kaasih ti Ama
jeung ti lanceuk. Geura cekel ieu karajaan Timbanganten”.
Heuleut sababaraha waktos, lajeng Ratna Inten Dewata angkat ka gunung Kutu
nu kiwari disebat gunung Guntur, disarengan ku Ki Rambut Putih, nu bumela
ngaping ngajaring sang putri. Mangtaun-taun marantenna ngababakan di hiji
tempat nu katelah Babakan Putri. Tempat nu kalintang pikabetaheun. Hawana
seger. Komo mun pareng kekembangan nyambuang sarareungit. Manuk-manuk
recet disarada. Ngerelekna sora pancuran nu ngocor kana empang matak betah
tumaninah.
Tapi kasuka jeung kabungah harita keneh sirna, sabab ngadak-ngadak taneuh
oyag. Gunung Guntur bangun nu ngaguruh. Lini gede mimiti karasa. Taneuh
inggeung. Gelap pating burinyay. Bumi genjlong asa digunjang ganjing. Gunung
Guntur ngabudalkeun batu pating saliwer. Langit asa tungkeb. Pating jelegurna
sora gelap dina ponclot gunung Guntur beuki motah. Tatangkalan pating dorokdok
raruntuh, pareunggas katebak angin tarik naker.
Geus kitu mah kakara rahayat Timbanganten ngarasa gimir. Bur-ber ka ditu
kadieu. Pating jarerit, pating koceak. Rangga Lawe kakara sadar, yen eta kajadian
kitu teh mangrupa bebendon ti dewa, dumeh geus wangkelang bedegong ka nu
jadi lanceuk. Cul anak pamajikan, Rangga Lawe seja milarian Ratna Inten Dewata,
rek mundut dihapunten. Mantenna moal sugema, upama teu amprok heula jeung nu
jadi lanceuk.
Kersaning Hyang Widi, Rangga Lawe tepang jeung Ratna Inten Dewata. Kudupruk
bae anjeunna nyuuh kana dampal sampean Ratna Inten Dewata, sabari nyarios
dumareuda: ”Duh, Mbok, hapunten jisim kuring rumaos lepat. Ieu teh bebendon
Hyang Widi ka jisim kuring, nu bedang wangkelang ka salira Mbok”.
Satutasna Ratna Inten Dewata ngahampura kana kalepatan Rangga Lawe, ngadak-
ngadak lini teh eureun. Gunung Guntur teu ngutahkeun deui leutak panas. Batu
gede, batu leutik geus taya nu pating belewer deui. Langit ngadak-ngadak
lenglang, angin leler. Ciri Dewata nyakseni kana kabersihan hate Ratna Inten
Dewata.
Ceuk sakaol, Ratna Inten Dewata sareng Ki Rambut Putih lajeng arangkat ka palih
wetan nu dituju nyeta gunung Talagabodas ayeuna, duanana maksad neraskeun
ngasakeun tatapana. Sarta didinya pisan marantenna tarilem.
Ari Rangga Lawe mah, angkat ka hiji tempat nu seueur kokocoran cai. Rangga
Lawe nya ngababakan deui. Lila-lila eta babakan teh beuki rame batan Korobokan
kapungkur. Nepi ka kiwari babakan enggal teh katelah Tarogong. Korobokan nu
kapungkur kantos janten pusat dayeuh Timbanganten, janten leuweung da teu
dipirosea deui.Tapi ari ngaranna mah masih keneh tug nepi ka ayeuna.
B. Dongeng sasakala
Asal Usul Gunung Tangkuban Perahu
Di Jawa Barat tepatnya di Kabupaten Bandung terdapat sebuah tempat rekreasi
yang sangat indah yaitu Gunung Tangkuban Perahu. Tangkuban Perahu artinya
adalah perahu yang terbalik. Diberi nama seperti karena bentuknya memang
menyerupai perahu yang terbalik. Konon menurut cerita rakyat parahyangan
gunung itu memang merupakan perahu yang terbalik. Berikut ini ceritanya.
