Download as pdf or txt
Download as pdf or txt
You are on page 1of 7

SMKN 3 SUKABUMI

Alamat: Jl. Kabandungan No. 86, Telepon:

Judul Tes : PENILAIAN AKHIR SEMESTER BAHASA SUNDA KELAS X Jml. Soal : 30 butir

Deskripsi : PENILAIAN AKHIR SEMESTER BAHASA SUNDA KELAS X Durasi : 60 menit

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda Pembuat : Lisna Anggraeni, S.Pd

Kelas : KELAS X AP - 1, KELAS X AP - 2, KELAS X TB - 1, KELAS X TB - 2, KELAS X TB - 3,


KELAS X TB - 4, KELAS X BUSANA - 1, KELAS X BUSANA - 2, KELAS X BUSANA -
3, KELAS X KC - 1, KELAS X UPW - 1, KELAS X TB - 5

No Soal

1 Tarjamahan tina kalimah “Saya merasa bangga menjadi orang Sunda.” anu merenah, nyaéta…….
(A) Kuring ngarasa bangga jadi urang Sunda.

(B) Kuring ngarasa reueus jadi urang Sunda.

(C) Kuring ngarasa sugema jadi urang Sunda.

(D) Kuring ngarasa agul jadi urang Sunda.

(E) Kuring ngarasa ngeunah jadi urang Sunda.

2 Paribasa anu mangrupa tarjamahan tina basa Indonésia, nyaéta…………


(A) Adam lali tapel.

(B) Wong becik ketitik wong ala ketara.

(C) Waktu sarua jeung duit.

(D) Aya hurang handapeun batu.

(E) Gindi pikir belang bayah.

3 Paribasa Indonésia “Biar lambat asal selamat” hartina mirip jeung paribasa Sunda…..
(A) Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung.

(B) Kajeun kendor asal ngagémbol.

(C) Kaduhung tara ti heula.

(D) Jauh-jauh panjang gagang.

(E) Ulah gancang pincang.

4 Lamun rék narjamahkeun, urang merlukeun kamus, nyaéta kamus……


(A) Ékabasa

(B) Dwibasa

(C) Istilah

(D) Asing

(E) Énsiklopédia

5 Anu teu kaasup kana kecap-kecap basa Sunda sarepan tina basa Arab nyaéta……
(A) Agama

(B) Iman

(C) Akhlak

(D) Abdi

(E) Takwa
No Soal

6 Salasahiji conto kamus aya anu judulna “Kamus Besar Bahasa Indonesia”, éta kamus kaasup jenis kamus……
(A) Ékabasa

(B) Dwibasa

(C) Istilah

(D) Asing

(E) Umum

7 Di pabukon aya kamus anu judulna, “Kamus Kedokteran”, éta kamus kaasup jenis……
(A) Ékabasa

(B) Dwibasa

(C) Istilah

(D) Asing

(E) Umum

8 Kamus Jhon Echols anu judulna “Kamus Indonesia – Inggris” , éta kamus kaasup jenis…..
(A) Ékabasa

(B) Dwibasa

(C) Istilah

(D) Asing

(E) Umum

9 Tarjamahan téh sok disebut ogé alih basa, nyaéta mindahkeun téks tina ………. Kana ………….
(A) basa sumber (asal) kana basa séjén (anyar).

(B) basa séjén (anyar) kana basa sumber (asal).

(C) basa Indonesia kana basa Sunda.

(D) basa Sunda kana basa Indonesia.

(E) basa Asing kana basa Sunda.

