Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 5

1. Dina dongeng “ Sangkuriang “ saha nu ngarorok Dayang Sumbi teh….

A. Si Tumang
B. Wayungyang
C. Siluman
D. Jin

2. Dina dongeng “Sangkuriang“ saha jajaka gagah anu katarik ati ku kageulisan Dayang Sumbi
teh ?….
A. Siluman
B. Raja Priangan
C. Wayungyang
D. Sangkuriang

3. Dina dongeng “Sangkuriang” naon anu dipake nakol sirah Sangkuriang ku Dayang Sumbi
teh ?….
A. sinduk
B. leungeun
C. paneunggeul
D. halu

4. Dina dongeng “Sangkuriang” jadi naon parahu anu ditajong ku Sangkuriang nepi ka
nangkup teh ?….
A. Gunung Galunggung
B. Gunung Burangrang
C. Gunung Bukit Tunggul
D. Gunung Tangkuban Parahu

5. Dongeng anu eusina nyaritakeun sasatoan kalawan paripolahna saperti manusia disebut….
A. legenda
B. parabel
C. sage
D. fabel

6. Salasahiji ciri tina karangan dongeng teh nyaeta….


A. loba ditulis dina buku jeung majalah
B. temana ngeunaan kahirupan raja
C. palakuna jin jeung siluman
D. sumebarna sacara lisan

7. Dumasar eusina, “ Nyi Roro Kidul “ kaasupna kana wanda dongeng ….


A. legenda
B. parabel
C. mite
D. sage

8. Dumasar papasinganana, anu disebut dongeng legenda teh nyaeta….


A. dongeng anu eusina nyaritakeun hiji kajadian atawa hiji jalma, anu aya patalina jeung
sajarah
B. dongeng anu raket patalina jeung kepercayaan masarakat kana bangsa lelembut atawa
perkara-perkara anu goib
C. dongeng nu eusina nyaritakeun kajadian atawa asal-muasal, hiji hal, tempat, barang,
sasatoan, atawa tutuwuhan
D. dongeng anu eusina nyaritakeun paripolah jalma biasa, anu sakapeung mah sok
mahiwal, pikaseurieun, tapi lenyepanen

Page 1
9. Carita rekaan anu dikarang dina wangun basa lancaran kalawan sumebarna sacara lisan the
disebutna….
A. sajak
B. novel
C. carpon
D. dongeng

10. Dongeng nu eusina nyaritakeun asal usul atawa asal muasal hiji kajadian hiji perkara
(tempat, sastoan, tutuwuhan jeung sajabana) disebut….
A. fabel
B. babad
C. sasakala
D. parabel

11. Hal nu jadi jejer carita atawa topik utama dina dongeng disebut….
A. tema
B. latar
C. amanat
D. palaku

12. Palaku nu mibanda sifat hade disebut…..


A. protagonis
B. antagonis
C. utama
D. tambahan

13. Runtuyan kajadian-kajadian nu ngaruntuy ngawangun hiji carita dongeng disebut….


A. latar
B. alur
C. tema
D. amanat

14. Dongeng anu caritana mirip jeung carita sajarah disebut….


A. sasakala
B. legenda
C. sajarah
D. babad

15. Nu netelakeun kasang tukang tempat jeung waktu lumangsungna carita dina dongeng
disebut…..
A. amanat
B. palaku
C. tema
D. latar

16. Amanat teh nyaeta hal anu hayang ditepikeun ku ….dina jero karyana.
A. nu ngadengekeun
B. penerbit
C. pengarang
D. nu maca

17. Dongeng-dongeng ngeunaan Si Kabayan kaasup kana dongeng….


A. fabel
B. parabel
C. legenda
D. sasakala

Page 2
18. Dongeng sasakala teh nyaeta dongeng nu nyaritakeun….
A. kajadian
B. asal-usul
C. jalma biasa
D. kakuatan gaib

