Teks Naskah Dialog Sisindiran

You might also like

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 6

TEKS NASKAH DIALOG SISINDIRAN

Kelompok :4
Wasta Anggota: 1. Adinda Kayla Khafka Nafisa
2. Marshanda
3. Muhammad Bintang Samudra
4. Rifki Adi Nopandri
5. Shabila Kairunisa
Kelas : XI IPS 1

Dina hiji dinten di wanci reureuh, aya sakumpulan barudak SMA maranéhna téh nyaéta
Ratna, Rini, Wulan, Bima sareung Didi. Maranéhna teh nuju ngobrol di kantin sakola. Maranéhna téh
nuju ngaromongkeun cita-cita maranéhna sanggeus lulus SMA.
Wulan : aya nu hoyong nitip kadaharan teu? Kuring hayang mésér mie ayamna mang Jajang yeuh.
Bima jeung Didi buru-buru ngacungkeun leungeunna.
Wulan : Manéh hayang nitip naon, Bim?
Bima : Emak Omah melak paré
Dibantuan ku si Baba
Urang mah rék baso waé
Saos jeung sambelna loba
Didi : Abah Endang dagang telor
Nu dagangna téh Ceu Iis
Urang mah hayang cilor
Minumna téh és téh manis
Wulan : Ari Ratna sareung Rini téh hayang nitip naon?
Ratna : Saruakeun jeung Wulan wéh atuh kuring mah
Rini : enya, Rini gé samikeun jeung Wulan.
Wulan : Ok, Sakedapnya!!!
Wulan ninggalkeun babaturanna kanggo mesen kadaharan. Sambil nungguan kadaharanna
dongkap, maranéhanana mitembeyan obrolan kanggo ngaleungitkeun kebosanan.
Ratna : Pak Yuyun nyieun Jendéla
Nyieunna di Cisarua
Sakeudap deui wisuda
Maranéh téh rék kamana?
Bima : Kuring maén jeung Si Yuda
Ngajakan maén ucingan
Boro mikirkeun wisuda
Sakola gé kabeurangan
Ratna : Aih, lamun Bima mah langganan jadi budak nu kabeurangan. Kuring téh hayang nyaho
maranéh téh sanggeus lulus SMA hoyong lanjut kamana. Apan sataun deui urang jadi siswa di dieu
téh. Kudu miboga cita-cita atawa gambaran kahareupna téh rék kumaha jeung rék jadi naon.
Bima : Manéh sarua ogé jeung kuring sok kabeurangan angkat ka sakolana. Lamun kuring dihukum
titah mungutan runtah di lapangan, kuring sok némpo manéh keur dihukum hormat bendéra.
Ratna : Heunteu sering teuing atuh. Ngan wungkul tilu kali doang kabeurangan. Sok nyaho, manéh
téh Bim.
Didi : Ceu Lilis nuju Jambetut
Jambetut di lowong dapur
Tos atuh ulah raribut
Éra di témpo ku batur
Ratna : Atuh si Bima tah sok nyaho waé.
Bima : Naon manéh ogé moyokan kuring tadi.
Rini : Enggeus atuh Bima, Ratna. Maranéh duaan téh tos gédé lain budak leutik deui. Silih poyok,
silih témbal, silih paséa. Kumaha rék jadi jalma anu suksés, lamun ayeuna ogé masih bubudakeun
kénéh watekna. Ayeuna mah urang instrospéksi diri wéh nya naon waé kasalahan urang. Masalah kos
kieu mah ulah dipapanjang.
Didi : Mangkana ieu téh jadi pelajaran keur urang sadayana yén,
Séréh ti Gunung Koromong
Dipelak di kolong sasak
Saméméh manéh pok ngomong
Pikir heula masing asak
Wulan datang bari mawa nampan nu diatasna aya kadaharan anu dipesen ku maranéhna.
Wulan : Samangka siki samangka
Kacapiring kai kopi
Teusangka geuning teusangka
Kuring datang mani sepi
Wulan : Aya naon ieu téh? Cararicing baé.
Rini : Teu aya nanaon Wulan, hatur nuhunnya. (sambari nyokot mie ayamna)