10 Ieu di handap mangrupakeun kamampuh paélmuan kabasaan, di antarana:


Kamampuh gramatikal
Kamampuh fonologis
Kamampuh Sosiolinguistik
Kamampuh pragmatik
Kamampuh semantik
Dumasar pedaran di luhur, tilu kamampuh basa anu kudu kacangking sangkan bisa narjamahkeun nyaéta ………
(A) 1, 2, jeung 3

(B) 1, 3, jeung 4

(C) 1, 2, jeung 4

(D) 1, 3, jeung 5

(E) 3, 4, jeung 5

11 Kamampuh dina narjamahkeun pikeun nyusun kekecapan, nyusun kalimah, nyusun alinéa, jeung ngalarapkeun éjahan mangrupakeun kamampuh ………..
(A) Gramatikal

(B) Sosiolinguistik

(C) Semantik

(D) Pragmatik

(E) Fonologis
No Soal

12 Kamampuh pikeun mikawano ngeunaan hiji basa dina kahirupan sapopoé di masarakat pamakéna disebut kamampuh……….
(A) Gramatikal

(B) Sosiolinguistik

(C) Semantik

(D) Pragmatik

(E) Fonologis

13 Kamampuh dina ngaguar harti atawa ma’na téks anu rék ditarjamahkeun, mangrupakeun kamampuh……..
(A) Gramatikal

(B) Sosiolinguistik

(C) Semantik

(D) Pragmatik

(E) Fonologis

14 Aturan nuliskeun basa serepan tina basa Walanda (Belanda) kana Basa Sunda anu bener aya dina kecap….
(A) AERODINAMICS nuliskeunana jadi AERODINAMIKS

(B) AERODINAMICS nuliskeunana jadi AERODINAMIK

(C) AERODINAMICS nuliskeunana jadi AERODINAMIKA

(D) AERODINAMIKS nuliskeunana jadi AERODINAMICS

(E) AERODINAMIK nuliskeunana jadi AERODINAMIKA

15 Aturan nuliskeun basa serepan tina basa Sansekerta kana Basa Sunda anu bener aya dina kecap….
 

(A) SABDA nuliskeunana jadi CABDA

(B) SASTRA nuliskeunana jadi CASTRA

(C) CABDA nuliskeunana jadi SABDA

(D) CABDA nuliskeunana jadi CASTRA

(E) CASTRA nuliskeunana jadi CABDA

16 Carita anu wangunna pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur-unsur pamohalan disebutna………
(A) Carpon

(B) Dongéng

(C) Skétsa

(D) Biografi

(E) Fiksimini

17 Aya carita “Nyi Roro Kidul” sumebar di masarakat. Carita seperti kitu kaasup kana dongéng ……
(A) Parabél

(B) Légénda

(C) Sagé

(D) Mite

(E) Babad
No Soal

18 Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri dongéng nyaéta


(A) Sakabéh eusi caritana mangrupa fakta

(B) miboga sifat anonim (teu aya ngaran pangarangna)

(C) Sumebarna tatalépa sacara lisan

(D) Ngandung unsur pamohalan

(E) Awalna kagolong kana sastra lisan

19 Unsur-unsur carita dina dongéng sarua jeung unsur-unsur prosa fiksi séjénna. Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur carita dongéng, nyaéta…..
(A) Téma

(B) Purwakanti

(C) Palaku

(D) Galur

(E) Latar

20 Ieu di handap anu kaasup kana kalimah pangharepan, nyaéta…..


(A) Muga-muga waé rencana urang bisa laksana!

(B) Hayu urang rencanakeun wé nu leuwih asak!

(C) Jung baé ti heula, kuring mah aya perlu heula!

(D) Sigana mah ulah indit ayeuna, bisi macét!

(E) Tiasa nyuhunkeun cai!

21 “Punten Wan, pangnyandakkeun buku basa Sunda dina kantong!”


Nilik kana gunana, éta kalimah téh kaasup kana kalimah ……
(A) Paménta

(B) Panitah

(C) Panyarék

(D) Pangjurung

(E) Pangwawadi

22 Ieu di handap mangrupa kecap-kecap anu ilahar dipaké dina kalimah paréntah, iwal….
(A) Mangga

(B) Cing

(C) Punten

(D) Wah

(E) Hayu
No Soal

23 Baca jeung tengetan dongéng di handap!


 

Gagak Hayang Kapuji


 

Aya gagak maling déngdéng ti pamoéan. Geleber hiber bari ngaheumheum déngdéng téa kana tangkal dadap sisi lembur. Kabeneran harita katangeneun ku anjing nu
kacida kabitaeunana da puguh kabeukina. Kusabab kitu, ku anjing disampeurkeun. Tapi sanggaus anjing aya dihandapeun, boro-boro ditanya teu di rérét-rérét acan.
Anjing mikir piakaleun supaya déndéng téa kapimilik ku manéhna.
 

