Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 26

LEGENDA BATU HIU PANGANDARAN

DONGENG LEGENDA BATU HIU PANGANDARAN


Disusun Ku : RAIHAN
Kacaritakeun dina abad ka 11, datang rombongan ti karajaan
mataram nu di pimpin ku Aki Gede jeung Nini Gede. Rombongan téh
mangrupa prajurit-prajurit ti Mataram. Kusabab kasaktenna marenahna di
usir ku karajaan sabab para patinggi karajaan sieun kasaingan tanding lamun
eta aki jeung nini Gede masih keneh aya di sabuderun karajaan mataram
mah.
Geus lila ngalalakon ahirna nepi ka daerah basisir laut kidul (ayeuna
jadi batu hiu) aki jeung nini Gede istirahat. Nalika istirahat si aki nitah ka
rombonganana titah neangan lauk jang dahar rombonganana. Basa eta
prajurit nu di titah téh nya éta Galuh oder jeung Galunggung kuning, anjeuna
nengan nepi ka tengah laut nu ahirna eta prajurit nu duan tadi meunangkeun
lauk anu kacida gédéna. Kabungah maranehna karasa nepi ka eak-eakan.
Tuluy we di bawa ka sisi basisir pikeun di asakan ku rombongan nu
sejenna tapi saacan eta lauk di asakan eta lauk di tingali heula ku aki jeung
nini gede. Saprak eta di tingali ku aki jeung nini gede maranehna ngarasa
reuwas ningali lauk badag nu miboga sisit kasar jeung heuras. Aki jeung nini
gede nyebut “Lauk Hiu”.
Saprak aki jeung nini nyebutkeun kekecapan éta, éta lauk robah jadi
batu badag nu jiga lauk hiu.Tah ti saprak harita eta lembur katelah waé Batu
Hiu nu ayeuna eta lembur perenahna di desa ciliang kecamatan Parigi 14 km
ti daerah pangandaran mah.
KACILAKAAN DI JALAN RAYA
Di Susun ku : FAISAL ARIF RAHMAN

Dina hiji tha poe 2014 aya kacilakaan salahsahiji Bes jeng angkot.
Bes rek yalip angkot tapi kajadian naas angkot katubruk ku bes dugika bes
malik tijungki s jeng keunekna kagele ku bes nepika maot harita loba korban
nu tatu tatu. Anu ningali jalmi seer pisan nepika rek nulungan Korban gen
hararese da ku bakar seer na jalmi anu korban kacilakaan teh lain bes
hungkul tapi loba.
Sabab ti SDN Gunung Tanjung 2 nepika lapang desa Tanjung sari
jalanna lempeng pisen ti handap lapang desa Tanjung sari aya pengkolan jadi
rentan pisan kacilakaan komo aya motor anu nabrak tanggkal nepika jalmina
ngacleng nepika handap maot harita. Aya oge motor jeung motor tabrakan
nepika jalmina asup kajero got di sisi jalan tapi heunteu parah, nepika di
candak ka mantti sabab anu pang cakeutna. Lamun kadu ka rumah sakir jaun
pisan.karna lukana heunten parah .Aya oge budak leutik rek nyandak bola
aya motor nu nga lewt tarik pisan budak teh katabrak.
Jadi ti ayeuns mah kuda ati ati mun rek ngajalan keun teh ulah bari
maen hp jeng kudu konsentrasi ulah mundutah lamun nundutan kudu lireun
sakedap
SASAKALA GUNUNG TAMPOMAS
Disusun Ku : ADE MUHAMMAD IBNU RAFI

Ka caritakeun, Gunung Gedé anu aya di Sumedang ngaluarkeun sora


pohara pikakeueungeunana. Sorana ngaguruh. Tina puncakna kaluar haseup
campur lebu anu hurung. Ieu gunung kawas-kawas arék bitu. Rahayat
Kabupatén Sumedang harita, pohara rareuwaseunana. Kumaha balukarna
lamun éta Gunung Gedé bener-bener bitu?
Teu kacatur saha anu jeneng bupati harita. Ngan éta bupati téh pohara
towéksana ka rahayat, wedi asih sarta bijaksana. Atuh sanajan can kalaporan
gé anjeunna parantos uningaeun, kumaha tagiwurna rahayat. Anjeunna teras
ngémutan sangkan bisa nyalametkeun rahayatna.
Ku pangjurung kanyaah ka rahayat téa, anjeunna teras nyepi di hiji
kamar, seja mujasmédi neda pituduh ti paradéwa. Susuganan ku jalan kitu,
anjeunna tiasa mangadep ka Yang Tunggal, dipasihan pituduh pikeun
nyalametkeun rahayatna. Ku cengeng-cengengna nu mangadep,
alhamdulillah, maksad Kangjeng Bupati tinekanan.
Dina hiji wengi, Kangjeng Bupati ngimpén kasumpingan hiji aki-aki.
Éta aki-aki anu nganggo anggoan sing sarwa bodas téh, pok sasauran anca
pisan, “Putu Éyang anu kasép, Éyang geus terang kumaha kabingung hidep.
Éyang hayang mantuan sangkan rahayat hidep bisa leupas tina
kahariwangna. Éta gunung kudu ditumbal ku keris pusaka kagungan putra
dalem anu dijieun tina emas.
Poma hidep ulah deuk ngorétkeun. Tah, sakitu baé ti Éyang.” Sabada
sasauran kitu, éta aki-aki téh les baé leungit tina impénan Kangjeng Bupati.
Satampina éta ilapat, énggal baé Kangjeng Bupati kaluar ti kamar sarta teras
nyandak keris pusaka. Énggal anjeunna angkat ngajugjug ka puncak Gunung
Gedé. Rurusuhan da sieun bitu mantén.
Najan rahayat anu keur bingung, nyaksian Kangjeng Bupati angkat
ka puncak gunung mah, teu tégaeun ngantep. Bring baé naluturkeun.
Sadugina ka puncak Gunung Gedé, Kangjeng Bupati teu talangké, ngan lung
baé éta keris téh dialungkeun kana kawahna. Rahayat anu tadi naluturkeun
téh ngan bati colohok, da éta keris téh éstu kageugeut pisan Kangjeng
Bupati.
Barang éta keris geus dikana-kawahkeun, jep saharita sora anu
ngaguruh
WALUNGAN CIMEDANG
Disusun ku : SAHLAN NUR HIDAYAT AL WAFI

Kacaturken di sisi walungan cimedang,aya hiji imah nenggang jauh


kaditu kadieu, di cicingan ku hiji aki aki.geus lila pisan matuhna di dinya teh.
Maneh na teh geus ge dulur teu geus teu kadang,teu sanak teu baraya hirupna
estu nunggelis (sorangan). Ari pagawean sapopoe si aki teh kana ngahuma
wae.hasil tina tatanenna ngan saukur cukup keur pangabutuh sasoranganeun
wae.jajauheun mun hirupna medah meduh teh.
Pikeun nambah nambah panghasilan,mun keur nyalse si aki sok ngala
lauk di walungan.ngalana teh make badodon,di taheunkeun.pasosore di
teundeun di tempat anu sakirana loba laukan,isukna terus di teang terus di
angkat.mun beubeunangan nana keur loba,lauk teh sok di garingkeun
sawareh.keur bikeuneun lamun aya nu nganjang ma imah na.
Si aki getol pisan ibadah na.sanajan keur geuring oge,tara kungsi
ninggalkeun solat anu lima waktu.lamun geuring na ker ripuh pisan,dina
sakalieun wudhu na oge kudu bari ngarandang heula.
Hiji mangsa,basa si aki keur geuring ripuh,saentas na wudhu teh teu
kuateun balik deui ka imah na.kabeneran wae peuting na aya nu ngobor
manuk.si aki di pangku di bawa ka imah na,terus di ubaran ku pahinum
papangan lame meunang ngaleob.tidinya mah si aki teh nya rada jagjag deui.
Hiji waktu,dina keur usum ngijih(hujan),lahan anu di cicingan ku si
aki th ka caahan.cai mani leb-leban.najan kitu,maneh na te gancang gancang
ingkah ti dinya,tapi kalah naek kana suhunan imahna,bari mawa kalap
meunang ngantetken,kabeh aya genep.ari maksud namah,bisi imah na ka
keueum ku caah,maneh na arek ngojay bari numpakan kalapa meunang
ngantetkeun tea. Hujan taya eureun na,walah gede wae.si aki oge tungtungna
mah palid kabawa caah.untungna geh kusabab mawa kalap tea jadi awak na
kabawa ngambang.
Si aki tungtung na tepi ka muara walungan cimedang.di dinya mh cai
na te pati tarik.da geua rada nga jumbleng.maneh na bisa ngabohes ka
sisi,alhamdulillah salamet,terus diuk dina dahan nepi ka caina orot.ari kalapa
mah kabeneran ngait kana dahan di hiji nusa.isuk na si aki di
tarulungan,dihanjatkeun ka darat.kantetan kalapamah di antep wae,di
tinggalken di nusa.
Heuleut sawatara lila,eta kalapa th genep na sirungan,jadi
kitri.kusabab lahanna subur,kitri teh tumwuh meni morontod,tangkalna
marontok,daun na ngaremploh. Beuki lila beuki lila,eta tangkal kalapa nu
genep teh ahirna mah tepi ka buahan nana.
Tiharita,eta tempat teh katelah na kalapgenep.ayeunamah kaasupna
ka kacamatan cikalong beulah wetan,tapel wates jeung kecamatan ciamis.
SASAKALA CIGONDEWAH
Disusun ku : IHSAN MAULANA