Beribu-ribu tahun yang lalu, tanah Parahyangan dipimpin oleh seorang raja dan
seorang ratu yang hanya mempunyai seorang putri. Putri itu bernama Dayang
Sumbi. Dia sangat cantik dan cerdas, sayangnya dia sangat manja. Pada suatu
hari saat sedang menenun di beranda istana, Dayang Sumbi merasa lemas dan
pusing. Dia menjatuhkan pintalan benangnya ke lantai berkali-kali. Saat
pintalannya jatuh untuk kesekian kalinya Dayang Sumbi menjadi marah lalu
bersumpah, dia akan menikahi siapapun yang mau mengambilkan pintalannya
itu. Tepat setelah kata-kata sumpah itu diucapkan, datang seekor anjing sakti
yang bernama Tumang dan menyerahkan pintalan itu ke tangan Dayang Sumbi.
Maka mau tak mau, sesuai dengan sumpahnya, Dayang Sumbi harus menikahi
Anjing tersebut.
Dayang Sumbi dan Tumang hidup berbahagia hingga mereka dikaruniai seorang
anak yang berupa anak manusia tapi memiliki kekuatan sakti seperti ayahnya.
Anak ini diberi nama Sangkuriang. Dalam masa pertumbuhannya, Sangkuring se
lalu ditemani bermain oleh seekor anjing yang bernama Tumang yang dia ketahui
hanya sebagai anjing yang setia, bukan sebagai ayahnya. Sangkuriang tumbuh
menjadi seorang pemuda yang tampan dan gagah perkasa.
Pada suatu hari Dayang Sumbi menyuruh anaknya pergi bersama anjingnya untuk
berburu rusa untuk keperluan suatu pesta. Setelah beberapa lama mencari tanpa
hasil, Sangkuriang merasa putus asa, tapi dia tidak ingin mengecewakan ibunya.
Maka dengan sangat terpaksa dia mengambil sebatang panah dan
mengarahkannya pada Tumang. Setibanya di rumah dia menyerahkan daging
Tumang pada ibunya. dayanng Sumbi yang mengira daging itu adalah daging rusa,
merasa gembira atas keberhasilan anaknya.
Segera setelah pesta usai Dayang Sumbi teringat pada Tumang dan bertanya
pada pada anaknya dimana Tumang berada. Pada mulanya Sangkuriang merasa
takut, tapa akhirnya dia mengatakan apa yang telah terjadi pada ibunya. Dayang
Sumbi menjadi sangat murka, dalam kemarahannya dia memukul Sangkuriang
hingga pingsan tepat di keningnya. Atas perbuatannya itu Dayang Sumbi diusir
keluar dari kerajaan oleh ayahnya. Untungnya Sangkuriang sadar kembali tapi
pukulan ibunya meninggalkan bekas luka yang sangat lebar di keningnya.Setelah
dewasa, Sangkuriang pun pergi mengembara untuk mengetahui keadaan dunia
luar.
Beberapa tahun kemudian, Sangkuriang bertemu dengan seorang wanita yang
sangat cantik. Segera saja dia jatuh cinta pada wanita tersebut. Wanita itu
adalah ibunya sendiri, tapi mereka tidak saling mengenali satu sama lainnya.
Sangkuriang melamarnya, Dayang Sumbi pun menerima dengan senang hati.
Sehari sebelum hari pernikahan, saat sedang mengelus rambut tunangannya,
Dayang Sumbi melihat bekas luka yang lebar di dahi Sangkuriang, akhirnya dia
menyadari bahwa dia hampir menikahi putranya sendiri. Mengetahui hal tersebut
Dayang Sumbi berusaha menggagalkan pernikahannya. Setelah berpikir keras dia
akhirnya memutuskan untuk mengajukan syarat perkawinan yang tak mungkin
dikabulkan oleh Sangkuriang. Syaratnya adalah: Sangkuriang harus membuat
sebuah bendungan yang bisa menutupi seluruh bukit lalu membuat sebuah perahu
untuk menyusuri bendungan tersebut. Semua itu harus sudah selesai sebelum
fajar menyingsing.
