Sintaksis Kel 4 (Laporan Analisis Wacana) - 1

You might also like

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 5

ANALISIS KALIMAH BASAJAN & KALIMAH JEMBAR DINA WACANA

NOVÉL BÉNTANG PASANTRÉN


KELOMPOK 4 SINTAKSIS

Anggota :
1. Ulfa Aulia Febriana (205223024)
2. Alfina Pebriana (205223001)
3. Ismi Marpuah (205223031)

KALIMAH BASAJAN

1. S + P + In Fi

“Kieu yeuh, balukar kajurung ku napsu téh. Teu make perhitungan. Ongkoh percaya teuing
ka Si Padil, nu mawa béja pajar Imas rék nyeuseuh ka Ciporang. Sangkilang geus kacontoan,
minggu tukang manéhna nyarita, cenah Imas rék ngala tomat ka sawah girang. Tapi buktina mah
henteu,“ Kuring ngaweweléh sorangan. (Kaca 6, Pada ka 2)

- Imas / rék nyeuseuh


S P
- Imas / rék ngala tomat
S P

2. S + P + Kom + In Fi

“Kieu yeuh, balukar kajurung ku napsu téh. Teu make perhitungan. Ongkoh percaya teuing
ka Si Padil, nu mawa béja pajar Imas rék nyeuseuh ka Ciporang. Sangkilang geus kacontoan,
minggu tukang manéhna nyarita, cenah Imas rék ngala tomat ka sawah girang. Tapi buktina mah
henteu,“ Kuring ngaweweléh sorangan. (Kaca 6, Pada ka 2)

“Surup kana tangtungan,” kuring ngalieuk ka tukang. Bet kabeneran, itu keur pareng
ngalieuk. Jadi wé kungsi papelong. Sakilat. Sakolebat. Tapi, ya Allah, éta nu sakolébat, bet
nimbulkeun rasa teu puguh. Sur-sur tina sirah kana tungtung suku. Rasa nanahaon? Asa karék
ngalaman. Panas nyaliara saluar awak kawas rék muriang mun manjang mah. ( Kaca 10, Pada
ka 1)
Kuring unggeuk ngaheueuhkeun. Dina haté pasang niat: sanajan jadi santri ogé,moal
ngahanakeun kana udud. (Kaca 22, Pada ka 6)

- Imas / rék nyeuseuh / ka ciporang.


S P Kom/Pang
- Kuring / ngaweweléh / sorangan.
S P Kom/Pang
- Kuring / Ngalieuk / ka tukang.
S P Kom/Pang
- Kuring / unggeuk / ngaheueuhkeun.
S P Kom/Pang

3. S + P + O + In Fi
“Kieu yeuh, balukar kajurung ku napsu téh. Teu make perhitungan. Ongkoh percaya teuing
ka Si Padil, nu mawa béja pajar Imas rék nyeuseuh ka Ciporang. Sangkilang geus kacontoan,
minggu tukang manéhna nyarita, cenah Imas rék ngala tomat ka sawah girang. Tapi buktina mah
henteu,“ Kuring ngaweweléh sorangan. (Kaca 6, Pada ka 2)
“Hayu, berjamaah!” Si Padil ngarawél kopéah. Méméh jrut turun, manéhna
ngaharéwos, mani mompo kana ceuli. “Saenyana Lurah Santri, Kang Panhur, Kang Badri, jeung
sakabéh santri kahot, papada mikahayang Imas. Nu matak, barang nyarahoeun anta tepung
jeung Imas, malah mangmawakeun sendalna, rikat pada ngakalakeun, lantaran manéhna sieun
éléh sét!” (Kaca 40, Akhir pada)
“Kitu-kitu hadé!” ari dibibitaan ku roko mah, Si Padil léah. Trok, trok,trok, manéhna
ngetrok panto dapur, “Assalamu’alaikum…” (Kaca 43)

- Imas / rék ngala / tomat


S P O
- Si Padil / ngarawél / kopéah.
S P O
- Manéhna / ngetrok / panto dapur
S P O

4. S + P + Kom + O + In Fi
“Henteu, euweuh nu waranieun langsung. Ngaliwatan Bi Mu’ah kabéh ogé!”
Bray manggih pijalaneun. Gancang kuring ngasongkeun leungeun ngajak salaman ka Si
Padil. (Kaca ka 41)

- Kuring / ngasongkeun / leungeun / ngajak salaman ka Si Padil.