Jaman baheula, aya karajaan anu ngaranna Karajaan Sindangsari. Ari


anu jadi rajana katelah Bagénda Raja Singa Mandala. Raja anu adil tur
wijaksana. Bagénda Raja kagungan putri anu keur sumedeng rumaja putri,
nyaéta Putri Mayang Sawitri.
Putri geulis bawa ngajadi, éndah bawa ti kudrat. Kageulisan Putri
Mayang Sawitri geus kawentar ka mana ka mendi. Loba pangéran jeung raja
anu boga maksud pikeun ngalamar, tapi kabéhanana ditolak ku Putri Mayang
Sawitri. Bagénda Raja Singa Mandala kacida hariwangna, duméh sakabéh
pangéran jeung raja ditolak lamaranana.
Bagénda sieun raja-raja anu ditolak lamaranana téh nyerang ka
Nagara Sindangsari. Hiji waktu Raja Jaya Dilaga ti Nagara Margaasih datang
jeung rombonganana. Maksudna taya lian, rék miharep ka Nyi Putri Mayang
Sawitri. Tapi nu ieu gé sarua deuih ditolak lamaranana. Atuh Bagénda Raja
Singa Mandala téh beuki geumpeur kacida.
Sok sieun Raja Jaya Dilaga bendu, tuluy nyerang karajaan manéhna.
Teu jauh tina panyangka, amarah Raja Jaya Dilaga geus teu katahan, lantaran
lamaranana téa ditolak. Anjeunna ngajak perang ka Raja Singa Mandala.
Raja Singa Mandala teu bisa nolak kana tangtangan Jaya Dilaga. Anjeunna
sayaga nyiapkeun balatentara di karajaan-ana.
Sakabéh balatentara Sindangsari maké pakarang panah jeung
gondéwa pikeun mapag perang. Wanci subuh, balatentara Sindangsari
ngajugjug ka tem-pat perang. Tangara perang geus ditabeuh. Prajurit
Sindangsari ngaleut ngeungkeuy ka pangperangan. Bari teu poho mawa
panah jeung gondéwa téa. Kira-kira wanci manceran, perang campuh
dimimitian.
Singhoréng paraprajurit Margaasih leuwih kuat tinimbang
paraprajurit Sindangsari. Ari sababna, jumlahna leuwih loba sarta
pakarangna leuwih samakta. Paraprajurit Sindangsari kadéséh, sarta loba nu
palastra, gugur di médan jurit, teu kuat ngayonan musuhna. Malahan Raja
Singa Mandala ogé perlaya sapada harita.
Ningali ramana perlaya, Putri Mayang Sari nyabut keris, rék terus
labuh geni, maéhan manéh, téga kana nyawana sorangan. Ngan creb wé,
keris téh ditubleskeun kana beuteungna. Sarta harita kénéh ogé Putri Mayang
Sari nemahan pati ku kerisna sorangan. Ningali kaayaan kitu mah, ngarasa
puas haté Raja Jaya Dilaga téh.
Manéhna ngarasa sugema, sabab anu nganyerikeun haténa geus sah ti
alam dunya. Ku sabab di éta tempat téh loba paraprajurit Sindangsari anu
perlaya, sarta maraké senjata panah jeung gondéwa, nya ti harita éta tempat
téh ku Raja Jaya Dilaga dingaranan Cigondéwa. Nu ahirna robah jadi
Cigondéwah, anu asalna tina gondéwa tadi.
NYI RORO KIDUL

Disusun Ku : MUHAMAD SYABANI

Kacaturkeun jaman baheula aya hiji awewe, anu kacida geulisna tur
kasaktiannana ge taya nu nandingan. Ngan hanjakalna, eta awewe teh
sarakah, ngabogaan 99 salaki, tapi kebeannana maraot dina peutingan
pangantenan. Cenah mah, dipaehan ku sabangsa oray nu kaluar tina larangan
Nyi Putri.

Kasaktian jeung kageulisan Nyi Putri nepi ka hiji lalaki nu apaleun


kana rusiah Putri. Tuluy bae ngalamar jadi salaki Nyi Putri anu ka saratusna.
Pikeun ngelehkeun Nyi Putri, salakina puasa tur tapa geni. Dina hiji peuting,
salakina kawenehan nangkeup oray nu kaluar tina larangan pamajikannana.

Tapi Nyi Putri kaburu hudang bari ngamuk, nepi ka garelut. Tarung
salaki jeung pamajikan teh regot kacida. Nu antukna keris Nagasastra, nu
ngawujud oray teh bisa karebut ku salakina. Ceuk sakaol, keris Nagasastra
teh mibanda sifat jahat. Sing saha bae nu ngabogaan eta keris, eta jalma
ngagem elmu sasar, nu teu luyu jeung papagon agama.

Sanggeus eta keris di cekel ku salakina, Nyi Putri lumpat sataker


kebek. Ku salakina diudag nepi ka sisi basisir Laut Kidul. Tapi teu beunang
sabab Nyi Putri kaburu ngajebur ka laut.

Sanajan Nyi Putri geus eleh, tapi manehna embung sadar tur teu
narima eleh, kalah kabur ka tengah laut miboga niat hayang naklukeun sarta
ngawasa alam dunya. Sabada tilem ka jero laut Nyi Putri katelah Nyi Roo
Kidul.

Nepi ka kiwari, upamana aya jalma nu sombong tur adigung-adiguna


sarta goreng adatna tur kalindih, ceuk sakaol mah Nyi Roro Kidul sok wera,
sabab ngarasa kasaing tur kalindih.

Cek sakaol oge, cunah upama pareng rek ngalanto ka Laut Kidul teu
menang make baju rupana beureum, sabab ceunah sok aya ombak anu kacida
gedena. Lian ti eta, nu datang ka Laut Kidul ulah mawa peso nu tungtung
gagangna aya tandukan, boh nu leutik boh nu gede, sabab ku cara kitu ge,
Nyi Putri ngarasa kalindih tur ngarasa aya saingana.

Sabab ngarasa dirina nu pang heulana boga eta peso sarta nganggap
dirina Ratu Alam Dunya nu pang punjulna sa jagat raya.
LEGENDA GUNUNG TAMPOMAS

Disusun Ku : NAUFAL ASJA’I


Ka caritakeun, Gunung Gedé anu aya di Sumedang ngaluarkeun sora
pohara pikakeueungeunana. Sorana ngaguruh. Tina puncakna kaluar haseup
campur lebu anu hurung. Ieu gunung kawas-kawas arék bitu. Rahayat
Kabupatén Sumedang harita, pohara rareuwaseunana. Kumaha balukarna
lamun éta Gunung Gedé bener-bener bitu?
Teu kacatur saha anu jeneng bupati harita. Ngan éta bupati téh pohara
towéksana ka rahayat, wedi asih sarta bijaksana. Atuh sanajan can kalaporan
gé anjeunna parantos uningaeun, kumaha tagiwurna rahayat. Anjeunna teras
ngémutan sangkan bisa nyalametkeun rahayatna.
Ku pangjurung kanyaah ka rahayat téa, anjeunna teras nyepi di hiji
kamar, seja mujasmédi neda pituduh ti paradéwa. Susuganan ku jalan kitu,
anjeunna tiasa mangadep ka Yang Tunggal, dipasihan pituduh pikeun
nyalametkeun rahayatna. Ku cengeng-cengengna nu mangadep,
alhamdulillah, maksad Kangjeng Bupati tinekanan.
Dina hiji wengi, Kangjeng Bupati ngimpén kasumpingan hiji aki-aki.
Éta aki-aki anu nganggo anggoan sing sarwa bodas téh, pok sasauran anca
pisan, “Putu Éyang anu kasép, Éyang geus terang kumaha kabingung hidep.
Éyang hayang mantuan sangkan rahayat hidep bisa leupas tina
kahariwangna. Éta gunung kudu ditumbal ku keris pusaka kagungan putra
dalem anu dijieun tina emas.
Poma hidep ulah deuk ngorétkeun. Tah, sakitu baé ti Éyang.” Sabada
sasauran kitu, éta aki-aki téh les baé leungit tina impénan Kangjeng Bupati.
Satampina éta ilapat, énggal baé Kangjeng Bupati kaluar ti kamar sarta teras
nyandak keris pusaka. Énggal anjeunna angkat ngajugjug ka puncak Gunung
Gedé. Rurusuhan da sieun bitu mantén.
Najan rahayat anu keur bingung, nyaksian Kangjeng Bupati angkat
ka puncak gunung mah, teu tégaeun ngantep. Bring baé naluturkeun.
Sadugina ka puncak Gunung Gedé, Kangjeng Bupati teu talangké, ngan lung
baé éta keris téh dialungkeun kana kawahna. Rahayat anu tadi naluturkeun
téh ngan bati colohok, da éta keris téh éstu kageugeut pisan Kangjeng
Bupati.
Barang éta keris geus dikana-kawahkeun, jep saharita sora anu
ngaguruh pikakeueungeun téh jempé. Lini anu geus lila karasa, harita mah
teu karasa naon-naon. Sabada leungit kagétna, timbul kabungah rahayat téh.
Ger baé surak bakat ku atoh, sarta tuluy sumujud ka Kangjeng Bupati tanda
nganuhunkeun.
Sakabéh rahayat ngaikrarkeun seja satia-satuhu ka anu ngaheuyeuk
dayeuh. Éta maksud kasatiaan rahayat téh ku Kangjeng Bupati ditampi
kalayan dareuda, bakat ku bingah. Bingah manahna lantaran bisa
nyingkahkeun balai, bingah lantaran bisa nyalametkeun rahayatna.
Tah, nya ti harita pisan éta gunung katelah Gunung Tampa Emas, anu
saterusna robah jadi Gunung Tampomas. Ayeuna mah teu pikasieuneun,
malah mun pareng poé peré mah sok rajeun dijarugjugan nepi ka puncakna.
ASAL USUL SITU BAGENDIT
Disusun ku : PAISAL
Dongeng Sunda pendek ini bercerita tentang seorang janda yang hidup di
utara kota Garut.
Sosok bernama Nyi Endit ini memiliki banyak utang, tetapi sifatnya sangat
kikir.
Ketika musim paceklik tiba, ia sibuk berpesta tanpa memikirkan keadaan
warga desa lainnya.
Suatu hari di tengah pestanya seorang pengemis datang dan menegurnya
karena sangat serakah.
Ia lalu menantang Nyi Endit dan para pengawal untuk mencabut sebatang
ranting yang ia tancap di tanah.
“Jika kau bisa mencabutnya kau termasuk orang-orang yang mulia di dunia
ini,” ujar si pengemis.
Tentu saja Nyi Endit gagal memenuhi tantangan tersebut, Sahabat 99.
Si pengemis kemudian menariknya sendiri dan dari lubang yang ia buat
keluar banyak air.
Air tersebut menenggelamkan seluruh desa hingga membentuk danau
bernama Situ Bagendit.
SASAKALA LEMBUR PANYALAHAN
Disusun Ku : ADIT LESMANA