Ratna : Hatur nuhun Wulan.
Didi : Hatur nuhun Wulan nu bageur. Ieu acisna.
Wulan : Teu kedah, ayeuna kuring téh traktir maranéh kabéhan, kulantaran kieu yeuh..
Ulah ngala cocongoan
Bisi ruksak tanggal manggu
Kuring teh keur bungah pisan
Tos ditémbak ku si Pandu
Bima : Pandu budak IPS 3?
Wulan : Muhun, kamari manéhna némbak kuring sanggeus balik ti sakola.
Rini : Wulan..
Ulah ngala cocongoan
Bisi ruksak tanggal jambu
Ulah waka bogohan
Bisi sakolana kaganggu
Wulan : kuring jeung Pandu téh bobogohanna teu berlebihan, Rin. Teu ngaganggu sakola ogé.
Didi : Balik deui wéh yuk kana topik awal. Urang ngaromongkeun cita-cita deui.
Kembang anggrék buah pala
Kembang gula buah lada
Urang mah rék gawé heula
Sanggeus lulus di wisuda
Bima : Kunaon manéh rék gawé heula, Di? Asaan kamari-kamari manéh bébéja ka urang rék lanjut
kuliah di ITB, Bandung.
Didi : Jadi kieu yeuh Bim....
Malam mingguan di Bandung
Leleumpangan jeung si Puspa
Di titah gawé ku indung
Ngaringankeun beban Bapa
Rini : Teu nanaon atuh Didi teu lanjut kuliah ogé, anu pentingmah tujuan manéh téh sanggeus
lulus SMA mulia, nyaéta ngabantosan kolot. Kuduna manéh téh bersyukur ka Gusti Allah kulantaran
masih dipasihan waktos pikeun ngabantosan indung bapa.
Didi : Muhun, Rin. Mumpung kolot masih dipasihan umur kénéh, urang sebagai murangkalihna
téh ngan bisa berbakti wungkul.
Bima : Alus, Bim. Ceuk indung kuring gé kieu yeuh....
Kamari kuring diurut
Diurutna ka mang aléh
Ka indung bapa kudu nurut
Supados janten budak soléh
Didi : Ari Bima rék jadi naon lamun tos lulus sakola?
Bima : kuring mah rék jadi kieu yeuh...
Kuring téh keur maca koran
Maca koran jeung si Dédén
Seueur anu kalaparan
Kuring rék jadi présidén
Ratna : Si Bima janten Présidén? Mangsa hayang janten présidén teu kantos ngerjakeun pancen ti
guru-guru.
Wulan : Ulah kitu atuh Ratna. Pan ceuk Pak Asép ogé ‘Barudak bermimpilah saluhur langit’. Janten
teu aya salahna lamun Bima hayang jadi présidén. Kedahna mah urang minangka réréncanganna
ngarojong Bima.
Didi : Alus pisan, euy. Tah, kitu Ratna ulah paséa waé jeung Bima. Maranéh duaan téh raribut waé
kawas ucing jeung anjing.
Ratna : Heeuh atuh, Di. Ari némpo si Bima téh wangun hayang umbak-ambek jeung ngajak ribut
waé.
Rini : Atos atuh ayeuna mah, Na. Bim, naha manéh téh hayang jadi présidén?
Bima : Kunaon kuring téh rék jadi présidén, kulantaran kuring téh rék ngabdi ka nagara. Kuring
hoyong Indonésia téh jadi nagara anu maju batan nagara-nagara anu séjénna. Kuring hoyong
ngaberantas jalma-jalma anu korupsi. Kuring téh hoyong pembangunan di Indonésia téh rata, sangkan
rakyat téh hirup makmur jeung sejahtera.
Wulan : Alus Bim cita-citana, kuring ngadukung manéh pokokna mah 100%
Ratna : Ari, Wulan cita-citana naon sanggeus lulus SMA?
Wulan : Ari wulan mah arék...
Ka sakola jeung si Wiwin
Di Jalan papanggih Yusép
Lulus téh kuring rék kawin
Jeung si Pandu anu kasép
Ratna : Ayeuna mah Wulan bucin (budak cinta).
