Professional Documents
Culture Documents
Rangkuman Sunda
Rangkuman Sunda
1. Tarjamah : https://youtu.be/3JABaXIjZao
https://youtu.be/fAVulmUnG-E
Tarjamah nya eta proses mindahkeun hiji amanat tina basa sumber kana basa panarima
kalawan ngungkab ma’na jeung gaya basana.
Klaidah narjamhekun :
a. Narjamkeun kudu sagemblengna, sabab sababaraha kecap teu bisa ditarjamkeun kana
basa Sunda.
conto :
Indonesia Sunda
Rumah sakit Rumah sakit
b. Dina narjamkeun idiom atawa babasan, teangan idiom anu sarua ma’nana.
Indonesia Sunda
Murah senyum Amis budi
Unjuk gigi Nembongkeun sihung
Keras kepala Gurat batu
Jalan buntu Buntu laku
c. Dina narjamhkeun perhatoskeun ragam basana
2. Dongeng : https://youtu.be/czLO-iwIKpI
Jenis-jenis dongeng
a. Fabel ; dongeng anu eusina nyaritakeun sasatoan
Conto : sakdang kuya jeung sakadang monyet
b. Parabel : dongeng anu eusina nyaritakeun jalma biasa
Conto : Si Kabayan, dalem boncel
c. Legenda : dongeng anu eusina nyaritakeun asal usul jhiji tempat
Conto : tangkuban parahu
d. Mite : dongeng anu eusina nyaritakeun makhluk halus.
Conto : kalong wewe
e. Sage : dongeng anu eusina nyaritakeun sajarah
Conto : prabu siliwangi
3. Kawih : https://youtu.be/fm0tS4CV7IY
Kawih nyaeta rakitan basa sabangsaning dangding anu henteu make patokan pupuh. Jadi
anu dikawihkeun teh mangrupa sajak bebas dina basa Sunda.
4. Wawancara : https://youtu.be/i1Lm1FSUywg
Unsur intrinsic carpon
Dihandap ieu dijentrekeun unsur-unsur intrinsik nu aya dina hiji carpon :
- Tema atawa jejer nyaeta gagasan, pikiran atawa ide utama anu jadi dasar hiji carpon.
- Latar nyaeta sagala petunjuk atawa katerangan anu aya kaitanana jeung waktu, suasana,
ruang, jeung situasi kajadian hiji peristiwa dina hiji carpon. Aya tilu unsur anu poko dina
latar, nyaeta latar tempat, latar waktu jeung latar suasana.
- Galur nyaeta runtuyan carita anu diwangun ku tahapan-tahapan kajadian anu aya nepi ka
ngabentuk hiji carita dina carpon.
- Tokoh nyaeta jalma-jalma nu dicaritakeun jeung loba mawa peran dina carpon. Tokoh
dibagi jadi tilu rupa nyaeta: Protagonis nyaeta anu jadi tokoh utama, Antagonis nyaeta
anu jadi tokoh penentang atawa lawanna tokoh utama, jeung Tritagonis nyaeta anu jadi
Penengah antara tokoh utama jeung tokoh lawan.
- Watak tokoh nyaeta anu ngagambarkeun karakter atawa watak tokoh nu bisa ditilik tina
tilu segi nyaeta : Dialog tokoh, Penjelasan tokoh jeung Penggambaran fisik tokoh.
- Amanat nyaeta anu jadi pasualan, perkara, pesan atawa nasehat anu rek ditepikeun ku
pangarang liwat carpon.
- Sudut pandang nyaeta mangrupakan hiji cara mandang dina ngahadirkeun tokoh-tokoh
nu aya dina carpon ku nempatkan posisi diri pangarang dina hiji posisi anu ditangtukeun.
- Gaya bahasa nyaeta mangrupakeun hiji teknik dina ngolah basa anu dilakukeun ku
pangarang dina raraga ngahasilkeun carpon anu hirup jeung endah.