Ilustrasi: MangleLembur panyalahan pernahna di wewengkon


Pamijahan Kacamatan Bantarkalong Kabupaten Tasikmalaya. Pangna
dingaranan Lembur Panyalahan téh cenah ku lantaran salah sangka, teu asak
jeujeuhan nu ngalantarankeun korbanna hiji piaraan nu dipikameumeutna
jadi korban. Dongéng lengkepna urang guar geura.
Jaman baheula, dihiji lembur aya kulawarga patani anu hirupna ayem
tengtrem. Éta kulawarga téh ngabogaan budak orok kénéh. Dina hiji poé, éta
panati téh manggihan anak maung anu ditinggalkeun paéh ku indungna.
Anak maung téh dirorok jeung dipikayaah ku kulawarga patani téh sarta
dingaranan “Si Loréng”.
Si Loréng ngarasa kahutangan budi ku patani téh, matak manéhna
nurut jeung taat ka kulawarga patani. Malah lamun dititah nungguan anak
patani manéhna sok nurut sarta satia nungguanana.
Saperti biasa, pamajikan patani nganteuran ka sawah. Orokna
ditungguan ku si Loréng, da teu dibawa ka sawah. Tepi ka sawah,
dibagéakeun ku salakina, terus gura giru hanjat ka saung sarta am dahar mani
pogot pisan. Eureuleu teurab.
“Alhamdulillah, ambu mani nimat kieu timbel, sambel jeung goréng asin
téh,” ceuk Pa tani.
“is puguh waé atuh akang, pan meunang ngahaja,” tembal pamajikanana.
“Ari si utun sare? Ceuik Pa tani.
“Muhun keur mondok, mani tibra téh kang, ditungguan ku si Loréng,”
tembal pamajikanana.
“Alhamdulillah nya nyai, urang boga si Loréng nu kacida nurutna,” ceuk Pa
tani.
“Nya puguh atuh Kang, jaba si Loréng téh sakitu gagahna,” tembal
pamajikanana.Barang keur hoghag ngobrol, teu kanyahoan ronghéap si
Loréng datang, ngadeukeutan saung. Buntutna dikupat-képot, terus awakna
diusap-usapkeun kana suku patani, sorana ngagerem siga aya nu rék
dibéjakeun. Patani héraneun ningali kalakuan si Loréng kitu téh. Maranéhna
kacida reuwaseunana barang nénjo sungut si Loréng pinuh ku getih seger.
“Boa-boa dsi Loréng téh geus ngahakan anak aing,” ceuk pikirna. Ngan
gantawang téh éta patani nyarékan laklak dasar ka si Loréng.
“Héy Loréng, manéh geus wani-wwani ngahinat ka aing, manéh pasti geus
ngahakan anak aing, nya?”
Si Loréng kalah ka mencrong, siga nu teu boga dosa, terus huluna diguda-
gideugkeun. Tina sangutna, ngeclakkan getih seger.

Nénjo kitu, pamajikan patani ceurik jejeritan, bari nyarékan si Loréng.


“Awas siah Loréng … dasar sato siah, nu asih dipulang sengit, ku aing
dirorok ti leuleutik ari ayeuna kalah nghakan anak aing. Tobat…gusti,
kumaha teuing anak aing, kaduhung…kaduhung…! Ceuk pamajikan patani
bari terus jejeritan.
Nénjo pamajikanana ceurik bari jejeritan, terus patani téh beuki
ambekeunana ka si Loréng, terus mesat bedog tina sarangkana. Teu
antaparah, habek éta bedog téh dikadékkeun kana beuheung si Loréng. Si
Loréng ngagerung nahan kanyeri, bari teu walakaya. Panonna neuteup siga
nu nganaha-naha. Patani beuki ngagedur amarahna nénjo si Loréng, teu paéh
téh. Ngan habek-habek beuheung si Loréng ditigas deui ku bedog patani nepi
ka hulu si Loréng leupas tina awakna sarta paéh saharita.
“Modar siah.. dasar sato bangkawarah, teu beunang dipikayaah, kalah ka
ngahakan anak aing,” ceuk patani.
Sanggeus kitu, bari satengah lumpat, patani jeung pamajikanana, balik muru
ka imahna rék néang anakna. Barang tepi ka imahna, breh téh anakna masih
kénéh aya dina ayunan keur saré tibra. Terus dipangku bari diciuman. Bray
orok téh beunta, belenyéh seuri neutueup ka indung bapana.
“Alhamdulillah nyai, geuning anak urang téh salamet,” ceuk Pa tani.
“Enya akang, sukur alhamdulillah masih ditangtayungan kénéh,” tembal
pamajikanana.
Barang rét ka handapeun ayunan, kasampak aya bangké oray nu sakitu
gedéna boborot ku getih. Patani jeung pamajikanana kakara sadar, yén Si
Loréng téh geus nyalametkeun anakna tina bahaya, nya éta oray nu sakitu
gedena. Maranehna kacida ngarasa handeueulna, geus salah sangka ka si
Loréng, nepi ka dipaténi, padahal si Loréng téh sakitu satia jeung belana ka
kulawargana.
Ku kajadian éta, tempat pamatuhan patani dingaranan “Lembur Panyalahan”
nurut kana nyalahanana patani ka si Loréng. Tug tepi ka kiwari éta tempat
téh jadi “Lembur Panyalahan”. Cag (Ku: Pipin Dasripin/Galura)
SASAKALA SITU BAGENDIT
Disusun Ku : M FASHA FAUZAN