Sangkuriang mulai bekerja. Cintanya yang begitu besar pada Sangkuriang
memberinya suatu kekuatan aneh. Tak lupa dia juga menggunakan kekuatan yang
dia dapat dari ayahnya untuk memanggil jin-jin dan membantunya. Dengan lumpur
dan tanah mereka membendung air dari sungai dan mata air. Beberapa saat
sebelum fajar, Sangkuriang menebang sebatang pohon besar untuk membuat
sebuah perahu. Ketika Dayang Sumbi melihat bahwa Sangkuriang hampir
menyelesaikan pekerjaannya, dia berdoa pada dewa-dewa untuk merintangi
pekerjaan anaknya dan mempercepat datangnya pagi.
Ayam jantan berkokok, matahari terbit lebih cepat dari biasanya dan
Sangkuriang menyadari bahwa dia telah ditipu. Dengan sangat marah dia
mengutuk Dayang Sumbi dan menendang perahu buatannya yang hampir jadi ke
tengah hutan. Perahu itu berada disana dalam keadaan terbalik, dan membentuk
Gunung Tangkuban Perahu(perahu yang menelungkub). Tidak jauh dari tempat itu
terdapat tunggul pohon sisa dari tebangan Sangkuriang, sekarang kita
mengenalnya sebagai Bukit Tunggul. Bendungan yang dibuat Sangkuriang
menyebabkan seluruh bukit dipenuhi air dan membentuk sebuah danau dimana
Sangkuriang dan Dayang Sumbi menenggelamkan diri dan tidak terdengar lagi
kabarnya hingga kini.
Baheula, aya hiji randa beunghar katelahna Nyi Endit. Ieu téh saenyana mah
nénéhna, da ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida pisan
kumedna.
Kacaturkeun keur usum panén, di ditu di dieu ceuyah dibaruat. Ka sawah Nyi
Endit ogé réa nu gacong. Ari réngsé dibuat jeung sanggeus paréna dikaleuitkeun,
sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sidekah. Ngondang lebé jeung sawatara
tatangga. Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus
tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang ngariung tumpeng. Atuh anu
ngariung téh nepi ka ratusna. Tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ka ngan
sakotéap gé geus bérés, bari tingkarétap kénéh.
Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan. Méméh indit manéhna ngomong
kieu, “Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya wawalesna.”
Teu kacatur saha anu jeneng bupati harita. Ngan éta bupati téh pohara
towéksana ka rahayat, wedi asih sarta bijaksana. Atuh sanajan can kalaporan gé
anjeunna parantos uningaeun, kumaha tagiwurna rahayat. Anjeunna teras
ngémutan sangkan bisa nyalametkeun rahayatna.
Ku pangjurung kanyaah ka rahayat téa, anjeunna teras nyepi di hiji kamar, seja
mujasmédi neda pituduh ti paradéwa. Susuganan ku jalan kitu, anjeunna tiasa
mangadep ka Yang Tunggal, dipasihan pituduh pikeun nyalametkeun rahayatna.
Sabada sasauran kitu, éta aki-aki téh les baé leungit tina impénan Kangjeng
Bupati. Satampina éta ilapat, énggal baé Kangjeng Bupati kaluar ti kamar sarta
teras nyandak keris pusaka.
Énggal anjeunna angkat ngajugjug ka puncak Gunung Gedé. Rurusuhan da sieun
bitu mantén. Najan rahayat anu keur bingung, nyaksian Kangjeng Bupati angkat
ka puncak gunung mah, teu tégaeun ngantep. Bring baé naluturkeun.