5. Aksara Sunda
Narjamhkeun ti aksara biasa ka aksara Sunda.
6. Sajak
Mikapaham eusi sajak.
7. Biantara
https://youtu.be/-Px6HLYQDZY
biantara ; kaparigelan nyarita dihareupeun jalma rea.
Strukutur Biantara ;
a. Bubuka :
puji kalih syukur mangga urang panjatkeun ka hadirat Alloh SWT anu parantos maparin
nikmat ka urang sadayana. Sholawat sinareng salam mugia salamina dilimpah curahkan
ka jungjunan, buktosna Nabi Muhammad saw., pada sobahatna, para tabiin,
atbauttabiin, tug dugika urang sadayana. Aamiin ya robbal alamin.
b. Pangbagea
Bapak Camat anu ku sim kuring dipihormat,
Bapak Lurah anu ku sim kuring dipihormat,
Hadirin sareng hadirot sadayana anu sami ku sim kuring dipihormat.
c. Eusi
d. Panutup
Hapunten anu kasuhun bilih aya saur anu teu kaukur matak nyentug kana kalbu para
ibu, atanapi bilih aya basa nu teu diréka matak tugenah kana manah para bapa.
Metode biantara
a. Impromtu : ngadadak, nu geus ahli
b. Ekstemporan : nyieun rangkuman gurat badagna
c. Memoriter : ngapalkeun
d. Teks : maca sagemblengna
8. Sisindiran : https://youtu.be/j3ClsY-dELA
Sisindiran nyaeta salahsahiji wangun puisi nu aya dina sastra Sunda. Umpama dina sastra
Indonesia mah sisindiran teh siga atawa sarupa jeung pantun. Ditilik tina wangun rumpakana,
aya tilu rupa sisindiran, nyaeta paparikan, rarakitan jeung wawangsalan.
a. Paparikan :
Meuncit meri dina rakit
Boboko wadah bakatul
Lain nyeri ku panyakit
Kabogoh direbut batur
b. Rarakitan :
Kudu na ngala kalapa
Méh seubeuh pisan daharna
Kudu nyaah indung bapa
Méh teu asup ka naraka
c. Wawangsalan :
Ngampar lawon keur netepan
Mugia getol ibadah
Wangsal : sajadah
9. Panumbu catur : https://youtu.be/dOQmYeJvm1M
Panumbu catur atawa sok disebut moderator téh nyaéta nu ngatur lumangsungna kagiatan
diskusi atawa rapat. Tugasna béda jeung panata acara atawa MC (Master of ceremony). MC
mah tugasna mingpin sakabéh runtuyan acara. Ari tugas utama panumbu catur mah minangka
panengah atawa wasit dina kagiatan diskusi. Nya panumbu catur pisan anu ngatur diskusi
ngeunaan hiji masalah.
Dina lumangsungna kagiatan diskusi, panumbu catur kudu boga sikep nétral atawa teu mihak
ka salasahiji pihak. Lamun aya konflik dina lumangsungna kagiatan, kudu bisa merenahkeun
diri jadi panengah.
Sangkan leuwih tétéla, ieu di handap dijelaskeun pancén atawa tugas panumbu catur dina
ngatur lumangsungna hiji kagiatan diskusi. Engké pék ku hidep praktékkeunjeung babaturan.
1. Bubuka.
Assalam’ualaikum wr. wb. Sampurasun! Ti payun urang sanggakeun puji sareng sukur ka
Gusti Nu Maha Suci anu tos masihan kaséhatan ka urang sadaya. Hatur nuhun ka sadérék
panata acara anu tos masihan kasempetan ka sim kuring kanggo janten panumbu catur dina
ieu kagiatan.
Wilujeng sumping ka para pamilon ieu diskusi. Ieu diskusi téh dilaksanakeun lantaran ayana
rasa prihatin kana kaayaan lingkungan anu beuki dieu téh beuki ruksak, di antarana
dilantarankeun ku miceun runtan di mana waé, nu antukna nimbulkeun caah atawa banjir.