Di wewengkon Banyuresmi Kabupatén Garut, aya situ anu néplak


lega ngaranna. Situ Bagendit.Pamandangan di Situ Bagendit pohara éndahna.
Nepi ka ayeuna ogé sok loba nu ulin ka Situ bagendit, ngadon lalayaran
jeung balakécrakan. Ceuk ujaring carita, baheulana mah di éta wewengkon
éteu aya situ teu sing. Nu aya téh ngaran pilemburan jeung pasawahan waé.
Ari dongéngna nepi ka aya situ téh kieu. Di tengah lembur aya imah anu
nenggang ti nu séjén. Nenggang sotéh lain hartina anggang tapi nenggang
bédana ti nu imah nu aya di sabudeureunana. Di lembur eta teu aya deui nu
imahna nu mapakan gedéna jeung sigrongna salian imah Nyi Endit.
Nyi Endit téh randa pangbeungharna di éta lembur. Imahna ogé pan
sakitu agréngna, atuh pakayana lain ukur lega sawahna jeung kebonna, emas
jeung berlian gé dipetian. Nyi Endit mah lain waé kasohor ku beungharna
tapi ogé kasohor ku peditna. Sakitu rajakaya ngaleuya, asup kana paribasa
“bru di juru bro do panto ngalayah di tengah imah” tapi tara daék barang
béré atawa tutulung ka nu butuh. Hasil tatanén kajeun buruk jadi runtuh
batan dibikeun ka tatangga mah. Padahal di éta lembur téh teu saeutik jalama
anu sangsara, loba jalma anu dahar isuk heunteu soré. Malah teu saeutik anu
maot alatan ku kalaparan. Ěta oge sok aya anu lahlahan nepungan Nyi Endit
niat ménta tuluy, tapi lain dibahanan ku pangbutuh kalah diusir bari
dicarékan. Teu saeutik jalma anu nyeri haté nepi ka ceurik balilihan
kanyenyerian ku Nyi Endit. Loba rahayat anu carinakdak lantaran teu geunah
ku paripolah Nyi Endit nu taya pisan boga niat nalang ka nu keur susah.
Cunduk dina hiji waktu, aya aki-aki rudin leumpangna jajarigjeugan
kundang iteuk. Ku saliwat nu carinakdak lantaran teu geunah ku paripolah
Nyi Endit anu taya pisan boga niat teh kawas nu keur kalaparan. Nu dijugjug
ku aki-aki téh imah Nyi Endit. Barang nepi ka buruan gedong the aki-aki
usuk salam, Nyi Endit anu kabeneran keur ngadaweung di tepas imah bari
balakécrakan lain ditémbalan ku kecap nu soméah. Nempo aki-aki rudin teh
Nyi Endit nyirintil bari ngahoak. “ Rék nanaon datang ka dieu. Rek barang
pénta? Indit! Kami moal rek mikeunan édahareun.” Sakitu aki-aki lumengis
bari nyebutkeun lapar, Nyi Endit boro-boro aya rasa karunya kalah popolotot
nitah indit. Méméh ngaléos éta laki-laki téh nyarita kénéh ka Nyi Endit.
“Mangkahadé anjeun poho, harta banda téh ukur pihapéan. Dunya
barana mah ngan ukur titipan. Nu ku anjeun dipikaboga mah iwal ti amal
hadé, jeung kanyaah ka sasama. Lamun nyaah teuing kana dunya urang bisi
cilaka!” Aki-aki ngaléos indit tapi saméméhna nancebkeun heula iteukna di
tengah pakarangan imah Nyi Endit. Nempo iteuk nanceb ku Nyi Endit
gancang dicabut bari dibalangkeun. Bet ku anéh, tina urut iteuk nanceb the
kaluar cai. Mimitina mah cai téh ukur ngaburial lila-lila mah mancer tarik
pisan. Cai tina urut iteuk nanceb teu ereun-ereun. Mimiti ngan ukur
ngumplang di pakarangan, lilalila leleban caah. Cai beuki ngagulidang, Nyi
Endit geumpeur.Nempo lembur ka keueum ku cai téh Nyi Endit mah lain
nyingkah cara batur tapi kalah ngeukeupan peti nu eusina emas berlian. Teu
kungsi lila ti harita lembur salin rupa jadi situ. Lembur jeungharta Nyi Endit
kakeueum di asar situ. Ceunah mah ceuk nu nyaho Nyi Endit jadi léntah nu
gedé nu reunceum ku perhiasan . Paingan ceuk aki-aki téa dunya jeung harta
banda ukur titipan. Geuning Nyi Endit gé kalah cilaka ari loba harta bari teu
dauék amal hadé mah.

SASAKALA GUNUNG TAMPOMAS


LEGENDA GUNUNG TAMPOMAS
Disusun ku : MUHAMMAD YASPI AS

Ka caritakeun, Gunung Gedé anu aya di Sumedang ngaluarkeun sora


pohara pikakeueungeunana. Sorana ngaguruh. Tina puncakna kaluar haseup
campur lebu anu hurung. Ieu gunung kawas-kawas arék bitu. Rahayat
Kabupatén Sumedang harita, pohara rareuwaseunana. Kumaha balukarna
lamun éta Gunung Gedé bener-bener bitu?
Teu kacatur saha anu jeneng bupati harita. Ngan éta bupati téh pohara
towéksana ka rahayat, wedi asih sarta bijaksana. Atuh sanajan can kalaporan
gé anjeunna parantos uningaeun, kumaha tagiwurna rahayat. Anjeunna teras
ngémutan sangkan bisa nyalametkeun rahayatna.
Ku pangjurung kanyaah ka rahayat téa, anjeunna teras nyepi di hiji
kamar, seja mujasmédi neda pituduh ti paradéwa. Susuganan ku jalan kitu,
anjeunna tiasa mangadep ka Yang Tunggal, dipasihan pituduh pikeun
nyalametkeun rahayatna. Ku cengeng-cengengna nu mangadep,
alhamdulillah, maksad Kangjeng Bupati tinekanan.
Dina hiji wengi, Kangjeng Bupati ngimpén kasumpingan hiji aki-aki.
Éta aki-aki anu nganggo anggoan sing sarwa bodas téh, pok sasauran anca
pisan, “Putu Éyang anu kasép, Éyang geus terang kumaha kabingung hidep.
Éyang hayang mantuan sangkan rahayat hidep bisa leupas tina
kahariwangna. Éta gunung kudu ditumbal ku keris pusaka kagungan putra
dalem anu dijieun tina emas.
Poma hidep ulah deuk ngorétkeun. Tah, sakitu baé ti Éyang.” Sabada
sasauran kitu, éta aki-aki téh les baé leungit tina impénan Kangjeng Bupati.
Satampina éta ilapat, énggal baé Kangjeng Bupati kaluar ti kamar sarta teras
nyandak keris pusaka. Énggal anjeunna angkat ngajugjug ka puncak Gunung
Gedé. Rurusuhan da sieun bitu mantén.
Najan rahayat anu keur bingung, nyaksian Kangjeng Bupati angkat
ka puncak gunung mah, teu tégaeun ngantep. Bring baé naluturkeun.
Sadugina ka puncak Gunung Gedé, Kangjeng Bupati teu talangké, ngan lung
baé éta keris téh dialungkeun kana kawahna. Rahayat anu tadi naluturkeun
téh ngan bati colohok, da éta keris téh éstu kageugeut pisan Kangjeng
Bupati.
Barang éta keris geus dikana-kawahkeun, jep saharita sora anu
ngaguruh pikakeueungeun téh jempé. Lini anu geus lila karasa, harita mah
teu karasa naon-naon. Sabada leungit kagétna, timbul kabungah rahayat téh.
Ger baé surak bakat ku atoh, sarta tuluy sumujud ka Kangjeng Bupati tanda
nganuhunkeun.
Sakabéh rahayat ngaikrarkeun seja satia-satuhu ka anu ngaheuyeuk
dayeuh. Éta maksud kasatiaan rahayat téh ku Kangjeng Bupati ditampi
kalayan dareuda, bakat ku bingah. Bingah manahna lantaran bisa
nyingkahkeun balai, bingah lantaran bisa nyalametkeun rahayatna.
Tah, nya ti harita pisan éta gunung katelah Gunung Tampa Emas, anu
saterusna robah jadi Gunung Tampomas. Ayeuna mah teu pikasieuneun,
malah mun pareng poé peré mah sok rajeun dijarugjugan nepi ka puncakna.
CURUG SIDULANG
Disusun ku : DENDI HERMAWAN
Desa sidulang teh ges aya ti bahahela keneh,tijaman prasejarah atawa
animisme jeung namisme.pacabakan karuhuna teh kana tani,ngansok
pipindahan upama mimiti ngagarapan ie tempat,eta tempat ges goreng
dipelakanana maranehna sok pindah dei ka tempat sejen.kitiu jeng kitu
pagaweanana teh.
Dina hiji waktu karuhuna teh tepi ka hiji temat anu masih keneh
marupa leweng gerot,tapi hade di pake tatanen jeng padamjukan, nya
akhirna mang tau-taun tetep tumetep, ngan aya sababaraha urang nu pindah
ninggalkeun eta tempat.
Atuh anu cicing teh ngan sababaraha umpi deui, ngan jangji cenah
rek nuturkeun pindah upama hasil tanina geus kaala. Harita nu jadi ketua
kelompok istri wastana Nyi Mas Jambe Larang, ari carogena Embah Sara
Aria Tunggal. Waktu harita Embah Ssara arang langka aya di tempat.
Sok ngider bae, sakalieun balik ge sok ngajirim sasatoan, bubuhan
manehna mah bisa mancala putra mancala putri. Anjeunna boga budak hiji,
ngan can nyahoeun dirupa bapana, da ku indungna bapana teh dirusiahkeun
pisan, ulah waka nyaho bapa. Hiji waktu anakna teh geus nincak dewasa.
Barang ningali aya si Tumang ngagabrugan ka indungna, si anak teu
antaparah deui manehna mesat pedang, tuluy disabetkeun ka si Tumang.
Antukna si tumang teh pinanggih jeung ajal. tapi geus ajal mah si Tumang
teh dadak sakala leungit sapada harita, ngan Nyi Jambe Larang keukeuh teu
daek ngadongengkeun eta kajadian ka nu jadi anakna.
Nyi Jambe Larang ngarasa sedih ku ayana eta kajadian. Waktu bulan
purnama, manehna niis di buruan. Dadak sakala aya nu murag ti langit,
persis kana lahunan Nyi Mas Jambe Larang. Bari kaget tur reuwas barang nu
murag teh di cokot, tuluy dialak-ilik. Ari ku manehna dibuka manahoreng nu
murag teh hiji cinde (saputangan, salempay).
Nyi Jambe Larang ngahuleng, bari nyebut-nyebut cinde tuluy
manehna neuteup bulan nu keur caang moncorong sarta teu poho oge
nyebut-nyebut wulan (bulan). Lamun dihijikeun mah ucapanana teh jadi
‘cinde wulan’. Eta kekecapan teh diucapkeun sababaraha kali. Nya nu ahirna
eta tempat teh dingaranan “Cinde Wulan”. Cinde hartina saputangan, ari
wulan hartina bulan purnama.
Jadi, Cinde Wulan teh hartina saputangan nu caangna seperti bulan
purnama. Sanggeus Nyi Mas Jambe Larang mere ngaran eta tempat,
manehna inget kana jangji yen rek nuturkeun rombongan nu ti heula geus
indit. Manehna terus indit, ngan leungiteun tapak. Ku lantaran terus-terusan
diteteangan, nya ahirna mah papanggih oge jeung rombongan teh.
Jadi, Cinde Wulan teh hartina saputangan nu caangna seperti bulan
purnama. Sanggeus Nyi Mas Jambe Larang mere ngaran eta tempat,
manehna inget kana jangji yen rek nuturkeun rombongan nu ti heula geus
indit. Manehna terus indit, ngan leungiteun tapak. Ku lantaran terus-terusan
diteteangan, nya ahirna mah papanggih oge jeung rombongan teh.
Ngan eta rombongan teh rek baralik deui ka tempat asal waktu Nyi
Mas Jambe Larang ninggalkeun eta tempat. Satepina ka eta tempat, nu harita
mah padumukna geus loba pisan, sarta merlukeun hiji pamingpin, nya ahirna
ngangkat hiji lurah.
Ku lurah anyar eta tempat teh diganti ngaranna, lain Cinde Wulan,
tapi Cindulang, nu hartina mah sarua keneh saputangan nu caang moncorong
seperti bulan purnama. Ngan sabada aya penjajahan Walanda jeung Jepang
eta tempat teh robah ngaranna jadi Sindulang.

