SUNDA Khuthbah Jumat 46 2022 Islam Satu Satunya Solusi Kehidupan

You might also like

Download as pdf or txt
Download as pdf or txt
You are on page 1of 8

‫‪KHUTBAH JUMAT‬‬

‫‪DMDI‬‬
‫‪DEWAN MASJID DIGITAL INDONESIA‬‬
‫‪https://seruanmasjid.com‬‬

‫‪ISLAM HIJI-HIJINA‬‬
‫‪SOLUSI KAHIRUPAN‬‬

‫‪KHUTBAH KAHIJI‬‬

‫ح ْم َد لِل َّ ِه‪َ ,‬ن ْ‬


‫ح َم ُد ُه‪َ ,‬و َن ْس َت ِعي ُن ُه‪َ ,‬و َن ْس َتغْ ِف ُر ُه‪َ ,‬و َن ُعو ُذ بِالل َّ ِه‬ ‫إ َّن إ ْل َ‬

‫ل‬ ‫ام ْن َي ْه ِد ِه إلل َّ ُه َفلاَ ُم ِ‬


‫ض َّ‬ ‫ِ‬ ‫ْفُس َنا‪ ,‬وس ِي َئ ِ َ‬
‫ِمن شُ رو ِر إَن ِ‬
‫ات إ ْع َمال َن َ‬ ‫ََ‬ ‫ْ ُ‬

‫ي َل ُه‪,‬إ َ ْش َه ُد إ َ ْن لاَ إ ِ َل َه إِلا َّ الل ُه َو ْ‬


‫ح َد ُه‬ ‫ِ‬
‫ض ِل ْل َفلاَ َه َ‬
‫اد‬ ‫َل ُه‪َ ,‬و َم ْن ُي ْ‬

‫اما َوإ َ ْ‬
‫ح َس ُن َن ِديا‪.‬‬ ‫خ ْي ٌر َّمقَ ً‬ ‫ك َل ُه‪َ ،‬ش َه َ‬
‫اد َة َم ْن ُه َو َ‬ ‫َل َ‬
‫اش ِر ْي َ‬

‫ف‬ ‫ِ‬
‫ص‬ ‫ت‬
‫َّ‬ ‫م‬ ‫ْ‬
‫ل‬ ‫إ‬ ‫ه‬
‫ُ‬ ‫ُ‬ ‫ل‬‫و‬ ‫س‬ ‫ر‬ ‫و‬ ‫ه‬
‫ُ‬ ‫د‬
‫ُ‬ ‫ب‬ ‫ع‬
‫َ‬ ‫إ‬ ‫د‬
‫ً‬ ‫م‬
‫َّ‬ ‫ح‬
‫َ‬ ‫م‬ ‫ا‬ ‫ن‬
‫َ‬ ‫د‬
‫َ‬ ‫ِ‬
‫ي‬ ‫س‬ ‫ن‬
‫َّ‬ ‫َ‬ ‫إ‬ ‫د‬
‫ُ‬ ‫ه‬
‫َ‬ ‫ْ‬
‫ش‬ ‫َ‬ ‫َوإ‬
‫ُ‬ ‫ُ‬ ‫َ َ ُ ْ‬ ‫ْ‬ ‫َ‬

‫ص ِبيا‪.‬‬ ‫ِ‬ ‫بِا ْل َم َ‬


‫كا ِر ِم ك َب ً‬
‫ارإ َو َ‬
‫اد َق إ ْل َو ْع ِد‬
ِ ‫ص‬ َ ‫ح َّم ٍد ك‬
َ ‫َان‬ َ ‫ص ِل َو َس ِل ْم َع َلى َسيِ ِد َنا ُم‬
َ ‫إَللَّ ُه َّم َف‬