19. Palaku antagonis teh nyaeta palaku….


A. anu goreng
B. anu hade
C. utama
D. tambahan

20. Galur carita nu ujug-ujug nyaritakeun bagian tengah carita disebut….


A. galur ditunjalan
B. galur flashback
C. galur merele
D. galur mobok tengah

21. Salasahiji fungsi wawaran teh pikeun….


A. nepikeun kahayang ka batur
B. nepikeun informasi ka balarea
C. mangaruhan babaturan deukeut
D. nepikeun niat hade kalayan sopan

22. Pangna dongeng kaasup karya anu anonim teh sabab….


A. loba palakuna
B. loba pangarangna
C. kapanggih pangarangna
D. teu kapanggih pangarangna

23. Nu ngabedakeun antara dongeng jeung carita pondok teh nyaeta dongeng mah….
A. palakuna saeutik
B. kapanggih pangarangna
C. eusina loba pamohalanna
D. eusina kahirupan sapopoe

24. Naek turunna lagu atawa wirahma nyarita waktu nepikeun wawaran disebut….
A. volumeu
B. rengkak
C. lentong
D. lafal

25. Di antara tatakrama nepikeun wawaran sacara lisan teh….


A. kudu bari diuk dina korsi
B. make baju weuteuh tur mahal
C. sora kudu ngoncrang tur eces
D. sikep awak kudu sangeunahna

26. Di antara media elektronik nu bisa dipake pikeun nepikeun wawaran….


A. internet
B. majalah
C. koran
D. bulletin

Page 3
27. Dongeng mite nyaeta dongeng nu nyaritakeun atawa nu aya patalina jeung kapercayaan
kana….
A. Alam siluman
B. Tempat karamat
C. Barang pusaka
D. Sasatoan

PGK

28. Di handap ieu nu kaasup unsur carita nu ngadeudeul dongeng nyaeta….


A. jejer
B. palaku
C. mite
D. latar

29. Ieu di handap nu kaasup ciri-ciri dongeng teh di antarana….


A. sumebarna sacara lisan
B. kanyahoan saha nu ngarangna
C. ngagunakeun basa lancaran
D. ukuranana ilaharna panjang

Menjodohkan (Pasangkan pernyataan pada kolom ( A ) dengan jawaban pada kolom ( B ))

30. Pasangkanlah pernyataan pada bagian A dengan jawaban yang tepat pada bagian B!
Dongeng anu eusina nyaritakeun hiji kajadian atawa hiji jalma, anu aya patalina a. fabel
jeung sajarah ( )
Dongeng anu raket patalina jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembut b. mite
atawa perkara-perkara anu goib ( )
Dongeng anu eusina nyaritakeun sasatoan kalawan paripolahna saperti manusa ( ) c. babad

Dongeng anu eusina nyaritakeun paripolah jalma biasa, anu sakapeung mah sok d. parabel
mahiwal pikaseurieun, tapi lenyepaneun ( )

31.
Runtuyan kajadian dina carita anu ngawangun hiji lalakon nepi ka ngaleunjeur ( ) a. latar

Patempatan, waktu atawa suasana lumangsungna carita. ( ) b. amanat

Rupaning hal atawa perkara nu rek ditepikeun ku pangarang dina karyana ( ) c. jejer

Pokok pikiran anu ngajiwaan carita ( ) d. galur

Page 4
32.
Naek turunna lagu/wirahma nyarita ( ) a. volume

Cara ngucapkeun huruf nu bener tur jentre ( ) b. wawaran

Halon atawa ngoncrangna nyorakeun kecap atawa kalimah ( ) c. lafal

Pengumuman atawa embaran ( ) d. intonasi

33. Wacana anu eusina mangaruhan jalma lian sangkan milampah naon-naon nu diiklankeun tea
nyaeta……..

34. Carita rekaan anu dikarang dina wangun basa/lancaran kalawan sumebarna sacara lisan,
nyaeta tatalepa ti hiji jalma ka jalma sejenna disebutna……

Page 5

You might also like