Tujuan ieu diskusi téh nyaéta kumaha sangkan urang bisa ngajaga lingkungan sangkan
beresih, séhat, jeung henteu nimbulkeun musibah.
Dina ieu kasempetan narasumber, Bapa Udin Supidin, ahli dina widang kaséhatan
lingkungan, badé medar matéri ngeunaan ‘Ngajaga Kaberesihan jeung Kaséhatan
Lingkungan’.
Supaya ieu acara lumangsung kalawan kalancaran, sim kuring Asép Soléhudin, badé
ngamoderatoran atanapi jadi panumbu catur dugi ka réngséna. Ka Bapa Udin Supidin
sumangga dihaturanan kanggo ngabahas matéri salami 10 menit.
Tah, mangga ayeuna ka pamilon ieu diskusi bisi aya anu can paham atawa panasaran kumaha
ngajaga kaberesihan lingkungaan, dipasihan waktu kanggo ngadugikeun pertanyaan ka
narasumber. Tong hilap sebutkeun nami sareng ti mana asal.
6. Panutup
Alhamdulillah, ieu kagiatan diskusi téh tos réngsé. muga-muga mangpaat sareng jadi
panyumanget kanggo urang dina ngajaga lingkungan. Hapunten tina sagala kalepatan.
Mangga nyanggakeun deui ka panata acara. Wassalamualaikum wr.wb.
Struktur wawacan
- Manggalasastra (alofon)
Manggalasastra atau alofon bisa dikatakan sebagai pembuka. Isinya adalah sanduk-
sanduk papalaku (minta izin) kepada Yang Maha Kuasa dan ke karuhun. Selain berisi
sanduk-sanduk, manggalasastra juga berisi permintaan maaf atas kelemahan/kekurangan
penulis atau penyusun wawacan.
Contoh Manggalasastra atau Alofon (Wawacan Rengganis):
Kasmaran kaula muji,
Ka Gusti Ajawajala,
Nu murah ka mahluk kabéh,
Jeung muji utusanana,
Kangjeng Nabi Muhammad,
Nyaéta Nabi panutup,
Miwah muji sahabatna
- Eusi
- Eusi atau isi yaitu cerita dari wawacan itu sendiri.
Conto :
Laju lampah Panji Wulung,
diiring ku Jayapati,
Ki Jenggali Ki Jenggala,
jeung baturna Jayapati,
ngaran Ki Kebo Manggara,
kalima Kebo Rarangin
- Panutup (kalofon)
Kolofon atau penutup berada pada akhir cerita. Isi kolofon yaitu titimangsa ditulis atau
disalinnya wawacan tersebut, permintaan maaf penulis atas segala kekurangannya.
Biasanya penulis wawacan suka merendah (rendah hati).
Contoh Kolofon dari Wawacan Panji Wulung:
Tamatna kaula ngarang
Pukul tujuh malem Kemis
Di tanggal tujuh welasna
Kaleresan bulan April
Taun Kangjeng Maséhi,
Saréwu dalapan ratus
Jeung genep puluh dua
Marengan hijahna Nabi
Saréwu dua ratus tujuh puluh dalapan
Sacara etimologis, kecap resensiasalna tina basa Latin, nya éta tina
kecap revidere atawa recensere. Résénsi (recensere,recencie,review) nya éta tulisan nu
eusina manmgrupa tinimbangan ngeunaan kualitas hiji buku.
Tujuan résénsi:
– Nyadiakeun informasi nu kompréhénsif ngenaan hal nu aya dina buku
– Ngajak nu maca pikeun mikir sarta ngadiskusikeun fénoména nu aya dina buku
– Mere tinimbangan naha hiji buku téh pantes dibaca atawa henteu
– Nyadiakeun informasi ngenaan idéntitas buku
Struktur Résénsi: