Professional Documents
Culture Documents
Kampung Adat 1 Kls 9
Kampung Adat 1 Kls 9
Kampung Adat 1 Kls 9
KAMPUNG ADAT
B. Sunda IX
4 X Pertemuan
Standar Inti
TUJUAN PEMBELAJARAN
Melalui pembelajaran dari rumah, peserta didik dapat
1. Memahami konsep kampung adat dengan baik.
2. Memahami adat kebiasaan yang berlaku di kampung adat di Jawa Barat dengan baik.
3. Mendeskripsikan salahsatu kampung adat di Jawa Barat dengan jelas.
PERTEMUAN KA-1
Ieu di handap aya wacana nu ngambarkeun salahsahiji kampung adat nu aya di Jawa
Barat. Pék titénan tur baca ku hidep cing gemet!
A. Wacana 1
KAMPUNG NAGA
Kampung Naga téh mangrupa salahiji kampung adat di Tatar Sunda. Perenahna di
Désa Neglasari, Kacamatan Salawu, Kabupaten Tasikmalaya. Béda jeung umumna kampung
adat, Kampung Naga mah gampang didongkangna, lantaran tempatna henteu jauh ti jalan
gedé antara Garut jeung Tasikmalaya.
Disebut kampung adat lantaran kabiasaan pendudukna anu masih kénéh pageuh
nyekel adat kabiasaan karuhunna. Maranéhna pantrang ngarempak adat kabiasaan anu geus
diguratkeun ku karuhunna. Nurutkeun kapercayaanana, ngarempak adat téh sarua hartina
jeung henteu ngahargaan ka karuhun.
Wangun imah di Kampung Naga kudu imah panggung, anu dijieunna tina kai jeung
awi. Hateupna wangun julang ngapak kudu tina injuk, eurih, atawa kiray, teu meunang aya nu
maké kenténg, teu meunang ditémbok deuih.
Di Kampung Naga teu meunang nanggap kasenian anu datangna ti luar, saperti
wayang golék, dangdut, kendang penca sarta kasenian liana anu maké goong. Kasenian anu
meunang ditanggap mah nya éta terebang, beluk jeung réngkong. Salian ti éta ogé dina poé
salasa, rebo jeung saptu pantrang nyaritakeun lembur katut sajarahna, komo nyaritakeun
luluhurna atawa karuhunna mah, dipahing pisan.
B. Wacana 2
KAMPUNG ADAT CIREUNDEU
Kampung adat Cireundeu téh ayana di kalurahan Leuwi Gajah, kacamatan Cimahi
Selatan, kota Cimahi. Padumukna aya 50 kapala kulawarga atawa 800 urang, anu sabagian
gedé pakasabanana kana tatanén hususna melak sampeu. Kampung Adat Cireundeu legana 64
hektar, 60 hektar mangrupa lahan tatanén sedengkeun anu 4 hektar dipaké padumukan.
Sabagian gedé padumukna masih kénéh mageuhan talari karuhunna, nya éta ngagem
kapercayaan Sunda Wiwitan. Sanajan masih kénéh pengkuh kana adat istiadat karuhunna,
masarakat adat Cireundeu mibanda palasipah “ngindung ka waktu, mibapa ka jaman.”
Ngindung ka waktu ngandung harti salaku masarakat adat Cireundeu mibanda cara, ciri sarta
kayakinan séwang-séwangan, sedengkeun mibapa ka jaman ngandung harti urang Cireundeu
mah hirup milu kana kamekaran jaman.
Pakumbuhan urang Cireundeu dibagi kana tilu wewengkon, nu kahiji leuweung
larangan nya éta leuweung anu sama sakali teu meunang diganggu pangeusina. Nu kadua
leuweung tutupan, nya éta leuweung anu diwenangkeun diala tatangkalanana tapi kudu
dipelakan deui. Sedengkeun anu katilu nya éta leuweung baladahan nya éta leuweung anu
dipaké lahan tatanén ku masarakat Cireundeu. Aya hiji perkara anu ngabédakeun kabiasaan
urang Cireundeu jeung masarakat umum séjénna, nya éta urang Cireundeu mah kadaharan
poko sapopoéna téh sampeu anu diolah nepi ka teu béda jeung sangu.
PANCEN 1
10. Sabagian gedé pakasaban urang Kampung Cireundeu téh kana tatanén, hususna
A. melak cau C. melak sampeu
B. melak paré D. melak beubeutian
11. Urang Cireundeu ngabagi pakumbuhanana jadi tilu wewengkon, nya éta
A. Wewengkon paleuweungan, pahumaan jeung pilemburan
B. Wewengkon kadéwan, kamanusan jeung pademitan
C. Leuweung konservasi, leuweung reboisasi jeung leuweung produksi
D. Leuweung larangan, leuweung tutupan jeung leuweung baladahan
12. Leuweung anu dipaké lahan tatanén ku masarakat Cireundeu sama nya éta….
A. leuweung baladahan C. leuweung tutupan
B. leuweung larangan D. leuweung Citeundeu