SASAKALA SITU BAGENDIT

Disusun ku : ANJAR PURNAMA

Baheula geus rébuan taun ka tukang aya hiji randa beunghar nu


katelah Nyi Endit. Ieu téh saenyana mah ngaran nénehna, da ngaranna
sajatina mah Nyi Bagendit.

Manéhna téh kacida pisan kumedna. Geus taya nu bireuk deui kana ka
kumedannana.

Salian ti pakacar-pakacarna mah tara aya nu lar sup ka imahna. Éstuning lain
babasan éta mah hirup nyorangan téh.Kacaturkeun basa usum panén. Di ditu
di dieu ceuyah anu dibaruat.

Ka sawah Nyi Endit ogé réa nu gacong. Ari saréngsé dijieun jeung
sanggeus paréna di kaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun
Kacaturkeun basa usum panén. Di ditu di dieu ceuyah anu dibaruat.

Ka sawah Nyi Endit ogé réa nu gacong. Ari saréngsé dijieun jeung
sanggeus paréna di kaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun
sedekah ngondang lebé jeung sawatara tatanggana.sedekah ngondang lebé
jeung sawatara tatanggana.Ku pribumi teu ditarik teu ditakon, nya pok aki-
aki waléh, yén teu kawawa ku lapar, sugan aya sih piwelas.
Ari kitu téh Nyi Endit bet nyarékan, nyeklek-nyeklekkeun, pajarkeun
téh tau aya ka éra, teu ngahutang gawé, ménta bagéan.

Tungtungna nepi ka pundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna


mah geus lain picaritaeun.

Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan.Ku pribumi teu


ditarik teu ditakon, nya pok aki-aki waléh, yén teu kawawa ku lapar, sugan
aya sih piwelas.

Ari kitu téh Nyi Endit bet nyarékan, nyeklek-nyeklekkeun, pajarkeun téh tau
aya ka éra, teu ngahutang gawé, ménta bagéan.

Tungtungna nepi ka pundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna


mah geus lain picaritaeun.

Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan.

Lembur sakuriling bungking geus robah ngarupa jadi situ, anu nepi
ka ayeuna katelah situ bagendit téa.
SASAKALA GOA CIRAHONG

Disusun Ku : AGUNG NUGRAHA

Dicaritakeun di hiji lembur anu kacida makmur na ngarana lembur


Babakan kadu, kahirupan masarakat di lembur iyeu tentrem, adem.jalmi na
Oge saromeah tur balageur.

Di eta lembur teh Aya hiji goa anu nyimpen SASAKALA jaman
baheula,goa eta Aya mata cai anu kacida herang na,diluhureuna Aya tangkal
kiara anu kacida badag na. di eta goa teh Aya panuggu na nyaeta siluman
buhaya, anu cicing di eta goa .Ceunah mah Mun urang mani Atawa nyeseuh
ddinya ulah jangji ngomong ulah sompral ngomongna bisi eta siluman
nemongan tur eta jalema bakal dijadikeun tumbal siluman buhaya.Di goa eta
loba akar akar anu ngagarantung mani kacida badagna.ceunah mah Mun anu
bisa ningali nu goib mah etateh lain akar da asli na mah siluman oray anu
ngajaga eta goa.

Dicaritakeun eta goa teh dijieun Tina anggahota badan aki tegesna
aki jongkrang, Aki Jongkarang teh nyaeta sesepuh anu Aya di eta lembur.
Dina hiji poe,aki jongkrang ngalakukeun kasalahan anu kacida patal na terus
aki jongkrang di kutuk jadi batu tuluy nga bentuk jadi goa.
Di hiji burit , Aya budak leutik ngojay dieta goa, si budak leutik iyeu
sebut w si Asep,si Asep teh ngojay na meni kacida gojeh na,Jeung ngojayna
pas sareupna. Panin poe geus reup si Asep t balik balik wae, indung na
hariwang pedah si Asep can balik balik . Tuluy s indung na menta bantuan
ka bapa bapa anu ngala parab di deukeut goa. Di pilarian kamana mana geus
ka Leuweung geus ka Jero goa eta budak t kapanggih kapanggih. Geus 4 poe
eta budak teu kapanggih wae,indung na geus pasrah.

Dina hiji poe, Aya bapa bapa anu ngalewat ka deukeut goa,bapa eta
manggih budak leutik anu geus pinuh ku geutih anu geus eweuh nyawaan
ngagoler di gigireun goa.Nempo Aya budak leutik bapa bapa nu ngalewat eta
gura giru lapor ka pak RT.terus di umumkeun ka sakabeh masarakat
Babakan kadu,ngadenge kitu indung si Asep reuwas Jeung atoh anak na geus
ka kappngih . Tapi pas indung na nempo si Asep geus eweuh nyawaan
indungna gejerrr mewek teu eureun eureun. Nepi ka indungna si Asep teu
sadar . Ceuk karolot mah eta si Asep teh geus jadi tumbal siluman buhaya.

Sangges kajadian kitu masarakat Babakan kadu teu wani wani mani
twa nyeseuh di eta goa .da sieun ku anu kaalaman ku s Asep bisi kajadian
deui.

Jadi palajaran kanggo urang sadaya, yen urang kudu ati-ati kudu taat
Kana aturan Jeung ulah sompral Kana hal hal anu goib. Ulah sa ilu ilu Kana
urusan goib mah ngke na bakal menang balesan anu satimpal.

You might also like