Sanggeus manggih anjing ngomong, “Leuh aya manuk alus-alus teuing. Pamatukna panjang bulu hideung tapi mani lemes kitu. Manuk naon nya ngaranna? Kawasna
mah moal aya tandingna dibandingkeun jeung cendrawasih gé moal éléh.”
 

Mimitina mah omongan anjing téh teu didéngé. Tapi sanggeus aya omongan “moal éléh ku cendrawasih,” gagak atoheun pisan. Manéhna kungsi beja yén cendrawasih
téh manuk pang hadéna. Tapi ceuk anjing “manéhna moal éléh”.
 

Kitu nu matak manéhna ngarasa ngeunah ku pamuji anjing. Malah ceuk pikirna deui asa hayang ngabagi déngdéng jeung anjing. Ngan kusabab hésé meulahna
kahayangna teu kalaksanakeun. Anjing nempo beungeut gagak marahmay sanggeus dipuji ku manéhna. Ceuk pikirna pasti usahana hasil. Ceuk pikirna deui naon
heséna muji-muji keur ngahontal kahayangna.
 

Ku sabab kitu pok deui anjing, “Lamun daékeun mah hayang nyobat jeung manuk nu sakitu lucuna. Ngan rumasa sorangan mah sato hina. Saumur-umur kudu
ngadunungan, saré digolodog, rajeun manggih hakaneun ogé pasésaan. Tapi najan teu bisa nyobat ogé jeung manuk lucu, atuh ngadéngé-ngadéngé sorana. Meureun
moal panasaran teuing!”
 

Barang ngadéngé pamuji anjing anu sakitu ngeunahna, gagak poho keur ngaheumheum déngdéng, ngan ngong wé disada, “Gaak Gaaak” cenah. Atuh barang engab
pamatukna barang pluk wé déngdéng teh murag. Anjing gancang nyantok déngdéng nu murag téa tuluy dihakan di nu bala.
 

Gagak nu hanjakaleun mah teu ditolih. Sababaraha jongjonan gagak téh cindekul wé dina dahan bari ngararasakeun teu ngeunahna ku kalakuan anjing. Manéhna
karék ngarti yén anjing muji bébéakan téh hayang déngdéng nu keur diheumheum ku manéhna. Ti dinya mah geleber gagak téh hiber kana tangkal kai rék neangan
hileud keur ganti déngdéng nu disantok ku anjing.
 

Amanat tina dongéng di luhur nyaéta…….


(A) Kudu silih asih, silih asah, jeung silih asuh.

(B) Kudu mikahormat ka papada jalma, hormat ka anu tos sepuh.

(C) Jujur mangrupakeun konci kamulyaan papada jalma.

(D) Silih bantu jeung sasama, silih bantu ka anu susah.

(E) Kudu daék babagi ka anu lain, sarta ulah ngarasa gedé hulu ku pamuji batur nu can puguh bener.
No Soal

24 Baca jeung tengetan dongéng di handap!


 

Gagak Hayang Kapuji


 

Aya gagak maling déngdéng ti pamoéan. Geleber hiber bari ngaheumheum déngdéng téa kana tangkal dadap sisi lembur. Kabeneran harita katangeneun ku anjing nu
kacida kabitaeunana da puguh kabeukina. Kusabab kitu, ku anjing disampeurkeun. Tapi sanggaus anjing aya dihandapeun, boro-boro ditanya teu di rérét-rérét acan.
Anjing mikir piakaleun supaya déndéng téa kapimilik ku manéhna.
 

Sanggeus manggih anjing ngomong, “Leuh aya manuk alus-alus teuing. Pamatukna panjang bulu hideung tapi mani lemes kitu. Manuk naon nya ngaranna? Kawasna
mah moal aya tandingna dibandingkeun jeung cendrawasih gé moal éléh.”
 