Sadugina ka puncak Gunung Gedé, Kangjeng Bupati teu talangké, ngan lung baé
éta keris téh dialungkeun kana kawahna. Rahayat anu tadi naluturkeun téh ngan
bati colohok, da éta keris téh éstu kageugeut pisan Kangjeng Bupati. Barang éta
keris geus dikana-kawahkeun, jep saharita sora anu ngaguruh pikakeueungeun téh
jempé. Lini anu geus lila karasa, harita mah teu karasa naon-naon. Sabada leungit
kagétna, timbul kabungah rahayat téh. Ger baé surak bakat ku atoh, sarta tuluy
sumujud ka Kangjeng Bupati tanda nganuhunkeun. Sakabéh rahayat ngaikrarkeun
seja satia-satuhu ka anu ngaheuyeuk dayeuh.
Éta maksud kasatiaan rahayat téh ku Kangjeng Bupati ditampi kalayan dareuda,
bakat ku bingah. Bingah manahna lantaran bisa nyingkahkeun balai, bingah
lantaran bisa nyalametkeun rahayatna.
Tah, nya ti harita pisan éta gunung katelah Gunung Tampa Emas, anu saterusna
robah jadi Gunung Tampomas. Ayeuna mah teu pikasieuneun, malah mun pareng
poé peré mah sok rajeun dijarugjugan nepi ka puncakna.
C. Dongeng Fabel
Sakadang kuya jeung monyet
Isuk-isuk sakadang kuya moyan di sisi leuwi. Keur kitu torojol sobatna nya éta
Sakadang Monyét.
“Sakadang Kuya!” Sakadang Monyét ngageroan.
“Kuk!” Témbal Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya!”
“Kuk!”
Sakadang Monyét nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
“Keur naon Sakadang Kuya?”
“Ah keur kieu wé, keur moyan.”
“Ti batan cicing kitu mah mending ngala cabé, yu!”
“Di mana?”
“Di kebon Patani, mangka cabéna geus bareureum.”
“Embung, ah. Sakadang monyét mah sok gandéng.”
“Moal, moal gandéng ayeuna mah.”
“Nyaan moal gandéng?”
“Moal, nyaan moal gandéng.”
“Hayu atuh ari moal gandéng mah.”
Bring atuh Sakadang Monyét jeung Sakadang Kuya téh indit ka kebon
patani. Barang tepi ka kebon, katémbong cabé pelak patani geus arasak mani
bareureum euceuy. Sup duanana ka kebon. Sakadang Kuya moncor kana pager, ari
Sakadang Monyét ngaluncatan pager. Terus baé ngaralaan cabé, didalahar di
dinya kénéh.
Sakadang Kuya mani seuhah-seuhah baé ladaeun. Kitu deui sakadang monyét.
Keur kitu, ana gorowok téh Sakadang Monyét ngagorowok.
“Seuhah lata-lata!” Maksudna mah “seuhah lada-lada”.
“Ssst, Sakadang Monyét, ulah gandéng atuh!”
Sakadang Monyét henteu ngawaro.
“Seuhah lata-lata!”
“Sakadang Monyét! Bisi kadéngéeun ku Bapa Tani.”
Tapi Sakadang Monyét api-api teu ngadéngé. Gorowok deui baé.
“Seuhah lata-lata!”
Kahariwang Sakadang Kuya kabuktian. Sora Sakadang Monyét anu tarik
kadéngéeun ku Bapa Tani ti imahna, anu teu jauh ti kebonna. Bapa Tani gura-giru
lumpat ka kebon. Barang nepi ka kebon, katémbong aya monyét jeung kuya keur
ngaweswes bari seuhah ngadaharan cabé.
“Beunang siah nu sok malingan cabé téh!” Bapa Tani ngagorowok bari lumpat
muru ka nu keur ngahakanan cabé.
Ngadéngé aya nu ngagebah, gajleng baé Sakadang Monyét ngejat, térékél
kana tangkal kai.