ْ ‫إلَّ ِذ ْي َن ُي‬
ِ ‫ح‬
‫س ُن ْو َن‬ ‫ح ِب ِه‬ َ ‫ َو َع َلى إل ِ ِه َو‬،‫َان َر ُس ْولاً َن ِبيا‬
ْ ‫ص‬ َ ‫َوك‬
‫ َف َيا إَيُّ َها‬،‫َب ْع ُد‬ ‫ إ َ َّما‬،‫إ ِ ْسلاَ َم ُه ْم َو َل ْم َي ْف َع ُل ْوإ َش ْي ًئا َفرِيا‬
ِ ‫ص ْي ِني َن ْف‬
‫س ْي َو إِيَّاك ُْم بِ َت ْق َوى‬ ُ ‫اض ُر ْو َن َر ِح َم‬
ِ ‫ إُ ْو‬،‫ك ُم الل ُه‬ ِ ‫ح‬َ ْ‫إ‬
‫ل‬
ْ
َ ‫ فَقَ ْد َف‬،‫الل ِه‬
.‫از إ ْل ُم َّتقُ ْو َن‬

: ‫قَالَ الل ُه َت َعا َلى‬


ِ ‫ث فِي ك ُِل إُ َّم ٍة َش ِه ْي ًدإ َع َل ْي ِه ْم ِمن إَن‬
‫ْفُس ِه ْم َو ِج ْئَ َنا‬ ْ ْ ُ ‫َو َي ْو َم َن َْب َع‬
ُ ِ ‫ب تِ ْب َيا ًنا ل‬
‫ك ِل‬ َ ٰ ‫ت‬‫ك‬ِ ‫ك إ ْل‬ َ ‫ي‬
ْ َ
‫ل‬ ‫ع‬
َ ‫ا‬ ‫ن‬
َ ْ
‫ل‬ ‫ز‬
َّ ‫ن‬
َ ‫و‬
َ ِ ‫ك َش ِهي ًدإ َعلٰى هٰ ُؤ َلا‬
‫ۤء‬
ِۗ ْ َ ِ‫ب‬

‫ح َم ًة َّو ُب ْش ٰرى ل ِ ْل ُم ْس ِل ِم ْي َن‬ ْ ‫َش ْي ٍء َّو ُه ًدى َّو َر‬


(QS an-Nahl [16]: 89)

Alhamdulillah, ku izin Alloh subhanahu wa ta’ala urang sadaya tiasa ngumpul


ngariung di tempat anu mulya ieu, dina poéan anu mulya, sasarengan sareng
jalmi-jalmi anu insyaAlloh dimulyakeun ku Mantena. Sholawat miwah salam
kawilujengan mudah-mudahan salamina dicurahlimpahkeun ka panutan alam
Rosululloh Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina,
para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in sareng sadaya umatna anu istiqomah
sareng merjuangkeun Islam dugika akhir zaman.

Hayu urang sadaya terus usaha ningkatkeun katakwaan urang ka Alloh. Takwa
anu diwujudkeun ku nyumponan paréntah-Na sareng ngajauhan cegahana-Na
naha dina hal pribadi, kahirupan masyarakat, ogé nagara.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Islam diturunkeun ku Alloh ka Rosululloh Muhammad shollallohu ‘alaihi wa


sallam ngajadikeun rohmat pikeun sakabéh alam.

‫ح َم ًة ل ِ ْلع ٰ َل ِم ْي َن‬
ْ ‫ك إِلَّا َر‬
َ ٰ‫َو َما إَ ْر َس ْلن‬
“Henteu Kami ngutus anjeun (Muhammad), anging pikeun (jadi) rohmat pikeun
samesta alam”. (TQS al-Anbiya` [21]: 107)

Anu ngarana rohmatan lil ‘alamin, Islam pasti bakal ngadatangkeun kahadéan
pikeun manusa. Sabab, syaré’at Islam téh jalbu al-masholih wa dar’u al-mafâsid
(ngadatangkeun kamashlahatan jeung nyegah kamafsadatan).

Mangka, kacida pisan kaleuleuwihina sarta lancangna lamun aya jalma anu
nuduh yén Islam téh nyaéta masalah atawa sumberna masalah.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Perhatikeun kusadayana, ayana pacéngkadan (konflik) di dunya jeung lobana


masalah dina kahirupan masyarakat, lain Islam anu nyababkeunana. Ieu
sakabéhna kajadian justru kusabab Islam teu diterapkeun.