Bima : Nyaho, Lan. Leheung lamun si Panduna rék bobogahan nepi ka kawin jeung manéh. Lamun
henteu kumaha hayo?
Rini : Wulan, ari manéh téh kunaon hoyong geura-geura kawin? Naha manéh téh teu boga cita-
cita?
Wulan : Ih, bago atuh cita-cita. Cita-cita Wulan téh nyaéta kawin jeung si Pandu.
Didi : Astagfirullah, lain cita-cita atuh éta mah.
Wulan : Teu nanaon atuh gé, pan kawin jeung si Pandu ogé cita-cita kuring. Kumaha kuring wéh
atuh.
Didi : Heeuh, kumaha manéh wéh atuh. Kuring mah sebagai babaturan ngan bisa ngadoakeun waé.
Ari manéh Rin, sanggeus lulus SMA rék lanjut kamana?
Rini : Kuring téh hoyong ka...
Isuk-isuk keur ngarumpi
Di bumina bu Halimah
Kuring mah hoyong ka UPI
Asup Jurusan Sejarah
Didi : Alus Euy! Rini sang Sejarawan.
Rini : Bisa waé manéh mah Di.
Didi : Kuliah di Bandung mah ngeunaheun. Lingkunganana téh masih seger kénéh. Loba
tatangkalan. Teu panas kos di Bogor. Di Bandung mah tiis, ceuk tatangga kuring nu kuliah di UPI.
Rini : Muhun, Di. Aa Rini ogé kuliahna di Upi, jadi wéh Rini milu Aa. Tadina mah hoyong di
UNJ, tapina ku bapa ulaheun.
Bima : Rini, lamun kuliahna jadi di Bandung, kuring hoyong hiji mojang Bandungnya. Ceuk
babaturan kuring mojang Bandung téh gareulis jeung bening-bening.
Rini : alim, ah. Bima mah playboy budakna.
Ratna : Ulah, Rin. Karunya engkéna jadi awéwéna si Bima. Ngabatin waé pastina ogé.
Bima : Naon sih Ratna. Ari manéh téh rék jadi naon?hah? ké heula pasti manéh téh sarua jeung si
Wulan hayang geura-geura kawinnya.
Ratna : Lain atuh, sok nyaho manéh téh Bim. Sanggeus lulus SMA kuring mah hayang...
Lamun hayang jago nari
Asup sanggarna Ceu Papat
Lamun kuring rék ka UI
Asup jurusan filsafat
Rini : Lamun urang rék asup kana jurusan élmu filsafat, janten lulus kuliah téh kerjana naon waé?
Ratna : Loba, Rin. Tapi kuring mah hoyong jadi konselor atawa psikoterapis kitu.
Wulan : Aamiin ya Allah
Didi : mugi-mugi naon anu urang hayang tiasa barobah kaayaan jadi kanyataan. Sarta mugi-mugi
sanggeus lulus téh urang tiasa janten jalmi anu suksés sarta kapaké kanggo jalmi atau masyarakat di
sakitaran urang.
Rini : Sarta ulah hilap, yén impian anu ageung téh kedah dibarengan ku usaha sarta dua anu
ageung.
Ratna : Aya manuk dina pager
Na sukuna aya bola
Lamun urang hayang pinter
Kudu getol ka sakola
Didi : Jeung ngadua ka gusti Allah nu Maha Kuasa.
Bima : Balik ka kelas yuk!
Wulan : Hayu! Ayeuna téh jam na Bu Popon ngajar. Pan ayeuna téh aya pancen dititah ngerjakeun
LKS, untung kuring mah anggeus.
Bima : émang ayeuna téh aya pancen ti Bu Popon? Kumaha atuh kuring téh teu acan ngerjakeun.
Ratna : Gayana mah rék jadi présidén, tapi pancen ti bu Popon can dikerjakeun.
Wulan, Rini, Didi : Hahahahaha... Bima-Bima aya-aya waé.
Tuluy maranéhanana téh leumpang ninggalkeun kantin anu tos saeutik jalma anu aya di
dinya. Maranéhanana tuluy asup ka kelasna nyaéta XI IPS 1 kulantaran bél tanda istirahat tos séép téh
bunyi.
KRINGGGGGG!!!!!

You might also like