“Sakadang Monyét, dagoan!” Sakadang Kuya ngagorowok ménta tulung. Tapi
Sakadang Monyét teu maliré, teu ngalieuk-ngalieuk acan, terus lumpat
gagalacangan dina tangkal kai. Ari Sakadang Kuya, puguh da teu bisa lumpat,
leumpang ngadédod baé. Kerewek baé ditéwak ku Bapa Tani.
“Beunang ayeuna mah nu sok malingan cabé aing téh. Ku aing dipeuncit!” Ceuk
Bapa Tani.
Kuya dibawa ka imahna, tuluy dikurungan ku kurung hayam. Angkanan Pa
Tani, isukan kuya rék dipeuncit.
Peutingna, sakadang Monyét rerencepan ngadeukeutan Sakadang Kuya, nu
keur cendekul dina jero kurung.
“Ssst, Sakadang Kuya, keur naon?” Sakadang Monyét nanya.
“Éh, geuning Sakadang Monyét, Puguh kuring téh keur ngararasakeun
kabungah.”
“Kabungah naon Sakadang Kuya?”
“Nya éta, kuring téh rék dikawinkeun ka anak Bapa Tani.”
“Dikawinkeun ka anak Bapa Tani?”
“Enya.”
”Nu bener Sakadang Kuya?”
“Piraku atuh kuring ngabohong ka sobat.”
“Ngadéngé omongan Sakadang Kuya kitu, Sakadang Monyét ngahuleng
sajongjongan.
“Kieu, Sakadang Kuya, kumaha lamun urang tukeur tempat?” ceuk Sakadang
Monyét.
“Tukeur tempat kumaha?”
“Enya tukeur tempat. Sakadang kuya kaluar, kajeun kuring atuh cicing di
jero kurung.”
“Ah, embung.”
“Kuring mah karunya wé ka Sakadang Kuya, sapeupeuting dikurungan.”
“Atuh meureun moal jadi dikawinkeun ka anak Bapa Tani téh.”
Sakadang monyet keukeuh maksa, supaya tukeur tempat. Antukna sakadang
kuya téh éléh déét.
“Heug baé tukeur tempat, tapi aya saratna,” ceuk Sakadang Kuya.
“Naon saratna?”
“Saratna mah gampang. Saméméh anjeun asup kana kurung, kuring kudu di
alungkeun heula ka leuwi.”
“Enya, énténg atuh kitu mah.”
Heunteu talangké, Sakadang Monyét ngaluarkeun Sakadang Kuya tina kurung
hayam, tuluy dibawa kasisi leuwi. Lung baé Sakadang Kuya téh dialungkeun ka
leuwi. Sakadang Monyét buru-buru balik deui ka imah Bapa Tani. Sup baé
ngurungan manéh ku kurung hayam. Ngadedempés ngadago-dago beurang, hayang
geura buru-buru dikawinkeun ka anak Bapa Tani.
Kocapkeun isukna.
“Manéhna, ka mana bedog téh? Urang asah,” ceuk Bapa Tani ka
pamajikanana.
“Rék naon Bapana isuk-isuk geus ngasah bedog?”
“Itu urang meuncit kuya di pipir.”
Paguneman Bapa Tani jeung pamajikanana téh kadéngéeun ku Sakadang
Monyét. Manéhna ngagebeg. Lakadalah, geuning aing téh rék dipeuncit, lain rék
dikawinkeun jeung anak Bapa Tani. Rék kabur, geus kagok. Kaburu aya anak Bapa
Tani nyampeurkeun. Gancang baé atuh Sakadang Monyét téh papaéhan,
ngabugigag kawas bangké.
Barang srog ka dinya, anak Bapa Tani gegeroan ka bapana.
“Bapa! Bapa!”
“Aya naon, Nyai?”
“Ieu geuning nu dina kurung téh lain kuya.”
“Naon Nyai?”
“Monyét, jeung siga nu geus paéh deuih!”
Bapa Tani nu keur ngasah bedog cengkat, tuluy nyampeurkeun ka anakna.