Islam ditinggalkeun. Aturanana dipiceun teu dipalire. Sistem anu digunakeun


justru sistem sékulérisme-kapitalisme. Ulah héran, antukna muncul nagara jeung
manusa sarakah, kusabab teu dibingbing ku aturan pangéran. Silih hakan jeung
silih tindes. Anu kuat nu meunang, anu lemah pasti éléh.

Krisis ékonomi, sosial, kaséhatan, lain pédah ku Islam. Riba anu diharamkeun ku
Islam malah dijadikeun tihangna (soko guru) ékonomi. Pergaulan bébas,
homoséksual anu éta ogé diharamkeun, kalahkah diperjoangkeun supaya
dimeunangkeun. Pendidikan jeung kaséhatan haratis anu ditetepkeun ku Islam,
malah dikomérsilkeun. Kakayaan alam anu ku Islam haram diswastanisasi,
kalahkah diserahkeun ka para pangusaha asing jeung aséng.

Coba perhatikeun sing telik, éta sakabéhna téh lain disababkeun ku Islam. Aturan
manusa anu jadi 'biang' karusakanana!

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,


Alloh subhanahu wa ta’ala geus mépélingan yén sagala rupa karuksakan jeung
masalah di dunya kajadian kusabab manusa méngpar tina syaré’at-Na. Alloh
subhanahu wa ta’ala ngadawuh:

ِ ‫ت إَ ْي ِدى إل َّن‬ ِ‫ظ َهر إ ْلفَ سا ُد ف‬


‫اس‬ ْ ‫َس َب‬ َ ‫ك‬ ‫ا‬ ‫م‬َ ِ ‫ب‬ ِ
‫ر‬ ‫ح‬
ْ ‫ب‬ ْ
‫ل‬ ‫إ‬‫و‬
َ َ َ ِ
‫ر‬ ‫ب‬‫ل‬ْ ‫إ‬ ‫ى‬ َ َ َ
‫ي َع ِم ُل ْوإ َل َعلَّ ُه ْم َي ْر ِج ُع ْو َن‬ ْ ‫ض إلَّ ِذ‬ ‫ع‬
ْ ‫ب‬
َ ‫م‬
ْ ‫ه‬
ُ َ‫ق‬ ‫ي‬
ْ ِ ‫لِي‬
‫ذ‬
َ ُ
“Geus nembrak karuksakan di darat jeung di laut disababkeun pagawéan
leungeun manusa, supaya Alloh nibankeun ka maranéhna sabagéan tina (akibat)
pagawéan maranéhna, supaya maranéhna balik deui (kana jalan anu bener).
(TQS ar-Rum [30]: 41)

Hartina, sakabéh karuksakan anu kajadian di dunya ieu nyaéta kusabab rupa-
rupana kama’siyatan anu dilakukeun ku manusa. Kama’siyatan manusa
ditémbongkeun ku sikep maranéhna anu ngabalieur tiba syaré’at Alloh
subhanahu wa ta’ala. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:

ً ‫ض ْن‬
‫كا‬ َ ‫ِي َف ِا َّن َل ٗه َم ِع ْي‬
َ ‫ش ًة‬ ْ ‫ض َع ْن ِذ‬
ْ ‫كر‬ َ ‫َو َم ْن إَ ْع َر‬
“Saha baé anu ngabalieur tina paringetan-Kaula (Al-Qur’an), mangka saéstuna
pikeun manéhna kahirupan anu rupek”. (TQS Thoha [20]: 124)

Kahirupan anu rupek téh bisa katingal tina lobana masalah kahirupan, sakumaha
anu kajadian wanci kiwari. Sababna jelas, kusabab manusa ngabalieur tina Al-
Qur’an (syaré’at-Na).

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Kanyahokeun, Islam téh diturunkeun ku Alloh subhanahu wa ta’ala jang ngatur


sakabéh aspék kahirupan manusa. Islam mengatur akidah jeung ibadah anu
sifatna pribadi; kaasup ngatur akhlak, kadaharan, inuman, pakéan jeung anu
lianna.