Mimitina mah omongan anjing téh teu didéngé. Tapi sanggeus aya omongan “moal éléh ku cendrawasih,” gagak atoheun pisan. Manéhna kungsi beja yén cendrawasih
téh manuk pang hadéna. Tapi ceuk anjing “manéhna moal éléh”.
 

Kitu nu matak manéhna ngarasa ngeunah ku pamuji anjing. Malah ceuk pikirna deui asa hayang ngabagi déngdéng jeung anjing. Ngan kusabab hésé meulahna
kahayangna teu kalaksanakeun. Anjing nempo beungeut gagak marahmay sanggeus dipuji ku manéhna. Ceuk pikirna pasti usahana hasil. Ceuk pikirna deui naon
heséna muji-muji keur ngahontal kahayangna.
 

Ku sabab kitu pok deui anjing, “Lamun daékeun mah hayang nyobat jeung manuk nu sakitu lucuna. Ngan rumasa sorangan mah sato hina. Saumur-umur kudu
ngadunungan, saré digolodog, rajeun manggih hakaneun ogé pasésaan. Tapi najan teu bisa nyobat ogé jeung manuk lucu, atuh ngadéngé-ngadéngé sorana. Meureun
moal panasaran teuing!”
 

Barang ngadéngé pamuji anjing anu sakitu ngeunahna, gagak poho keur ngaheumheum déngdéng, ngan ngong wé disada, “Gaak Gaaak” cenah. Atuh barang engab
pamatukna barang pluk wé déngdéng teh murag. Anjing gancang nyantok déngdéng nu murag téa tuluy dihakan di nu bala.
 

Gagak nu hanjakaleun mah teu ditolih. Sababaraha jongjonan gagak téh cindekul wé dina dahan bari ngararasakeun teu ngeunahna ku kalakuan anjing. Manéhna
karék ngarti yén anjing muji bébéakan téh hayang déngdéng nu keur diheumheum ku manéhna. Ti dinya mah geleber gagak téh hiber kana tangkal kai rék neangan
hileud keur ganti déngdéng nu disantok ku anjing.
 

Palaku dina dongéng di luhur nyaéta…….


(A) Sakadang kuya jeung sakadang monyét

(B) Gagak jeung Anjing

(C) Gagak jeung Cendrawasih

(D) Sakadang uncal jeung sakadang Monyét

(E) Cendrawasih jeung Anjing

25 Tengetan judul-judul dongéng di handap!


1. Nyi Roro Kidul
2. Prabu Kéan Santang
3. Prabu Siliwangi
4. Sakala Situ Sukaramé
5. Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét
 

Dumasar judul-judul di luhur, anu kaasup jenis dongéng sage aya dina nomor….
(A) 1 jeung 2

(B) 1 jeung 3

(C) 2 jeung 3

(D) 4 jeung 5

(E) 3 jeung 4
No Soal

26 Tengetan judul-judul dongéng di handap!


1. Sakadang kuya jeung sakadang monyét
2. Si Kabayan Ngala Nangka
3. Prabu Siliwangi
4. Sakala Situ Sukaramé
5. Nyi Roro Kidul
 

Dumasar judul-judul di luhur, anu kaasup jenis dongéng parabel aya dina nomor….
(A) 1

(B) 2

(C) 3

(D) 4

(E) 5

27 Ide, gagasan, atawa jejer pikiran anu ngajiwaan carita dina dongéng disebut
(A) Téma

(B) Amanat

(C) Palaku

(D) Galur

(E) Latar

28 Tokoh anu ngalalakon anu aya dina carita dongéng disebut…..


(A) Téma

(B) Amanat

(C) Palaku

(D) Galur

(E) Latar

29 Patempatan, waktu/mangsa, atawa suasana lumangsungna carita dina dongéng disebut…..


(A) Téma

(B) Amanat

(C) Palaku

(D) Galur

(E) Latar

30 Runtuyan kajadian dina carita anu ngawangun hiji lalakon nepi ka ngaleunjeur disebut……
(A) Téma

(B) Amanat

(C) Palaku

(D) Galur

(E) Latar

You might also like