S P O Kom/Pang

KALIMAH JEMBAR

1. S + P + K + In Fi
“Sumpah Ép! Moal , moal nyalahan model basa éta. Yakin ieu mah,” cék Si Padil
peuting tadi. Sababaraha kali nyebut sumpah, bari leungeunna teu eureun-eureun nyasaran
palang dada. Néangan kuntung nyelap. “Harita g élan ana ngabohong, tapi Imas bolay indit.
Sajungjungeun pisan, geus sayagi jingjingan nanaon. Ngan dadak-dadakan dipiwarang ku
Nyaina, ngambungan ka nu hajat.” (Kaca 6, Pada ka 3)
“Ngadéngé sorangan. Teu nginjeum ceuli batur. Tadi, basa ana ngaliwatan ka pipir
pondok kidul, Imas nyarita ka Nyi Hasanah, ngajak nyeuseuh ka Ciporang.” (Kaca 6, Akhir
pada)
Pikeun nengtremkeun haté, kuring maca Falak Binnass sababaraha balikan. (Kaca 30, Pada
ka 4)
"Badé nyanggakeun ieu pun anak," Bapa nunjuk ka kuring,ku indung leungeun."Manawi
sareng manawi,pangersa tiasa meuseuh ieu budak, kanggé gegentos aki na suargi." (Kaca
20,Akhir pada)
Salian ti pada méré saran, satengah diréntog, dina diri kuring sorangan geus aya kereteg
hayang jadi santri. Jadi ajengan modél aki. Engké, tapi, sabada tamat sakola lanjutan atas.
Ngan lantaran cék ijiran saréréa, nyukcruk élmu pangaweruh umum mah, semet és-ém-pé gé
cukup, kuring léah. Batur-batur ribut milu tésting ka és-ém-a, ka és-pé-gé, ka és-té-ém, jeung
sajabana, kuring mah indit ka pasantrén. Dijajapkeun ku Bapa, ku Emang jeung ku Ajengan
Suja'i, guru ngaji kuring di lembur. Di Ajengan Suja'i kuring namatkeun Sapinah, kitab dadasar
élmu fiqih, namatkeun Jurumiyah, kitab dadasar élmu SarafNahu, jeung namatkeun Sulam, kitab
dadasar élmu ahlak. (Kaca 20, Pada ka 1)

- Leungeunna / teu eureun-eureun / nyasaran palang dada.


S P K
- Imas / nyarita ka Nyi Hasanah, / ngajak nyeuseuh ka ciporang.
S P K
- Kuring / maca Falaq Bainnas / sababaraha balikan.
S P K
- Bapa / Nunjuk ka kuring, / ku indung leungeun.
S P K
- Guru / ngaji kuring/ dilembur.
S P K

2. S + P + O + K + In Fi
Tapi sabada réngsé ngaji, dumadakan belejag. Duka pédah Si Padil ngasongkeun
tilepan keretas titipan ti Bi Mu’ah, duka memang mental geus pulih deui. (Kaca 49)

- Si Padil / ngasongkeun / tilepan keretas / ti Bi Muah.


S P O K

3. S + P + Kom + K
Manéhna ganjang malik deui, terus nyéréd ka Bi Mu’ah nepi ka ngajarigjeug. Bari ngarérét
ka kuring, séréngéh Bi Mu’ah seuri. Ngan teu kebat. Kaburu dikenyang ku Imas. eupeuteuyanana
katénjo dijembélan. (Kaca 10, Pada ka 2)
“Surup kana tangtungan,” kuring ngalieuk ka tukang. Bet kabeneran, itu keur pareng
ngalieuk. Jadi wé kungsi papelong. Sakilat. Sakolebat. Tapi, ya Allah, éta nu sakolébat, bet
nimbulkeun rasa teu puguh. Sur-sur tina sirah kana tungtung suku. Rasa nanahaon? Asa karék
ngalaman. Panas nyaliara saluar awak kawas rék muriang mun manjang mah. ( Kaca 10, Pada
ka 1)

- Manéhna / ganjang malik deui, / terus nyéréd ka Bi Mu’ah / nepi ka ngajarigjeug.


S P Kom/Pang K
- Kuring / ngalieuk ka tukang, / bet kabeneran, / itu keur parengan ngalieuk
S P Kom/Pang K

4. S + P + Kom + O + K + In Fi
Malik keuheul ka Si Padil. Ngadon hayoh mulak-malik kitab nanyakeun hargana. Meuli mah
henteu. (Kaca 10, Pada ka 5)
Srog ka lawing dapur.
“Anta baé sorangan, Dil. Ana nungguan di dieu,” kuring ngoléséd ngajauhan ka handapeun
jandéla patengahan. (Kaca 43, Pada ka 4)

- Si Padil / ngadon mulak malik / kitab, / nanyakeun harga na. / Meuli mah hanteu.
S P O K Kom/Pang
- Kuring / ngoléséd ngajauhan / ka handapeun / jandéla / patengahan.
S P K O Kom/Pang

You might also like