Islam ogé ngatur aspék mu’amalah. Contona, dina aspek monétér, Islam
netepkeun yén monétér kudu didadasaran ku emas jeung pérak.
Dina aspék ékonomi, Islam netepkeun sajumlah aturan/hukum. Islam, misalna,
ngaharamkeun riba. Islam ogé ngatur jinis-jinis jeung ngokolakeun kapamilikan;
contona ngatur tambang anu jumlahna (deposit) loba pisan, sumber énergi,
fasilitas umum, sarta milik umum séjéna ku cara nyegah individu atawa
sakelompok individu ngawasa sakabéh milik umum kasebut sarta masrahkeun
ngokolakeunana ka nagara pikeun kapentingan rahayat. Islam ngatur masalah
taneuh. Islam ngatur hukum-hukum ngeunaan tatanén, industri jeung jual beuli.
Islam ogé netepkeun sajumlah hukum ékonomi séjéna.

Islam ogé ngatur pulitik jeung pamaréntahan. Islam, misalna, netepkeun yén
kadaulatan (hak nyieun hukum) aya dina hak Alloh subhanahu wa ta’ala;
kakawasaan aya dina leungeun umat; pangawasa téh nyaéta palayan rahayat;
rahayat wajib ngontrol pangawasa; jeung sajabana. Islam ogé netepkeun hukum
pidana jeung sanksina naha huduud, jinaayat, ta’ziir nyakitu deui mukholafaat.
Islam ogé ngatur kahirupan jeung pergaulan sosial.

Sakabéh katangtuan syaré’at Islam ieu tangtu pikeun ngatur kahirupan manusa
sarta ngungkulan sagala masalah anu aya. Hukum-hukum syaré’at Islam téh aya
anu sifatna umum jeung global, atawa ngandung éllat syar’iyyah, sarta kaasup
kaiédah-kaéidah. Tina nas-nas syaré’at ieu bisa di-istinbaath (dikotéktak)
sajumlah hukum pikeun ngajawab problem-problem anu muncul. Ku kituna
jalan kaluar (solusi) anu dibawa ku Islam pikeun masalah manusa ieu téh sipatna
dinamis. Dina harti, sakabéh masalah anu disanghareupan ku manusa di mana
baé jeung iraha baé ogé pasti bisa diréngsékeun ku syaré’at Islam.

Kanyahokeun, Alloh subhanahu wa ta’ala ngajamin sakabéh pasualan manusa


aya jalan kaluarna (solusina) dina Islam. Sababna, Alloh subhanahu wa ta’ala
parantos nurunkeun Al-Qur’an supaya jadi anu ngajelaskeun tina sanéskanten
perkara (tibyân[an] li kulli syai`[in]) (tingal: QS an-Nahl [16]: 89).

Ku kituna, syaré’at Islam mangrupakeun jalan kaluar anu bisa ngigelan zaman
sarta panghadéna pikeun sagala masalah kahirupan manusa. Syaré’at Islam
kalawan pasti bakal mawa rohmat, nyaéta ngadatangkeun kamaslahatan jeung
nyegah mafsadat, pikeun manusa. Ngan baé, hal ieu moal bakal jadi nyata sarta
faktual, anging lamun ieu syaré’at Islam diterapkeun kalawan nyata jeung
kalawan kaaffah dina kahirupan. Ieu téh jadi tanggungjawab, tugas jeung
kawajiban urang saréréa. Alhasil, urang sadaya kudu soson-soson sarta
gagancangan ngawujudkeun tanjeurna Islam jeung syaré’atna. []
‫لع ِظ ْي ِ‬
‫م‪َ ،‬و َنفَ َع ِني َو إِيَّاك ُْم‬ ‫ْ‬
‫إ‬ ‫ِ‬
‫ن‬ ‫إ‬ ‫ُر‬‫ق‬‫ل‬ ‫ْ‬
‫إ‬ ‫ى‬‫ك ْم فِ‬
‫ُ‬ ‫َ‬
‫ل‬ ‫و‬ ‫ي‬‫َباركَ الله ل ِ‬
‫َ‬ ‫ْ‬ ‫َ‬ ‫َ‬
‫م َو َتقَ َّب َل الل ُه ِمنَّا َو ِم ْن ُ‬
‫ك ْم‬ ‫ح ِ‬
‫كي ِ‬ ‫ك ِر إ ْل َ‬
‫إلذ ْ‬ ‫بِ َمافِ ْي ِه ِم َن إ ْلا َي ِ‬
‫ات َو ِ‬