Enya baé geuning dina kurung téh aya monyét ngabugigag, lain kuya nu kamari.
Kurung dibukakeun, monyét dialak-ilik.
“Naha bet jadi monyét? Jeung paéh deuih.”
“Enya, éta mani geus jeger kitu,” ceuk pamajikanana mairan.
Monyét téh dicokot ku Bapa Tani, lung baé dialungkeun jauh pisan. Barang
gubrag kana taneuh, koréjat monyét téh hudang, berebet lumpat, kalacat baé
naék kana tangkal kai.
Sakadang Kuya Nyieun Suling tina Tulang Maung
Sanggeus durukan téh pareum, Sakadang Kuya kurah-koréh. Manggih tulang anu
panjang, jigana mah tulang pingping tukang Sakadang Maung. Tulang téh dicokot,
tuluy diberesihan.
“Alus yeuh lamun dijieun suling. Ngan kumaha molongoanana?” ceuk Sakadang
Kuya. Ras inget ka Sakadang Caladi. “Aéh, enya, sina ditroktrokan baé ku
Sakadang Caladi.”
Sakadang Kuya ngadatangan Sakadang Caladi anu keur noktrokan tangkal kalapa.
“Sakadang Caladi, turun heula sakeudeung, Emang tulungan!” ceuk Sakadang Kuya.
“Aya naon, Mang?” ceuk Sakadang Caladi bari nyampeurkeun.
“Cing, pangnoktrokkeun tulang, keur suling!”
Tulang téh ditroktorak ku caladi.
“Nuhun Lo!” ceuk Sakadang Kuya.
Tuluy suling téh ditiup ku Sakadang Kuya.
Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi.
“Alah, teu ngeunaheun. Jigana mah kudu diliangan heula,” ceuk Sakadang Kuya.
Ras manéhna inget ka Sakadang Bangbara.
Sakadang Kuya néangan Sakadang Bangbara. Kapanggih keur ngalian dina tangkal
anu keur ngarangrangan.
“Sakadang Bangbara, ka dieu Jang, tulungan Ua sakeudeung!” ceuk Sakadang
Kuya.
“Tulungan naon, Wa?” ceuk Sakadang Bangbara.
“Cing, pangaliangankeun suling Ua, ieu teu ngeunaheun ditiupna.”
Tuluy atuh suling téh diliangan ku Sakadang Bangbara. Sanggeus nganuhunkeun ka
Sakadang Bangbara, suling téh ditiup deui ku Sakadang Kuya.
Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara.
“Ah, can ngeunaheun kénéh baé. Jigana mah kudu dipasieup heula,” ceuk
Sakadang Kuya.
Keur kitu, geleber aya Sakadang Sireupeun ngaliwat.
“Tah, kabeneran aya Sakadang Sireupeun. Ka dieu heula, Jang, tulungan Aki,”
ceuk Sakadang Kuya.
“Aya naon, Ki? Meni rareuwas,” ceuk Sakadang Sireupeun.
“Ieu Aki téh boga suling, tapi masih kénéh silung. Cing, pangmasieupkeun
sakeudeung mah.”
Tuluy atuh suling téh dipasieup ku Sakadang Sireupeun. Rada lila, da cenah
masieup suling téh henteu gampang. Tapi teu burung anggeus ogé.
“Nuhun Jang.”
“Sami-sami, Ki.”
Tuluy atuh suling téh ditiup deui ku Sakadang Kuya.
Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara,
dipasieup ku sireupeun,
torotot héong, torotot héong.
“Tah, ngeunah ayeuna mah sora suling téh. Nuhun ah, Jang,” ceuk Sakadang Kuya
bari indit.
Sajajalan Sakadang Kuya nyuling teu eureun-eureun. Sorana matak kelar. Sato-
sato ogé anu biasana garandéng, jep baé jarempé, ngadédéngékeun sora suling
Sakadang Kuya. Atuda lain suling samanéa.