‫إلع ِل ْي ُم‪َ ،‬وإَقُ ْولُ َق ْو لِي َه َذإ َفا ْس َتغْ ِف ُر‬


‫إلس ِم ْي ُع َ‬
‫َ َّ‬ ‫و‬ ‫ه‬‫ُ‬ ‫ه‬ ‫ُ‬ ‫َّ‬ ‫ن‬‫ِ‬ ‫إ‬ ‫و‬
‫َ‬ ‫ه‬
‫ُ‬ ‫ت‬
‫َ‬ ‫و‬
‫َ‬ ‫َ‬ ‫ا‬ ‫ل‬‫ِ‬ ‫ت‬

‫إلر ِح ْيم‬
‫إلعظ ْي َم إِنَّ ُه ُه َو إل َغفُ ْو ُر َّ‬
‫الل َه َ ِ‬

‫‪KHUTBAH II‬‬

‫لى َت ْوفِ ْي ِق ِه َو إ ِ ْم ِت َنانِ ِه‪.‬‬


‫َ‬ ‫ع‬
‫َ‬ ‫ه‬
‫ُ‬ ‫ل‬ ‫ح َسانِ ِه َوإلشُّ ْ‬
‫ك ُر َ‬ ‫ْ‬ ‫َ‬
‫ح ْم ُد ِ‬
‫لله َعلى إ ِ‬ ‫َ‬ ‫إَ ْ‬
‫ل‬

‫ك َل ُه َوإ َ ْش َه ُد‬ ‫َوإ َ ْش َه ُد إ َ ْن لاَ إ ِ َل َه إِلا َّ الل ُه َوالل ُه َو ْ‬


‫ح َد ُه لاَ َش ِر ْي َ‬

‫ض َوإن ِ ِه‪.‬‬
‫لى ِر ْ‬ ‫إ‬ ‫ى‬ ‫إع‬‫ح َّم ًدإ َعب ُد ُه ورسولُ ُه إل َّد ِ‬ ‫َ‬ ‫م‬ ‫ا‬‫ن‬‫َ‬ ‫د‬‫َ‬ ‫إ َّن َس ِ‬
‫ي‬
‫َ‬ ‫ْ‬ ‫ُ‬ ‫َ‬ ‫َ‬ ‫ْ‬ ‫ُ‬
‫حابِ ِه َو َسلِ ْم‬
‫ص َ‬ ‫ح َّم ٍد ِو َع َلى إَل ِ ِه َوإ َ ْ‬ ‫ص ِل َع َلى َس ِي ِد َنا ُم َ‬ ‫إلله َّم َ‬
‫ُ‬
‫َتس ِلي ًما ِ‬
‫ك ْثي ًرإ‬ ‫ْ ْ‬

‫اس إِتَّقُ وإالل َه فِ ْي َما إ َ َم َر َوإنَْ َت ُه ْوإ َع َّما َن َهى‬


‫ُ‬ ‫ن‬
‫َّ‬ ‫إل‬ ‫ا‬ ‫ه‬
‫َ‬ ‫ُّ‬ ‫ي‬‫َ‬ ‫إ‬ ‫َ‬ ‫ا‬ ‫ي‬‫ف‬‫َ‬ ‫د‬
‫ُ‬ ‫ع‬ ‫َ‬
‫إ َّ َ ْ‬
‫ب‬ ‫ا‬ ‫م‬

‫ك ِت ِه‬ ‫إع َل ُم ْوإ إ َ َّن الل َه إ َ َمرك ُْم بِا َ ْم ٍر َب َدإ َ فِ ْي ِه بِ َن ْف ِ‬


‫س ِه َو َثـ َنى بِ َملا ئ ِ َ‬ ‫َو ْ‬
‫َ‬
‫صلُّ ْو َن‬ ‫ح ِة بِقُ ْد ِس ِه َوقَالَ َتعاَ َلى إ ِ َّن الل َه َو َملائ ِ َ‬
‫ك َت ُه ُي َ‬ ‫إ ْل ُم َس ِب َ‬
‫صلُّ ْوإ َع َل ْي ِه َو َس ِل ُم ْوإ َت ْس ِل ْي ًما‪.‬‬‫لى إلنَّ ِبى يا إَيُّ َها إلَّ ِذ ْي َن إ َم ُن ْوإ َ‬‫َع َ‬
‫صلَّى الل ُه َع َل ْي ِه َو َس ِل ْم َو َع َلى‬ ‫ح َّم ٍد َ‬‫ص ِل َع َلى َس ِي ِد َنا ُم َ‬ ‫إلله َّم َ‬
‫ُ‬
‫ك ِة‬‫ك َو َملائ ِ َ‬
‫ك َو ُر ُس ِل َ‬‫ح َّم ٍد َو َع َلى إَ ْن ِبيائ ِ َ‬‫إ ِل َس ِي ِدناَ ُم َ‬
‫إش ِد ْي َن إَبِى َب ْ‬
‫ك ٍر‬ ‫َّ‬
‫لخ َلفَ ِ‬
‫اء إلر ِ‬ ‫ض إلل ُه َّم َع ِن ْإ ُ‬ ‫لمقَ َّر بِ ْي َن َوإ ْر َ‬
‫ْإ ُ‬
‫حا َب َِة َوإلتَّابِ ِع ْي َن َو َتابِ ِعي‬ ‫َو ُع َمر َو ُع ْث َمان َو َعلي َو َع ْن َب ِق َّي ِة َّ‬
‫إلص َ‬
‫ض َع َّنا َم َع ُه ْم‬ ‫ر‬
‫ْ‬ ‫إ‬ ‫و‬
‫َ‬ ‫ن‬
‫ِ‬ ‫ي‬
‫ْ‬ ‫ان إ ِ َلى َي ْو ِم ِ‬
‫إلد‬ ‫ٍ‬ ‫س‬ ‫ح‬‫ْ‬ ‫إل َّتابِ ِع ْين َل ُه ْم بِ ِ‬
‫ا‬
‫َ‬ ‫َ‬ ‫َ‬
‫حم إلر ِ‬
‫إح ِم ْي َن‬ ‫َ‬ ‫ك َيا إ َْ‬
‫ر‬ ‫ح َم ِت َ‬‫بِ َر ْ‬
‫َ َّ‬

‫لم ْسلِ ِم ْي َن‬


‫ات َو ْإ ُ‬ ‫لم ْؤ ِم َن ِ‬
‫َو ْإ ُ‬ ‫إغ ِف ْر ل ِ ْل ُم ْؤ ِم ِن ْي َن‬
‫ْ‬ ‫إَ ُ‬
‫لله َّم‬

‫إلله َّم إ َ ِع َّز ْإلا ِْسلاَ َم‬


‫إت ُ‬ ‫َو ْإلاَ ْم َو ِ‬ ‫حياء ِم ْن ُه ْم‬ ‫لم ْس ِل َم ِ‬
‫ات إَلاَ ْ‬ ‫َو ْإ ُ‬
‫ْص ْر ِع َب َ‬
‫ادكَ‬ ‫ك ْي َن َوإن ُ‬‫لم ْش ِر ِ‬
‫َو ْإ ُ‬ ‫ِ‬
‫إلش ْركَ‬ ‫لم ْس ِل ِم ْي َن َوإ َ ِذ َّل‬
‫َو ْإ ُ‬
‫خ َذلَ‬ ‫إلد ْي َن َوإخْ ُذ ْل َم ْن َ‬‫صر ِ‬
‫ْص ْر َم ْن َن َ َ‬ ‫لم َو ِح ِد ْي َن َوإن ُ‬‫ْإ ُ‬
‫إع ِل ك َِل َماتِ َ‬
‫ك إ ِ َلى َي ْو ِم‬ ‫لمس ِل ِمين َو َد ِمر إ َ ْع َدإء ِ‬
‫إلد ْي ِن َو ْ‬ ‫َ‬ ‫ْ‬ ‫ْإ ُ ْ ْ َ‬
‫إلزلاَزِلَ َو ْإ ِ‬ ‫ِ‬
‫ح َن‬ ‫لم َ‬ ‫اء َو َّ‬ ‫إد َف ْع َع َّنا ْإ َلبلاَ َء َو ْإ َ‬
‫لو َب َ‬ ‫إلله َّم ْ‬ ‫إلد ْي ِن‪ُ .‬‬
‫ط َن َع ْن َب َل ِد َنا‬ ‫ظ َه َر ِم ْن َها َو َما َب َ‬
‫ح َن َما َ‬ ‫لم َ‬ ‫لف ْتَ َن َِة َو ْإ ِ‬
‫َوس ْوء ْإ ِ‬
‫ُ َ‬
‫ب‬ ‫ر‬
‫َ‬ ‫ا‬ ‫ي‬
‫َ‬ ‫ً‬
‫ة‬ ‫م‬
‫َّ‬ ‫عا‬ ‫ن‬ ‫ي‬
‫ْ‬ ‫لمس ِل ِ‬
‫م‬ ‫ُ‬ ‫ْ‬
‫إ‬ ‫ِ‬
‫إن‬ ‫د‬
‫َ‬ ‫ْ‬
‫ل‬ ‫لب‬ ‫ْ‬
‫إ‬ ‫ِ‬
‫ر‬ ‫ص ًة َوسائ ِ‬ ‫َّ‬ ‫خا‬ ‫ا‬ ‫ي‬ ‫إِن ُْدونِ ْي ِ‬
‫س‬
‫َّ‬ ‫َ‬ ‫ْ‬ ‫ُ‬ ‫َ‬ ‫َّ‬
‫ح َسنَ ًة‬ ‫ح َسنَ ًة َوفِى ْإلا ِخ َر ِة َ‬ ‫لعا َل ِم ْي َن‪َ .‬ربََّ َنا إتِناَ فِى إل ُّدن َْيا َ‬
‫ْإ َ‬
‫ْفُس َنا َوإإ ْن َل ْم َتغْ ِف ْر َل َنا‬ ‫إب إل َّنا ِر‪َ .‬ربََّ َنا َ‬ ‫ِ‬
‫ظ َل ْم َنا إَن َ‬ ‫َوق َنا َع َذ َ‬
‫اس ِر ْي َن‪.‬‬ ‫ك ْو َن َّن ِم َن ْإ َ‬
‫لخ ِ‬ ‫ح ْم َنا َل َن ُ‬
‫َو َت ْر َ‬

‫بى‬ ‫ُر‬‫ق‬ ‫ل‬ ‫ْ‬


‫إ‬ ‫ي‬ ‫ان َو إ ِ ْيتا ِء ِ‬
‫ذ‬ ‫ِ‬ ‫س‬ ‫ِح‬ ‫لا‬ ‫ْ‬
‫إ‬ ‫و‬ ‫ل‬‫ِ‬ ‫د‬
‫ْ‬ ‫لع‬‫ا‬‫ْ‬ ‫ِ‬ ‫ب‬ ‫ر‬ ‫م‬‫ادالل ِه ! إ ِ َّن الله يا ْ‬
‫َ‬ ‫ب‬ ‫ِ‬
‫ع‬
‫ْ َ‬ ‫َ‬ ‫ْ‬ ‫َ‬ ‫ُُ َ‬ ‫َ‬ ‫َ‬ ‫َ‬
‫ك ْم َل َعلَّ ُ‬
‫ك ْم‬ ‫ظ ُ‬‫ك ِر َو ْإ َلبغْ ي َي ِع ُ‬ ‫حشا ِء َو ْإ ُ‬
‫لم ْن َ‬ ‫َو َيَ ْن َهى َع ِن ْإلفَ ْ‬
‫لى‬‫ع‬‫َ‬ ‫ه‬
‫ُ‬ ‫و‬
‫ْ‬ ‫ر‬
‫ُ‬ ‫ك‬ ‫لع ِظ ْي َم َي ْذك ُْرك ُْم َو ْ‬
‫إش ُ‬ ‫َ‬ ‫إذك ُُروإ الل َه ْ‬
‫إ‬ ‫َت َذك َُّر ْو َن َو ْ‬
‫َ‬
‫ك ُر الل ِه إ َ ْ‬
‫ك َب ْر‬ ‫نِ َع ِم ِه َيز ِْدك ُْم َو َل ِذ ْ‬

You might also like